Anda di halaman 1dari 6

Materi Tema 7 Kelas 5

Kadaharan Tradisional
➢ Materi tema 7
- Maca teks pedaran atau teks tulisan yang memuat suatu informasi atau pengetahuan
( buku cetak hal. 82 )
- Pedaran nyaeta wangun prosa nu ngajelaskeun hiji objek atawa pengetahuan kalayan jentre ( jelas )
➢ Istilah kadaharan
Kadaharan dina kahirupan masarakat Sunda loba macamna, bahan keur nyieunna diantarana
beas jeung sampeu .
Aya oge rupa – rupa inuman khas Sunda saperti bajigur jeung bandrek
➢ Conto rupa – rupa kadaharan has Sunda :
1. bubur beureum 9. cuhcur
2. bubur bodas 10. dodol
3. bubur kacang hejo 11. gemblong
4. bubur lemu 12. katimus
5. bugis 13. karedok
6. borondong
7. colenak
8. comro
➢ Ngaran kadaharan jeung bahanna
1. Kadaharan nu asalna tina beas nyaeta opak
2. Inuman Sunda teh nyaeta bandrek, bajigur
3. Kadaharan Sunda nu bahanna sampeu nyaeta comro, peuyeum
4. Kadaharan nu dikulub nyaeta kulub suuk
5. Kadaharan nu digoreng nyaeta goreng lauk jeung lainna
6. Kadaharan nu dibubuy nyaeta bubuy sampeu, boled
7. Kadaharan nu asalna tina tipung beas nyaeta bubur lemu
8. Kadaharan nu asalna tina beas ketan nyaeta peuyeum ketan
9. Kadaharan nu mangrupa sambel nyaeta sambel tarasi
10. Kadaharan nu mangrupa angeun nyaeta angeun kacang
➢Ngalarapkeun kecap kana kalimah
1. Cau beunang nyiksikan teh dipoe dina nyiru
2. Jagong beunang meungkeut dibeuleum dina paraseuneu
3. Cau nu atah keneh teh dipeuyeum dina lombang
4. Waluh teh keur diseupan dina langseng
5. Cangkang jeruk teh dikeueum dina ciapu
6. Suuk teh bisa disangray bisa digoreng
7. Sampeu beunang ngumbah teh tuluy dituuskeun
8. Suuk teh disangray dina katel
9. Daun gedang meunang ngala digodog
10. Opak teh di garang dina hawu
➢ Istilah ngolah masakan
1. dipoe := dijemur langsung dibawah matahari
2. dibeuluem = dibakar dengan api kecil
3. dipeuyeum = disimpan di tempat tertutup agar cepat matang
4. diseupan = dikukus
5. digodog = direbus
6. dituuskeun = ditiriskan, dibiarkan kering
7. disangray =digoreng tanpa minyak
8. dikeueum = di rendam
9. digarang = dikeringkan di atas api tapi tidak kena apinya
10. dibubuy = memasukkan ubi kedalam abu panas supaya matang
➢ Kadaharan jeung asal daerahna
1. tahu sumedang ti Sumedang
2. peuyeum bandung ti Bandung
3. danas subang ti Subang
4. tauco ti Cianjur
5. kurupuk udang ti Cirebon
6. dodol ti Garut
7. tahu gejrot ti Cirebon

Anda mungkin juga menyukai