Anda di halaman 1dari 4

Sisindiran Urang Sunda

Ditulis pada 2 Mei 2014


Rate This

Gedong sateLamun ngaku nyai randa

Hayu urang pelesiran

Lamun ngaku urang sunda

hayu urang sisindiran

Jawa Barat tatar sunda

Jakarta punya betawi

Abdi resep ka Neng Ida

Putra Pa Haji ti Ciawi

Abdi ningali ti tonggoh

Nu katingal palimanan

Lamun enya akang bogoh

Hayu urang ka pelaminan

Ngala suluh keur mirun

Ngalana ku jang Dodo

Akang bogoh nyai purun

Tapi Pa Haji teu rido

@Pranajarabbani2

----

Sisindiran Urang sunda : Nasehat


Ditulis pada 3 Mei 2014
Rate This

CepotUlen hanet anu babeh

Diwadahan dipiringan

Hayu batur dulur kabeh


Ulin bari sisindiran

Kukupu jangjangna coklat

Ngariung di luhur sumur

Hayu batur geura sholat

Mengpeng masih aya umur

Kuring meuli Jambu mede

Jambu mede keur si Dede

Geura Sholat tong talangke

Ngarah jongjon baranggawe

Mawa botol ka Cisaat

Pipiti di sisi cai

Lamun urang getol solat

Pasti dipiasih Gusti

Lamun rek neangan batu

Kudu nu warnana coklat

Mun rek neangan minantu

Kudu kanu rajin sholat

----------

Sisindiran : Urang Sunda Resep Banyol


Ditulis pada 5 Mei 2014
16 Votes

Sunda1Leuleumpangan meuli timun

Meulina ka panyingkiran

Dari pada urang ngalamun

Mending heureuy sisindiran

�.hayu atuh! Prung ah!�.


Cikur jangkung jahe koneng

Lampuyang pamura beuteung

Rarasaan jangkung koneng

Sihoreng bureuteu hideung

�..eta geuning ngakunya ayeunamah�.

Cau naon cau naon

Cau kulutuk di juru

Bau naon bau naon

Bau nu hitut di juru

Ecet-ecet oet-oet

Barudak ngarurek belut

Kapelet kuring kapelet

Kuranda nu gede hitut

Ngala awi dua tangkal

Ngalana bari dibedol

Hanjakal meuni hanjakal

Geulis-geulis bau jengkol

�.Aduh aya nu hitu na gede bau jengkol, diukna di juru, cung saha eta tehnya?�..

Cikaracak ninggang batu

Dina batuna aya oa

Pulang anting hanyang nyatu

Tapi era kumitoha

Hayu aki urang ngecrik


Ulah poho mawa emberna

Kunaon aki beut ceurik

Hayang nyusu ka ninina

�..Alah si akang jorang euy�..

Lentera lampu lentera

Dikumbah diberesihan

Hampura atuh ahmpura

Ngan saukur sisindiran

Boboko ayakan petot

Papais teu dibitingan

Nini-nini nu geus peot

Diais kalah ngisingan

�.aduh ari si akang nini diais?��

-------------

Anda mungkin juga menyukai