Anda di halaman 1dari 7

LAPORAN PORTOFOLIO PENILAIAN

TAHUN PELAJARAN 2019/2020

MATA PELAJARAN : BAHASA SUNDA

DISUSUN OLEH : TEDI MAULANA

KELAS : XII IPS 4

NO NISN : 0011481946

PEMERINTAH PROVINSI JAWA BARAT


CABANG DINAS PENDIDIKAN WILAYAH VI
SMA NEGERI 1 CIRANJANG
Alamat : Jl. Jati Pasirsanta Tlp (0263) 322397 Ciranjang – Cianjur 43282
Website: www.sman1ciranjang.sch.id, e-mail : sman1ciranjang@yahoo.com
KATA PENGANTAR

Segala puji bagi Allah SWT. Kami memujinya, memohon pertolongan dan ampunan-Nya.
Kami berlindung kepada Allah dari kejahatan diri dan keburukan amal perbuatan kami. Puji
syukur penyusun ucapkan atas terselesaikannya portofolio ini. Tanpa berkah dan
kemurahanNya saya tidak mungkin dapat menyelesaikan portofolio ini. Kedua kalinya
salawat beserta salam tetap tercurahkan kepada Nabi Muhammad SAW yang telah
membawa kita dari alam kebodohan menuju alam yang penuh dengan ilmu pengetahuan.

            Portofolio ini  disusun sebagai salah satu tugas akhir semester genap untuk mata
Pelajaran BAHASA SUNDA Didalam portofolio ini terdapat materi-materi SAJAK Penyusun 
menyadari masih terdapat kekurangan dalam portofolio ini, maka dari itu kritik dan saran
yang bersifat membangun selalu saya harapkan demi kesempurnaan portofolio ini.

Akhir kata, sebagai penyusun portofolio ini, saya berterimakasih kepada Ibu AI SADIAH
S.Pd selaku guru mata pelajaran BAHASA SUNDA dan kepada pihak-pihak yang membantu
dalam menyelesaikan portofolio ini.

Semoga portofolio ini membawa manfaat dan memberikan nilai tambah kepada para
pembacanya.

Ciranjang, Maret 2020

Penyusun,

TEDI MAULANA
LEMBAR PENGESAHAN

Setelah dilakukan verifikasi maka dokumen Portofolio ini dinyatakan telah sesuai dengan ketentuan
dan dapat digunakan sebagai bahan pertimbangan nilai ujian sekolah Tahun Pelajaran 2019/2020

Wakasel Kurikulum Guru Mata Pelajaran

Drs Udin Samsudin Ai Sadiah S.Pd


NIP 196110071987031010 NIP 198210242010012008
LAMPIRAN

A. MATERI BASA SUNDA SAJAK

1. WANGENAN SAJAK

Hidep kungsi nempo penyair anu ngagalantangkeun sajak? Hidep kungsi ngilu pasanggiri
ngagalantangkeun sajak? Lamun enggeus, tangtu hidep boga pangalaman anu mandiri. Lamun acan,
tangtu hidep bisa diajar. Memeh prung ngagalantangkeun sajak, ayeuna urang guar heula perkara sajak.

Naon ari puisi? Dina sastra Indonesia, nu disebut puisi teh sarua hartina jeung sajak dina sastra Sunda.
Ari dina sastra Sunda, puisi teh hartina lega pisan, ngawengku sababaraha jenis karya sastra, kaasup
sajak, mangrupa bagian tina puisi.

Leuwih jelasna, nu dimaksud dina puisi dina sastra Sunda nyaeta wanda basa karangan anu rakitanana
biasana mah pinuh ku wirahma, kauger ku wangunana jeung ku diksina: lain dina ungkara kalimah cara
dina basa sapopoe atawa cara mangun prosa. Puisi Sunda teh rea rupana, aya nu kagolong puisi heubeul
(buhun, tradisional) jeung aya nu kagolong kana puisi anyar. Puisi heubeul aya nu ngawujud carita,
naratif (carita pantun, wawacan). Aya anu henteu ngawujud carita; rupa-rupa puisi mantra
(jangjawokan, singlar, jampe, asihan), sisindiran (rarakitan, paparikan, wawangsalan) , kakawihan
(barudak), sa’ir (pupujian, sawer, jst), pupuh (dangding, guguritan). Ari anu kaasup puisi anyar nyaeta
sajak.

Cindekna, sajak nyaeta salah sahiji sastra Sunda anu direka dina wangun basa ugeran (puisi). sanajan
ditulis dina wangun ugeran, tetela sajak mah teu pati kauger ku patokan-patokan jumlah engang saban
padalisan jeung jumlah padalisan dina saban pada saperti dina pupuh atawa sisindiran.

2. KAMEKARAN SAJAK SUNDA

Dumasar kana asal-usulna, sajak teh mangrupa karya sampeuran anu jplna tina sastra deungeun, nyaeta
pangaruh tina sastra Eropa. Eta karya teh asup tur jadi banda sastra Sunda di mimiti kira-kira taun 1946,
nalika para pangarang Sunda, hususna pangarang ngora, mimiti kasengsrem tur mikaresep ngareka basa
dina wangun sajak. Pangarang Sunda anu naratas gelarna sajak nyaeta Kis WA.

Sabada ditaratas ku Kis WS, sajak Sunda terus mekar nepika kiwari. Lian tina rea sajak anu dimuat dina
majalah jeung koran basa Sunda, saperti Mangle, Cupumanik, Galura, jeung Koran Sunda, oge rea karya
anu geus dibukukeun mangrupa antologi. Sababaraha judul buku kumpulan sajak Sunda jeung
pangarangna, diantarana : Lalaki di Tegal Pati karya sayudi (1963), Jante Arkidam karya Ajip Rosidi
(1967), Tepung di Bandung karya Rahmat M.Sas. Karana, Wasiat konglomerat karya Taufik Faturohman,
Lalaki Langit karya Juniarso Ridwan, Jagat Langit karya Godi Suwarna, Maung Bayangan karya Etti R.S,
Jamparing Hariring karya Dedy Windyagiri, Aya Naon di Cinaon karya Wahyu Wibisana, Kidang Kawisaya
karya Retty Isnendes, Katiga karangan Yayat Hendayana (1957), Gondewa karangan Etty RS (1987),
Jiwalupat karangan Godi Suwarna (2007), jeung rea deui.

3. ADEGAN (STRUKTUR; UNSUR) SAJAK

Sajak teh mangrupa ungkara pikiran, rasa jeung gagasan pangarang, nu ditepikeun pikeun
ngagambarkeun hiji pasualan. Eta pasualan teh asalna bisa dina kanyataan kahirupan sapopoe, bisa oge
ukur reka cipta pengarang sabada ngaliwatan proses imajinasi jeung kontemplasi, anu satuluyna
dijanggelekkeun dina wangun rakitan basa anu endah.
Biasana sajak mah ditulis dina wangun ungkara konotatif (kiasan). Ku kituna sajak mah aya kalana hese
dipikahartina, lantara ari ungkara konotatif mah loba salib jeung siloka. Beda jeung harti denotatif anu
ngungkabkeun harti sajalantrahna. Tapi najan kitu, tetep we unggal sajak mibanda ma’na jeung amanat
keur nu macana. Ku kituna, tangtu bae sajak teh mibanda unsur-unsur pangwangun anu ngadeudeul
kana jenglengan rumpakana eta. Eta unsur-unsur teh diantarana:

a. Jejer (Tema)

Tema teh gagasan poko anu rek ditepikeun ku pangayak ka nu maca. Tema dina sajak rupa-rupa, aya
tema kaagamaan, kamanusiaan, cinta ka lemah cai, jste. Upamana wae sajak “Tanah Sunda” di luhur teh
nyaritakeun kaayaan tanah Sunda anu keur harengheng. Jadi bisa dicindekkeun temana teh ngeunaan
cinta ka lemah cai (sarakan).

b. Nada jeung Suasana

Nada teh sikep pangayak ka n maca. Tina sikep pangayak ngabalukarkeun ayana suasana nu karasa ku
nu macca. Geura titenan pada sempalan sajak “Tanah Sunda” ieu di handap.

Hejo pagunungan paul lautan

Taya kamarasan ngan katugenahan

Hejo pagunungan paul lautan

Taya katengtreman ngan ancaman

Dumasar pada sajak di luhur, katangen sikep pangajak teh hayang ngabejaan ka nu maca yen najan
tanah Sunda teh endah, tapi tetep hendteu tengtrem tur loba ancaman. Tina sikep eta urang salaku nu
maca bisa ngarasa keueung jeung ngahanjakalkeun ku kaayaan kitu.

c. Rasa

Rasa teh ngajiwaan eusi sajak. Rasa dina sajak bisa kapanggih sabada dibaca. Naha dibacana teh
digorowokeun, digalantangkeun, dihariringkeun atawa dilenyepan dina jero hate. Sajak “Tanah Sunda”
upamana, moal kapanggih rasa eusina mun dibacana ukur dina jero hate. Sabalikna baris kapanggih tur
karasa kumaha keueungna, mun macana digorowokeun atawa digalantangkeun.

B. NGAGALANTAKEUN SAJAK

Ieu dihandap aya teks sajak. Pek ku hidep ngagalantakeun di hareupeun babaturan sakelas. Bagilir wae
saurang-saurang, anu sejenna ngaregepkeun sing daria.

TANAH SUNDA

Karya : Ajip Rosidi

Héjo pagunungan

Paul lautan

Héjo

Paul

Langit na haté kuring


Masing dimana kuring nangtung

Masing kamana kuring leumpang

Tanah lémbok tempak bumetah

Angin nyeot nyiuman tarang

Masing dimana anjeun nunjuk

Masing iraha anjeun cumeluk

Kuring mo mumpang , kuring rék datang

Neueulkeun tarang , neueulkeun jantung

Kuring tungtung teteupan

Kuring tungtung

Teteupan

Tuntung bedil

Ngincer dada

Kuring geus nyaksian getih ngabayah

Getih maranehna nu mikacinta anjeun

Kuring geus nyaksian panon carelong tanggah

Jasadnu ruksak ngalungsar na dada anjeun

Héjo pagunungan , paul lautan

Taya kamarasan ngan katugenahan

Héjo pagunungan , paul lautan

Taya katengtreman , ngan ancaman !

Anda mungkin juga menyukai