Anda di halaman 1dari 1

YAYASAN PENDIDIKAN ISLAM (YPI) AR-RAHMAN

MADRASAH TSANAWIYAH AR-RAHMAN


SK MENTERI AGAMA RI NO : 187 TAHUN 2015
NSM : 121232070114 NPSN : 69927478
TERAKREDITASI B
Jl. Arrahman No. 2 (0265) 778127 Desa Nasol Kec. Cikoneng-Ciamis 46261
E-mail :mtsarrahman013@gmail.com

PENILAIAN TENGAH SEMESTER (PTS)


TAHUN PELAJARAN 2020-2021

Mata Pelajaran : Basa Sunda Kelas : VIII


Hari/ Tanggal : Sabtu, 26 September 2020 Semester : 1 (Ganjil)

Tanah Sunda
Tanah Sunda (wibawa) gemah ripah (tur endah)
Nu ngumbara suka betah
Urang Sunda (sawawa) sing toweksa (perceka)
Nyangga darma anu nyata
Seuweu Pajajaran
Muga tong kas’mara
Sing tulaten jeung rumaksa
Miara pakaya
Memang sawajibna
Geten titen rumawat tanah pusaka
Titen kana (pakaya), harta banda (pusaka)
Mo’kaduhung waktu jaga
Anu lian (mo’wasa) moal bisa (rumaksa)
Ngatur ngolak jeung ngariksa
Gembleng sauyunan
Singkil babarengan
Ngangkat darajat Ki Sunda
Sunda kukuh kuat
Diraksa dirumat
Pasti jembar wibawa Indonesia

Jawab ieu pananya di handap!


1. Kumaha kaayaan Tanah Sunda anu digambarkeun dina kawih “Tanah Sunda”?
2. Saha anu dimaksud seuweu Pajajaran the?
3. Kudu kumaha cenah seuweu Pajajaran miara Tanah Sunda teh?
4. Cing sebutkeun ku hidep contona, nu kumaha ngariksa tanah Sunda teh?
5. Tulis salah satu kawih nu hidep terang!
6. Naon nu dimaksud sisindiran?
7. Aya sabaraha rupa (wangun) sisindiran teh?
8. Jieun 1 contoh sisindiran paparikan!
9. Jieun 1 contoh sisindiran rarakitan!
10. Jieun 1 contoh sisindiran wawangsalan!

Anda mungkin juga menyukai