Anda di halaman 1dari 2

ALYA SALMA MAULINA

XI IPA 6

TUGAS MATERI BIOGRAFI

Eusian pananya ieu dihanadap dumasar kana materi sajak nu ku hidep


dibaca.

1. Coba jelaskeun naon nu disebut biografi sarta asal kecapna...


=> Biografi asalna tina kecap bio anu hartina hirup jeung grafis anu hartina
tulisan. Jadi sacara etimologi biografi nya eta tulisan riwayat hirup hiji jalma.
Biografi nya eta tulisan ngeunaan riwayat hirup hiji jalma anu di tulis ku jalma
sejen dina wangun karangan narasi. Maksudna tulisan riwayat hirupna ditulis
dina wangun prosa, anu identitas tokohna di tulis dilengkepan ku katerangan-
katerangan anu nguatkeun identitasna.

2. Naon bedana biografi jeung autobiografi...


=> ㆍ BIOGRAFI Istilah umum keur karangan riwayat hirup, biasana make gaya
jalma katilu (manehna, anjeunna)
ㆍ AUTOBIOGRAFI Karangan biografi anu ditulis sorangan ku jalmana, sarta
biasana ngagunakan gaya jalma kahiji (abdi, kuring).

3. Sebutkeun unsur-unsur biografi...


 Kalahiran & Asal-usul Kulawarga
 Bentuk fisik & Karakter
 Riwayat Pendidikan
 Profesi/Padamelan
 Pikiran & Gagasan
 Karya/ Hasil gawe
 Prestasi jeung Pangleler/Penghargaan

4. Sebutkeun mangfaat maca biografi...


 Urang bisa diajar & ngeunteung kana pangalaman hirup hiji inohong.
 Urang bisa maca gagasan/pikiran hiji tokoh.
 Biografi hiji tokoh bagian tina dokumen sajarah.
 Biografi bisa jadi inspirasi atawa motivasi keur nu macana.
 Urang bisa mikapaham hiji kajadian/peristiwa tina perspektif anu beda-
beda.
5. Jieun biografi singkat babaturan, dulur atawa saha wae nu ku hidep
apal kalayan ningali unsur-unsur biografi....

Biografi Dewi Sartika Pahlawan Sunda

Raden Dewi Sartika dibabarkeun dina kaping 4 Desember 1884 di kota Bandung.
Sakumaha ilaharna putra-putri ningrat dina waktu harita. Raden Dewi Sartika
disakolakeun di sakola Walanda.

Sepuhna nyaeta Raden somanagara ngaharepkeun sangkan Raden Dewi Sartika jadi
wanoja nu binangkit. Harepan sepuhna kalaksanakeun ti kelas panghandapna keneh
Raden Dewi Sartika nyongcolang dina kapinterana dibandingkeun sareng
rerencanganana di kelas. Malahan mah ti nuju alit keneh Raden Dewi tos katingal
ngagaduhan sipat weias asih jeung handap asor ka sasama, ku kituna teu aneh lamun
Raden Dewi Sartika dipikaresep ku rerencangan sareng ku para sepuh.

Dina hiji waktos kulawarga Raden Somanagara kenging musibah nyaeta disangka
nunda bom di panggung waktu keur lumangsung balap kuda. Raden Somanagara
dibuang ku Walanda ka Ternate. Raden Dewi Sartika saterasna dirorok ku uwana
nyaeta Patih Aria Cicalengka. Ku kituna sakolana henteu buntu, tiasa neraskeun ka
sakola nu leuwih luhur.

Pangresepna kana pangajaran karajinan tangan. Pangajaran anu ditarima ti sakola


sok diajarkeun deui ka rerencanganana anu teu sarakola, tempatna di dapur atawa
istal. Kapurna ku areng jeung borna ku papan nu geus teu kapake. Dina tanggal 16
Januari 1904, anjeunna muka Sakola Gadis. Tempatna di Kabupaten Bandung.
Mimitlna mah eta sakola teh diaranan "Sekolah Istri."

Pangajarannana ngeuna an kawanojaan sarupaning ngaput, nisi, nyulam jeung


ngarenda. Raden Dewi kenging bantuan ti carogena nyaeta Raden K nduruan Agah
Suryawinata, nikahna teh nalika Raden Dewi yuswana nincak 22 taun. Ku bantuan nu
janten caroge sakolana aya dina kamajuan, nami sakola digentos ku "Sakola
Kautamaan Istri."

Nalika taun 1945 keur lumangsungna revolusi, Inggris jeung Walanda nyerbu kota
Bandung, nu saterusna timbul kajadian Bandung Lautan Api. Raden Dewi Sartika
ngungsi kavCiparay, nu saterusna ka Garut. Lantaran teu aman ngalih deui ka Cineam
beulah kidul wewengkon Ciamis.

Dina kaping 11 September 1947 Dewi Sartika pupus dina nyuswa 63 taun,
carogena mah tos tipayun ngantunkeun.

Dewi Sartika ageung pisan jasana kanggo bangsa sareng nagara.

Anda mungkin juga menyukai