Anda di halaman 1dari 1

Dina hiji poe aya si kancil, sato nu dianggap pinteur eta teh keur

lelempangan disisi leuweung. Manehna keur neangan walungan kusab


cuaca poe ayena teh panas kacidaan, si kancil neangan cai keur nginum
kusabab ngarasa aus.

Teu lila kaparengan di sisi leweung teh manehna nempo aya walungan
anu caina rada kiruh. Si kancil nyampeurkeun sarta nginum caina eta,
sanggeus si kancil nginum aya anu nyuara dina jero beuteung na.

Baca Juga: Hukum Trading Emas Dalam Islam Halal atau Haram? Berikut
Penjelasan Buya Yahya

“kruuuk…kruuuuuk…kruuuuuk.”
Wah, sigana si kancil ayena tos ngarasa kalaparan. Si kancil
ngabayangkeun nikmatna lamun aya kadaharan kabeukina nyaeta
bonteng. Nanging kebon bonteng eta aya di peuntas walungan. “Kumaha
cara nyebrangna nya kuring teh?” Ceuk si kancil bari mikiran carana
sakeudeung.

Teu kungsi lila si kancil boga ide, bari ajol-ajolan si kancil atos tuluy bari
ngajorowok: “Hey.. Buaya.buaya. hayu buru kaluaaaaar. Kuring boga
kadaharan jang maraneh!!” Ceuk si kancil ka buaya-buaya anu
kabeneran loba cicing di walungan eta teh.

Sakali deui si kancil ngageroan: “Buaya…buaya… buru kaluar… hoyong


daging seger henteeeuu?” Teu lami saterusna, aya hiji buaya kaluar ti dina
jero cai, “Bruaaar… saha anu gogorowok gandeng beurang-beurang kieu..
ngaganggu kuring sare bae.”

Baca Juga: Digerudug Warganet, Podcast Deddy Corbuzier dan Indra


Kenz Setahun Lalu Kembali Ramai

Buaaaarr.. Pamingpin buaya datang “Heh kancil.. cicing maneh.. lamun


henteu cicing, ku urang dahar maneh.” Ceuk buaya kadua anu kaluar
babarengan.

Anda mungkin juga menyukai