Anda di halaman 1dari 3

Astagfirullah robbal baraaya

Astagfirullah minal khaathaya

Aduh gusti abdi neda di hampura

Tina dosa-dosa abdi nu di haja

Sareng dosa-dosa abdi nu rumasa

Wungkul ka gusti abdi sumerah

Ukur mung ka gusti abdi seja pasrah…

Abdi sadayana makhluk teu berdaya

Tina sagala macem gogoda

Mayunan cocoba hante walakaya

Tanpa pertolongan nu maha kawasa

Jeung wungkul ka gusti nyuhunken di raksa…

Abdi atos maca tina ayat suci

Sadayana makhluk eta bakal mati

Nyawa bakal lepas tina diri abdi

Pisah raga badan sareng anak rabi

Pisah raga badan sareng kaluargi

Dimana saatna abdi rek sakarat

Abdi sien hese ngucapken sahadat

Rumasa sim abdi ka allah teu ta’at

Najan jeujeuritan hoyong menang rohmat

Sabab tos waktuna tutup lawang tobat

Dulur sarerea ikur nyengceurikan

Sabab poe eta bakal perpisahan


Anak istri salaki teu bisa nahan

Harta sareng banda oge kapangkatan

Dulur jeung baraya teu bisa nulungan

Abdi tos ngajepat cicing teu eungapan

Baju sareng perhiasan nuju dibukaan

Sebab raga badi bade dimandian

Tos dibersihan dibungkus ku kapan

Sadayana adeg bade nyarolatan

Abdi dipindahken teras di asupken

Kana kurung batang abdi di jepanken

Rurub kurung batang tuluy ditutupen

Tteras di garotong bade di anterken

Kagalian kubur nu tos di siapken…

Abdi di asupken kana pakuburan

Tuluy di golerken kana pakuburan

Abdi jeujeuritan taya nu nembalan

Kalah di padungan tersa di urugan

Bari di tincakan taneuh di padetan…

Palapah kamboja teras di tancepken

Di luhur kuburan abdi di pelaken

Batu nisan lebah sirah jeung tunjangeun

Cai di kucurken kembang di aurken

Abdi nu dikubur ukur ningalikeun…

Eungap sareng poek mimiti karasa

hoyong ningal curuk oge hante bisa


Kesang ngucur panasna luar biasa

Hareudang bayang- yang ku abdi karasa

Kaduhung hanjakal kakarak rumasa…

Di luhur ka kuping beres nu nalkinkeun

anu isina ka mayit eta mapagahan

Di akhiran do’a bari di aminan

Sadaya ninggalken abdi ngan sorangan

Dulur jeung baraya hanteu ngareujeungan…

Sabab waktu hirup loba ngieun dosa

Aumbang jeung beudegong kapada manusa

Ngucap ka aunan di anggap biasa

Laku lampah salah asa henteu dosa

Rumasa ibadah mindeung lalaora

Akhlak anu sae hanteu di piara

Teras teu daek nulungan jalmi nu sangsara

Kanu sahandapeun sok nyien pilala

Astagfirullah robbal baraaya

Astagfirullah minal khaathaya

Anda mungkin juga menyukai