Anda di halaman 1dari 9

Lirik Lagu Daerah Sunda

Tokecang
Tokecang tokecang bala gendir tosblong
Angeun kacang sapependil kosong
Aya listrik di masigit meuni caang katingalna
Aya istri jangkung alit karangan dina pipina
Tokecang tokecang bala gendir tosblong
Angeun kacang angeun kacang sapependil kosong

Bubuy Bulan
Bubuy bulan
Bubuy bulan sangray bentang
Panon poe
Panon poe disasate
Unggal bulan, unggal bulan
Unggal bulan abdi teang
Unggal poe,unggal poe
Unggal poe oge hade
Situ Ciburuy
laukna hese dipancing
Nyeredet hate
Ningali ngeplak caina
Duh eta saha nu ngalangkung
unggal enjing
Nyeredet hate
Ningali sorot socana
Karangan / Ciptaan : Benny Korda

Cing Cangkeling
Kleung dengklek buah kopi rarang geuyan
Keun anu dewek ulah pati diheureuyan
Cing cangkeling manuk cingkleung cindeten
Plos kakolong bapak satar buleneng
Pat lapat pat lapat katingalan masih tebih kene pisan
Layarna bodas jeung celak kasurung kaombak ombak

Manuk Dadali

Mesat ngapung luhur jauh di awang-awang


Meuber keunjangjangna bangun taya karingrang
Kukuna ranggaos reujeung pamatukna ngeluk
Ngapak mega bari hiberna tarik nyuruwuk

Saha anubisa nyusul kana tandangna


Gandang jeung partentang taya bandingan nana
Dipika gimir dipika serab kusasama
Taya karempan kasieun leber wawanenna

Manuk dadali manuk panggagahna


Perlambang sakti Indonesia jaya
Manuk dadali pangka koncarana
Resep ngahiji rukun sakabehna

Hirup sauyunan tata pahiri-hiri


Silih pikanyaah teu inggis bela pati
Manuk dadali gandung siloka sinatria
Keur sakumna bangsa dinagara Indonesia

Panon Hideung

Panon hideung
Pipi koneng
Irung mancung
Putri Bandung
Putri saha
Di mana bumina
Abbi reseup
Kaanjeunna
Siang wengi
Kaimpi-impi 
Hate Abdi
Sara redih
Teuemut dahar
Teuemut nginum
Emut kanu geulis
Panon Hideung

Tongtolang nangka

Tongtolang nangka, kawinan bapa 


poe salasa teu beja beja 
aduh aduh si bapa ulah ngadua 
anak geus rea, banda teu boga 

Ref: 
aduh aduh si bapa nganyenyeri ka ema 
bapa mah suka suka jeung nu ngora 

Ulah Ceurik
Cag di dieu
Cag samet dieu
Lalakon cinta nu urang

Tep anteupkeun
Tong diguar deui
Carita cinta nu pegat
Najan kagandrung sagulung
Najan duriat sajagat
Kadeudeuh nu nyangreud pageuh
Akhirna urang papisah pisah,

Rek ka saha
Rek ka urang mana
Geura milari gentosna

Cik ka kidul
Cik ka kaler
Kulon Wetan moal nyaram

Tos teu aya kakaitan


Antara urang dua’an
Lain anjeun lain abdi
Urang geus lain lainna

Reff.
Ulah ceurik
Tong di ceungceurikan
Tarimakeun janten randa
Abdi pasrah jadi duda
Da kieu geuning kuduna
Urang teu bisa kumaha

Ulah ceurik
Tong di ceungceurikan
Wayahna urang papegat
Najan hate masih beurat
Pileuleuyan-pileuleuyan
Hampura abdi hampura

Es lilin
Es lilin mah Ceuceu, kalapa muda
Dibantun mah Ceuceu, ka parapatan
Hapunten mah Ceuceu, abdi hapunten
Bilih aya Ceuceu, kalepatan

Dari mana Ceuceu, datangna lintah


Dari sawah Ceuceu, turun ke hati
Dari mana Ceuceu, datangnya cinta
Dari mata Ceuceu, turun ke hati

Es lilin mah Ceuceu didorong dorong


Dibantun mah Ceuceu ti sukajadi
Abdi isin Ceuceu samar kaduga
Sok inggis mah aduh henteu ngajadi

Es lilin mah Ceuceu dikalapaan


Raosna mah geuning kabina-kabina
Abdi alim Ceuceu paduduan
Sok sieun mah dibantun kamana-mana

Kaca piring Ceuceu, sikaca piring


Buah dukuh Ceuceu, haseum di jero
Abdi ngiring Ceuceu, abdi nu ngiring
Lamun puguh Ceuceu, nepi ka jodo

Teungteuingeun

Teungteuingeun kunaon ngantunkeun abdi


Teungteuingeun naon kalepatan diri
Unggal dinten henteu weleh ngantosan
Mugi sing enggal mulih deui

Siang wengi hate abdi teh bimbang


Ngemutkeun panutan anu hilang
Abdi sono lami teu patepang
Duh teu kiat nandanganana
Reff:
Emutkeun urang kapungkur
Keur sareng sahuap lingkung
sakitu geuning layeutna
Nyaah teu aya papadana

Sapu Nyere Pegat Simpai

Hayu batur urang karumpul


Meumpeung deukeut hayu rang sosonoan
Pacang kraman bari ngawadul
Urang silih tempas silih eledan

Moal lila jeung babaturan


Hiji wanci anu geus ditangtukeun
Bakal misah bakal pajauh
Bakal mopohokeun ka tineung urang

Sapunyere pegat simpai


Bakal ka sorang Takdir ti gusti hyang widi
Pasti kalakon
Urang rek papisah, urang rek pajauh
Meumpeung deukeut hayu urang sosonoan

Peuyeum Bandung

Dimana-mana, di kampung di Kota


Tos kakoncara ku nikmat rasana
Sampeu asalna, teu direka-reka
Naon namina duh matak kabita

Peuyeum Bandung kamashur


Pangaosna teu luhur
Kusadaya kagaleuh
Sepuh jeung murangkalih
Mangga cobian
Bilih panasaran
Peuyeum ti Bandung
Heunteu sembarangan

Karatagan Pahlawan
Teu honcewang sumoreang
tekadna pahlawan Bangsa
Cadu mundur pantrang mulang
mun maksud ta can laksana
Berjuang keur lemah cai
lali rabi tur tega pati
Ta ya basa menta pamulang tarima ikhlas
rido keur korban merdeka
Sinatria dana laga
bela Bangsa jeung Nagara
Dibarengan tekad suci
berjuang keur lemah cai
Teu ngingetkeun ka dirina
asal Nagri, Bangsa waluya
Bisa jembar merdeka mukti wibawa
jasa tujuan pahlawan Bangsa

Mojang Priangan

Angkat ngagandeuang,
Bangun taya karingrang
Nganggo sinjang dilamban,
Mojang priangan

Umat imut lucu, sura seuri nyari


Larak lirik keupat, mojang priangan

Diraksukan kabaya, nambahan cahayana


Dangdosan sederhana, mojang priangan
Diraksukan kabaya, nambahan cahayana
Dangdosan sederhana, mojang priangan

Mojang anu donto, matak sono nu nempo


Mun tepung sono ka mojang priangan
Gareulis maranis, disinjang lalendjang
Estu sono mun leumpang, mojang priangan
Gigirna ge lenggik
Dihareupna ge sieup
Ditukangna lenjang
Mojang priangan

Panon Hideung

Panon hideung irung mancung


Pipi koneng putri Bandung
Putri saha, dimana bumina
Abdi resep ka anjeuna

Siang wengi ka impi-impi


Hate abdi sararedih
Teu emut dahar teu emut nginum
Emut kanu geulis panon hideung

Warung Pojok

Akeh wong padha kedanan masakan,
akeh wong padha kelingan pelayan
Ora klalen kesopanan ning sekabeh lelangganan

Yen balik tas jalan-jalan mingguan
mumpung bae tas gajian kaulan
Warung Pojok go ampiran etung-etung ke kenalan
Tobat dhendhenge emi rebuse,
Sega gorenge dhaginge gedhe gedhe

Adhuh kopie, tobat bukete
Adhuh manise persis kaya pelayane
Pura-pura mata mlirik meng dhuwur
padhahal ati ketarik lan ngawur
Nginum kopi mencok nyembur kesebab
nyasar meng cungur

Tobat dhendhenge emi rebuse
Sega gorenge dhaginge gedhe gedhe
Adhuh kopie tobat bukete
Adhuh manise persis kaya pelayane 

Anda mungkin juga menyukai