Anda di halaman 1dari 1

Sajak Sunda : Indung

Salapan bulan kuring dikandung


Brag ka alam dunya dipapag kadeudeuh
Kanyaah indung ka kuring
Moal kaukur sanajan saluas bumi

Taya pituah anu endah salain ti indung


Taya kadeudeuh iwal kadeudeuh indung
Du’a jeung pangharepanna
Satia maturan renghap nafas kuring

Indung, nu nganter kuring kana kadewasaan


Mapag harepan
Jasa jeung pangorbanan anjeun
Moal bisa diganti ku saeusi dunya
Ridha Allah aya dina ridha anjeun

Anda mungkin juga menyukai