Anda di halaman 1dari 17

CARITA PARAHYANGAN (SURAHAN BASA SUNDA KIWARI)

Enya kieu Carita Parahiyangan teh.

Sang Resi Guru boga anak Rajaputra.

Rajaputra boga anak Sang Kandiawan jeung Sang Kandiawati, duaan adi
lanceuk.

Sang Kandiawan teh nyebut dirina Rahiyangta Dewaradja.

Basa ngajalankeun kahirupan sacara rajaresi, ngalandi dirina Rahiangta di


Medangjati, oge katelah Sang Lajuwatang, nya mantenna nu nyieun
Sanghiang Watangageung.

Sanggeusna rarabi, nya lahir anak-anakna limaan, mangrupa titisan Sang


Kusika, Sang Garga, Sang Mestri, Sang Purusa, Sang Puntandjala, nya eta:
Sang Mangukuhan, Sang Karungkalah, sang Katungmaralah, Sang
Sandanggreba jeung Sang Wretikandayun.

II

Aya manuk ngaranna si Uwur-uwur, oge katelah Si Naragati, njajang di


pangjarahan Bagawat resi Makandria. Anakna dihakan ku jaluna. Dicarekan
ku bikangna.

Carek bikangna: "Kacida hinana, lamun urang teu boga anak teh.
Bireungeuh tuh Bagawat Resi Makandria!Tatapa soteh bane bae sangsara
da henteu boga anak."

Carek Bagawat Resi Makandria: "Kumaha rek boga anak. Da kawin oge
henteu."

Ti dinya, carek Bagawat Resi Makandria: "Aing dek indit ka Sang Resi Guru,
ka Kendan."

Manehna datang ka Kendan.

Carek Sang resi Guru: "Na nahaon bejana, hidep Bagawat Resi Makandria,
nu matak datang ka dieu?" "Pangampura bae; saleresna aya piwartoseun.
Dek nyuhunkeun pirabieun. Lantaran kawartosan ku manuk si Uwur-uwur,
nu nelah oge si Nagaragati. Sanggemna kacida hinana, lamun urang teu

CARITA PARAHYANGAN 1
Pustaka Pribadi Herman AALT Tejabuwana
gaduh anak."

Carek Sang resi Guru: "Jig hidep ti heula ka patapan deui. Anaking Pwah
Rababu geuwat susul Bagawat Resi Makndria. Lantaran nya manehna
pijodoeun hidep teh, anaking."

Pwah Rababu terus nyusul, dating ka patapan Sang Resi Makandria, teu
diaku rabi.

Kabireungeuheun aya widadari geulis, ngarupakeun Pwah Mandjangandara,


nya geuwat Rasi Makandria ngajadikeun dirina Kebowulan. Terus
sanggama.

Carek Sang Resi Guru: "Enten, anaking Pwah Sanghiang Sri! Jig hidep indit
ngajadi ka lanceuk hidep, ka Pwah Aksari Jabung."

Ti dinya Pwah Sanghiang Sri indit sarta terus nitis, nya lahir Pwah Bungatak
Mangalengale.

III

Carek sang Mangukuhan: "Nam adi-adi sadaya urang moro ka tegalan."

Sadatang ka tegalan, kasampak Pwah Manjangandara reujeung Rakean


Kebowulan. Diudag ku limaan, sarta beunangna pada jangji, yen saha anu
pangheulana keuna numbakna, nya manehna piratueun.

Keuna ditumbak ku Sang Wretikandayun, Kebowulan jeung Pwah


Manjangandara teh. Kebowulan lumpat ka patapan, sadatangna hos bae
paeh.

Ku Sang Wretikandayun dituturkeun, kasampak pwah Bungatak


Mangalengale keur nyusu ka Pwah Manjangandara.

Pwah Bungatak Mangalengale teh ku Sang Wretikandayun di bawa mulang


ka Galuh, ka Rahiangta di Medangjati.

IV

Rahiyangan di Medangjati lawasna ngadeg ratu limawelas taun. Diganti ku


Sang Wretikandayun di Galuh, bari migarwa Pwah ngatak Mangalengale.

Ari Sang Mangukuhan jadi tukang ngahuma, Sang Karungkalah jadi tukang
moro, Sang Katungmaralah jadi tukang nyadap sarta Sang Sandanggreba
jadi padagang.

CARITA PARAHYANGAN 2
Pustaka Pribadi Herman AALT Tejabuwana
Nya ku Sang Wreti Kandayun Sang Mangukuhan dijungjung jadi
Rahiangtung Kulikuli, Sang Karungkalah jadi Rahiangtang Surawulan, Sang
Katungmaralah jadi Rahiyangtang Pelesawi, Sang Sandanggreba jadi
Rahiangtang Rawunglangit.

Sabada Sang Wretikendayun ngadeg ratu di Galuh, nya terus ngajalankeun


kahirupan sacara rajaresi sarta ngalandi dirina jadi Rahiangta di Menir. Dina
waktu bumen-bumen, harita teh nya nyusun Purbatisti.

Lawasna jadi ratu salapanpuluh taun. Diganti ku Rahiang Kulikuli, lawasna


jadi ratu dalapanpuluh taun. Diganti ku Rahiangtang Surawulan, lawasna
jadi ratu genep taun, katujuhna diturunkeun, lantaran goring lampah. Diganti
ku Rahiangtang Pelesawi, lawasna jadi ratu saratusdualikur taun, lantaran
hade lampah. Diganti ku Rahiangtang Rawunglangit, lawasna geneppuluh
taun.

Diganti ku Rahiangtang Mandiminyak.

Anak Rahiangta di Menir teh aya tiluan, nu cikal nya Rahiang Sempakwaja,
ngadeg Batara Dangiang Guru di Galunggung; Rahiangtang Kidul, ngadeg
Batara Hiang Buyut di Denuk; Rahiangtang Mandiminyak ngadeg ratu di
Galuh.

Carek Sang Resi Guru: "Karunya aing ku Rahiang Sempakwaja henteu


boga pamajikan. Anaking Pwah Rababu! Hidep leumpang ungsi Rahiang
Sempakwaja, lantaran aya manehna pibatureun hidep tatapa."

Sang Resi Guru ngagesek totopong jadi jaralang bodas, nya indit
nyampeurkeun Rahiang Sempakwaja, nu harita kabeneran keur ngawelit.

Carek Sanghiang Sempakwaja: "Na naha nya aya jaralang bodas etah?"

Cop nyokot sumpit, terus diudag rek disumpit. Pwah Rababu kapanggih
eukeur mandi di talaga Candana.

Carek Rahiang Sempakwaja: "Ti ma etah nu mandi?" Sampingna dileled ku


sumpit, beunang. Aya baturna para Pwah Aksari, tuluy lalumpatan ka
tegalan.

Pwah Rababu dibawa ku Rahiang Sempakwaja, dipirabi. Kacida


dipikaasihna. Nya lahir anakna lalaki duaan, nya eta Rahiang Purbasora
jeung Rahiang Demunawan.

CARITA PARAHYANGAN 3
Pustaka Pribadi Herman AALT Tejabuwana
VI

Barang ngadenge tatabeuhan ngaguruh teu puguh rungukeuneunana,


tatabeuhan di Galuh, Pwah Rababu terus mulang ka Galuh di dinya teh taya
kendatna nu ngigel.

Sadatangna kaburuan ageung, cek Rahiangtang Mandiminyak: "Patih, na


naon eta ateh?"

"Bejana nu ngigel di buruan ageung!"

"Eta bawa pakean awewe sapangadeg, sina marek ka dieu. Keun


tanggungan aing. Geuwat bawa sacara paksa!"

Patih indit ka buruan ageung. Pwah Rababu dibawa ka kadaton. Dipirabi ku


Rahiangtang Mandiminyak. Kacida bogohna ka Pwah Rababu. Tina
sapatemonna, nya lahir anak lalaki dingaranan Sang Sena.

VII

Carek Rahiang Sempakwaja: "Rababu jig indit. Ku sia bikeun eta budak ka
Rahiangtang Mandiminyak, hasil jinah sia, Sang Salahlampah."

Rababu tuluy leumpang ka Galuh.

"Aing dititah ku Rahiang Sempakwaja mikeun budak ieu, beunang sia


ngagadabah aing tea."

Carek Rahiangtang Mandiminyak: "Anak aing maneh teh, Sang Salah?"

Carek Rahiangtang Mandiminyak deui: "Patih ku sia budak teh teundeun


kana jambangan. Geus kitu bawa kategalan!"

Dibawa ku patih ka tegalan, Samungkurna patih, ti eta tegalan kaluar kila-


kila nepi ka awang-awang. Kabireungeuh ku Rahiangtang Mandiminyak.

"Patih teang deui teundeun sia nu aya budakna tea!"

Ku patih diteang ka tegalan, kasampak hirup keneh. Terus dibawa ka


hareupeun Rahiangtang Mandiminyak. Dingaranan Sang Sena.

VIII

CARITA PARAHYANGAN 4
Pustaka Pribadi Herman AALT Tejabuwana
Lawasna jadi ratu tujuh taun, geus kitu Rahiangtang Mandiminyak diganti ku
Sang Sena. Lawasna jadi ratu tujuh taun, diganti lantaran dilindih ku
Rahiang Purbasora. Kajaba ti eta Sang Sena dibuang Gunung Merapi, boga
anak Rakean Jambri. Sanggeusna manehna sawawa indit ka Rahiangtang
Kidul, ka Denuh, menta dibunikeun.

Carek Rahiangtang Kidul: "Putu, aing sangeuk kacicingan ku sia, bisi sia
kanyahoan ku ti Galuh. Jig ungsi Sang Wulan, Sang Tumanggal jeung Sang
Pandawa di Kuningan, sarta anak saha sia teh?"

Carek Rakian Jambri: "Aing anak Sang Sena. Direbut kakawasaanana,


dibuang ku Rahiang Purbasora."

"Lamun kitu aing wajib nulungan. Ngan ulah henteu digugu jangji aing.
Muga-muga ulah meunang, lamun sia ngalawan perang ka aing. Jeung deui
leuwih hade sia indit ka tebeh Kulon, jugjug Tohaan di Sunda."

Sadatangna ka Tohaan di Sunda, tuluy dipulung minantu ku Tohaan di


Sunda. Ti dinya ditilar deui da ngajugjug ka Rabuyut Sawal.

Carek Rabuyut sawal: "Sia teh saha?"

"Aing anak Sang Sena. Aing nanyakeun pustaka bogana Rabuyut Sawal.
Eusina teh, 'retuning bala sarewu', anu ngandung hikmah pikeun jadi ratu
sakti, pangwaris Sang Resi Guru."

Eta pustaka teh terus dibikeun ku Rabuyut sawal. Sanggeus kitu Rakean
jambri miang ka Galuh.

Rahiang Purbasora diperangan nepi ka tiwasna. Rahiang Purbasora jadina


ratu ngan tujuh taun. Diganti ku Rakean Jambri, jujuluk Rahiang Sanjaya.

IX

Carek Rahiang Sanjaya: "Patih, indit sia, tanyakeun ka Batara Dangiang


Guru, saha kituh anu pantes pikeun nyekel pamarentahan di urang ayeuna."

Sadatangna patih ka Galunggung, carek Batara Dangiang Guru: "Na aya


pibejaeun naon, patih?"

"Pangampura, kami teh diutus ku Rahiang Sanjaya, menta nu bakal


marentah, adi Rahiang purbasora."

Hanteu dibikeun ku Batara dangiang Guru.

CARITA PARAHYANGAN 5
Pustaka Pribadi Herman AALT Tejabuwana
Carek Batara Dangiang Guru: "Rahiang Sanjaya, indit beunangkeun ku
sorangan. Elehkeun Guruhaji Pagerwesi, elehkeun Wulan, Sang
Tumanggal, elehkeun Guruhaji Tepus jeung elehkeun Guruhaji Balitar. Jig
indit Rahiyang Sanjaya; elehkeun Sang Wulan, Sang Tumanggal, Sang
Pandawa di Kuningan. Maranehna meunang kasaktian, nu ngalantarankeun
Sang Wulan, Sang Tumanggal, Sang Pandawa di Kuningan henteu
kabawah ku dangiang Guru. Lamun kaelehkeun bener maneh sakti."

Rahiang Sanjaya tuluy perang ka Kuningan. Eleh Rahiang Sanjaya


diubeuber, nepi ka walungan Kuningan. Rahiang Sanjaya undur.

"Teu meunang hanteu aing kudu ngungsi ka dieu, lantaran diudag-udag,


kami kasoran."

Ti dinya Rahiang Sanjaya mulang deui ka Galuh, Sang Wulan, Sang


Tumanggal mulang deui ka Arile.

Rahiang Sanjaya tuluy marek ka Batara Dangiang Guru, Carek Batara


Dangiang Guru: "Rahiang Sanjaya, naon pibejaeun sia, mana sia datang ka
dieu?"

"Nya eta aya pibejaeun, apan kami dipiwarang, tapi kami eleh. Ti mana kami
unggulna, anggur kami diuber-uber ku Sang Wulan, Sang Tumanggal jeung
Sang Pandawa di Kuningan." Sanggeus kitu Rahiang Sanjaya tuluy mulang
ka Galuh.

Carek Sang Wulan, Sang Tumanggal, sang Pandawa di Kuningan: "Mawa


pisajieun, urang miang ka Galunggung, pakean lalaki sapangadeg,
pangcalikan, munding sarakit (?), beas sacukupna pikeun dahar."

Sadatang ka Galunggung, eureun di Pakembangan. Kasampak ku (Sang)


Pakembangan. tuluy popojan ka Batara Dangiang Guru.

Carek Batara Dangiang Guru: "Aya beja naon?"

"Pun Batara Dangiang Guru! Aya Sang Wulan, Sang Tumanggal jeung Sang
Pandawa di Kuningan."

"Kacida bagjana sia datang ka dieu. Jung miang ka Galuh. Ondang Rahiang
Sanjaya, caritakeun, kudu mawa pisajieun, pakean lalaki sapangadeg,
pangdiukan wulung, munding sarakit (?), kawali beusi jeung beas
sacukupna pikeun dahar."

CARITA PARAHYANGAN 6
Pustaka Pribadi Herman AALT Tejabuwana
Sadatang sia ka Galuh, carek Rahiyang Sanjaya: "Aya pibejaeun naon, sia
Pakembangan?"

"Kami teh dititah ku Dangiang Guru. Rahiang Sanjaya supaya mawa


pisajieun salengkepna. Aya Sang Wulan, Sang Tumanggal jeung Sang
Pandawa di Kuningan."

Rahiang Sanjaya indit.

Barang nepi ka hareupeun Dangiang Guru, carek Dangiang Guru: "Rahiang


Sanjaya! Lamun kaereh ku sia Sang Wulan, Sang Tumanggal jeung Sang
Pandawa di Kuningan, aing bakal nurut kana sagala ucapan sia. Da
beunang ku aing kabawah. Turut kana ucapan aing. Da aing wenang
ngelehkeun, hanteu kasoran. Da aing anak dewata."

Sang Wulan, Sang Tumanggal, Sang Pandawa di Kuningan kabawah ku


Batara Dangiang Guru.

Sang Wulan dijenengkeun Guruhaji di Kajaron.

Sang Tumanggal dijieun Guruhaji Kalanggara di Balamoha.

Sang Pandawa di Kuningan jadi Guruhaji Lajuwatang.

Sang Puki jadi Guruhaji di Pagerwesi.

Sang Manisri dijadikeun Buyuthaden Rahesa di Puntang.

Buyuthaden Tujungputih di Kahuripan.

Buyuthaden Sumajajah di Pagajahan.

Buyuthaden Pasugihan di Batur.

Buyuthaden Darongdong di Balaraja.

Buyuthaden Pagergunung di Muntur.

Buyuthaden Muladarma di Parahiangan.

Buyuthaden Batuhiang di Kuningan.

XI

Rahiyang Sanjaya tumetep di Medang Ratu di Galuh, Sang Seuwakarma.

CARITA PARAHYANGAN 7
Pustaka Pribadi Herman AALT Tejabuwana
Ari adina Ratu Galuh, miara sabaraha hiji anak munding, nyieun padumukan
pikeun muja. Pindah-pindah tempat, sewabakti ka Batara Upati.

(Nelah) Rahiang Wereh, nu matak disebut kitu, waktu ditilar, adi lanceuk
masih laleutik keneh.

Teu tulus jadi ratu, lantaran (huntuna) rohang, mangkana katelah Rahiang
Sempakwaja. Rahiyang Kidul oge hanteu bisa jadi ratu sabab burut, nya jadi
Wikuraja.

Sang Seuweukarma jadi Tohaan di Kuningan, lahirna di patapan, enya eta


anak Rahiang Sempakwaja.

Cek Rahiang Sanjaya: "Atuh masih pernah dulur aing, aki! Lamun kitu mah
karah. Ulah weleh mere bantuan ka aing, aki patih!"

Cek patih: "Muga-muga bae bisa deui urang ngamalkeun Sanghiang


Darmasiksa. Ulah teu digugu!"

Omongan para patih ka Rahiang Sanjaya: "Lamun haying unggul perang,


geura mangkat ti Galuh!" Prang ka Mananggul, eleh sang ratu Mananggul,
Pu Anala pamanggul juritna. Tuluy ka Kahuripan, diperangan, eleh
Kahuripan, Rahiangtang Wulukapeu taluk. Tuluy ka Kadul, diperangan eleh
Rahiang Supena, taluk. Tuluy ka Balitar, diperangan, eleh sang ratu Bima.

Ti dinya Rahiang Sanjaya nyabrang ka wilayah Malayu. Kemir diperangan,


eleh Rahiangtang Gana. Perang deui ka Keling, eleh Sang Sriwijaya.
Perang ka Barus, eleh ratu Jayadana. Perang ka Cina, eleh pati(h)
Sarikaladarma.

Mulang Rahiang Sanjaya ka Galuh ti sabrang.

Tunda.

XII

Rahiangtang Kuku, Sang Seuweukarma di Arile, ngayakeun gempungan


jeung para patih; raja dicaritakeun hal pangajaran kaparamartaan.

"Nam urang rek marek, mawa kiriman ka Rahiang Sanjaya. Cokot emas
sakati, lima boehna, bawaeun urang ka Rahiang Sanjaya."

Dina danget eta, oge di Galuh ngayakeun kumpulan jeung para patih

CARITA PARAHYANGAN 8
Pustaka Pribadi Herman AALT Tejabuwana
sakabeh.

"Nam urang nyieun labur di jalan gede pakeun ngabageakeun Sang


Seuweukarma, lantaran enya eta Rahiang Kuku."

"Barang datang ka sisimpangan ka Galuh jeung ka Galunggung, dipapag,


dihormat disayagian cai pikeun sibanyo."

Carek Rahiangtang Kuku: "Sang patih, bawa kami marek ka rahiang


Sanjaya. Tah emas sakati, lima boehna."

Carek sang patih: "Pun Tohaan! Boh emas boh beusi henteu diajenan ku
Rahiang Sanjaya. Nu diajenan teh ngan huripna jalma rea."

Rahiangtang Kuku jadi kabingungan. Terus mulang deui ka Arile. Carek


Rahiangtang Kuku: "Na naon pakeun urang bakti ka Rahiang Sanjaya?"

XIII

Sakitu mulyana, ieu tangtu Rahiang Sempakwaja. Ayeuna urang caritakeun


Rahiangtang Kuku, indit ka Arile, ngababakan di Kuningan.

Kasohor Rahiangtang Kuku, enya eta Sang Seuweukarma, ngadeg di


Kuningan, anakna Rahiang Sempakwaja. Indung bapana teh tempat
panyaluuhan jalma rea.

Dayeuh, desa, pulo jeung sakurilingna: ti Keling bakti ka Rahiangtang Kuku;


Rahiangtang Luda di puntang; Rahiangtang Wulukapeu di Kahuripan;
Rahiangtang Supremana di Wiru; Rahiang Isora di Jawa sang ratu Bima di
Bali (tar); di Kulon di Tu(n)tang Sunda nyabrang ka wilayah Malayu.
Rahiangtang Gana ratu di Kemir; Sang Sriwijaya di Malayu, Sang Wisnujaya
di Barus, Sang Bramasidi di Keling. Patihna Sang Kandarma di Berawan;
Sang Mawuluasu di Camara Upatah; Sang Pa(n)cadana ratu di Cina.

Kabeh kabawah ku Rahiangtang Kuku. Kabeh ngaku ratu ka nu calik di


Saunggalah. Kabawah ku Sang Seuweukarma, sabab Ngukuhan ajaran
Dangiang Kuning.

Di Galuh Rahiang Sanjaya nanyakeun: "Kumaha sang patih, pilukeun


urang? Urang hanetu dianggap kulawarga ku Rahiangtang Kuku. Sang
patih! Jig indit sidikkeun ku sorangan ka Kuningan. Bisa jadi urang
dipajarkeun turut campur kana karia, padahal urang henteu dibejaan, daek
indit."

Sang patih nepi ka Kuningan, marek ka kadaton, terus ngabakti ka

CARITA PARAHYANGAN 9
Pustaka Pribadi Herman AALT Tejabuwana
Rahiangtang Kuku.

Carek Rahiangtang Kuku: "Oh sang patih!Na naon bejana, mana dating ka
dieu?"
Carek sang patih: "Kami dititah ku Rahiang Sanjaya. Diparentah nyidikkeun
ka dieu. Saha nu dijungjung, nu dijenengkeun ratu?"

Carek Rahiang Kuku: "Eh sang patih! Pantesna nya aing dijungjung
dijenengkeun ratu ku balarea. Ngan ti Rahiang Sanjaya mah henteu
diharepkeun, lantaran kulawarga, jeung moal ka kami mah, sabab
dianggapna resep maehan kulakadang baraya. Malah aing ditempatkeun ka
Kuningan oge ku Rahiang Sempakwaja. Aing beunang Rahiang
Sempakwaja nempatkeun ka Kuningan ieu teh.

Mana aing teyu diganggu ku Rahiang Sanjaya."

Sang patih mulang ka Galuh.

Ditanya ku Rahiang Sanjaya: "Aki, kumaha carek Rahiangtang Kukuka


urang?" "Pun, Rahiang Sanjaya! Rahiangtang Kuku teh tapana kataekan.
Ngagem Sanghiang Darma kalawan Sanghiang Siksa. Tumut kana wisik
Sang Rumuhun, jadi lulugu dina Hirup kumbuh. Kukituna ku urang turut
tanpa rasa gigis. Tembongkeun ku urang, da urang jeung Tohaan teh
saturunan, kabeh ge pada-pada turunan dewata."

Geuwat dicokot pustaka ku Rahiang Sanjaya. Barang nepi terus diungkab


eta pustaka teh. Unina kieu: "Ong awignam astu, kretajugi balam raja
kretayem rawanem sang tata dosamem, sewa ca kali cab pratesora sang
aparanya retuning dewata, sang adata adining ratu dewata sang sapta ratu
na caturyuga. Sang Resi Guru tipekur di nu suni ngayuga Sang Kandiawan
jeung Sang Kandiawati. Nya puputra Rahiangtang Kulikuli, Rahiangtang
Surawulan, Rahiangtang Pelesawi, Rahiangtang Rawunglangit, bungsuna
Sang wretikandayun.

Sang Wretikandayun boga anak Rahiang Sempakwaja, Rahiang Kidul,


Rahiangtang Mandiminyak. Rahiangtang Mandiminyak boga anak Sang
Sena, sang Sena boga anak Rahiang Sanjaya."

Awewe geulis, Dobana mawa parahu, panjangna tujuh deupa, dibagian


hareupna dimomotan rupa-rupa pakarang.

"Urang ka nusa Demba!" Nya terus maranehanana balayar.

Kareungeu ku Sang Siwiragati. Dek ngamuatkeun Pwah Sangkari


Pucanghaji Tunjunghaji, ditumpakkeun dina gajah putih. Kakara ge
leumpang sapanjang buruan.

CARITA PARAHYANGAN 10
Pustaka Pribadi Herman AALT Tejabuwana
Teu disangka-sangka Rahiangtang Kuku, Sang Seuweukarma cunduk ka
nusa Demba, tuluy ka kadaton, diuk tukangeun Sang Siwiragati.

Rahiangtang Kuku diudag ku gajah putih, lumpat ka buruan mawa Pwah


Sangkari.

Henteu aya balik deui ka kadaton gajah putih teh, ngawula ka Rahiangtang
Kuku.

Rahiangtang Kuku mulang deui ka Arile, dibawa dina gajah putih jeung
Pwah Sangkari. Pwah sangkari teh ngomong: "Naha henteu aya emas
saguri, sapotong sapaha jeung salengkepna papakean?"

Tuluy bae ka Galuh, ka Rahiang Sanjaya, henteu nyimpang ka Arile. Dibawa


na gajah putih ditutup ku lungsir putih tujuh kayu diwatangan mas mirah
komara inten.

Barang dating ti nusa Demba, tuluy ka kadaton, sanggeus cunduk,


Rahiangtang Kuku nyarita ka Rahiang Sanjaya, naha resep mireungeuh
gajah putih.

Tanyana: "Mana?"

Tuluy gajah putih teh ditumpakan, Pwah Sangkari disanghareupkeun ka


Rahiyang Sanjaya. Sanggeus nepi ka padaleman, henteu balik deui.

Carek Rahiang Sanjaya: "Na naon nu jadi karempan teh? Ayeuna aing
hayang runtut raut. Aing jeung bapa, Rahiang Kuku, Sang Seuweukarma.
Ayeuna aing moal ngalawan. Ayeuna urang tetepkeun: tanah bagaian
Dangiang Guru di tengah, bagian Rangiang Isora ti Wetan; jauhna nepi ka
kalereun Paraga jeung Cilotiran, ti Kulon Tarum, ka Kulon bagian Tohaan di
Sunda."

Sanggeus Rahiangtang Kuku mulang ka Arile, sadatangna ka Arile, putus


hancana di dunya, hilang dina umur nu kacida kolotna.

Rahiang Sanjaya sasauran, ngawulang anakna, Rakean Panaraban, enya


eta Rahiang Tamperan: "Ulah arek nurutan agama aing, lantaran eta aing
dipikasieun ku jalma rea."

Lilana jadi ratu salapan taun, diganti ku Rahiang Tamperan.

XV

CARITA PARAHYANGAN 11
Pustaka Pribadi Herman AALT Tejabuwana
Mimiti Sang Resi Guru ngawangun kuta pulo Jawa, kutana teh nyaeta
Galunggung, ti wetana Jawa.

Di wates Sunda, aya pandita sakti, dipateni tanpa dosa, ngaranna Bagawal
Sajalajala.

Atma pandita teh nitis, nya jadi Sang Manarah. Anakna Rahiang Tamperan
duaan jeung dulurna Rahiang Banga.

Sang manarah males pati.

Rahiang Tamperan ditangkep ku anakna, ku Sang Manarah. Dipanjara beusi


Rahiang Tamperan teh.

Rahiang Banga datang bari ceurik, sarta mawa sangu kana panjara beusi
tea. Kanyahoan ku Sang Manarah, tuluy gelut jeung Rahiang Banga. Keuna
beungeutna Rahiang Banga ku Sang Manarah.

Ti dinya Sang Manarah ngadeg ratu di Jawa, mangrupa persembahan.

Nurutkeun carita Jawa, Rahiang Tamperan lilana ngadeg raja tujuh taun,
lantaran polahna resep ngarusak nu tapa, mana teu lana nyekel
kakawasaanana oge.

Sang Manarah, lilana jadi ratu dalapanpuluh taun, lantaran tabeatna hade.

Sang Manisri lilana jadi ratu geneppuluh taun, lantaran pengkuh ngagem
Sanghiang Siksa.

Sang Tariwulan lawasna jadi ratu tujuh taun.

Sang Welengan lawasna jadi ratu tujuh taun.

XVI

Enya kieu, mimiti Sang Resi Guru boga anak Sang Haliwungan, nya eta
Sang Susuktunggal nu ngomean pakwan reujeung Sanghiang Haluwesi, nu
nyaeuran Sanghiang Rancamaya.

Tina Sanghiang Rancamaya aya nu kaluar.

"Ngaran kula Sang Udubasu, Sang Pulunggana, Sang Surugana, ratu hiang
banaspati."

Sang Susuktunggal, enya eta nu nyieun pangcalikan Sriman Sriwacana Sri

CARITA PARAHYANGAN 12
Pustaka Pribadi Herman AALT Tejabuwana
Baduga Maharajadiraja, ratu pakwan Pajajaran. Nu kagungan kadaton Sri
bima-untarayana madura-suradipati, nya eta pakwan Sanghiang Sri
Ratudewata.

Titinggal Sang Susuktunggal, anu diwariskeunana tanah suci, tanah hade,


minangka bukti raja utama.

Lilana ngadeg ratu saratus taun.

XVII

Rahiang Banga lawasna ngadeg ratu tujuh taun, lantaran polahna hanteu
didasarkeun kana adat kabiasaan anu bener.

Rakean di Medang lilana ngadeg ratu tujuh taun.

Rakeanta Diwus lilana jadi ratu opatlikur taun.

Rakeanta Wuwus lilana jadi ratu tujuhpuluh dua taun.

Nu hilang di Hujung Cariang lilana jadi ratu taun, kaopatna teu cucud,
lantaran salah lampah, daek ngala awewe ku awewe.

Rakean Gendang lilana jadi ratu tilulikur taun.

Dewa Sanghiang lilana jadi ratu tujuh taun.

Prebu Sanghiang lilana jadi ratu sawelas taun.

Prebu Datia Maharaja lilana jadi ratu tujuh taun.

Nu hilang di winduraja lilana jadi ratu tilulikur taun.

Nu hilang di Kreta lawasna jadi ratu salapanpuluhdua taun, lantaran


ngukuhan kana lampah anu hade, ngadatangkeun gemah ripah.

Diganti deui ku nu hilang di Winduraja, henteu lila ngadegna ratu ngan


dalapanwelas taun.

Diganti ku Sang Rakean Darmasiksa, titisan Sanghiang Wisnu, nya eta nu


ngawangun sanghiang binajapanti.

Nu ngajadikeun para kabuyutan ti sang rama, ti sang resi, ti sang disri, ti


sang tarahan tina parahiangan.

CARITA PARAHYANGAN 13
Pustaka Pribadi Herman AALT Tejabuwana
"Tina naon berkahna?" Ti sang wiku nu mibanda Sunda pituin, mituhu
Sanghiang Darma, ngamalkeun Sanghiang Siksa.

Boga anak nu hilang di Taman, lawasna jadi ratu genep taun.


Boga anak deui nu hilang di Tanjung, lilana jadi ratu dalapan taun.

Boga anak nu hilang di Kikis, lilana jadi ratu dualikur taun.

Nu hilang di Kiding, lilana jadi

ratu tujuh taun.

Boga anak Aki Kolot, lilana jadi ratu sapuluh taun.

XVIII

Boga anak, Prebu Maharaja, lawasna jadi ratu tujuh taun, lantaran keuna ku
musibat, Kabawa cilaka ku anakna, ngaran Tohaan, menta gede pameulina.

Urang rea asalna indit ka Jawa, da embung boga salaki di Sunda. Heug wae
perang di Majapahit.

Aya deui putra Prebu, kasohor ngaranna, nya eta Prebu Niskalawastu
kancana, nu tilem di Nusalarang gunung Wanakusuma. Lawasna jadi ratu
saratus opat taun, lantaran hade ngajalankeun agama, nagara gemah ripah.

Sanajan umurna ngora keneh, tingkah lakuna seperti nu geus rea luangna,
lantaran ratu eleh ku satmata, nurut ka nu ngasuh, Hiang Bunisora, nu
hilang di Gegeromas. Batara Guru di Jampang.

Sakitu nu diturut ku nu ngereh lemah cai.

Batara guru di Jampang teh, nya eta nyieun makuta Sanghiang Pake, waktu
nu boga hak diangkat jadi ratu.

Beunang kuru cileuh kentel peujit ngabakti ka dewata. Nu dituladna oge


makuta anggoan Sahiang Indra. Sakitu, sugan aya nu dek nurutan. Enya eta
lampah nu hilang ka Nusalarang, daek eleh ku satmata. Mana dina jaman
eta mah daek eleh ku nu ngasuh.

Mana sesepuh kampung ngeunah dahar, sang resi tengtrem dina


ngajalankeun palaturan karesianana ngamalkeun purbatisti purbajati 35).
Dukun-dukun kalawan tengtrem ngayakeun perjangjian-perjangjian make
aturan anu patali jeung kahirupan, ngabagi-bagi leuweung jeung
sakurilingna, ku nu leutik boh kunu ngede moal aya karewelanana, para bajo

CARITA PARAHYANGAN 14
Pustaka Pribadi Herman AALT Tejabuwana
ngarasa aman lalayaran nurutkeun palaturan ratu.

Cai, cahaya, angin, langit, taneuh ngarasa senang aya dina genggaman
pangayom jagat.
Ngukuhan angger-angger raja 36), ngadeg di sanghiang linggawesi, puasa,
muja taya wates wangenna.

Sang Wiku kalawan ajen ngajalankeun angger-angger dewa, ngamalkeun


sanghiang Watangageung. Ku lantaran kayakinan ngecagkeun
kalungguhanana teh.

Diganti ku Tohaan Galuh, enya eta nu hilang di Gunung tiga. Lawasna jadi
ratu tujuh taun, lantaran salah tindak bogoh ka awewe larangan ti kaluaran.

XIX

Diganti ku Prebu, putra raja pituin, nya eta Sang Ratu Rajadewata, nu hilang
di Rancamaya, lilana jadi ratu tilupuluhsalapan taun.

Ku lantaran ngajalankeun pamarentahanana ngukuhan purbatisti purbajati,


mana henteu kadatangan boh ku musuh badag, boh ku musuh lemes.
Tengtrem ayem Beulah Kaler, Kidul, Kulon jeung Wetan, lantaran rasa
aman.

Teu ngarasa aman soteh mun lakirabi dikalangan jalma rea, di lantarankeun
ku ngalanggar Sanghiang Siksa.

XX

Diganti enya eta ku Prebu Surawisesa, anu hilang di Padaren, Ratu gagah
perkosa, teguh jeung gede wawanen.

Perang limawelas kali henteu eleh. Dina ngajalankeun peperangan teh


kakuatan baladna aya sarewu jiwa.

Perang ka Kalapa jeung Aria Burah. Perang ka Tanjung. Perang ka Ancol


kiyi. Perang ka Wahanten Girang. Perang ka Simpang. Perang ka
Gunungbatu. Perang ka Saungagung. Perang ka Rumbut. Perang ka
Gunungbanjar. Perang ka Padang. Perang ka Pagoakan. Perang ka Muntur.
Perang ka Hanum. Perang ka Pagerwesi. Perang ka Madangkahiangan.

Ti dinya mulang ka pakwan deui. Hanteu naunan deui. Ratu tilar dunya.
Lawasna jadi ratu opatwelas taun.

CARITA PARAHYANGAN 15
Pustaka Pribadi Herman AALT Tejabuwana
XXI

Prabu Ratudeawata, enya eta nu hilang kasawah-tampian-dalem.

Ngajalankeun kahirupan saperti rajaresi. Tanpa Pwah Susu.

Disunatan, maksudna supaya bersih, suci tina kokotor ari dikumbah, disunat
ku tukangna, pituin Sunda eta teh.

Datang huru-hara, musuh loba teu kanyahoan ti mana asalna. Perang di


buruan ageung. Tohaan Sarendet jeung Tohaan Ratu Sanghiang kasambut.

Aya pandita sakti dianiaya, pandita di sumedang. Sang pandita di Ciranjang


dipaehan tanpa dosa, katiban ku tapak kikir. Sang pandita di Jayagiri
digubruskeun ka sagara. Aya pandita sakti taya dosana. Munding Rahiang
ngaranna, digubruskeun ka sagara, henteu paeh, hirup keneh, ngilang tanpa
ninggalkeun ragana di dunya. Katelah ngaranna Hiang Kalinganja. Ku
lantaran eta masing iatna anu masih tinggal di belakang kali, ulah arek hirup
api-api pupuasaan. Tah kitu kaayaan jaman susah teh.

Prebu ratudewata, lilana jadi dalapan taun, kasalapanna tilar dunya.

XXII

Diganti ku Sang Ratusakti Sang Mangabatan di Tasik. Enya eta anu hilang
ka Pengpelengan. Lilana jadi ratu dalapan taun, lantaran ratu lampahna
cilaka ku awewe.

Larangan ti kaluaran jeung ku indungtere. Mindeng maehan jalma tanpa


dosa, ngarampas tanpa rasrasan, hanteu hormat ka kolot, ngahina pandita.

Ulah diturut ku nu pandeuri, lampah ratu kitu mah. Tah kitu riwayat sang ratu
teh.

XXIII

Tohaan di Majaya eleh perang, lantaran kitu hanteu cicing di kadaton.


Manehna nu nyipta sanghiang Panji, ngendahan kadaton, dibalaj diatur
mirupa taman mihapitkeun panto larangan. Nu ngawangun bale bobot
tujuhwelas jajar, diukir diparada diwujudkeun rupa-rupa carita.

CARITA PARAHYANGAN 16
Pustaka Pribadi Herman AALT Tejabuwana
XXIV

Dina jaman jalma sajagat hanteu ngalaman kajahatan disebutna jaman


kreta.

Henteu aya nu ngajadikeun ancurna jagat.

Dina jaman dopara, jaman parunggu, saterusna diganti ka jaman kali, jaman
beusi, Sang Nilakendra, dilantarankeun lila teuing dina kasenangan,
ngumbar hawa napsu. Bogana anak, kana hatena geus kaancikan ku
rekadaya, nya nurunkeun pertapa, incu pateterean.

Inuman keras dianggapna saperti cai wujudna godaan napsu. Jelema nu


ngahuma rewog baranghakan, teu gumbira lamun teu pepelakan. Lila ratu
ngalajur napsu dina barang dahar, teu nurutkeun adat kabiasaan, enggoning
ngumbar kasenangan borak-borak da nganggap saluyu jeung
kabeungharanana.

Lilana jadi ratu genepwelas taun.

XXV

Diganti ku Nusia Mulya. Lilana jadi ratu duawelas (!) taun. Mimiti datangna
perobahan. Buana lemes nyusup ka nu kasar, timbul karusakan ti Islam.

Perang ka Rajagaluh, eleh Rajagaluh. Perang ka Kalapa eleh Kalapa.


Perang ka Pakwan, perang ka Galuh, perang ka Datar. Perang ka Ma(n)diri,
perang ka Patege, perang ka Jawakapala, eleh Jawakapala. Perang ka
Gegelang. Meuntas perang ka Salajo; kabeh eleh ku urang Islam.

Kitu nu matak kabawah ka Demak jeung ti Cirebon.

Sumber: TJARITA PARAHIJANGAN - Drs. Atja - Jajasan Kebudajaan


Nusalarang (Bandung, 1968)

CARITA PARAHYANGAN 17
Pustaka Pribadi Herman AALT Tejabuwana

Anda mungkin juga menyukai