Anda di halaman 1dari 5

KABIASAAN BOLOS SAKOLA

Tokoh
1. Iwan
2. Yadi
3. Asep
4. Bu Dian
5. Ma Tini
6. Ma Idah
7. Dadan

Dina hiji poe tilu murid. Maranehna teh sakola babarengan, jeung dei maranehna teh
sakelas.Anu naramina nyaeta Iwan, Yadi sareng Asep. Maranehnateh murid pang
badungna di kelas.Dina hiji poe di jero kelas, maranehna keur di ajar di jero kelas. Tapi
guruna teu asup.
(Di jero kelas)
Asep : wan, yad bosen yeuh di kelas, mungpung euweuh guruna urang bolos weh beu!
Iwan: jeeeehhh….. urang mah hayuh wae, tanya weh tuh kasi Yadi ! daekkeun teu ?
Yadi : idih, piraku urang saminggu rek   bolos wae!
Iwan : hayu yad, kagok lah sapoe dei, isukan pere iyeuh !
Asep : tah heueuh, bener isukan pere iyeuh !
Yadi : hayulah hayu !
Tuluy maranehna siap-siap rek mangkat bolos tapi di tegor ku Dadan
Dadan : heeeeeeh, maraneh rek mangkat kamarana ?
Iwan : naon maneh? Kumaha urang weh, urang rek kamana ke ! lain urusan maneh !
Asep : awas siah lamun maneh bebeja ka guru, lamun bebeja maneh moal aman dikelas !
Iwan Asep : bener !
Tuluy maranehna marangkat bari geus di caram ge ! tapi Dadan boga pikiran rek di
dibejakeun tah barudak teh ka Ibu Dian.
Dadan : ku urang bejakeun weh ah, dari pada beuki badeg wae barudak teh !
Dadan terus mangkat ka ruang BP, kabeneran Ibu Dian keur aya di ruanganna .
(Di ruang BP)
Dadan : “ Assalamu’alikum”
Ibu dian : “Waalaikumussalam!mangga kalebet”
Dadan: nuhun bu !
Ibu Dian : mangga calik jang ! aya naon !
Dadan : Kieu bu, di kelas simkuring teh aya barudak anu baradung pisan, maranehna bolos
wae, cikeneh ge maranehna kaluar bu bolos. Da pedah teu aya guruna.
Ibu Dian : saha, di kelas mana !
Urang : ti kelas 9z bu nyaeta Iwan, Yadi, sareng Asep bu !
Ibu Dian : heuuh barudak eta dei nya!
Urang : muhun bu !
Ibu Dian : nya entos nuhun laporanna, ke rek di urus weh ku ibu !
Urang : owh..nuhun atuh bu !
Ibu Dian : muhun jang !
Urang : assalamualaikum bu !
Ibu Dian: waalaikum salam….!!
 Dijalan rek bolos, maranehna neangan tembut sakeur bolos.

(DIJALAN REK BOLOS)


Asep : Dan, Yad urang bolos kamana yeuh !
Iwan : kumaha lamun ka tembut bilyard!
Asep : urang mah hayu ! kumaha yad !
Yadi : hayulah!(bari kabusa)
Asep : nyantai weh moal kanyahoan iyeuh ayeunamah ! bawa santai weh poeayeunamah !
Iwan : hayu urang mangkat, cabut bray !
Tuluy maranehna teh marangkat ka tembut anu di tuju nyaeta tembut bilyar tea. Bus
poesenenna te maranehna asup sakola dei, tuluy Dadan merebeja ka maranehna yen
maranehna di panggil ku Ibu Dian !
(dikelas)
Urang : Iwan, Yadi, Asep. Maneh titah ka ruang bp !
Asep : emang urang aya masalah naon jeung Ibu Dian ?
Urang : kaditu weh lamun teu percaya mah !
Yadi : nu bener maneh !
Urang : bener, lamun teu kaditu ke maneh di kaluarkeun ti sakola !
Iwan : maneh bebejanya kamri arurang barolos !
Urang : emang lamun heueuh kunaon ?
Asep : maneh geus wani kaarurang ?

Iwan : bray dari urang di kaluarkeun, hayu weh urang kaditu.
Yadi : bener wan, hayu weh urang kaditu !
Asep : hayulah hayu !
Iwan: awas siahhhh…!!!!
 Tuluy maranehnateh mangkat ka ruang BP. Bari maranehna ge sarieuneun.

(diruang BP)
Iwan : assalamualaikum !
Ibu Dian : waalaiikuum salam, arasup maneh !
Yadi : aya naon yeuh bu abdi sadaya di ppiwarang kadieu !
Ibu Dian : maneh nu ngarana IWAN, YADI, jeung ASEP lain ?
3an : muhun bu !
Ibu Dian : maneh barolos wae nya?
3an : heunteu bu !
Ibu Dian : nu bener maneh ! aya laporanna yeuh !
Iwan : nya muhun bu, arurang emang sok bolos, tapi abdimah tara ngajakan bu!
Ibu Dian: ah…ayeunamah tong silih salah keun,
tos loba bukti jeung laporana da !, yeuh surat bikeun ka kolot maraneh, pokona isukan
maneh kudu datang jeung kolot maneh.
Asep : nya entos atuh bu, abdi tiluan menta hampura weh bu ! janji moal kitu dei !
Ibu Dian : geus ulah loba omong, kaluar weh geura, tong poho isukan !
Iwan : nya bu, assalamu alikum bu  (bari sasalaman)
Enjingna, bus maranehna di jero kelas, maranehna di pangggil ka ruangan Ibu Dian, da
kolotna datang
(Diruang BP)
Iwan : assalamualaikum !
Ibu Dian : waalaikumsalam, asup !
Ibu Dian: punten bu ! euma’ wali ti saha !
 Ma Tini : owhh…kieu yeuh bu, maranehna teh duduluran abdi, kabenerean emana si
Asep jeung si deden ramana tos almarhum ! jadi abdi ngawalian k tiluuan, ngmong-
ngomong aya naon bu Ibu Dian : kieu bu, maranehna tiluan tara asup sakola,
tos saminggu maranehna bolos wae!

Ma Tini : nu leres bu, da unggal poe mah maranehna teh sok mangkat wae ti bumi na mah!

Ma Idah : dasar barudak bangor ..!

Ibu Dian : abdi ngagaduhan laporan ti k osis sareng Dadan
yen manehnateh ceunah sok bolos di tempat bilyard Ma Tini : nu leres wan !

Iwan: eeee…..enya ma’ ! hampura weh ma’ !

 Ma Idah : astagfirullah, maraneh tos di bayaran mahal-
mahal sakola didieu, tapi sikapmaranehmah ayeuna kieu ! Ibu teh teu hayang anjeun kos
Euma, ngan jadi kuli pabrik !
Iwan: NYA HAMPURA WEH NYA MA’!
 Bu uyad : Tah ayeunamah simkuring serah keun weh ka euma ! bade di kumaha keun wae
ge bu !
Ibu Dian : kieu yeuh ma’, abdi sareng guru atos baradami yen iyeu tiluan teh rek di DO wae ti
sakola iyeu 3an : buuuuu, beri keringanan atuh bu!
Iwan : abdi janji bade ngarubah sikap abdi !
Ibu Dian : bener maneh janji
Iwan : demi allah bu abdi bade nagrubah sikap !
Ibu Dian : nya entos atuh bu, ayeunamah kieu weh iyeu k tiluan teu jadi di DO tapi iyeu bade
di skor weh saminngu teu meunag sakola heula !
Ma Idah : nya nuhun atuh bu !
Ibu Dian : nuhun tos datang ma !
Ma Tini: nya sami’’ bu, hampurawe anak abdi bu, assalamualaikum !
 Ibu Dian : waalaikum sallam
Tuluy senggeus maranehna di skor maranehna asup dei ka kelas 9z rek nyokot tas da
rek balik jeung bapana si Iwan.
(nyokot tas di kelas)

Dadan: yih rek kamarana dei maneh !
Iwan : arurang di skor !
Dadan : tah ceuk urangge jadi tong sok badeg geh, tong sok bolos wae !
Yadi : hamppuranya Dan !
Maranehna teh senggeus di skor saminngu asup dei ka sakola, tapi ayeunamah
maranehna geus saladar.tara barolos deui

Anda mungkin juga menyukai