Anda di halaman 1dari 6

Lalaki Di Tegal Jurit

Karya Rachmat M. Sas. Karana

Wanci layung hurung konéng


Manéhna datang leungeunna euweuh sapotong
Bedil nyoléngkrangna tonggong
Pélor ngabérés handapeun cangkéng

Hiji lalaki bajuna héjo kapulas taneuh


Di pangperangan taya waktu pikeun nyeseuh
Sakiceup waktu ngingintip lengahna musuh
Mun manéhna masih kénéh embungeun paéh

Lebah pager imah manéhna ngarandeg heula


Uteukna nyarita mépés kanyeri nu baris tumiba
“Ema, kuring untung bisa mulang
sedeng mitra réa nu palastra
di hiji taneuh nu direbut ditebus getih.”

Panto hareup ngagerét aya nu muka


Hiji wanoja nu geus aya umurna
Ngagoak lumpat ngarangkul anu ngajanteng
Cimata indung maseuhan buuk anakna

Hiji lalaki bajuna héjo kapulas taneuh


Wanci layung hurung konéng
Manéhna datang dipapag cimata indung
Sedeng’na beungeutna taya kagambar rasa tugenah
Aki Jeung Balon
Ami Raksanagara

Beurat teuing lengkah aki ngukur jalan


kota bandung geus biasa ku aki mah dilengkahan
dibaturan ku sobat ngaran rancatan
anu rantuy digantungan barang-barang kaulinan

kakapalan kukudaan tarompet heunteu tinggaleun


geus biasa unggal poe ka unggal budak nawarkeun
ujang, eulis yeuh tingali barang aki
geura galeuh keur ameng engke di bumi

Aki! aki! Abdi mah da hoyong balon


Deudeuh teuing kasep di aki mah henteu aya
Niupna ge aki mah geus teu kawasa
Ripuh teuing da kedah nganggo tanaga
Ari aki sakieu nya kakolotan

Mending oge kasep ieu yeuh kokoloceran


Lamun angin muterna teh aduh jeung tarik pisan
Resep teuing engke ameng lulumpatan

Aki! Ka dieu! Ketang da abdi mah moal meuli


Ulah kitu kasep bet abong ka aki-aki
Ceuk sepuh mah kasep ngaheureuyan teh pamali

Hiji dua lengkahna teuing ku beurat


Aya hate milu lewang paur umurna bret pegat
Teuing dimana si aki tetep nya matuh
Bodo dina iuh tanjung atawa dipayung layung
Ngan nu nyata kulitna asak ku poe

Aki, mun ngajoprak sisi jalan saha teuing nu nulungan


Aki, mun ngajoprak di jambatan dimana nya pamatuhan
Aki, mun umur pegat dijalan saha anu ngarawatan
Aki! aki! Rek kamana lamun panon poe sare
Pupuh Putra:
PANGKUR

Bebas wirahma Sekar tandak


Bapa Doblang pada terang Euleuh itu Bapa Doblang
kumis baplang nuruban biwir nu jeding notorogan boro baé kumis baplang
pipi kemong irung mancung puas nyorang weureu gadung
panon buringas hérang beuteung bebeng lieur lanjung humaregung
goréng omong gawang-geuweung harung gampung matak ogé hirup urang
pantang mayar kana hutang entong bedang bedegong curaling
licik sarta sok curaling bisi kawas bapa doblang
wawalesna ti suksruk jeung suwing
Pupuh Putri:
MAGATRU

Bebas wirahma Sekar tandak


Coba teguh naon nu sukuna tilu Sukuna pakupis tilu
panon opat henteu galib panonna opat harérang
leumpang rumanggieung laun leumpangna semu nu lesu
éstuning ku matak watir ngaléngkah teu bisa gancang
dongko bari aha-oho
Buntutna ngacung ka langit
Hulu nutug buntutna ngacung ka luhur buluna carentik rintit
buluna carentik rintit matana mangpuluh-puluh
matana mangpuluh-puluh tangginas anu rék neguh
rasa haseum semu amis
rajeg narangtung di kebon Sumurna di awang-awang
caina amis tur hérang
Aya sumur di awang-awang ngagantung dagingna bodas ngagenyas
caina hérang tur amis mesékna kudu dikupas
eusi daging bodas alus
nyokotna éstu babari
boh dicokél boh dikerok
KAWIH
JALAN LAYANG

Jalan layang jalan layang


Jalan di luhur ngembat panjang
Tinggeleyeng pasuliwer kendaraan
Malar gancang muru pangjugjugan

Jalan layang jalan layang


Jalan di luhur ngembat panjang
Motor mobil ngalaju antay-antayan
Tartib lancar nepi ka tujuan

Jalan layang liliwatan


Meulah kota diatur unggal jalur
Jalan layang peupeuntasan pareng nyemprung asa lelenyapan
Jalan layang liliwatan
Meulah kota diatur unggal jalur
Jalan layang peupeuntasan pareng nyemprung asa lelenyapan
KAWIH
JABODETABÉK

Jakarta Bogor Dépok Tangerang Bekasi


Jakarta Bogor Dépok Tangerang Bekasi
Jabodetabék dayeuh maneuh tatar Sunda
Jabodetabék panyangga ka ibukota

Jakarta Bogor Dépok Tangerang Bekasi


Jakarta Bogor Dépok Tangerang Bekasi
Jabodetabék ngadeg nanjung sauyunan
Jabodetabék nanjung ngudag kamajuan

Kota asri héy kota industri


Pangwangunan mekar motékar
Kota asri héy kota industri
Pangwangunan keur karaharjan

Seni jeung tradisina


Basa jeung budayana
Alam lingkunganana
Kota métropolitan
Jabodetabék

Anda mungkin juga menyukai