Anda di halaman 1dari 1

Sasakala Gunung Geulis

Kacaritakeun jaman baheula aya salaki pamajikan nu geus lila ngawangun rumah
tangga, tapi tacan diparengkeun boga anak. Salakina kacida pisan hayangeun boga
anak. Manèhna getèn neneda ka Nu Kawasa sangkan gancang diparengkeun boga
anak.

Kocapkeun dina hiji peuting, salakina tèh meunang wangsit, yèn manèhna kudu ngajugjug
hiji tempat nu pernahna aya di beulah wètaneun lembur nu dicicingan ku maranèhanana.
Nu jadi salakina kudu ngajugjug hiji gunung kalayan kudu tapa di èta gunung. Isukna
manèhna nepikeun impianana ka nu jadi pamajikanana. Pamajikanan ngajurung sangkan
salakina nedunan panuduh nu datang dina impianana. Tuluy waè nu jadi salakina indit
ngalalana ngajugjug hiji gunung pikeun tapa neda ka Nu Kawasa.

Sanggeus manggihan gunung nu dimaksud luyu jeung panuduh dina impian, manèhna der
waè tapa salila opat puluh poè opat puluh peuting. Dina maleman peuting
panganggeusan, manènha didatangan ku hiji putri anu geulis kawanti-wanti, èndah
kabina-bina. Éta tèh putri anu ngageugeuh gunung nu keur ditapaan ku manèhna. Nempo
putri anu kacida geulisna, manèhna lat poho kana maksud anu saèstuna. Tug manèhna
nepi kadaèk ngawin èta putri. Padahal èta putri teh oray kajajadèn.

Sanggeus mangbulan-bulan salakina indit, pamajikanana mapay-mapay nèangan nu jadi


salakina. Tungtungna manèhna manggihan salakina keur dibeulit ku oray anu kajida
badagna. Pamajikanana kacida pisan reuwaseunana, pamajikanana ngarasa melang ka
nu jadi salaki, sieun salakina dilegleg oray. Bakat ku nyaah ka salakina, pamajikanan
satèkah polah nèangan akal pikeun maèhan èta oray. Brèh, kacipta piakaleunana,
nyaèta ngeurad èta oray. Teu kungsi lila oray tèh beunang kaeurad. Kusabab èta oray
kacida gedèna, oray tèh digusur ku kuda, dibawa turun ti luhur gunung. Sanggeus tepi ka
hiji tempat, kuda tèh dicangcang dina hiji tangkal. Kiwari tempat nyangcang èta kuda
tèh, katelah lembur Cikuda.

Barang kasampak èta oray rèk dipaèhan ku pamajikanana, salakina geuwat


ngahalangan sangkan pamajikanana tong maèhan èta oray, sabab tetempoan salakina
mah, èta oray tèh putri anu kacida geulisna. Pamajikanana kacida pisan ambekna.
Kusabab keuheul, èta oray dipaèhan kaasup salakina nu geus teu inget deui ka
pamajikanana.

Heuleut saminggu ti harita, bangkè oray jeung layon salakina ngiles taya raratanana.
Ceuk carita mah ngajadi oray, nu tuluyna nyicingan èta gunung, nu kiwari katelah gunung
geulis nu pernahna di Jatinangor Kabupaten Sumedang.

Anda mungkin juga menyukai