Anda di halaman 1dari 2

ULANGAN TENGAH SEMESTER II

SD NEGERI SUKAMANDI II
TAUN AJARAN 2009 / 2010

Pangajaran : Basa Sunda Nami :

Kelas : V (Lima) Peunteun Tawisan


Guru Sepuh murid
Dinten / Kaping : Rebo, 24 Maret 2010

Waktos : 09.30 – 11.00 Yati Handarajati, S.Pd.

I . Cakraan (X) aksara A, B, C atawa D dihareupeun jawaban anu bener !


1. Dina babagean surat nu ditulis pangluhurna nyaeta . . . .
A. tujulna surat B. titimangsa C. eusi surat D. bubuka surat

2. Kecap rundayan make pika + eun contona . . .


A. picontoeun B. pikeseleun C. pikalucueun D. pikantoreun

3. Abdi kamari teu kasakola da . . . tos tilu dinten.


A. udur B. gering C. teu walakaya D. teu damang

4. Dongeng fabel nyaeta dongeng nu nyaritakeun kahirupan . . . .


A. manusa B. bungbuahan C. tatangkalan D. sasatoan

5. Parafraseu sajak nyaeta ngarobah wangun sajak kana wangun . . . .


A. prosa/carita B. puisi C. lagu D. dongeng

6. Ucing maling paisan lauk. Ieu kalimah teh jejerna . . . .


A. ucing B. maling C. paisan D. lauk

7. Alat musik dina seni sunda biasana disebut . . . .


A. kendang B. goong C. waditra D. saron

8. Galur carita biasana disebut oge . . . .


A. plot B. watek C. karakter D. padalisan

9. Sonona, wassalam atawa baktos abdi dina bagean surat kaasup kana . . . .
A. salam pamuka C. bubuka
B. salam panutup D. tawisan

10. Ema keur nyeuseuh mukena.


Kalimah diluhur mun dirobah kana kalimah pasip jadi . . . .
A. Seuseuh heula mukena teh, Ma !
B. Ema teh keur nyeuseuh mukena ?
C. Mukena keur diseuseuh ku Ema.
D. Keur nyeuseuh mukena, Ema teh ?

11. Pamadegan dina basa Indonesiana nyaeta . . . .


A. kehendak B. kira-kira C. kemauan D. pendapat

12. Karangan anu eusina midangkeun hiji perkara anu ngagunakeun katerangan sacara detail disebut . . . .
A. argumentasi B. deskripsi C. narasi D. eksposisi

13. . . . mawa buku ge cumah, ari teu dibaca mah.


A. Lamun B. Sanajan C. Atawa D. Basa
14. Maut nyere kacongonakeun hartina . . . .
A. Sangsara kakolotnakeun
B. Sangsara tileleutik
C. Sangsara tibubudak
D. Sangsara saumur-umur

15. Paribasa peujit koreseun hartina . . . .


A. babari neunggeul C. babari ambek
B. babari ceurik D. babari lapar

II. Eusian titik – titik di handap ieu ku jawaban nu merenah !

16. Ulah bala teuing buruan teh ! Sapukeun ngarah . . . .


17. Uyah mah tara tees ka . . . .
18. Dina ngaran patukangan nu sok ngajaga pabeasan dinu kariaan/hajat disebut . . . .
19. Enggal tuang heula bilih kabujeng tiis, da abdi mah nembe tos . . . .
20. Cik pangnyandakeun buku basa sunda diluhur meja !
Kalimah diluhur kaasup kalimah . . . .
21. Neng Tuti mah keur geulis teh amis budi, hartina amis budi nyaeta . . . .
22. Bapa presiden ngaresmikeun pabrik gula.
Kalimah diluhur lamun dirobah kana kalimah pasip . . . .
23. Harti paribasa ceuli lentaheun nyaeta . . . .
24. Dongeng nu nyaritakeun kahirupan sasatoan disebut . . . .
25. Kecap rajekan dwipurwa contona . . . .
26. Ngaran kaulinan barudak diantarana . . . .
27. Alat musik dina seni sunda disebut . . . .
28. Si Adun mah ambekna sakulit bawang , hartina . . . .
29. Puisi disusun dina basa . . . .
30. Kecap menta make rarangken pang + keun jadi . . . .

III. Prak jawab luyu jeung parentahna !


31. Tulis tilu conto kecap rajekan trilingga !
32. Naon hartina paribasa “kudu tungkul ka jukut tanggah ka sadapan” ?
33. Jelaskeun naon bedana prosa jeung puisi !
34. Tulis sacara urut bagean – bagean dina surat !
35. Tuliskeun palanggeran (guru lagu jeung guru wilangan) dina pupuh mijil !

Anda mungkin juga menyukai