Anda di halaman 1dari 1

PIDATO BAHASA SUNDA TENTANG MENJAGA KEBERSIHAN

Pidato Bahasa Sunda

Assalamualaikum Warrahmatulohi Wabarakattuh

Langkung tipayun urang panjatkeun puji sareng syukur ka Allah SWT, Tuhan Nu Esa anu
mana masihan hidayah sareng inayah-Na ka urang sadaya. Janten urang sadaya tiasa kempel
di acara ieu, dina kaayaan sehat wal afiat alhamdulilah.

Para wargi sakalian anu dipikahormat kusimkuring,

Dina waktos ieu abdi bade nerangkeun tentang tema kebersihan, nyaeta kumaha pentingna
ngajaga diri dina hidup sehat jeung manfaat ngajaga kasehatan. Nu mana urang sadaya teh
kedah atau wajib ngajaga lingkungan sekitar urang, sareng awak nyalira yen urang sadaya
tiasa ngajaga kasehatan tina sagala rupi panyakit nu aya.

Ku margi kitu urang sadaya ge kedah ningkatkeun carana pola hidup nu sehat kanggo
kapayuna hirup urang sakalian di kawitan ti ayeuna. Siga anu pernah diterangkeun dina
salah sahiji hadist, ‘ Inna dhofatu minal iman.’ Anu hartosna teh, kabersihan sabagen tina
iman.’ Nu matak kudu dijaga ku urang-urang.

Sebagai urang muslim anu taat, anu gaduh kaimanan di jero hate urang tangtu urang teh
kudu bersih sareng suci tina sagala kotor atau najis anu nyebabkeun urang jadi teu suci.
Allah SWT mah resep kanu hamba anu merhatikeun jeung ngajaga kabersihan. Bersih eta
teh kaasup kana raga urang, diri urang, sareng lingkungan di sakitar urang.

Tapi kabersihan eta teh rupina macem-macem, aya nu disebut bersih hate, bersih jiwa,
bersih raga, sareng bersih rohani. Urang kedah jadi jalma anu kaasup bersih sadayana,
sabab ngan bersih raga tapi hatena teu bersih mah nya percuma. Matak ti mulai ayeuna,
hayu urang ngabersihan sagala rupina, sareng ningkatkeun pola hidup sehat kanggo urang
sadayana.

Cekap sakitu abdi nyanggakeun pihatur, hatur nuhun.

Wassalamualaikum salam Wr. Wb.

Anda mungkin juga menyukai