Assalamualaikum Wr. Wb
Wilujeng Enjing Sadayana.
Ibu Guru nu dipihormat sareng sadaya rerencangan nu dipikacinta.
Langkung ti payun mangga urang sanggakeun puji sareng sukur ka Allah SWT nu parantos maparin
waktos ka urang sadayana dugi ka tiasa patepang dina ieu acara. Alhamdulillah urang tiasa kempel di ieu
tempat dina kaayaan sehat wal afiat.
Ibu Guru pangajàr Basa Sunda ànu dipikahormàt, sàreng rerencangàn sadaya anu dipikacintà.
Làngkung tipayun, mangga uràng sasarengan manjatkeun rasà syukur kà Allah SWT anu parantos
masihan ni’mat sàreng hidayahna ka urang sadaya tiasa kempel dinà kasempetan ieu. Teu hilàp, sholawat
sinareng salàm mugia salamina dilungsurkeun kà junjungan urang sadayà, Nabi Muhammad SAW, kà
para kulawargina, ka parà sohabatna, sareng kà urang sadaya salaku umatnà dugi ka akhir jamàn. Amiin
ya robbal ‘alàmin.
Para wargi anu ku simkuring dipihormat. Dina ieu waktos, abdi bade ngadugikeun kumaha
pentingna hirup sehat kanggo urang sadayana. Urang sadaya kedah atawa wajib ngajaga lingkungan
sareng awak sorangan sangkan dijauhkeun tina sagala panyakit. Ku margi kitu, urang kedah
ngalaksanakeun hirup sadidinten ku cara anu sehat. Meresihan awak atawa ibak, meresihan kuku, nyikat
waos anu rutin, eta conto hirup anu sehat. Conto sanesna, miceun runtah kana tempatna, batuk atawa
beresin kudu nutupan baham.
Saupami sadidinten urang ngajaga kaberesihan awak urang bakal beresih atanapi suci tina sagala kokotor.
Bersih teh hartosna bersih-sucina diri urang sareng lingkungan di sabudeureun urang. Urang kedah
mikacinta kana kabersihan sangkan hate urang ge suci sareng bersih.
Hadirin. Cekap sakitu nu kapihatur, pamungkas ti abdi, bilih aya basa anu kirang entep seureuhna
atanapi kecap anu kirang merenanah larapna, mugi kersa ngahapunten.
Hatur nuhun kana perhatosanana.
Wassalamualaikum wr.wb
Tema Pidato : Wajib belajar pendidikan Dasar
Assalamualaikum Wr. Wb
Wilujeng Enjing Sadayana.
Ibu Guru nu dipihormat sareng sadaya rerencangan nu dipikacinta.
Langkung ti payun mangga urang sanggakeun puji sareng sukur ka Allah SWT nu parantos maparin
waktos ka urang sadayana dugi ka tiasa patepang dina ieu acara. Alhamdulillah urang tiasa kempel di ieu
tempat dina kaayaan sehat wal afiat
Ibu Guru pangajàr Basa Sunda ànu dipikahormàt, sàreng rerencangàn sadaya anu dipikacintà.
Làngkung tipayun, mangga uràng sasarengan manjatkeun rasà syukur kà Allah SWT anu parantos
masihan ni’mat sàreng hidayahna ka uràng sadaya tiasa kempel dinà kasempetan ieu. Teu hilàp, sholawat
sinareng salàm mugia salamina dilungsurkeun kà junjungan urang sadayà, Nabi Muhammad SAW, kà
para kulawargina, ka parà sohabatna, sareng kà urang sadaya salaku umatnà dugi ka akhir jamàn. Amiin
ya robbal ‘alàmin.
Dina kasempetàn ieu, sim kuring bàde ngadugikeun biantarà singget ngeunaàn “Wajib Belajar
Pendidikàn Dasar“.
Sàpertos anu ku uràng sadayana kauninga, Pamarentah Indonesià parantos ngagratiskeun biayà
pendidikan dasar salapàn taun, nyaeta ti tingkàt SD dugi ka SMP. Hàl ieu teh dikàsangtukangan ku
kaayaàn ekonomi unggal jàlmi masarakat Indonesia ànu benten-benten. Ayà masarakat ànu mampu, aya
oge màsarakat anu kirang màmpu. Masarakat ànu mampu mah tos tangtos bakal tiasa sakola kumargi
kagungan biaya. Namung, seueur pisan masarakàt Indonesia anu kiràng mampu, anu teu tiasà sakola
kumargi teu aya biayanà. Pamarentàh hoyong sadaya masarakàt Indonesia tiasa ngengingkeun pendidikàn
anu layàk, boh anu màmpu boh anu kiràng mampu.
janten tujuàn wirehna Pamarentàh ngawàjibkeun ka sadayà warga nagarà teh nyaetà supados
sadaya wargà nagara pàlinter. Bangsà bakal sejahterà upami masarakatnà palinter. Upami masarakàt
Indonesia bàrodo, bangsa Indonesia moàl tiasa ngudàg kana kamajengan nagarà sanesna sareng bakàl
kalindes ku kamajengan jaman.
Ku ayana program wajàr dikdas salapàn taun, dipiharep masarakàt Indonesia tiasà langkung
majeng, utaminà dina widang pendidikàn. Ieu progràm pamarentah moàl tiasa kalaksanàkeun upami teu
ayà pangrojong ti sadayà lapisan masarakàt, ti kawit pejabàt dugi ka sadayà rahayat Indonesià. Ku kituna,
urang sadayàna kedah ngarojong kana progràm ieu supados kenging hasil ànu nyugemàkeun. Sakitu ànu
tiasa didugikeun ku sim kuring. Hàpunten bilih ayà kalepatan sàreng cariosan nu kirang merenàh kana
manàh. Hatur nuhun kàna sadaya perhàtosannana.