Anda di halaman 1dari 2

HUKUM ZAMAN AYEUNA

Kuring bingung...
Zaman ayeuna hukum lir ibarat meri
Titah ka kulon indit ka kulon
Titah ka wetan leumpang ka wetan

Hukum geus taya hargaan


Maok duit nagara
Disidang euweh tungtungna
Maok sendal tentara
Langsung dibui dipenjara

Gusti , na teu eling manusa ayeuna ?


Hukum geus jiga barang dagangan
Diobral ku anu boga duit

Nu salah jadi bener


Nu bener jadi salah

Naha , euweh deui pagawean ?


Nepi ka hukum bisa dibeli
Hakim bisa disuap
Jaksa bisa disogok

Gusti , hampura nagara kuring !


Geus teu ngaluhurkeun kaadilan
Geus teu inget dosa jeung naraka .

Anda mungkin juga menyukai