Anda di halaman 1dari 2

KEBERSIHAN

Assalamu’alaikum Wr.Wb

Sampurasun! Langkung tipayun urang panjatkeun puji sinareng syukur ka IllahiRobbi kalayan hidayah
sareng inayahna, urang sadaya tiasa kempel dnaa yeu tempat kalawan dina kaayaan sehat walafiat.

Rerencangan anu ku simkuring dipika hormat! Dina iyeu waktos, simkuring bade nerangkeun
kumaha pentingna hirup sehat kanggo urang sadayana. Janten, urang sadaya kedah atawa wajib ngajaga
lingkungan sareng awak nyalira pikeun urang sadaya tiasa ngajaga tina sagala panyakit. Kumargi kitu,
urang kedah ningkatkeun pola hirup sehat kanggo ka payun na dikawitan ti ayeuna. Dina salah sahiji
hadist nerangkeun:

“ Annadhoftu minal iman “

Nu hartosna : “ Kabersihan teh sebagian tina iman “

Tina hadist eta, urang tangtu tos ngartos maksad sareng tujuannana, nyaeta urang teh umat
muslim anu ngagaduhan iman dina jero hate urang. Upami urang sadaya iman ka alloh, berarti urang
kudu bersih hate atanapi suci tina sagala kokotor boh hadas alit atawa hadas ageung, nu nyebabkeun
urang teu suci. Bersih eta sadaya teh nu di dasarkeun tina bersih na jeung suci na urang sareng
lingkungan disakitar urang. Kabersihan sakola oge kudu urang jaga. Urang kudu mikacinta kabersihan
sangkan hate urang ge milu bersih.

Kabersihan teh aya marupi-rupi macemna, nyaeta aya bersih hate, bersih jiwa, bersih raga, sareng
bersih rohani. Tah, urang kudu janten jalmi nanu kaasup kana jalma anu bersih sadayana. Aamiin
allahumma aamiin..., hayu urang sami-sami ningkatkeun pola hirup sehat kanggo kasaean urang sadaya
sangkan tiasa leuwih getol kana ibadah ka gusti anu maha kawasa tur maha asih.

Rerencangan sadaya anu dipihormat, cekap sakitu simkuring nyanggakeun pihatur nuhun,
hapunten bilih aya basa atanapi kecap nu kirang merenah, mugi kersa ngahapunten.

Wassalamu’alaikum Wr.Wb

Anda mungkin juga menyukai