Anda di halaman 1dari 3

1. Wangenan kalimah pagawean nu bener nya eta....

a. Kalimah nu Pangrandapna diwangun ku kecap/prasa pagawean


b. Kalimah nu Jejerna diwangun ku kecap/prasa pagawean
c. Kalimah nu kateranganna diwangun ku kecap/prasa pagawean
d. Kalimah nu Caritaanana diwangun ku kecap/prasa pagawean
2. Nu mangrupa conto kalimah pagawean nu bener nya eta....
a. Bapa Gani Camat di Cijeungjing
b. Domba lima di tukangeun imah Cucun
c. Kang Hasan keur kasep teh pinter deui.
d. Murid kelas IX-II keur maca majalah mangle di perpustakaan sakola.
3. Tengetan kalimah ieu di handap !
1) Imahna alus pisan di Cimareme
2) Surtini nuju nyiram kembang di kebon.
3) Bima ngangkat arjuna di alun-alun nagara.
4) Ceu Tati Wali kota di Bogor
5) Tatang Kosasih Lurah di Cimalaka
Nu mangrupa conto kalimah pagawean nya eta...
a. 1 jeung 2 b. 2 jeung 3 c. 3 jeung 4 d. 4 jeung 5
4. Sifa jeung jasmine bageur pisan disakolana teh. Ieu kalimah kaasup kalimah....
a. Barang b. Pagawean c. Sipat d. Bilangan
5. Kalimah nu caritaanana di wangun ku kecap/prasa sipat disebut kalimah.....
a. Barang b. Pagawean c. Sipat d. Bilangan
6. Wangenan kalimah bilangan nu bener nya eta....
a. Kalimah nu Jejerna diwangun ku kecap/prasa bilangan
b. Kalimah nu Kateranganna diwangun ku kecap/prasa bilangan
c. Kalimah nu Caritaanana diwangun ku kecap/prasa bilangan
d. Kalimah nu Pangrandapna diwangun ku kecap/prasa bilangan
7. Somantri siswa SMP Negeri 1 Banjar taun pangajaran 2020/2021. Ieu kalimah mangrupa
kalimah....
a. Barang b. Pagawean c. Sipat d. Bilangan
8. Kalimah nu caritaanana di wangun ku kecap/prasa barang disebut kalimah.....
a. Barang b. Pagawean c. Sipat d. Bilangan
9. Nu mangrupa conto kalimah barang nu bener nya eta...
a. Tina jeung Teni Putra Pak. H. Endin nu pangalitna
b. Juminten angkat ka kebon Raya Bogor
c. Kuda Poni lucu pisan nu di handapeun tangkal mahoni
d. Kalapa hejo opat manggar dina tangkal nu sisi jalan
10. Dumasar kana wangenanan kalimah sampurna nya eta....
a. Kalimah nu sakurang-kurangna di wangun ku hiji Jejer jeung hiji Caritaan bisa
ditambahan Pangrandap,Katerangan,atawa Henteu
b. Kalimah nu sakurang-kurangna di wangun ku hiji Jejer hiji Caritaan jeung hiji
pangrandap bisa ditambahan Katerangan,atawa Henteu.
c. Kalimah nu sakurang-kurangna di wangun ku hiji Jejer
d. Kalimah nu sakurang-kurangna di wangun ku hiji Caritaan
11. Contoh kalimah sampurna nu bener....
a. Tangkal mahoni jeung jati.
b. Isukan
c. Pun biang angkat ka Jakarta.
d. Adi jeung Lanceuk kuring disisi waduk Jati Luhur
12. Perhatikeun kalimah ieu di handap!
1) Gering parna.
2) Anak Japati
3) Kanta ngojay di walungan.
4) Ucing ngungudag beurit di tukangeun imah.
5) Di jalan junjunan nomer 32.
Nu mangrupa conto kalimah sampurna nu bener...
a. 1 jeung 2 b. 2 jeung 3 c. 3 jeung 4 d. 4 jeung 5
13. Kalimah anu jejerna (J) aya saheulaeun Caritaan (C) atawa nu Jejerna (J) di tuturkeun ku
Caritaan(C), mangrupa wangenan kalimah....
a. Teu sampurna c. Sampurna susun baku
b. Sampurna susun Balik d. Sampurna
14. Contoh kalimah sampurna susun baku nu bener nya eta....
a. Ngagalueh boneka panda ine di toko panjang
b. Junaedi nuju ngalereskeun kantongna di teras bumina
c. Di Tegal Haur Kacamatan Neglasari
d. Isukan Bada Solat Lohor.
15. Perhatikeun kalimah ieu di handap!
1) Di imahna Hoer keur nyieun Langlayangan.
2) Di Jalan Manggih duit manehna teh.
3) Manuk hiber ka luhureun suhunan imahna.
4) Diuk ngalamun.
Nu mangrupa kalimah sampurna susun baku nya eta....
a. 1 jeung 2 b. 2 jeung 3 c. 3 jeung 4 d. 4 jeung 5
16. Kalimah anu Caritaanana (C) aya saheulaeun Jejer (J) atawa nu Caritaanana (C) di
tuturkeun ku Jejer (J), mangrupa wangenan kalimah....
c. Teu sampurna c. Sampurna susun baku
d. Sampurna susun Balik d. Sampurna
17. Contoh kalimah susun balik nu bener nya eta...
a. Buku carita pondok
b. Ulin ka kebon binatang umar kamari minggu
c. Indungna ngala jantung cau di kebon tukangeun imahna
d. Ka sakolana Hasanah naek sapeda.
18. Wangenan kalimah teu sampurna nu bener nya eta....
a. Kalimah nu sakurang-kurangna di wangun ku hiji Jejer hiji Caritaan jeung hiji
pangrandap bisa ditambahan Katerangan,atawa Henteu.
b. Kalimah nu ngan saukur di wangun ku salah sahiji pungsi kalimah,bisa ku jejer
wungkul,bisa ku caritaan wungkul, atawa katerangan wungkul.
c. Kalimah anu Caritaanana (C) aya saheulaeun Jejer (J) atawa nu Caritaanana (C) di
tuturkeun ku Jejer (J)
d. Kalimah anu jejerna (J) aya saheulaeun Caritaan (C) atawa nu Jejerna (J) di tuturkeun
ku Caritaan(C)
19. Conto kalimah teu sampurna nya eta...
a. Meuli baju di toko jogja Aminah poe kamari.
b. Di bale Desa KarangMulyan
c. Juragan iming nuju ngamandoran nu di damel di balongna.
d. Iamhna nu ruksak keur di benerkeun ku Mang Empud.
20. Wangena kalimah replektif nu bener nya eta....
a. Kalimah nu jejerna kakeunaan pagawean
b. Kalimah nu kecap pagaweanana nuduhkeun silih bales atawa pabales bales.
c. Kalimah nu jejerna ngalakukeun pagawean.
d. Kalimah nu kecap pagaweanana keuna ka diri sorangan atawa keuna ka jejerna
keneh.

Anda mungkin juga menyukai