Anda di halaman 1dari 2

Si joni monyet pinter

Dina hiji poe aya si joni, nyaeta monyet sato nu dianggap pinteur eta teh keur lelempangan
disisi leuweung. Manehna keur neangan walungan kusab cuaca poe ayena teh panas
kacidaan, si joni neangan cai keur nginum kusabab ngarasa aus.

Teu lila kaparengan disisi leweung teh manehna nempo aya walungan anu caina rada kiruh.
Sijoni nyampeurkeun sarta nginum caina eta, sanggeus si joni nginum aya anu nyuara dina
jero beuteung na.
"kruuuk…kruuuuuk…kruuuuuk."
Wah, rupana si joni ayena tos mulai kalaparan. Si joni ngabayangkeun nikmatna lamun aya
kadaharan kabekina nyaeta cau. Nanging kebon cau eta aya di peuntas walungan. "Kumaha
cara menyeberangna nya kuring teh?" Ceuk si joni bari mikiran carana sakedeung.

Teu kungsi lila si joni boga ide, bari ajol-ajolan si joni kegirangan terus bari ngajorowok:
“Hey.. Bayawa….bayawa…. hayu buru keluaaaaar….. Kuring boga info jeung maraneh!!”
Ceuk si joni ka bayawa-bayawa anu kabeneran loba cicing di walungan eta teh.

Sakali deui si joni ngageroan: “Bayawa…bayawa… buru keluar… hoyong daging seger
henteeeuu?” Teu lami saterusna, aya hiji buaya kaluar ti dina jero cai, “Bruaaar… saha anu
gogorowok gandeng beurang-beurang kieu.. ngaganggu kuring sare bae.”

Buaaaarr.. Pamingpin buaya datang “Heh monyet.. cicing maneh.. lamun henteu cicing, ku
urang da'ang maneh.” Ceuk bayawa kadua anu kaluar barengan.

“Wah…. Alus maraneh kaluar euy, mana deui buaya anu laina?,buru geura kaluar kabeh."
Ceuk si joni bari jojorowok deui.

“Aya naon nyet sabenerna ieu, hayu geura omongkeun, ”ceuk si bayawa teh. "Kieu yeh
bayawa, hapunten lamun kuring ngaganggu sare maneh, soalna kuring rek mere info pikeun
maraneh nu aya di walungan ieu, info na teh maraneh di undang ku maung jeung botram di
imahna engke minggu hareup"

Ngadenge aya info kitu, teu kungsi lila, eta buaya geura-giru ngageroan babaturana supaya
kaluar kabeh. “Hey, babaturan kabeh, aya daging gratis yeuh! Hayu urang keluaaaar….!”
Ceuk pamingpin buaya mikeun komando nu tegas kanu buaya sejen.
Teu sabaraha lami, tos mulai kalaluar eta buaya-buaya tina jero cai teh. “Nah, ayeuna
kuring kedah ngitung tiheula aya sabaraha buaya-buaya anu hadir teh, hayu maraneh para
buaya geura ngajajar hela teupi kasisi walungan palih ditu tuh, engke kuring itung hiji-hiji.”
Ceuk si joni bari rada serius ngomongna.

Teu mikir panjang, si buaya-buaya eta geura-giru nyokot posisi masing-masing, buaya-
buaya mulai ngajajar tepi kasisi walungan seberang, nyieun sapertos jembatan.

“Oke, ayeuna kuring langsung mulai ngitung nya? ” ceuk si joni, bari mulai ngajolan ka
tonggong buaya, “Hijiii….. duaaaa….. tiluuu…..” Sabari terus ngajolan tonggong buaya anu
hiji ka buaya lainna. Dugi ahirna si joni nepi di peuntas walungan. Bari ngomong dina jero
hatena: “gampang geuningan euy.”

Dugi di peuntas walungan, si joni ngomong ka buaya-buaya: “Hey buaya-buaya, sabenerna


teh teu aya info botram, kurinhmah nga wadul ka maneh.” Kuring mah ngan saukur hayang
meuntas walungan hungkul weh da kuring ge lapar euy." Ceuk si joni teh bari seura-seuri.

Sakabeh buaya anu aya didinya atuh meren kesel kabeh kusabab ngarasa ditipu si monyet
“Haaaaaaaaahh… awas manehmonyet mun kapanggih deui.. Beak maneh..!!" Teu mikir
panjang, si joni geura lumpat ngiles asup kajero tatangkalan nuju kebon cau anu patani.

-PUJIYANTO KURNIAWAN-

Anda mungkin juga menyukai