Anda di halaman 1dari 3

assalamualaikum wr wb

anu di pi hormat :

 bapak kapolsek sodonghilir atau yang mewakili


 bapak danramil sodonghilir atau yang mewakili
 dosen pembimbing universitas islam negeri bandung atau yang mewakili
 almukarom bapak bapak tokoh masyrarkat, ajengan samudayana
 Rekan rekan perangkat desa ku simkuring di pihormat
 adik-adik mahasiswa uin anu ku simkuring di banggakeun
 samudayana warga cukangkawung anu sami hadir dina acara pelepasan kkn
uin bandung 2020 anu ku simkuring dipihormat

puji tetep milik alloh anu maha suci, anu ku kawasa sareng keresa na urang sami sami
di parengkeun hadir dina iyeu acara anu pamugi janten acara anu aya dina rido
anjeunna

solawat salam pamugi tetep terlimpah curah ka panutan urang sadayana, pribadi nu
janten conto kangge urang sadaya boh tingkah laku ucap rasa na, yakni kakasih urang
sadaya nabi besar muhammmad saw. Katut kulawargi, sohabat pamugi dugi ka urang
sadaya sareng di angken janten umat ku anjeuna

bapak ibu anu ku simkuring d pi hormat

dina raraga acara pelepasan kkn uin bandung

dina raraga pelepasan kkn uin bandung iyeu , simkuring atas nama pribadi, dan atas
nami pemerintah desa cukangkawung sareng jajaran na  seja sangem haturnuhun
sareng apresiasi nu sa tinggi tinggina :

nu kahiji, ka adik adik mahasiswa kelompok kkn uin bandung anu ageung alit
parantos ngabdikeun diri di masyarakat, boh ngiring ulubiung dina kegiatan ka
masyarakatan maupun pemerintahan,
kedua,  ageung panuhun ka pihak perguruan tinggi  anu parantos memilih
cukangkawung janten lokasi pengabdian mahasiswa na

katilu. Ageung panuhun ka samudayana warga cukangkawung, boh jajaran


pemerintahan na maupun warga na anu tos tiasa Kerjasama sareng kelompok kkn
masihan kesempatan ka kelompok kkn kanggo meraktekeun ka ilmuan nana di
masyarakat,

hadirin rohimakumulloh

saterasana simkuring seja ngadugikeun nyuhunkeun di hapunten na ka klompok kkn


bilih temah dina salami aya di cukangkawung kirang kenging sambutan anu wah,
ageung alit sakitu ka sangemna, sakitu ka tiasa na pamugi ageung maklum na

hadirin rohimakumulloh

terakhir simkuring seja nga doa, pamugi ageung berkah kngge urang sadaya ku
program iyeu, khusus kanggo adik adik kkn pamugi janten media ilmu anu manfaat
anu tiasa janten bekel hidup bermasyarakat jaga, umum kangge urang sadayana
pamugi sumbangsih bantosan kailmuan ti murangkalih kkn ageung nilai manfaat
saraeng berkah na,  

hadirin anu dipihormat

sakitu sambutan anu ku simkuring tiasa diguar, terakhir naon wae laku urang naon
wae tingkah ucap urang pmaugi aya dina jalan rido nu kawasa,

bral miang anaking, ulah pernah eureun diajar

Sakitu anu ka pihatur, hapunten tina sagala kakirangan na,

Billahi taufik wal hidayah, warrido wal inayah

Asaalamualaikum wrwb

Anda mungkin juga menyukai