Anda di halaman 1dari 4

HIRUP MAH MOAL ANGGER

Pamaen:
Firda (Ade Lutfi L)
Ayu (Lovini)
Widia (Oktaviani R)
Regi (Regi Ridwan F)
Arif (Arif Permana W)

Di kelas 9F kadatangan murid anyar. Namina teh Firda. Budak eta teh ngabogaan
watek pikasebeuleun batur, gede hulu, tur teu sopan kanu jadi babaturan teh.
Bageurna ngan di payuneun guru hungkul. Wilujeng nyakseni.

Enjing-enjing di jero kelas aya Ayu sareng Widia nuju ngarumpi. Caralik di mejana.

Ayu : ceunah mah kelas arurang ek aya murid anyar


Widia : wah maenya? Aranna saha? Lalaki atawa awewe?
Ayu : urang ge can apal saha sahana mah. Ke be tungguan.
Widia : (ngangguk)

Bel abus disada. Murid anyar teh asup ka kelas, samemeh aya guru.

Firda : oh... ieu kelas anyar abi teh. Ning meni kalotor jaba teu mewah (ngadelik
tuluy diuk dinu bangku kosong gigireun Ayu)

Jam ka hiji dimulai. Guru lebet ka kelas, miwarang murid anyar nepangkeun diri.

Firda : perkenalkeun, nami abdi Firda Nursafitri. Nami mamah Yoseu Diningrat.
Nami bapa, Sumarjo Diningrat. Pagawean bapa abdi nyaeta jadi bos
perusahaan baja di Bandung. Abdi pindahan ti sakola international
bandung. Alesan abdi pindah nyaeta, bapa abdi nuju ngadamel proyek di
daerah ieu. Bumi abdi di perum. Hatur nuhun.

Murid 9F loba nu bingung, aya nu kesel, ngadangu perkenalan Firda anu panjang tur
sombong.

Ayu : meni teu resep pisan ka si firda. Kesanna teh meni agul, gaya na teh meni
sagudang rarasaana teh, ih.
Wdia : enya nya,teu ngarumaos agul eta teh kitu? (ngomong nyantai, rada nyindir)
Arif : (nyamperkeun ka meja ayu jeung widia) heueuh ningnya, sagala disebutan.
(seuri)
Ayu : (SEURI)
Widia : (seuri)

Pas waktu istirahat di kelas. Regi, Arif, Widia, tas balik ti kantin. Firda keur diuk bari
nyuruput minuman.
Regi : (leumpang ka meja firda) firda nuhunnya, tadi di kantin.
Firda : eh, enya, gi. Sami-sami. Gi, didieu emang na teu aya AC kitu?
Regi : henteu atuh, teu aya Ac. Mun panas mah kaluar we, ngarasakeun angiin
gelebug (seuri)
Firda : (seuri) oh enya enya

Ayu nu teu ka kantin panasaran, tuluy nanyakeun ka widia

Ayu : wid? tadi di kantin si regi nginjem duit ka si firda?


Widia : oh, tadi teh si firda, ngajajanan barudak kelas. Pas urang ek mayar, kalah
dibayar ku si firda. Padahal urang rek mayar pisan ka bibi kantin na.
Ayu : maneh sarua deui dijajanan?
Widia : nyaenya da geus kagok atuh (ngiberan awak make buku)
Ayu : mantap, (seuri ngagakgak) ke mah jajan na sing loba wid, tuh kakara kadieu
ge geus ngajajanan
Widia : kahayang maneh

Si arif jg si regi milu nimbrung.

Regi : ari sirik mah ngobrol wae langsung ka jelema na


Arif : tah! (bari nunjuk nunjuk sabarah kali)
Ayu : lain kitu lah, asa pang uwahna didieu teh. Sok we pikir deui kumaha
tingkah na mimiti abus ka kelas ieu?
(arif, regi, widia, nempo firda salieuk)
Widia : (ngangguk)

Bel masuk disada. Kelas 9F diajar harusu. Pas balik sakola, arif jeung regi leumpang
payuneun firda.

Firda : arif, regi, rek mulang? Bareng be yu jeung abi, kana mobil
(arif jeung regi patempo-tempo)
Arif ; ah, ulah teuing. Imah urang mah rada jauh ti sakola
Regi : urang ge sarua, pan bumi firda mah caket, di perum. Arurang tiheula nya.
Firda : enya sok (ngangguk)

Regi jeung arif balik tiheula.

Regi : diteang pake mobil? Mewah rihah (ngagaya upin ipin)


Arif : boriaa, suka suka.... (nuluykeun bari seuseurian)

Ayu jeung widia di kelas keneh ngagandong tas bari ngabenerkeun meja

Ayu : wid?
Widia : naon?
Ayu : si firda teh kunaon si? Kitu pisan
Widia : nya meren kitu watekna atuh, tapi asa piraku we rek kitu wae mah nya
Ayu : enya sih, piraku? Sing we robah, teu resep kacida. (leumpang kaluar ti kelas
jeung widia)

Isuk na, firda masih keneh sombong, loba gaya, asa pangbenerna. Tapi, pas sabulan,
firda teh jadi cicingeun, teu loba gaya. Pas istirahat regi jeung arif rek tatanya ka
firda.

Arif : firda, maneh kunaon? Tikamari, kamarina, cicingeun wae.


Regi : emang patung cicing wae? (seuri)
Arif : yehh lain kadinya (nakol laun lengeun regi)
Regi ; saha?
Arif : saha?
Regi : NU NANYA! (seuseurian)
Arif ; kitu ning? Geus cicing reg (rada nyorongot)
Regi : heueuh. Jadi firda maneh kunaon? Sok we ngobrol
Firda : (ngalamun sakedeng) bapa abi bangkrut, ditipu ku babaturan bisnisna
(regi,arif, kerung)

Datang ayu jeung widia

Widia : eta maneh duaan ngeleg si firda nya? Tuman


Ayu : firda kunaon?
Regi : naon? Hanteu lah, sok geura diuk, dangukeun heula.
(arif, widia, ayu, diuk na korsi)
Firda : bapa abi bangkrut, sadayana dibawaan ku rentenir. Padahal bapa teh asa
teu gaduh hutang, pek ditipu ku babaturanna (nunduk)
Widia : tuluy ayeuna kumaha fir?
Firda : ayeuna, abi jeung keluarga, ngontrak dibleh ditueun perum.
Ayu : nu bener eta teh fir? Kurang gawean pisan nipu batur (ngagodeg)
Regi : da beda atuh jalma teh, yu
Arif : tuluy kumaha?
Firda : (teu ngajawab)
Ayu : ulah hariwang, fir. Mun lapar mah, hayu we ka kantin bareng, ke ku si arif
jeung si regi dijajanan (seuri)
Widia : heureuy eta mah fir, ulah sedih deui, da jalma mah pasti moal diluhur wae
aya dihandapna. (ngusap tonggong firda)
Arif : bijakna maneh wid (keprok)
Regi : enya, hirup mah moal angger.
Ayu : (seuri)
Firda : nuhunnya, wid, ayu, regi, arif. Punten pisan tingkah laku abi kamari-kamari
na kitu. Hapunten pisan.
Regi, arif, ayu, widia : SANTUY! (SEUSEURIAN)
Firda : (ngilu seuri)

Akhirna, Ayu, Widia, Regi, Arif, jeung Firda jadi babaturan nu silih tulungan, boh keur
manggih kabungah atawa kasusah. Babaturanna jadi resep ka firda sabab ayeuna
mah sifatna henteu bedegong.

Anda mungkin juga menyukai