Anda di halaman 1dari 3

Assalamualaikum

Sampurasun
Mayunkeun nyebat asmaning Allah, Gusti
nu Maha Suci, pinarengan Rohmattur
Hidayahna sadaya nu hempak merbayak
satiasa patepung lawung paamprok
jonghok patepang raray nembrakeun
rasa deudeuh silih simbeuhan
ngadeukeutkeun tali asih mimitran.
Solawat kawilu jengan mugi tumetep
kapang agung alam jungjunan urang
sadaya Nabi Muhammad SAW, natrat
kapara karabat para ahli katut sahabat
Waba’du/salajengna,
Para pangagung, inohong, ais pangampih,
para pupuhu masyarakat adat jeung
budaya anu kusimkuring dipikaajrih
diantawisna……………….
Bapak Kepala2 Dinas………..
Bagea wilujeng sumping sadayana di
Padepokan Dangiang Luluhur, simkuring
salaku prbumi ngahaturkeun nuhun kana
rurumpaheunna kersa nyumpingan
pangulem simkuring dinararaga
milangkala kahiji Padepokan Dangiang
Luluhur sakantenan rembugan Sawala
Kebangsaan Masyarakat Adat jeung
Budaya Jawa Barat.
Hapunten nu kasuhun saageung-ageung
napang bagea sareng jamuanna anu
tangtos kirang nyugemakeun.
Piduana mugia ieu beungkeutna
masyarakat adat jeung budaya anu di
luluguan ku Padepokan Dangiang Luluhur
janten buktos najeurnajati diri urang
sunda tur dina ngamumule adat seni
jeung budaya khususna di Majalengka
umumna di tatar Jawa Kulon.
Cekap sakitu mugi ageung pangapunten
bobot pangayom timbang taraju.
Cag….rahayu….
Wasalamualaikum Warohmatullahi
Wabarokatuh

Anda mungkin juga menyukai