Anda di halaman 1dari 7

BAB 2

NARATOR

DI PENJARA. BELA JEUNG BELU GEUS BOSEN JADI JALMA JUJUR. KEUR

NGADÉNGÉKEUN RADIO PIDATO MISTER MONYONG.

MR. MON

Tong salempang

Tong hariwang

Gempur jalma jujur! Gempur jalma jujur!

Yeuh, sakabéh rahayat Sétra Ganda Duit, ayeuna zaman globalisasi

Ketidak jujuran!

Lamun jujur moal mujur!

BELA

Ngaran urang disebut!

BELU

Urang jadi conto!

BELA

Asa geus bosen jujur!

BELU

Kumaha lamun urang nyamur!

BELA

Nyamur? Nyamur kumahaki Dulur?

BELU

Nyamur jadi jalma teu jujur. Urang kabur!


BELA

Carana?

BELU

Kupeuyeum!

BELA

Kupeuyeum? (SEURI) Tong sok heureuy, piraku kabur kupeuyeum

BELU

Tah, deuleu atuh!

(KA TÉMBOK IMAJINASI)

BELA

Témbok? Terus?

BELU

Kieu-kieu ogé pernah diajar réaksi kimia! Témbok panjara teh pan geus lila.

Lamun kapur dicampur kupeuyeum anu ngandung ragi, lila-lila bereaksi jadi

panas, dijamin gampang dijebol!

BELA

Enya, kitu?

BELU

Urang coba!

BELA

Kumahacarana, kumaha bisa meunang peuyeum samantara urang dipanjara?


BELU

(MIKIR) Oh enya, apan urang boga keneh dulur, Si Masitoh!

BELA

Si Masitoh, lain geuspaéh dikulub?

BELU

Huss, éta mah Masitoh dongéng Piraon. Ieu mah Masitoh anakna Bibi Urang,

Nini Bulugading! Kabeneran pembantu di Bapa Kumis nu sok ngontrol

kapanjara, sok dibaturanku Masitoh. Bébéjabaéka Si Sipir!

BELA

Pinter, Ki Dulur. Tapi soal nyieun surat mah bagian kuring

BELU

(NÉANGAN KERTAS) Nulis surat darurat. Tah, geuning, aya! Sok tulis kadinya!

Kuring dikté!

BELA

Kitunya, sokatuh. Naon? (NULIS)

BELU

Dibujeng énggalna baé kuring Bela-belu nyeratan ka panguasa Bapa Kumis,

hoyong di kintun peuyeum.

BELA

Dijamin hasil?

BELU

Ngaran na ogé usaha, Lur. Ngadoabaé, da Sang Manon mah pasti apalka urang.
BELA

Enya, nya (MANGGIL) Sipir, arurang rék aya béja. (NGALUNGKEUN BAJU)

(DATANG SIPIR DITOPI BEURIT, TEU LOBA CATUR, NYOKOT BAJU, NARIMA

SURAT)

BELU

Titip surat jang Bapa Kumis! (SIPIR UNGGEUK TERUS INDIT).

BAB 4
NARATOR

DI PANJARA. BELA-BELU KEUR NUNGGUAN WAKTU.

BELU

Geus saminggu urang nunggu.Urang itung, hiji-dua-tilu.... (TÉMBOK IMAJINASI DIJEBOL-NGOMONG

TEU NYOARA)

BELA

(NGOMONG TEU NYOARA) Gorowong...!

BELU

(NGOMONG TEU NYOARA) Hayu urang kabur!

BELA

(TANPA SORA) Hayu kabur, belegug! (DUANANA KALABUR)

(DATANG SIPIR)

SIPIR

(NGAGOROWOK) Jalma jujur kabuuur! Jalma jujur kabuuur!,Gara-gara peuyeuuum! Alah ,

aingkumaha? Aing pasti pangsiun! , aing bakal jadi musapir!

LAMPU BALEKOT
BAB 7
NARATOR

DI PANYUMPUTAN. BELA-BELU GEUS JARANGGOTAN. NGULIAT HUDANG.

BELA

Geus beurang, hayu urang miang, néangan cara nyamur téa! (SEURI)

BELU

Naha manéh seuri?

BELA

Teu kudu néangan cara, maneh geus alus diriasna, siga emba jambrong. (NGARAMPA JANGGOT)

Geuning manéh oge? (SEURI BELA NGARAMPA JANGGOT TERUS SEURI)

BELA

Jadi moal aya nu apaleun!

BELU

Anéhnya kakara kamari urang kaguha ieu, terus saré, terus hudang terus janggotan!

BELA

Terus lapar, terus tah geuning aya duit kencring!

BELU

Buru beulikeun, bisa jang meuli sangu bungkus!

BELA

Heug, Ki Dulur tungguan di dieu, tong kamana mana! (INDIT)

BELU

Kahadé, bisiaya mata-mata Bapa Kumis!


BELA

Enya, tong sarédeui, (BELA INDIT)

BELU

Anéh, aya kuanéh guha nanahaon, maké bisa ngarobah kuring jadi janggotan dina sapeuting, Euh

kumaha nasib Si Masitoh, geus pasti geuspaéh. Hampura toh Manéh ngajasaan ngiriman peuyeum

terus kami bisa kabur (SUP BELA. HARUHAH-HARÉHOH) Naha geus balik deul? (ATOH) Réknaon lila-

lila ari zaman geus rubah mah!

BELU

Zaman rubah kumaha?

BELA

Kieu, Ki Dulur, barang kuring ka pasar, rékmeuli jeung sangu bungkus. Ari péknu dagang kagét,
melong bari hookkeun, terus nanya kieu pokna téh: Ari aki teu salah, ieu mah duit zaman Setra
Ganda Duit, zaman kamari lain ayeuna! Baheula mah Mister Mon jeung Bapa Pangkat berkuasa!

BELU

Terus?

BELA

Terus, “Ayeuna mah zaman Bapa adil jeung ibu adil!” Kitu!

BELU

Terus?

BELA

Tétéla geus ganti zaman. Terus panggih jeung Masitoh!

BELU

Masitoh, jurignameureun. Pan pastina ogé geus paéh!


BELA

Teu, teu paéh, salamet. Cik saha anu datang. (NGAGEROAN) Kadieu, Nyi! (MASITOH ANU GEUS

DANGDAN) Masitoh ayeuna diangkat jadi Kepala Kaadilan Kaum Awéwéatawa K3A!

BELU

Itoh, Masitoh, bener zaman geusrobah?

Anda mungkin juga menyukai