Anda di halaman 1dari 9

BANK SOAL

Sekolah : SMPN 1 CULAMEGA


Mata Pelajaran : Bahasa Sunda
Tahun : 2020/2021
Kelas : VII

PAGUNEMAN
Paguneman 1

Sétra : “Assalamualaikum, kumaha damang Bapa?”


Pa Permana: “Waalaikumsalam, éh geuning Setra, alhamdulillah cageur Jang,
kumaha sawangsulna?”
Sétra: “Alhamdulillah, aya hibar pangdunga ti sadayana.”
Pa Permana: “Nya sukur atuh ari papada waluya mah. Di mana ayeuna sakola téh?”
Sétra: “Kaleresan abdi katampi di SMP Mundinglaya.”
Pa Permana: “Euleuh milu bungah atuh bapa téh ari hidep katampa di sakola favorit
mah.”
Sétra: “Muhun alhamdulillah.”
Pa Permana: “Terus ayeuna aya naon geuning tara-tara ulin ka dieu?”
Sétra: “Utamina mah tos sono hoyong pendak sareng guru-guru, kalih ti éta badé
naroskeun NISN manawi aya arsipna di sakola.”
Pa Permana: “Oh nya sok atuh tepungan Pa Ahmad, da anjeunna anu ngalereskeunana.
Wayahna Bapa teu bisa terus maturan ngawangkong da kudu ka kelas.
Sok didungakeun sing pinter sarta sing lancar sakolana. Aamiin.
Sétra: “Sumuhun mangga, hatur nuhun kana pidua’ Bapa, permios.
Assalamualaikum.”
Pa Permana: “Waalaikumsalam warohmatullohi wabarokatuh.”

Paguneman 2
Malati: “ Rum, Arum hayu urang ka sakola!”
Arum: “Nya ké tungguan sakeudeung keur sasarap heula.”
Malati: “Nya sok ditungguan dina téras nya.”
Arum: “di dieu baé atuh nungguanana méh sakalian sasarap.”
Malati: “Ah moal sok baé sing jongjong, kabeneran bieu téh Ati gé sasarap heula.”
Arum: “Leuh hampura nya Ti, jadi kudu ngalelengkur nungguan.”
Malati: “Ah teu nanaon da masih kénéh aya waktu, karék gé satengah tujuh moal
kabeurangan ieuh.”
Arum: “Enya ngan angger wé Arum asa boga dosa, nya disampeur nya kudu nungguan, ari
teu sasarap heula sieun salatri atuh da.”
Malati: “Puguh baréréaé penting sasarap mah, apan kamari basa pangajaran olah raga Pa
Asep nerangkeun kumaha pentingna sasarap pikeun kaséhatan. Lain ngan rada anéh
Ati mah naha poé ieu Arum nepi ka kabeurangan sasarap, apan biasana ogé sok
tanginas ari Ati nyampeur téh sok tos saged?”
Arum: “Puguh Si Ade panas peuting téh nepi ka sasar baé, jadi saréréa mondok téh geus
peuting pisan, malah Mbu jeung Apa mah bada netepan subuh angkat ka rumah
sakit nyandak Si Ade.”
Malati: “Euleuh baruk kitu? Hampura atuh nya da Ati teu apal. Mudah-mudahan baé Si Ade
teu nanaon jeung teu kudu dirawat di rumah sakit.”
Arum: “Enya pidua’na baé, ieu gé mani asa teu paruguh pipikiran.”
Malati: “Nya pasti kangaranan adi gering, tapi sing sabar wé nya. Hayu rada gancangan
leumpangna bisi elat!”
Arum: “Enya hayu!”

Jawab pananya di handap ieu sarta pigawé paréntahna!


1. Naon anu jadi jejer dina paguneman 1 téh? 10
Jawab: Silaturahmi jeung guru SD sakalian nanya arsip NISN
2. Kunaon Pa Permana teu bisa terus ngawangkong jeung Setra? 10
Jawab: Kusabab kudu asup ka kelas
3. Saha anu keur nungguan sasarap téh? 10
Jawab: Malati
4. Ragam basa naon anu digunakeun dina paguneman ka 1 téh? 10
Jawab: Ragam basa hormat
5. Lamun seug dititénan pokpokanana, hubungan dua jalma anu maguneman dina
paguneman ka 1 téh salaku naon? 10
Jawab: Guru jeung alumni murid SD di sakola
6. Naon maksud Setra datang ka sakola SD-na téh? 10
Jawab: Tos sono hoyong pendak sareng guru-guru sakantenan bade naroskeun arsip
NISN
7. Naon sababna dina paguneman 1 jeung paguneman 2 ngagunakeun ragam basa nu béda?
20
Jawab: Sabab batur nu diajak nyaritana beda. gunem catur dina paguneman 1 jeung guru
SD atau nu dipika hormat jd ngagunakeun ragam basa hormat, sedengkeun gunem catur
dina paguneman 2 jeung balad atau babaturan jd ngagunakeun ragam basa loma
8. Caritakeun deui eusi nu aya dina paguneman 2! 20
Jawab:
Malati keur nungguan Arum sasarap, tuluy nyaritakeun yen sasarap teh penting. Tuluy
Arum nyaritakeun nu matak jd kabeurangan sasarap teh sabab ade na peuting teh panas.

KAULINAN BARUDAK
1) Sebutkeun rupa-rupa kaulinan barudak minimal 5!
2) Sebutkeun alat anu di pake dina kaulinan barudak jajangkungan jeung gatrik
3) Pék tuliskeun kakawihan nu aya dina oray-orayan!

IKLAN LAYANAN MASYARAKAT

1. Iklan téh saéstuna mah mangrupa ... anu mibanda tujuan pikeun mangaruhan
masarakat (konsumén).
a. biantara c. obrolan
b. wawaran d. paguneman
2. Iklan nu mibanda tujuan pikeun meunangkeun kauntungan tina jasa ngajual produkna
disebut iklan....
a. komérsil c. nonkomérsil
b. layanan d. sosial
3. Iklan nu teu miharep kauntungan matérial disebut....
a. iklan layanan komérsil c. illan layanan masyarakat
b. iklan haratis d. iklan kulawarga
4. Iklan layanan masyarakat mah syaratna teu meunang ngandung....
a. produk c. paréntah
b. ajakan d. panyaram
5. “Tong miceun runtah kana solokan” Ieu Ungkara kalimah téh aya dina iklan layanan
masarakat nu eusina mangrupa .....
a. Paréntah c. Panyaram
b. Anjuran d. Pangajak
6. Iklan layanan masyarakat biasana teu ditepikeun ku ....
a. Pamaréntah c. Organisasi sosial
b. Yayasan d. Pausahaan
7. Nu disebut organisasi sosial téh nya éta nu kagiatanana....
a. Teu néangan kauntungan c. Néangan kauntungan
b. Promosi produk d. Niaga
8. “Ulah éra mun nyarita ku basa Sunda.” Ieu ungkara téh mangrupa iklan layanan
masyarakat nu eusina ....
a. atikan c. pangajak
b. anjuran d. panyaram
9. “Hayu urang ngajaga lingkungan sakola urang.” Ieu ungkara téh mangrupa conto iklan
layanan masyarakat nu eusina....
a. paréntah c. pangajak
b. paréntah d. atikan
10. Iklan nu biasana ngan ditepikeun ngaliwatan sora wungkul disebut iklan ....
a. visual c. audio visual
b. audio d. auto
11. Conto iklam audio biasana ditepikeun ngaliwatan....
a. radio c. televisi
b. internét d. surat kabar
12. Salah sahiji conto iklan visual nya éta ....
a. iklan dina televisi c. iklan dina radio
b. iklan dina poster d. iklam dina internét

13. Iklan nu ditepikeun ngaliwatan televisi atawa internét disebut iklan dina wangun ....
a. audio c. audio-visual
b. visual d. audio-audio
14. Ieu di handap nu lain fungsi tina iklan layanan masyarakat nya éta ....
a. média komunikasi c. média atikan
b. média éksprési seni d, média sosial
15. Iklan téh mibanda fungsi pikeun ngaronjatkeun kasadaran masyarakat kana hiji
perkara anu dipiharep bisa ngarobah paripolahna, anu tadina négatif jadi positif. Ieu
fungsi téh disebut fungsi ....
a. atikan c. komunikasi
b. éksprési seni d. komunikasi seni

PANGALAMAN PRIBADI

1. Jétrékeun, naon ari pangalaman pribadi téh!


2. Naon bédana pangalaman pribadi jeung catetan poéan?
1. “Tatakrama jeung atikan moral téh pohara raketna. Malah disebutkeun tatakrama téh
bagian tina atikan moral. Kapan nu disebut moral téh nya éta ahlak, ajaran ngeunaan laku
lampah
hadé jeung goréng." Ceuk indungna.
Jejer tina paguneman di luhur nya
éta ....
A. Hade goréng jalma gumantung moralna
B. Patalina tatakrama jeung atikan moral
C. Tatakrama bakal medalkeun ahlak nu hadé
D. Moral taya patalina jeung tatakrama

2. Ilo paguneman dihandap ieu!


Pa Maman : “Jam sabaraha inditna?”
Mimin : “Tabuh genep tos kedah di
setasion Tasikmalaya. Upami ti rorompok ka setasion mah kana angkot
05”
Pa Maman : ........................................
Mimin : “Aamiin. Haturnuhun Bapa”
Kalimah nu cocog pikeun nyampurnakeun kalimah diluhur nyaѐta ....
A. “Uluh, atuh kudu persiapan nyubuh-nyubuh nya?”
B. “Naha makѐ kana kareta, mending kѐnѐh kana beus atuh!”
C. “Oh nya. Sok atuh mugia sing salamet, sing lancar dijalanna.”
D. “Sigana mendingan kѐnѐh kana rombongan, daripada kana karѐta api mah, ngarah
rinѐh.”

3. Lengkepan paguneman dihandap ku kecap-kecap nu saluyu jeung undak-usuk basa!


Pa Adang : “ Kѐ ari keur nyiar kipayah
jeung ngabiayaan sakola hidep, saha?
Ratna : “Salami ieu .... baѐ. Anjeunna
buburuh ka sawah sapertos tandur, ngarambѐt, upami teu aya nu ngahiras
mah sok ngiring .... di lio pa Haji Hasan, ngadamel bata”
Pa Adang : “Deudeuh teuing. Sing sabar
wѐ geulis”
Kecap nu cocog pikeun nyampurnakeun tѐks paguneman diluhur nyaѐta ....
A. Indung, gawѐ C. Indung, damel
B. Biang, gawѐ D. Pun biang, damel

4. “Upami .... tѐh abdi resep kana lauk, boh lauk laut boh lauk balong. Mung pun bapa mah
upami .... tѐh kedah waѐ aya lalab sambel.”
A. Emam, tuang C. Dahar, neda
B. Neda, tuang D. Tuang, dahar

5. Kamari kuring papanggih jeung lanceuk manѐh


Ragam basa hormatna ....
A. Kamari abdi patepang sareng pun lanceuk
B. Kamari abdi patepang sareng pun raka
C. Kamari abdi patepang sareng tuang lanceuk
D. Kamari abdi patepang sareng tuang raka

6. Lobang papan dieusian kewuk masing-masing 7 siki. Ari lobang gedѐ minangka lobang
indungna mah henteu di eusian. Dipaѐnkeun ku dua urang teu bisa leuwih. Sanggeus
kabѐh lobang leutik di eusian kewuk, tuluy salah sahiji nu maѐn nyokot kewuk tina hiji
lobang, nya dipapaykeun nepika bѐakna. Lobang indungna gѐ dieusian sasiki. Lasutna
tѐh mun siki nu pamungkas nempatan lobang nu kosong.
Nurutkeun pedaran diluhur, kaulinan barudak nu dimaksud nyaѐta ....
A. Budug sumput C. Jujungkungan
B. Congklak D. Sumput beling

7. Posisi pamaѐn silih cekel taktak. Nu tukang nyekel taktak nu hareupeunana jeung
saterusna tuluy maju ka kѐnca ka katuhu katempona ngalѐor bari ngawih tuluy luar-lѐor
ngurilingan budak nu keur jaga jadi guha nepi kaasup salah saurang budak. Tuluy
dititah milih rѐk kamana, naha rѐk milu ka kelompok nu ka hiji atawa nu ka dua.
Nurutkeun cara maѐnna, ngaran kaulinan diluhur disebutna .....
A. Oray-orayan C. Sepdur
B. Sapintrong D. Ambil-ambilan

8. Alat nu digunakeun dina kaulinan barudak sapintrong nyaѐta ....


A. Batu C. Kentѐng
B. Karѐt geulang D. Awi

9. Eundeuk-eundeukan, lagoni
Meunang peucang sahiji
Leupas deui ku nini
Beunang deui ku aki
Kakawihan kaulinan barudak diluhur, posisina pamaѐn aya dina ....
A. Buleudan nu dikalangkeun
B. Dahan tatangkalan bari dioyag-oyagkeun
C. Diuk bari ngusapan tuur
D. Ngantay bari pacekel-cekel leungeun

10. Istilah nu aya dina kaulinan ngadu langlayangan diantarana ....


A. Blѐp C. Gelasan
B. Asin D. Lasut

11. (1) Ngandung unsur komѐrsial


(2) Teu aya unsur produk, boh barang
boh jasa
(3) Nu masang iklan layanan masyarakat
pamarѐntah, yayasan atawa organisasi sosial
(4) Mangrupa atikan, anjuran atawa uar
pangajak pikeun ngalakukeun hiji pagawѐan
Ciri iklan layanan masyarakat kaunggel nyaѐta ....
A. 1, 2, 3 C. 1, 3, 4
B. 1, 2, 4 D. 2, 3, 4

12. Iklan layanan masyarakat nu ditayangkeun di televisi atawa youtube kaasup kana
jenis ....
A. Audio C. Audio-visual
B. Visual D. Poster

13. Iklan nu mibanda tujuan pikeun meunangkeun kauntungan tina jasa ngajual produkna
disebut iklan....
a. Komérsil C. Nonkomérsil
b. Layanan D. Sosial

14. “Tong miceun runtah kana solokan”


Ieu Ungkara kalimah téh aya dina iklan layanan masarakat nu eusina mangrupa .....
a. Paréntah C. Panyaram
b. Anjuran D. Pangajak

15. Iklan téh mibanda fungsi pikeun ngaronjatkeun kasadaran masyarakat kana hiji perkara
anu dipiharep bisa ngarobah paripolahna, anu tadina négatif jadi positif. Ieu fungsi téh
disebut fungsi ....
a. Atikan C. Komunikasi
b. éksprési seni D. Komunikasi seni

16. “Halik ku kuring urang kodok!” bari sup leungeun Si Empon diasupkeun kana liang
belut, nu megatkeun urek kuring téa. Si Empon ngagorowok “Wah euy, liangna geuning
ka luhur!” kuring cicing, tapi haté mah teu ngarti na aya liang belut parat kana taneuh
anu teuas!
“Beunang siah ayeunamah!” kadéngé Si Empon ngagorowok. Atuh haté téh tambah
ratug waé.
“Hiji... dua... tilu!” cenah bari rikat leungeunna ditarik. Bareng jeung kaluarna éta
belut, gebeg! Horéng anu dikodok téh oray welang!
Pangalaman diluhur ngébréhkeun rasa ....
A. Watir C. Sieun
B. Hariwang D. Reuwas

17. Lamun ku urang di analisis, latar tempat jeung waktu dina téks pangalaman pribadi
diluhur nyaéta ....
A. Sawah, pabeubeurang
B. Balong, usum halodo
C. Pasar ikan, subuh-subuh
D. Situ, poé kamari

18. Jejer dina téks pangalaman pribadi diluhur ngeunaan ....


A. Nguseup C. Ngecrik
B. Ngurek D. Nyair

19. Waktos abdi diajak piknik ka Pangandaran ku pun bapa, abdi tiasa ningal éndahna laut
pangandaran, paparahuan, sareng kokojayan di sisi basisir.
Pangalaman pribadi diluhur nyaritakeun ....
A. Pangalaman pikareueuseun
B. Pangalaman pikabungaheun
C. Pangalaman pikasediheun
D. Pangalaman pikasieuneun

20. Sakur anu kalakonan, karandapan, jeung kasaksian dina kahirupan sapopoé disebut ....
A. Amal ibadah
B. Kabiasaan
C. Pangalaman
D. Pangaweruh

21. “Lucu jeung waas nalika maca carpon karangan A. Budiman ieu, bet asa balik deui ka
alam keur budak baheula, ceplѐs kitu kaulinan jeung kalakuan keur barudak tѐh. Seuri
lucu jeung mata mah cirambay, ...”
Paguneman diluhur medar ngeunaan ....
A. Ngucapkeun nuhun kana carita pondok
B. Ngenalkeun eusi carita pondok
C. Mѐnta idin ngomentar
D. Tanggapan kana eusi carita pondok

22. Conto kalimah nu eusina mѐnta idin nyaѐta ....


A. “Nya, jig teu nanaon. Ngan ngkѐ tempo catetan babaturan hidep. Jig, dido’akeun sing
lancar sing jadi juara”
B. “Man, naha teu latihan? Didadago, lantaran semapur teu aya batur latihan, gering
man?”
C. “Bapa, abdi tѐh neda widi teu tiasa ngiring kana jam pelajaran bapa, margi ngiring
latihan kanggo enjing lomba.”
D. “Enya, hampura kamari tѐh di titah ka imah Ua nganteurkeun olѐh- olѐh ku Nini.”

23. Ajѐn dina kaulinan barudak lembur kacida luhungna, diantarana: hirup sauyunan,
atikan, didikan, jeung diajar sosialisasi jeung babaturan. Kaulinan barudak anu
baheula, salah sahiji tradisi kabudayaan sunda anu penting pikeun ngabina mental.
Ungkara kaulinan barudak diluhur medar ngeunaan ....
A. Kalungguhan kaulinan barudak
B. Ngaran-ngaran kaulinan barudak lembur
C. Atikan ngaliwatan kaulinan barudak
D. Kabiasaan kaulinan keur barudak

24. Ojok-ojok ami-ami. Dirorojok ku jarami


Ojok-ojok uat-uat. Ngarorojok nu dibuat
Ojok-ojok aung-aung. Ngarorojok nu di saung
Kakawihan diluhur ayana dina kaulinan barudak nu ngaranna ....
A. Empѐt-empѐtan
B. Paciwit-ciwit lutung
C. Oray-orayan
D. Budug sumput

25. Eusi iklan layanan masarakat dihandap kaasup kana jenis ....

A. Pangajak
B. Mѐrѐ nyaho
C. Panyaram
D. Pangjurung

26. Kalimah nu cocog pikeun iklan layanan masarakat, nyaѐta ....


A. Banda tatalang raga
B. Sunda nanjung mun pulung ti Galunggung geus turun
C. Ulah sadѐngѐ-dѐngѐna lamun lain dѐngѐkeuneunana!
D. Paѐhan roko ayeuna saacan roko maѐhan anjeun!

27. Nyieun karangan pangalaman mah teu bisa diwangwang atawa di papantes, tapi kudu
dumasar ....
A. Data ti babaturan atawa ti kolot anu loba pangalaman
B. Data tina sumber buku
C. Kanyataan di lapangan atawa anu karasa ku urang
D. Naon waѐ anu dipikaresep ku urang atawa ku batur

28. “................. urang anu kamari milu rapat osis tѐh?”


Kecap nu cocog pikeun nyampurnakeun kalimah diluhur nyaѐta ....
A. Kumaha C. Sabaraha
B. Naon D. Iraha
29. Karangan anu nyaritakeun hiji kajadian kalayan runtut ti awal nepika ahir disebut ....
A. Dѐskripsi
B. Argumѐntasi
C. Narasi
D. Pѐrsuasi
30. Salah sahiji fungsi wawaran tѐh pikeun ....
A. Nepikeun niat hadѐ kalawan sopan
B. Mangaruhan babaturan deukeut
C. Nepikeun informasi ka balarѐa
D. Nepikeun kahayang ka batur

Anda mungkin juga menyukai