Anda di halaman 1dari 1

Nama : Malik Nurrachman Syahgani

Kelas : XI MIPA 2

Kabersihan Teh Sabagian Tina Iman

Assalamu’alaikum Wr. Wb. Sampurasun!


Langkung tipayun urang panjatkeun puji sinareng syukur ka Ilahiirobbikalayan hidayah
sareng inayahna, urang sadaya tiasa kempel dina ieu tempat kalawan dina kaayaan sehat
walafiat.

Rerencangan anu ku simkuring dipikahormat. Dina ieu waktos, simkuring bade


nerangkeun kumaha pentingna hirup sehat kanggo urang sadayana. Janten, urang sadaya
kedah atawa wajib ngajaga lingkungan sareng awak nyalira pikeun urang sadaya tiasa
ngajaga tina sagala panyakit. Kumargi kitu, urang kedah ningkatkeun pola hirup sehat kanggo
kapayuna di kawitan ti ayeuna. Dina salah sahiji hadits diterangkeun.
“Annadhofatu minal iman”

Nu hartosna : “Kabersihan teh sabagian tina Iman” Tina hadits eta, urang tangtu tos
ngartos maksad sareng tujuanna,nyaeta urang teh umat muslim anu ngagaduhan iman dina
jero hate urang. Upami urang sadaya iman ka Allah, berarti urang kudu bersihatanapi suci
tina sagala kokotor boh hadas alit atawa hadas ageung, anu nyebabkeun urang teu suci.
Bersih eta sadaya teh nu didadarkeun dina bersih jeung sucina urang sareng lingkungan di
sakitar urang. Kabersihan sakola oge kudu urang jaga. Urang kudu mikacinta kabersihan
sangkan hate urang ge milu bersih.

Kabersihan teh aya marupi-rupi macemna, nyaeta aya bersih hate, bersih jiwa, bersih
raga, sareng bersih rohani. Tah, urang kudu janten jalmi anu kaasup kana jalma anu bersih
sadayana. Allahumma, amiin… Hayu urang sami-sami ningkatkeun pola hirup sehat kanggo
kasaean urang sadaya sangkan tiasa leuwih getol kana ibadah ka Gusti nu Maha Welas tur
Maha Asih.

Rerencangan sadaya anu dipihurmat.Cekap sakitu simkuring nyanggakeun pihatur,


pamungkas pisanggem,bilih aya basa anu kirang entep seureuhna atanapi kecap anu kirang
merenah larapna, mugi kersa ngahapunten.
Wassalamu’alaikum Wr. Wb.

Anda mungkin juga menyukai