Anda di halaman 1dari 1

Nadhom Rundayan Nabi Muhammad

• Wajib ka jalma islamna Uninga Rundayanana


• Jeung Nabi utusan Allah Muhammad putra Abdullah
• Abdullah putra Mutholib Mutholib putrana Hasyim
• Hasyim putra Abdu Manaf Abdu Manaf putra Qushoy

• Qushoy putrana Kilab Kilab putrana Murroh


• Murroh putrana Ka’ab Ka’ab putrana Luay
• Luay putrana Gholib Gholib putrana Fihir
• Fihir putrana Malik Malik putrana Nadhor

• Nadhor putra Kinanah Kinanah putra Khuzaimah


• Khuzaimah putra Mudrikah Mudrikah putrana Ilyas
• Ilyas putrana Mudhor Mudhor putrana Nizar
• Nizar putrana Ma’ad Ma’ad putrana Adnan

• Nu wajib dugi ka Adnan Ti Adnan dugi ka Adam


• Henteu wajib uninganana Sabab taya jalan soheh

• Wajib deui uningana Rundayanna ti ibuna


• Jeung Nabi utusan Allah Muhammad putra Aminah

• Aminah putrana Wahab Wahab putra Abdu Manaf


• Abdi Manaf putrana Zuhroh Zuhroh putrana Kilab
• Tepang deui ti eyangna Ti Kilab Janggawarengna
• Jadi ibu jeung ramana Masih keneh sarundayan

Anda mungkin juga menyukai