Anda di halaman 1dari 5

PEMERINTAH KOTA BANDUNG

DINAS PENDIDIKAN
SEKOLAH DASAR NEGERI 258 SUKARELA
Komplek Panghegar Permai II Jl. Panyawangan No.7 Telp. (022) 7816154 Bandung 40614

PENILAIAN AKHIR SEMESTER 1


TAHUN PELAJARAN 2022-2023

MATA PELAJARAN : BAHASA SUNDA


HARI, TANGGAL : .............................................................
KELAS : 6 - .........
NAMA LENGKAP : .............................................................

PETUNJUK PENGISIAN SOAL

1. Awali dengan berdoa.


2. Isi kelas dan nama lengkap.
3. Baca soal dengan saksama.
4. Kerjakan dengan jujur dan periksa kembali pekerjaanmu sebelum diserahkan.
5. Akhiri pekerjaanmu dengan bersyukur.

I. Cakraan (X) aksara A, B, C atawa D dihareupeun jawaban anu bener !

Pek tengetan pupuh Durma dihandap ieu!


Sarerea urang teh kudu sayaga
Ngajaga lemah cai
Ti nu niat jahat
Nagara jadi teu aman
Rayatna jadi teu tingtrim
Jiwa ragana
Ulah jadi karisi

1. Pupuh di luhur nyaritakeun tentang...


A. Bungah ku panjajah C. bingung ku panjajah
B. Ngabela lemah cai D. sedih ku panjajah

2. Pupuh Durma dina sapadana diwangun ku ... padalisan


A. 12 C. 7
B. 9 D. 6

3. Bukti tinulis geus kapanggih, dina jaman prasejarah jalma harita geus bisa nyieun barang
tina teneuh.
Kecap tinulis, asal kecapna nyaeta …
A. Nulis
B. Tinu
C. Tinulis
D. Tulis
4. Teu honcewang
Sumoreang
Tekadna pahlawan bangsa
Cadu mundur
………….
………….
Pek lengkepan kawih “ Karatagan Pahlawan” di handap nyaeta …

Penilaian Akhir Semester 1 kelas 6 – Bahasa Sunda 1


A. Pantrang mulang
Mun Maksud tacan laksana
B. Berjuang keur lemah cai
Lali rabi tur tenggang pati
C. Taya basa menta pamulang tarima
Iklas rela keur korban merdeka
D. Dibarengan tekad suci
Berjuang keur lemah cai
Pek tengetan pupuh dihandap ieu kanggo soal No 5-9!
Sarerea urang teh kudu sayaga
Ngajaga lemah cai
Ti niat jahat
Nagara jadi teu aman
Rayatna jadi teu tingtrim
Jiwa ragana
Ulah jadi karisi

5. Palanggeran pupuh diluhur nyaeta ....


A. 12 a, 7i, 6a, 8a, 8i, 5a, 7i C. 12a, 7a, 6i, 8a, 8a, 5a, 7i
B. 12 u, 7a, 6i, 8u, 8a, 5i, 7a D. 12 u, 7i, 6i, 8i, 8u, 5i, 7i

6. Dina pupuh diluhur diwangun ku …. Padalisan


A. 6 C. 8
B. 7 D. 9
7. Pupuh diluhur kaasup pupuh ….
A. Pupuh kinanti C. Pupuh Durma
B. Pupuh Asmarandana D. Pupuh Maskumambang
8. Naon harti kecap tingtrim dina pupuh diluhur nyaeta ….
A. Ngajaga C. Tenang
B. Ngabela D. Teu loba
9. Naon harti “ sarera urang teh kudu sayaga” nyaeta …
A. Sadayana jalmi teh kudu siap siaga
B. Sadaya teh kudu biasa
C. Sadaya jalmi kudu karisi
D. Sadaya kudu jadi jalma

Pek tengetan bacaan dihandap kanggo soal No 9 -!


Jalak bali mangrupa sato nu hirupna matuh di hiji tempat(endemic) anu aya di Pulo
Bali beulah Kulon. Dr. Baron Stressmann, ahli sato manuk urang Inggris nu pangheulana
manggihan jalak Bali dina tanggal 24 Maret 1911.
Manuk jalak Bali babari katangen da boga ciri – ciri husus, seperti buluna bodas di
sakujur awakna. Kajaba tungtung buntutna jeung jangjangna warna hideung, pipina mah
teu aya buluan, warnana biru, sukuna abu -abu. Manuk jalu jeung bikang teh sarua.
10. Saha anu pangheulana manggihan manuk Jalak Bali nyaeta …
A. Dr. Buron Stressmann
B. Dr. Baron Slessmann
C. Dr. Baron Stressmann
D. Dr. Badron Stressmann
11. Kumaha ciri – ciri husus jalak Bali teh nyaeta …
A. Bulu awakna hideng, buntut jeung jangjangna warna bodas, sukuna warna coklat
B. Bulu awakna bodas, buntutna jeung jangjangna warna hideung, sukuna warna abu – abu
C. Bulu awakna bodas, buntutna jeung jangjangna warna hideung, sukuna warna hideung
D. Bulu awakna hideung, buntutna jeung jangjangna warna biru, sukuna warna abu – abu

12. Harti paribasa sapu nyere pegat simpay nyaeta ....


A. Loba pangalaman C. Migawe laku nu moal aya hasilna
B. Adat teh hese digantina D. Asal babarengan lila tuluy papisah

Penilaian Akhir Semester 1 kelas 6 – Bahasa Sunda 2


13. Pilih mana anu kaasup satwa langka sarta teu meunang diingu!
A. Lutung jawa, penyu hejo C. manuk, hayam            
B. hayam, ucing D. domba, sapi 

14. Aya tokoh sunda nu wani pisan ngalawan panjajah, nepi dilandi Si Jarak Harupat. Malah
ngaran Si Jalak Harupat ayeuna dijieun ngaran stadion di Kabupaten Bandung. Eta
tokohteh nyaeta ….
A. Dewi Sartika C. Moh. Toha
B. Hasan Mustapa D. Otto Iskandar Dinata

Pek tengetan bacaan dihandap kanggo soal No 14-16


Tujuh sato anu dilindungi, dipiara sacara illegal di hiji vila di desa Gununggeulis,
Sukaraja, Bogor geus dievakuasi ku petugas kepolisian jeung Balai Besar Konversasi
Sumber Daya Alam Jawa Barat Bidang Wilayah Konservasi I. Eta kabeh sato teh rek
dileupaskeun deui ka habitat aslina. Upamana, lutung jawar rek dileupaskeun di Bandung
Kidul. Owa jawa di Gunung Pangrango salian ti lutung Jawa aya maung Sumatra, Owa
Jawa, siamang, owa ungko, rusa Timor jeung tilu merak.

16. Tempat anu miara sato sacara illegal teh nyaeta di …


A. Gunungleutik, Sukaraja, Bogor
B. Gununghejo, Sukaraja, Bogor
C. Gununggeulis, Sukarajin, Bogor
D. Gununggeulis, Sukaraja, Bogor

17. Sato naon bae anu diamankeun teh nyaeta … kecuali


A. Lutung Jawa, Owa Jawa         
B. Jalak Bali, Penyu Hejo
C. Merak, maung Sumatra
D. Owa Ungko, Rusa Timor             

18. Paribasa “jaman cacing dua saduit” hartina nyaeta …


A. Baheula pisan
B. Sipat – sipat nu aya di anakTIK
C. Sok raribut wae
D. Teu ceehan dina gawe  

15. Salah sahiji conto hasil téhnologi informasi nu modérén dina widang informasi jeung
komunikasi nyaéta …
A. Surat      C. internet            
B. bedug  D. kohkol     
   
16. Gumelis teh kecap rundayan tina kecap geulis. Gumeulis ngandung harti ….
A. geulis pisan C. kurang geulis
B. asa aing panggeulisna D. niru-niru jelema geulis

17. Budak kelas genep marake sapatu hideung. Kecap marake ngandunng harti ….
A. loba C. ngahudang rasa
B. bakal D. sok sanajan

18. Naon anu dimaskud sajak teh ….


A. Carita rekaan anu ngandung hal-hal pamolahan
B. Karangan dina wangun basa ugeran (puisi)
C. Sagala rupa nu kaalaman ku hiji jalma
D. Dongeng jaman buhun

19. Pupuh Durma Bumela ka Lemah Cai kenging ….


A. R.E Rangkuti C. Mang Koko
B. Ano Karsana D. Nanang Supriatna
Penilaian Akhir Semester 1 kelas 6 – Bahasa Sunda 3
20. Kawih Karatagan Pahlawan teh karya ….
A. R.E Rangkuti C. Mang Koko
B. Ano Karsana D. Nanang Supriatna

21. Kawas ucing jeung anjing hartina...


A. teu daek cicing lantaran meunang kasusah C. Teu daek akur
B. meunang untung gede tina modal saeutik D. hade tata hade basa

22. Penyu teh nyaeta kuya laut, di dunya teh ngan aya tujuh rupa penyu nu masih hirup nyaeta
penyu hejo, penyu sisik, penyu kemp’s ridley, penyu lekang, penyu balimbing, penyu pipih,
jeung penyu tempayan. Penyu beuki lila beuki ngurangan, malah kiwari teh geus meh
tumpur. Kumaha tarekahna sangkan penyu teh teu tumpur nyaeta urang kudu …
A. Di piara di imah
B. Di lestarikeun di basisir laut
C. Di rusak habitatna
D. Ditewakan terus dijual ka luar negeri
23. Lahan tanah di Ujung Berung teh teu acan pajeng diicalna.
Kecap pajeng di luhur hartina nyaeta
A. Panjang C. Payu
B. Payung D. Pajeg

Pek tengetan kawih di handap!


Mesat ngapung luhur jauh di awang – awang
Meberkeun jangjangna bangun taya karingrang
……
Ngapak mega bari hiberna Tarik nyuruwuk
24. Pek lengkepan kawih “ Manuk dadali” diluhur nyaeta …
A. Saha anu bisa nyusul kanu tandangna
B. Manuk dadali manuk pang gagahna
C. Hirup sauyunan tara pahiri – hiri
D. Kukuna ranggoas reujeung pamatukna ngeluk

25. Naon bedana pupuh jeung kawih nyaeta ….


A. Pupuh diwangun ku pada (bait) anu teu tangtu jumlahna lamun kawih jumlah pada
(bait) ditangtukeun
B. Pupuh unggal tungtung padalisan teu tangtu sorana Kawih jumlah jajaranana
ditangtukeun kudu sabaraha – sabarahana
C. Pupuh diwangun ku pada (bait) anu geus tangtu jumlah padalisanna (jajaran) Kawih
jumlah pada (bait) teu ditangtukeun kudu sabaraha – sabarahana
D. Pupuh Unggal padalisan geus tangtu jumlah engangna (guru wilangan) Kawih Unggal
padalisan teu ditangtukeun jumlah engangna ( guru wilanganana)

II. Lengkepan kalimah - kalimah di handap ieu make kecap nu bener!

26. Penyu bikang muru basisir nyelang rek ……………….


27. Supaya Jalak Bali teu tumpur, geus diayakeun pusat (………………………….) nu salah
sahijina tempatna di Buleleng Bali.
28. Nangkadak teh hasil inovasi para ahli di Taman Wisata Mekarsari, Jawa Barat. Nangkadak
kawinan …..……. Jeung …………
29. Nu manggihan mesin kaput nyaeta ……..
30. Saha Awi Jatnika teh …..
31. Dina nyieun pupuh teh aya aturanna nyaeta make guru ………… jeung guru ………
32. Sasatoan anu dilindungi jeung kudu dilestarikeun nyaeta …………., ………… jeung …….
33. Andi jeung Jaka garelut wae unggal poe. Aya paribasana Kawas ucing jeung ………..
34. Dina carita dongeng “Sakadang Kuya Mamawa Imah” Sakadang ……………………
nulungan Sakadang ……………….
35. Pupuh teh aya macam ning rurupa nyaeta aya pupuh …….., jeung …….

Penilaian Akhir Semester 1 kelas 6 – Bahasa Sunda 4


III.Jawab pananya di handap ieu !

36. Tuliskeun 5 (lima) kalimah tina kecap balageur, lalulus, palinter, garampang, gareulis!

37. Pek tulis sajak nu ngagambarkeun kaendahan alam!

Baca dijero hate !


Bapa kuring téh tukang ngaput. Mesin kaputna mesin kaput“duduk” (diuk). Makéna
diputerkeun ku leungeun. Ngaputna oge di imah baé teu incah balilahan. Nu rék ngéngkén
daratang sorangan. Ayeuna sok aya tukang kaput nu ngider ka lembur, nguriling ka unggal
komplék paimahan. Kasebutna tukang kaput béca, tukang kaput "gerobak". Kaayeunakeun mah
aya nu ku dinamo muterkeunana téh.
Mesin kaput nu disebutan bieu téh moal aya, lamun seug jalma nu ngaran Elias Howé teu
manggihkeun mesin paranti ngaput. Elias Howé téh lahir di Spencer Massachusetts, Amérika
Serikat, 9 Juli 1819. Kulawarga Elias boga lahan pertanian nu dikokolakeun ku kulawarga. Elias
téh budak nu ulet diajar, malah boga karep kana “pamesinan”

38. Caritakeun saha ari Elias Howe teh ?

39. Naon hartina paribasa sapu nyere pegat simpay?

40. Tulisken 3 tokoh jeung barang nu diciptakeunna bisa mangpaat jang kahirupan sapopoe!

Penilaian Akhir Semester 1 kelas 6 – Bahasa Sunda 5

Anda mungkin juga menyukai