Anda di halaman 1dari 1

Nama: Fathan Ersanda

Kelas: 7A
KAJADIAN TEU DISANGKA-SANGKA
Tos jadi hiji kabiasaan upami tos beres sholat maghrib teh, rudi ngapalkeun.
Ngawitan ti ngarengsekeun PR dugi ka macaan deui anu tadi diajarkeun di sakola. Harita,
pun biangna sareng kulawarga sanesna ngadadak kedah ka bumi amangna, margi bade
sukuran bumina. Ku kituna sadaya kaluwarga mios ka bumi amangna, iwal rudi sorangan.
Soalna, saupami ngiring, tangtos PR anu sakiti seueurna moal rengse mangkaning enjingenjing pisan kedah tos ka sakola.
Wengi eta rudi cicing dikamar ngarengsekeun PR sarta macaan buku kanggo enjing
bari jeung rada sieun. Alhamdulillah margi jempling, pangajaran teh asa gampil nyerep kana
otakna. Padahal teu aya ulangan.
Tabuh 06.00 WIB pas, rudi mios ka sakola. Asa tenang teu deg-degan margi PR anu
sabreg-bregan teh rengse sadayana. Rerencanganna nararoskeun naha aya ulangan
henteuna. Rudi yakin yen dinten harita mah moal aya ulangan. Atuh tenang-tenang wae
ngobrol bari ngantos bel disada.
Saparantos bel tanda lebet ka kelas disada, sadaya murid kelas 1,2,3 lebet ka kelasna
sewang-sewangan. Jam pelajaran kahiji teh nyaeta matematika. Bapa Eki guruna teh.
Barudak simpe, margi Pa Eki tos lebet ka kelas. Wilujeng enjing Pa!
Kaluarkeun kertas dua lambar, dinten ieu ulangan! saur Pa Eki.
Haaahh, pan teu diwartosan Pa, dinten ieu ulangan! barudak reuwas bari protes.
Kalintang deg-degannna sadaya murid harita, margi kedah ulangan matematika. Soalna mah
teu seueur mung lima tapi jawabanna teu cekap dua lambar. Tegang, deg-degan, stress
campu jadi hiji.
Ya allah untung abdi teu ngiring jadi tiasa ngapalkeun, soal-soalna tadi wengi tos dipelajari,
nuhun gusti gerentes hate Rudi.
Ketatna pa Eki dugi ka teu tiasa ngareret sakedik-skedik acan. Teet...teet...teet sora bel
disada tanda waktos pelajaran seep. Barudak pasrah iwal ti Rudi, kertas ulangan dadakan
dikempelkeun.
Enjingna, sadaya barudak ngariung dipayuneun papan pangumuman. Rudi kacida
reuwas nembe g dugi kasakola, sadaya rerencanganna ngasongkeun pananganna. Wah,
wilujeng..wilujeungnya, peunteun matematika pangsaena!.

Anda mungkin juga menyukai