Anda di halaman 1dari 1

Assalamualaikum Warahmatulllahi Wabarakatuh.

Sampurasun!
Girang pangajen anu ku sim kuring dipihormat
Bapak/ibu anu hadir anu ku sim kuring dipihormat
Teu hilap para patandang pasanggiri Biantara anu ku sim kuring dipikadeudeuh.
Langkung utami, hayu urang panjatkeun puji sinareng syukur ka Gusti anu Maha Suci anu atos maparin
rahmat sareng hidayahna ka urang sadaya sahingga urang sadaya tiasa riung mungpulung, paamprok
jonghok dina dinten ieu.
Sholawat sinareng salam mugia salamina urang sanggakeun ka jungjunan alam Nabi Muhammad SAW ka
kulawargina, ka sohabatna, katut ka urang sadaya salaku umatna pamudah mudahan urang sadaya
kenging syafaatna di yaumil akhir. Aamiin ya Rabbal Alamin.
Dina dinten ieu Salasa kaping 26 September 2023 dina raraga Festival Tunas Bahasa Ibu tingkat
kecamatan Sukalarang, abdi wasta Hana Hanafia bade ngadugikeun susunan acara.
1. Pembukaan
2.
3.
4.
5. Doa/Tutup
Supados henteu nyangkolong kana waktos, hayu urang buka ieu acara ku maos basmallah sasarengan.
Mugia ku maos basmallah ieu acara dipaparin kalancaran tur kabarokahan ku Allah SWT. Aamiin ya
rabbal alamin.
Acara anu salajengna nyaeta …..

Urang kawitan bae pasanggiri Biantara dinten ieu dikawitan ku patandang nomer 1, waktos sinareng
tempat mangga nyanggakeun.
Keprok kanggo patandang nomer 1 anu parantos ngadugikeun biantarana. Mangga Salajeungna
patandang nomer 2

Alhamdulillah hadirin acara pasanggiri FTBI parantos rengse.

Abi salaku MC amit mundur, hatur nuhun tina sagala rupina, sareng hapunten bilih aya cariosan anu teu
merenah kana manah. Wabillahi taufik walhidayah
Wassalamualaikum Warahmatullahi Wabarakatuh

Anda mungkin juga menyukai