Anda di halaman 1dari 2

B.

SUNDA
Dongeng jawa barat
Kamis, 11-Januari-2018
BATU HIU

Kacaritakeun dina abad ka 11, datang rombongan ti karajaan


mataram nu di pimpin ku Aki Gede jeung Nini Gede.rombongan téh
mangrupa prajurit-prajurit ti Mataram.kusabab kasaktenna marenahna
di usir ku karajaan sabab para patinggi karajaan sieun kasaingan
tanding lamun eta aki jeung nini Gede masih keneh aya di sabuderun
karajaan mataram mah. Geus lila ngalalakon ahirna nepi ka daerah
basisir laut kidul(ayeuna jadi batu hiu) aki jeung nini Gede istirahat.
Nalika istirahat si aki nitah ka rombonganana titah neangan lauk jang
dahar rombonganana.basa eta prajurit nu di titah téh nya éta Galuh
oder jeung Galunggung kuning.anjeuna nengan nepi ka tengah laut nu
ahirna eta prajurit nu duan tadi meunangkeun lauk anu kacida gédéna.
Kabungah maranehna karasa nepi ka eak eakan.
Tuluy we di bawa ka sisi basisir pikeun di asakan ku rombongan nu
sejenna tapi saacan eta lauk di asakan eta lauk di tingali heula ku aki
jeung nini gede. Saprak eta di tingali ku aki jeung nini gede maranehna
ngarasa reuwas ningali lauk badag nu miboga sisit kasar jeung
heuras.aki jeung nini gede nyebut “Lauk Hiu”. Saprak aki jeung nini
nyebutkeun kekecapan éta,éta lauk robah jadi batu badag nu jiga lauk
hiu.
Tah ti saprak harita eta lembur katelah waé Batu Hiu nu ayeuna eta
lembur perenahna di desa ciliang kecamatan Parigi 14 km ti daerah
pangandaran mah.

Anda mungkin juga menyukai