Anda di halaman 1dari 3

SI UJANG JADI PRABU

Babak 1
(Sang Prabu, Prameswari, para putri, ponggawa jeung Paman Lengser arasup ka
panggung). Sang Prabu katenjo henteu berag. Gek diuk, tuluy hulang-huleng bangun keur
boga kabingung.

Gusti Prabu: “Keur baluweng kalua teh, Paman Lengser. Bingung ku rupa-rupa pasualan.”
Paman Lengser : “Pasualan naon tea Gusti Prabu?”
Gusti Prabu: “Baluweng ku dua perkara kaula teh, Paman. Anu kahiji, rahayat urang tehkeur
tingkoceak. Saban waktu keuna ku rupa-rupa musibah: banjir, lini, runtah, panyakit.Anu
kadua, anak kaula, Si Enden, apan teu waras pipikiranana bari teu cageur-cageur diubaran
kamana-mana oge. (Ngahuleng heula) Cing sugan Paman Lengser bisa mere bongbolongan!
Kudu ditumbalan kunaon nagara urang jeung putri kaula teh?”
Paman Lengser : (Ngahuleng) “Puguh sami Gusti Prabu. Kaula oge keur hariwang ayeunateh.”
Gusti Prabu : “Naha hariwang kunaon ari Paman?”
Paman Lengser : “Eu...eu...eta pun alo, Nyi Esih, kamari teh ngalahirkeun, Gusti Prabu. Ari
pek orokna teh bedegul, tiasa kokorondangan, jaba tos tiasaeun cacarita.”
Gusti Prabu: “Ih,orok ajaib atuh eta mah. Terus naon nu matak jadi pikahariwang Paman?”
Paman Lengser : “Numawi, Gusti Prabu, eta orok teh rampas pisan sagala dituang.”
Gusti Prabu: “Alus, Paman, hartina eta orok teh sehat.”
Paman Lengser : “Sanes kitu, Gusti Prabu, anu dituangna teh sanes kadaharan
wungkul.Pepelakan diburuan, anak hayam, malah ka lamak bubututan oge sok dituang ku
orok teh.”
Gusti Prabu: (Seuri ngagakgak) “Ha ha ha... Turunan jurig sugan, Paman! Nya alus aridaek
ngadaharan lamak bubututan mah, da harga beas keur mahal apan ayeuna teh.”
Paman Lengser : “Tapi aya ahengna deuih eta orok teh, Gusti Prabu, tiasaeun ningali naon-
naon anu ku urang henteu katingal.”
Gusti Prabu : “Alus, bisa jadi paranormal ke Paman. Nya keun heula sual orok mah.
Ditanyanaon tadi Paman ku kaula teh?”
Paman Lengser : “Eu...eu...eta Gusti Prabu. Kudu ditumbalan kunaon nagara urang
sarengEnden Putri teh?”
Gusti Prabu :”Hmmm... enya. Cing kudu kumaha sangkan nagara urang subur
ma’mur,rahayatna henteu cingkoceak, jeung putri kaula bisa cageur?”
Prameswari: (Nyembah) “Hapunten Kakang Prabu. Unjuk uninga, tadi wengi abdingimpen
aheng kacida.”
Gusti Prabu: “Tah...tah! Ngimpen naon Nyimas? Bojo Kakang anu lucu anu geulis.”
Prameswari: (Gulak-gilek semu gumeulis) “Ih, Kakang Prabu mah! Abdi janten geer,
asangapung ih! Kieu impenan teh Kakang Prabu. Abdi ujug kasumpingan ku hiji Resi. Pok
etaResi teh sasauran. “Nagara anjeun bakal subur ma’mur, putri andika bakal cageur,
lamunditumbal ku Tujuh Mustika!”
Sarerea: (Reuwas) “Tujuh Mustika?”
Gusti Prabu: “Dimana ayana Tujuh Mustika teh cenah Nyimas? Naha dibumi, naha
dilaut,atawa dilangit?”
Prameswari: “Aya di nagara urang saurna Gusti Prabu. Kantun urangna nu kedah pinter
milarianana.”
Gusti Prabu: “Sanggup Paman Lengser neanganana?”
Paman Lengser : “Beuhh... ampun, Gusti Prabu! Bujeng-bujeng kedah milari. Kana
rupanaoge kaula mah teu terang.”
Gusti Prabu: “Ke...ke... kudu kusaha cenah Nyimas diteanganana eta Tujuh Mustika teh?”
Prameswari: “Sang Resi henteu nyebatkeun kedah kusaha-sahana, Gusti Prabu, daanjeunna
kabujeng ngiles deui, rupina tiasa kusaha bae.”
Paman Lengser : “Kumaha upani ku putra Gusti Prabu bae, ku Raden Aria?”
Gusti Prabu: “Tah enya, alus ide teh, Paman! Ngarah engke Si Agus jadi kasohor nya?Tangtu
bakal diliput ku wartawan televisi. “Tujuh Mustika geus kapanggih ku Putra Raja tiKarajaan
Manoko.” Cass heula ah, Paman! Cik urang geroan Si Agusna. Agus! Agus!Kadieu!”
Prameswari: “Ih, Kakang Prabu mah. Piraku nyaurna ka Putra Raja meni kitu? Raden!Raden
Aria Lingga Kancana, kituh!”
Gusti Prabu: “Enya,apan sok di Agus-Agus ku urang teh lin? Agus! Sagus! Sagus!Kadieu...!”

(Torojol Raden Aria nyampeurkeun. Ogo, lunggak-linggek pakeanana saragam SD).

Raden Aria: “(Ngomongna ogo). Aya naon Pap? Agus bade kasakola kalah disauran.Bade
naon sih?”
Gusti Prabu: “Naha wanci kieu tos bade kasakola. Apan enjing keneh?”
Raden Aria: “Ih Papap mah,apan ayeuna teh dinten Senen, Pap. Kedah upacara,
pamikasiangan sok disetrap ku guru ih. Boring...boring... deh Pap!”
Gusti Prabu: “Kieu Agus, nagara urang teh ayeuna keur dirungkup ku rupa-rupa
musibah.Ceuk impian, cenah kudu ditumbal ku Tujuh Mustika.”
Raden Aria: “Naon Pap mustika teh? Kaulinan? Ih, Agus mah tara maen mustika.
Pamimaenbal osok, apan kamari cenah Papap bade pangmeserkeun sapatu maenbal. Mana?
Ih, boong... booooooong deh Papap mah!”
Gusti Prabu: “Yeuh dengekeun gera! Nagara urang teh kudu ditumbal. Agus sanggupneangan
Tujuh Mustika?”
Raden Aria: (Bari ngahormat) “Siap, Pap!”Gusti Prabu: “Tah kitu putra Papap mah!”
Raden Aria: “Kamana milarina Pap? Ka Kanoman, ka Grage, ka CSB, atawa ka CIMOL?Ke Agus
bari meser sapatu maenbal nya Pap?”
Gusti Prabu: “Ah,dasar budak oon maneh mah. (Gogodeg, tuluy ngageroan PamanLengser)
Paman Lengser! Kieu bae atuh. Paman kudu ngumpulkeun jalma-jalma sakri anusanggupeun
neangan Tujuh Mustika!”
Paman Lengser : “Teu pindo damel Gusti Prabu?”(Sang Prabu jeung para pangiringna kaluar
ti panggung.)

Anda mungkin juga menyukai