Anda di halaman 1dari 3

Assalamu’alaikum Wr. Wb.

Alhamdulillahilladzi aujaba ‘alaina bil jama’ah wa nahana ‘anit tafaruqi wal ‘adawah. Ash-shalatu was
salamu ‘ala rasulillah, sayyidina Muhammadibni ‘abdillah wa ‘ala alihi wa shahbihi wa maw walah,
amma ba’du.
Sugrining puji kasangga ka Gusti Nu Maha Suci, sadaya puja kasangga ka Pangéran Nu Maha
Kawasa. Kalayan qudrot sareng irodat Mantenna urang sadaya dina danget ieu tiasa kumpul riung,
amprok jonghok, hempak merperbayaksa dina tempat anu kalintang nyugemakeunana. Mudah-
mudahan hibar barokah kalih maghfiroh Allah SWT ginuluran ka urang sadaya, amin. Teu hilap
shalawat kalih salam mugia dilélérkeun ka panutan alam, manusa anu pangmulyana nyatana
habibana wa nabiyyana Muhammad SAW, katut kulawargina, para sahabatna oge umat sadayana
anu turut, tumut kana ajaran anjeunna dugi ka poé kiamah, amin.
Hadirin anu sami linggih, dulur-dulur anu sami rawuh, baraya anu sami lenggah.
Kiwari manjing lingsirna wanci, ayeuna ninggang lugayna mangsa. Urang sadaya anu hadir di dieu baris
ngajadi saksi pikeun lumangsungna acara perpisahan kelas XII anu diluluguan ku kulawarga besar SMK Nurul
Huda Algina Cimerak. Nya jisim kuring pisan dina danget ieu kapeto ku kolot-kolot, kapapancénan ku
sékésélér panitia kanggo nataan runtuyan acara ti kawit dugi ka ahir, ti awal dugi ka tuntasna ieu acara.

Dupi acara anu badé kapidangkeun dina acara ieu nyaéta :


1. Bubuka,
anu diantawisna dieusian ku galindeng ayat-ayat suci Al Quran sinareng solawatna,
2. Sanduk – sanduk papalaku ti pupuhu panitia
3. Prosesi upacara adat
4. Biantara sareng pangdeudeul diantawisna:
 Biantara ti pupuhu SMK Nurul Huda Al Gina Cimerak
 Pangdeudeul / biantara ti pupuhu komite SMK Nurul Huda Al Gina Cimerak
 Pangdeudeul / biantara ti pupuhu pasantren atanapi pangasuh pasantren Nurul Huda Al
Gina Cimerak
 Biantara ti pupuhu lembur, kepala desa Batumalang
5. Bewara juara dilajengkeun kana prosesi pangalungan medali, oge di teraskn kana prosesi
sungkem
6. Kreasi seni
7. Do’a/ Tutup
Supados teu nyangkolong kana waktos mangga ieu acara urang buka ku aosan basmalah
sasarengan “BISMILLAHIRROHMANIRROHIM” ku ngalangkungan kalimah basmalah nembe,
ieu acara sacara resmi parantos dikawitan.
Atuh masih kénéh dina raraga bubuka, supados ieu acara langkung-langkung ginuluran hibaring
barokah, mangga urang sami-sami ngaregepkeun kana galindengna aosan ayat-ayat suci Al Qur’an.
Kalayan anu baris mancén tugas maos Al Qur’an, sim kuring ngahaturanan ka Patugas.
(Patugas ngagalindeng maos Al-Qur’an dugi ka tutas. Sabada tutas, panata calagara neruskeun
nataan acara)
Para wargi sadaya, réngsé galindengna Ayat-ayat Al Qur’an anu parantos di’aoskeun. Pamudah-
mudahan ku ngalangkungan aosan ayat anu nembé barokah tina amanah anu dipopoyankeun tina
dawuhan Allah, urang sadaya masing tiasa ngajalankeun sakumaha mistina malah mandar aya dina
ridlo Allah SWT, amin.
Ngalincak kana acara anu kadua, nyaéta sanduk-sanduk papalaku ti pupuhu panitia anu ngaluluguan
ieu acara. Ka pupuhu panitia, atanapi anu ngawakilanana sumangga dihaturanan.
(pupuhu panitia ngalaksanakeun pancénna)

Dulur-dulur anu sami rawuh, baraya anu sami lenggah.


Réngsé parantos sanduk-sanduk papalaku di pupuhu panitia, anu parantos ngabéjérbéaskeun
undek-undak kereteg manahna, kalayan kamafhum tur kamaklum ku urang sayadana. Atuh
saterasna urang lajengkeun kana acara anu saterasna nyaéta prosesi upacara adat anu bade di
luluguan ku petugas, mangga di haturanan
(prosesi toslaksanakeun pancénna)
Hadirin sadayana nu sami hadir runtutan acara salajengna nyaeta Biantara.
Kanggo biantara anu ka hiji bade di dugikeun ku kersana pupuhu ieu sakola, sakantenan nyerenkeu
siswa – siswi kelas 12 nu bade miang ti ieu sakola. ka kersana bapa kepala sakola mangga waktos
sinareng tempat, kahatur pikeun anjeuna.
(pupuhu sakola ngalaksanakeun pancénna)
Hatur nuhun kana biantara anu tos di kedalkeun, anu sakitu eces jentrena, mugia janten panambih
kautamaan ka pala wargi sadayana. Sarta parantos nyerenkeun deui secara simbolis siswa – siswi
kelas XII ka ibu ramana masing – masing nu di wakilan ku pupuhu komieu sakola.
Kanggo biantara anu kadua sim kuring ngahaturanan ka Pupuhu komiteu SMK nurul huda Al gina,
sakantenan ngawakilan ibu rama siswa - siswi kelas 12 kangge nampi deui murangkalih nu tos di
serahkeun tadi, mangga ka anjeuna waktos sinareng tempat kahaturkeun.
(pupuhu pasantren ngalaksanakeun pancénna)
Atasnami hadirin ngahaturkeun nuhun ka pangersa pupuhu komiteu SMK nurul huda anu parantos
masihan pangdeudel ka urang sadayana. Sarta ngawakilan orang tua siswa kanggo nampi deui
murid siswa – siswi kelas 12 anu baris miang ti ieu sakola.

Kanggo biantara anu salajengna sim kuring ngahaturanan ka Pupuhu pasanten nurul huda atanapi
pangasuh pasantren nurul huda, mangga ka anjeuna waktos sinareng tempat kahaturkeun.
(pupuhu pasantren ngalaksanakeun pancénna)
Atasnami hadirin ngahaturkeun nuhun ka pangersa pangasuh pondok pesantren nurul huda anu
parantos masihan pangdeudel sarta nasehat ka urang sadayana
Dulur – dulur anu sami rawuh, wargi – wargi anu sami linggih, biantara anu pamungkas bade di
dugikeun ku kersana pupuhu desa Batumalang, atanpi wawakilna, ka anjeuna mangga dihaturanan
. (pupuhu desa batumalang ngalaksanakeun pancénna)
Hatur nuhun kana biantara anu parantos didugikeun, mangrupi tawis kadeudeuh kanggo ngarojong
pangwangunan di ieu lembur, terutami warga sakola SMK nurul huda.

Hadirin sadayana, acara anu salajengna nyaeta pengumuman kajuaraan di lajengkeun prosesi
pangalungan medali, diterasken acara sungkem, anu bade di pandu ku petugas.
(petugas ngalaksanakeun pancénna)
hatur nuhun parantos mandu acara nembe,
di lajeng kana acara salajengna nyaeta pentas kreasi seni siswa – siswi kelas 10 sareng 11, nu ka
hiji seni tari mangga di haturanan.
(petugas ngalaksanakeun pancénna)

Saterasna seni drama musical, wilujeng nyakseni


(petugas ngalaksanakeun pancénna)

hadirin sadayana, acara tikawit dugika ahir parantos rengse, simkuring saparakanca dina mandu ieu
acara tangtos seuser kakirangan nana tarutami tina tata bahasa tangtos kirang entep seureuhna,
neda sihapunten anu saageung- ageungna, atuh tadi di kawitan ku aosan basmalah, mangga urang
tutup ieu acara ku aosan hamdalah sasarengan “ALHAMDULILLAHIROBBILALAMIN”

Wassalamualaikum warohmatullohi wabarokatuh.

Anda mungkin juga menyukai