Kelas/No.Absen: XH/11
Dina hiji poe aya si kancil, sato nu dianggap pinteur eta teh keur lelempangan
disisi leuweung. Manehna keur neangan walungan kusab cuaca poe ayena teh
panas kacidaan, si kancil neangan cai keur nginum kusabab ngarasa aus.
Teu lila kaparengan disisi leweung teh manehna nempo aya walungan anu
caina rada kiruh. Sikancil nyampeurkeun sarta nginum caina eta, sanggeus si
kancil nginum aya anu nyuara dina jero beuteung na.
“kruuuk…kruuuuuk…kruuuuuk.”
Wah, rupana si kancil ayena tos mulai kalaparan. Si kancil ngabayangkeun
nikmatna lamun aya kadaharan kabekina nyaeta bonteng. Nanging kebon
bonteng eta aya di peuntas walungan. “Kumaha cara menyeberangna nya
kuring teh?” Ceuk si kancil bari mikiran carana sakedeung.
Teu kungsi lila si kancil boga ide, bari ajol-ajolan si kancil kegirangan terus
bari ngajorowok: “Hey.. Buaya….buaya…. hayu buru keluaaaaar….. Kuring
boga kadaharan jang maraneh!!” Ceuk si kancil ka buaya-buaya anu
kabeneran loba cicing di walungan eta teh.
“Aya naon kancil sabenerna ieu, hayu geura omongkeun, ”ceuk si buaya teh.
“Kieu yeh buaya, hapunten lamun kuring ngaganggu sare maneh, soalna
kuring rek babagi daging seger pikeun maraneh nu aya di walungan ieu, ku
kituna buru geura kaluarkeun sakabeh baturan maneh jang ngabeakeun
kabeh daging-daging seger ieu.”
Ngadenge arek dibagikeun daging seger, teu kungsi lila, eta buaya geura-giru
ngageroan babaturana supaya kaluar kabeh. “Hey, babaturan kabeh, aya
daging gratis yeuh! Hayu urang keluaaaar….!” Ceuk pamingpin buaya
mikeun komando nu tegas kanu buaya sejen.
Teu sabaraha lami, tos mulai kalaluar eta buaya-buaya tina jero cai teh.
“Nah, ayeuna kuring kedah ngitung tiheula aya sabaraha buaya-buaya anu
hadir teh, hayu maraneh para buaya geura ngajajar hela teupi kasisi
walungan palih ditu tuh, engke kuring itung hiji-hiji.” Ceuk si kancil bari
rada serius ngomongna.
Teu mikir panjang, si buaya-buaya eta geura-giru nyokot posisi masing-
masing, buaya-buaya mulai ngajajar tepi kasisi walungan seberang, nyieun
sapertos jembatan.
“Oke, ayeuna kuring langsung mulai ngitung nya? ” ceuk si kancil, bari mulai
ngajolan ka tonggong buaya, “Hijiii….. duaaaa….. tiluuu…..” Sabari terus
ngajolan tonggong buaya anu hiji ka buaya lainna. Dugi ahirna si kancil nepi
di peuntas walungan. Bari ngomong dina jero hatena: “gampang geuningan
euy.”
Sakabeh buaya anu aya didinya atuh meren kesel kabeh kusabab ngarasa
ditipu si kancil. “Haaaaaaaaahh… awas maneh kancil mun kapanggih deui..
Beak maneh..!!” Teu mikir panjang, si kanci geura lumpat ngiles asup kajero
tatangkalan nuju kebon pa tani kaur ngala bonteng nu jadi kabeukina.
Pada suatu pagi, Kancil melihat induk bebek berenang bersama anaknya. Kancil
yang sedang berjalan melewati hutan pun menyapa bebek.
Tidak hanya bebek, semua hewan yang ia jumpai saat melewati hutan pun disapa.
Tak hanya ramah dan bersahabat, Kancil juga dikenal sebagai hewan yang cerdas
dan cerdik.
Lalu, Kancil dengan senang hati melompati para buaya tersebut sambal berpura-
pura menghitung jumlah buaya yang akan dibawakan daging dari sang Raja.
Setelah sampai di ujung sungai, Kancil segera lari dan meninggalkan para buaya
yang marah dan kecewa. Dengan kecerdikannya, Kancil dapat memakan buah-
buahan di seberang sungai untuk mengurangi rasa laparnya.
Kesimpulan (Sunda) :
ti ieu urang tiasa ngempelkeun yén sadaya kalakuan jahat sapertos buaya ngan
ukur bakal nambihan masalah. janten urang langkung saé ngagunakeun kapinteran
pikeun hal-hal anu saé supados langkung seueur jalma hormat sareng tiasa
méréskeun masalah langkung gancang.
Kesimpulan (Indonesia) :
dari sini kita dapat menyimpulkan bahwa semua tindakan jahat seperti buaya pada
cerita diatas hanya akan menambah masalah. Jadi lebih baik kita menggunakan
kecerdikan untuk hal yang baik agar lebih banyak orang yang menghargai dan bisa
menyelesaikan masalah dengan lebih cepat.