Anda di halaman 1dari 5

SMP SANTA LUSIA BEKASI

Jalan Kemuning V, Bojong Menteng, Rawalumbu, Bekasi


TERAKREDITASI A (UNGGUL)
Telepon : 021-82603785 Email : smp.santalusia.bekasi@gmail.com

Naskah Soal Penilaian Tengah Semester (PTS)

Mata Pelajaran : Bahasa Sunda


Kelas/Semester : IX/I (Ganjil)
Waktu Pelaksanaan : Senin, 26 September 2022
Alokasi Waktu : 09.15 – 10.45
Tahun Pelajaran : 2022/2023

I. Pilih salasahiji jawaban nu dianggap bener dina pertanyaan dihandap ieu !

1. Wilujeng Enjing Sadayana? Bapa/Ibu Guru anu ku sim abdi dipihormat, sareng sadaya
rerencangan anu kusim abdi dipikanyaah, khususna siswa kelas 9 nu dipikacinta.
para hadirin anu ku simkuring dipihormat. Dina ieu waktos, abdi bade ngadugikeun
kumaha pentingna hirup sehat kanggo urang sadayana. Urang sadaya kedah atawa wajib
ngajaga lingkungan sareng awak sorangan sangkan dijauhkeun tina sagala panyakit.

Ku margi kitu, urang kedah ngalaksanakeun hirup sehat sadidinten ku cara anu sehat oge.
Sapertos meresihan awak atawa ibak, meresihan kuku, nyikat waos anu rutin, nah eta
mangrupakan conto hirup anu sehat anu sederhana.

Conto sanesna dei, lamun dilingkungan sakola nyaeta urang kedah miceun sampah kana
tempatna, nyiduh ulah di mana wae, batuk atawa beresin kudu nutupan baham, sareng
ngalaksanakeun kawajiban piket di sakola.

Amanat dina penggalan teks biantara di luhur nyaeta …


A. Urang kudu ngajaga kabersihan
B. Pentingna hirup sehat kanggo urang sadaya ku cara ngajaga kabersihan lingkungan
sareng awak sorangan
C. Hirup bersih jauh tina panyakit
D. Hirup anu sehat
2. Langkung tipayun hayu urang panjatkeun puji sinareng rasa syukur ka Allah SWT nu
Maha Kawasa. Kulantarkan nikmat sareng hidayah-Na, urang tiasa patepang raray sareng
kempel di dieu di acara ieu.

Ibu/Bapak guru anu dipikahormat ku simkuring, sareng rerencangan anu dipikacinta ku


simkuring, dina kasempatan ieu kuring hoyong ngadugikeun biantara. Anu judulna
“Penyalahgunaan Narkotika Di Kalangan Remaja”.

Dina dunia medis hartina narkotika teh nyaeta obat bius atau obat penenang, anu
dipasihkeun ka para pasien anu bade dioperasi. Narkotika ieu tah mangrupa zat adiktif
anu ngabahayakeun pisan kana nyawa urang sadaya, lamun dipake teu bener. Misalna teu
sesuai jeung resep atau anjuran ti dokter. Jaba narkotika teh bisa nyebabkeun kacanduan.

Lain eta wae, akibat penyalahgunaan narkotika atawa narkoba ieu teh nyaeta bisa
nyebabkeun karusakan saraf motorik urang dina otak. Anu leuwih parahna deui narkoba
bisa nyebabkeun kageloan, jeung kematian. Nyawa urang teh bisa ngalayang mun urang
konsumsi narkoba sangeunahna.

Hidep analisis eusi biantara diluhur naon akibatna tina penyalahgunaan narkoba teh ….
A. Hirup jadi tentrem
B. Awak jadi sehat
C. Bisa nyebabkeun karusakan saraf motorik urang dina otak
D. Nambah nafsu makan
3. Dina basa Indonesia kecap “Mios” artina ….
a. kemari
b. kemana
c. datang
d. berangkat
4. Kagiatan nyarita di hareupeun balarea dina raraga nepikeun informasi atawa hal-hal nu
kaitung dipikanyaho ku batur disebutna ….
a. wawaran
b. deklamasi
c. biantara
d. dramatisasi
5. Jalma anu ngajejeran acara teh disebutna ….
a. pangjejer acara
b. panata kembang
c. panata foto
d. panata panggung
6. Wilujeung enjing
Manga urang sami-sami panjatkeun puji sareng syukur, nu di mana dina kasempatan ieu
urang sadayan atos dipasihan kasempatan kempel sareng dina kaayaan sehat walafiat.

Hadirin sadaya anu dipikahormat ku simkuring, henteu karaos nya tos 3 taun geningan
urang aya didie. Anu disebatkeun nuju menuntut ilmu. Ayena saleresna urang sadaya teh
bakal papisah, ti sakola ieu. Mugia naon anu diajarkeun ku Bapak sareng Ibu guru teh,
tiasa dimanfaatkeun ku urang sadaya kanu hal anu positif sareng aya manfaatna.

Judul biantara di luhur nyaeta ….


A. Perpisahan sakola
B. Kebersihan lingkungan
C. Hari kamerdekaan
D. Hari pahlawan
7. Husus dinten ieu saparantosna acara di buka ku bapa sakola, anu di tandaan na nakol
goong sareng ngaleupaskeun balon, bakal diteraskeun ku parade atanapi pawey ti unggal
ekstrakulikuler. Eta parade bakal dipingpin ku tim Marching band, di tuturkeun ku
anggota Pasukan paskibra, teras PMR, pramuka, eskul, Kasenian, olahraga, KIR(Karya
ilmiah Remaja), sarta ditutup ku anggota patroli keamanan sakola (PKS).

Eta di luhur teh sempalan biantara bagian ….


a. bubuka
b. caritaan
c. eusi
d. panutup
8. Pakakas pangseukeutna keur ngawariskeun budaya, nyaeta ….
a. Kaulnan jeung kabiasaan
b. Pangajaran jeung sakola
c. Teknologi jeung tradisi
d. Basa jeung sastra
9. Bilih aya kacaletot basa salami biantara, hapunten ka sadayana.
Ungkara di luhur teh biasana diomongkeun dina biantara minangka bagian ….
a. bubuka
b. panutup
c. do’a
d. eusi
10. Sateuacana, hayu urang panjatkeu puji sareng syukur ka Gusti Allah SWT. Anu tos
maparinkeun rahmat-Na ka urang sadaya, dugi urang tiasa kempel di acara dinten ieu.

Hadirin anu dipikahormat ku simkuring, Bapak Kapala Sakola, Bapak/Ibu guru anu
dipikahormat, sareng rerencangan simkuring anu dipikacinta. Dinten ieu alhamdulilah
urang tiasa kempel sareng patepang raray dina urutan meriahkeun hari kamerdekaan
Indonesia.
Urang periyogi ka uninga, yen di zaman baheula teh seueur pisan pangorbanan para
pejuang dina ngabelaan kamerdekaan nagara Indonesia. Matak ku kituna, urang salaku
warga nagara Indonesia generasi penerus bangsa, sareng kedah neruskeun perjuangan
para pahlawan urang. Carana nyaeta diajar sing giat jeung ngawujudkeun cita-cita urang
pikeun ngajadikeun kahirupan bangsa Indonesia.

Tepi sabenerna, seuer keneh hal-hal anu tiasa dilakukeun ku urang sadaya sebagei
generasi muda dina rangka ngeusian kamerdekaan Indonesia. Contona ngajauhkeun diri
urang tina pangaruh narkoba, jauhkeun diri urang tina pergaulan bebas, tawuran anu
ngabahayakeun nyawa, jeung sajabana anu mawa pangaruh buruk jang diri urang.

Hayu urang sami-sami ngalakukeun hal positive atau aya mangpaatna jang diri urang,
misalna nyieun prestasi di sakola, seueur maca buku nu berguna, diajar sing bener di
sakola, jeung sajabana.

Kesimpulan tina eusi biantara di luhur nyaeta ….


A. Di zaman baheula teh seueur pisan pangorbanan para pejuang dina ngabelaan
kamerdekaan nagara Indonesia
B. Ngajauhkeun diri urang tina pangaruh narkoba, jauhkeun diri urang tina pergaulan
bebas, tawuran anu ngabahayakeun nyawa, jeung sajabana anu mawa pangaruh buruk
jang diri urang.
C. Urang salaku warga nagara Indonesia generasi penerus bangsa, sareng kedah
neruskeun perjuangan para pahlawan urang. Carana nyaeta diajar sing giat jeung
ngawujudkeun cita-cita urang pikeun ngajadikeun kahirupan bangsa Indonesia. urang
sami-sami ngalakukeun hal positive atau aya mangpaatna jang diri urang, misalna
nyieun prestasi di sakola, seueur maca buku nu berguna, diajar sing bener di sakola,
jeung sajabana
D. Alhamdulilah urang tiasa kempel sareng patepang raray dina urutan meriahkeun hari
kamerdekaan Indonesia
11. Gambar dihandap disebut suhunan imah ….

a. jolopong
b. tagog anjing
c. julang ngapak
d. badak heuay
12. Gambar dihandap disebut suhunan imah ….

a. parahu kumereb
b. jolopong
c. tagog anjing
d. badak heuay
13. Gambar dihandap mana nu nyirikeun bentuk imah kampung urug ….
a.

b.
c.

d.
14. Dikampung urug masih aya keneh leuit. Harti leuit nyaeta …
a. Adegan basajan
b. Tempat nendeun pare
c. Tempat sarena santri
d. Tempat ibadah
15. Aya sabaraha rupa suhunan ditatar sunda ….
a. 8 rupa
b. 4 rupa
c. 6 rupa
d. 5 rupa
16. Gambar dihandap disebut suhunan imah ….

a. badak heuay
b. tagog anjing
c. parahu kumereb
d. jolopong
17. Karangan anu eusina ngadadarkeun atawa ngebrehkeun kagiatan indera (panempoan,
panguping, panyabak jeung pangambeu) minangka hasil pangalamanna disebut ….
a. teks dadaran (deskripsi)
b. wawaran
c. biantara
d. warta
18. Kampung tradisional anu masih keneneh nyekel tali paranti karuhunna tur
ngalaksanakeun upacara-upacara karuhunna disebut ….
a. kampung
b. kampung adat
c. kampung cipta gelar
d. adat istiadat
19. Kalimah anu eusina ngawawarkeun atawa mere beja ka batur, anu di pihareup meunang
respon nu mang rupa perhatian ….
a. deklamasi
b. biantara
c. dramatisasi
d. wawaran
20. Tangetan kalimah pananya dihandap ieu !
“kumaha ari nyieun kembang tina sedotan?”

Ditilik tina kalimah pananya nurutkeun anu ditanykeun, kaasup kana kalimah ….
a. Kalimah pananya identitas/ golongan
b. Kalimah pananya cara
c. kalimah pananya kaayaan
d. kalimah pananya pagawean

II. Menjodohkan
Répokkeun bagéan A jeung jawaban anu cocog dina bagéan B

A. SOAL B. PILIHAN JAWABAN


21. Jumlah Ragam basa dina tatakrama a. Pidato
basa Sunda …...b. Ekspresi
22. Tehnik Biantara anu nyatetkeun hal-hal penting c. 3 (tilu)
atawa guratan badag …...d. Impromptu
23. Persamaan kecap Biantara dina Bahasa e. Rapat
Indonesia …... f. 2 (dua)
24. Arti kecap paramon/pasemon .…..g. Gesture tubuh
h. Bogor
25. Struktur biantara ngawengku sabaraha …... i. 3 bagian
j. 8 (dalapan)
k. Urug
l. Tasikmalaya
m. Ekstemporan
n. Baduy
26. Gambar digigir imah o. 9 (salapan)
kampung adat …... p. Ciptagelar
q. Banten
27. Kampung Adat Baduy ayana di ……

28. Gambar digigir imah


kampung adat .…..
29. Jumlah kampung adat ditataran sunda ……
30. Kampung naga aya di daerah …...

III. Uraian
Jawab sing jentre pertanyaan dihandap ieu !

31. Tuliskeun teks biantara sunda bagian panutup !


32. Jieun 4 conto kalimah pananya!
33. Jelaskeun tehnik-tehnik dina biantara !
34. Sebutkeun 5 suhunan imah di kampung adat Sunda!
35. Jelaskeun naon anu di maksud kampung adat sunda!

Anda mungkin juga menyukai