Anda di halaman 1dari 3

Naskah Drama Sunda “Cinta jeung Harta Lain Sagalana”

Karya: Kelompok 1
Kelas XII IPA 1
Palaku:
Agung salaku Abas (Aa)

Amanda salaku Euis (Kabogoh Aa)

Dita: SPG/Figuran

Galuh: Narator

Ikfini: Iis

Jonathan: Juned

Maulana: Abah

Meira: Kokom (Teteh/Eneng)

M. Syaepul: Dadang

Putri: Sekretaris Abah

Ririn: Temen Euis/Kabogoh Dadang

Via: Cici

Yogi: Ipan
ADEGAN 1
Kacaritakeun dihiji tempat aya kulawarga anu hirupna sederhana ngan bae kompak, harmonis, tur bahagia. Kulawarga eta teh
nyaeta kulawarga Abah jeung Emak Uyah (Ujang-Yayah). Baskom(Abas-Kokom) jeung Panci(Ipan-Panci).
Dina hiji poe, di imah nu biasa-biasa wae, kulawarga eta the keur riweuh, aya nu riweuh ku mandi, riweuh ku ceker, aya oge nu
anteng-anteng wae.
Kokom: IPANNNNN!!! Atuh ni lila-lila teuing mandi the? Da moal mantak jadi kasep! Teteh ek ka sakola ipannnn, ngke
kabeurangan!!!! (Ngagedor panto kamar mandi bari jeung ambek)
Teu lila, aya Abas alias si Aa liwat bari mawa kopi.
Abas: Puguh geus beurang neng! Mantakna ai hudang the langsung mandi! Lain kalahka macaan lambe turah, lambe yinyir, lambe
lambean!
Kokom molotot, ambek disebut sok macaan lambe turah. Tapi, da emang bener.
Si Emak liwat bari ngabawaan sarapan ka meja.
Emak: The, sarapan heula weh dieu, mandi mah gampil, teu mandi ge moal kaciri
Kokom: Hoh ari emak? Teteh tos kabeurangan mak
Abah nu titadi cicing siga patung. Akhirna nurunkeun koran nu keur dibacana.
Abah: Setoooop! Heran abah mah, ni resep isuk-isuk paribut kamar mandi the. Tos ayeuna mah, teteh awas ulah ngahalangan, anah
rek nempo si ipan keur naon.
Teu lila Abah nangtung trus muka panto kamar mandi
Abah: astaghfrirullah! Gusti nu agung! Maaa, cing kadieu, ari ieu the anak abah lain? (bari heran)
Kabeh nu aya di meja makan nyamperkeun abah, trus wae sarua reuwasna.
Emak: Nya anak abah lah! Piraku anak tatangga!
Kokom: paingan weh ni lila di kamar mandi the
Abas: nyahonamah budak the kerek! Guyur weh guyurr
Si bungsu, nyaeta cici karek kaluar kamar trus wae asup kamar mandi sabari ngaguyur kembaranna
Byurrr!!!
Ipan: BANJIR! BANJIR! EMAK! ABAH! BANJIR EUY! (Teu lila beunta) Eh… geuning rame didieu…hehehe…hampura abah! Hampura
emak! Aa! Teteh! Ipan khilaf euy!
Abah: Borokok maneh! Sare di kamar mandi! Sare mah di kamar!
Ipan: apanan ipan diajar ti abah

Anda mungkin juga menyukai