"Nya hayu atuh ari kitu mah" ceuk sakadang kuya bari lulungu keneh Arindit weh
maranehna teh katempat tangkal nangka nu aya dina mimpi sakadang monyet.
Ari pek teh bener, tangkal nangka eta teh aya.
Ceuk kuya, "Sok atuh monyet gera naek, da urang mah teu bisa naek tangkal.."
"Kela, urang teu bisa ngabedakeun mana nangka nu asak jeung mana nangka
nu atah keneh kuya" ceuk monyet memeh naek Bari seuri dina hate.