Anda di halaman 1dari 112

MODÉL EVERYONE IS A TEACHER HERE

DINA PANGAJARAN NULIS SISINDIRAN


(Studi Kuasi Ékspérimén ka Siswa Kelas XI-1
SMA Negeri 6 Bandung Taun Ajar 2023/2024)

SKRIPSI

diajukeun pikeun nyumponan salasahiji sarat nyangking gelar


Sarjana Pendidikan

ku

Rafli Prayoga Ramadhan


NIM 1904075

PROGRAM STUDI PENDIDIKAN BAHASA SUNDA


FAKULTAS PENDIDIKAN BAHASA DAN SASTRA
UNIVERSITAS PENDIDIKAN INDONESIA
2023
LEMBAR HAK CIPTA

MODÉL EVERYONE IS A TEACHER HERE


DINA PANGAJARAN NULIS SISINDIRAN
(Studi Kuasi Ékspérimén ka Siswa Kelas XI-1
SMA Negeri 6 Bandung Taun Ajar 2023/2024)

oleh
Rafli Prayoga Ramadhan

Sebuah skripsi yang diajukan untuk memenuhi salah satu syarat memperoleh gelar
Sarjana Pendidikan pada Program Studi Pendidikan Bahasa Sunda

©Rafli Prayoga Ramadhan 2023


Universitas Pendidikan Indonesia
Agustus 2023

Hak Cipta dilindungi undang-undang


Skripsi ini tidak boleh diperbanyak seluruhnya atau sebagian dengan dicetak
ulang, fotokopi atau cara lainnya tanpa ijin dari penulis.
LEMBAR PENGESAHAN

RAFLI PRAYOGA RAMADHAN


NIM 1904075

MODÉL EVERYONE IS A TEACHER HERE


DINA PANGAJARAN NULIS SISINDIRAN
(Studi Kuasi Ékspérimén ka Siswa Kelas XI-1
SMA Negeri 6 Bandung Taun Ajar 2023/2024)

Disaluyuan tur disahkeun ku:


Pangaping,

Dr. Dingding Haerudin, M.Pd.


NIP. 196408221989031001

Kauninga ku
Pupuhu Program Studi Pendidikan Bahasa Sunda FPBS UPI,

Prof. Dr. Nunuy Nurjanah, M.Pd.


NIP. 196707101991022001
SING INGET NINGALI KA HANDAP

LAMUN URANG KEUR DI LUHUR

LAMUN URANG KEUR DI HANDAP

SING INGET NINGALI KA LUHUR


PERNYATAAN

Dengan ini saya menyatakan bahwa skripsi dengan judul “Modél Everyone is a
Teacher Here dina Pangajaran Nulis Sisindiran (Studi Kuasi Ékspérimén ka Kelas
XI-1 SMA Negeri 6 Bandung Taun Ajar 2023/2024)” ini beserta seluruh isinya
adalah benar-benar karya sendiri. Saya tidak melakukan penjiplakan atau
pengutipan dengan cara yang tidak sesuai dengan etika ilmu yang berlaku dalam
masyarakat. Atas pernyataan ini, saya siap menanggung resiko/sanksi apabila
dikemudian hari ditemukan adanya pelanggaran etika keilmuan atau klaim dari
pihak lain terhadap keaslian karya saya ini

Bandung, 11 Agustus 2023


Yang membuat pernyataan,

Rafli Prayoga Ramadhan


NIM 1904075
PANGJAJAP

Sugrining puji hayu urang sanggakeun ka Gusti anu Maha Suci, nu maparin
ni’mat iman, islam jeung ukhuwah ka urang sadaya. Sholawat miwah salam mugia
salawasna ngocor ngagolontor ka jungjunan urang sadaya Nabi Muhammad Saw.
Ogé ka para kulawargana, sobatna tug dugi ka urang salaku umatna.
Alhamdulillah, kalayan rido ti Gusti nu Maha Welas tur Maha Asih,
pangrojong ti sagala unsur, kulawargi, sobat dalit, kadeudeuh dugi ka réréncangan
sadaya, ogé ka pihak anu teu kasebut hiji-hiji, ieu skripsi judulna “Modél Everyone
is a Teacher Here dina Pangajaran Nulis Sisindiran (Studi Kuasi Ékspérimén ka
Kelas XI-1 SMA Negeri 6 Bandung Taun Ajar 2023/2024)” bisa réngsé dina
waktuna. Tangtu waé loba pisan rupaning bangbaluh jeung kahéngkéran anu teu
kaduga-duga najan asa geus babaraha kali dibolak-balik, ditingalian ogé. Nanging,
ieu skripsi Insya Allah bisa jadi pangaweruh kanu maca, jadi pangalaman pikeun
panyusun pikeun kahareupna.
Ku kituna panyusun sadar pisan yén butuh pisan ayana kritik jeung saran ti nu
maca. Lantaran, kurangna, salahna ieu eusi dina skripsi murni ti panyusun sorangan.
Tapi hadé goréngna ieu skripsi mugia miboga mangpaat pikeun sakumna jalma,
hususna pikeun dunya atikan jeung kahirupan bangsa, agama jeung budaya.

Bandung, 11 Agustus 2023


Yang membuat Pernyataan,

Rafli Prayoga Ramadhan


NIM 1904075

i
TAWIS NUHUN

Alhamdulillahirrirabbil’alamin, puji sinareng sukur disanggakeun ka Allah


Swt, anu parantos maparinan mangpirang-pirang kani’matan, utamina ni’mat iman
sareng Islam. Hatur réwu nuhun sim kuring ngaraos bingah, ieu skripsi réngsé
kalayan dipaparin kamudahan sareng kalancaran. Teu hilap ka sadaya pihak-pihak
nu parantos masihan pangrojong sacara moril sareng materil, mugia sadaya kasaéan
diganjar ku Gusti Allah Swt. Tawis nuhun nu disanggakeun ka:
1. Dr. Dingding Haérudin, M.Pd., salaku dosén pangaping I anu parantos
ngaping, ngadidik, ngadeudeul, ngalelempeng léngkah, jeung ngarojong tur
maparin élmu pangaweruh kalawan ihlas dina ngaréngsékeun ieu skripsi;
2. Prof. Dr. Nunuy Nurjanah, M.Pd., salaku Pupuhu Program Studi Pendidikan
Bahasa Sunda periode 2023 – 2027;
3. Dr. Ruhaliah, M.hum., salaku Pupuhu Program Studi Pendidikan Bahasa
Sunda periode 2019 – 2023;
4. Dr. Dédé Kosasih, M.Si., salaku Sekretaris Program Studi Pendidikan
Bahasa Sunda sakaligus dosén pangaping akademik;
5. Bapa miwah Ibu dosén Prodi Pendidikan Bahasa Sunda FPBS UPI, nyaéta:
Prof. Dr. Rahman, M.Pd., Prof. Dr. Yayat Sudaryat, M.Hum., Prof. Dr.
Usép Kuswari, M.Pd., Prof. Dr. Dédi Koswara, M.Hum., Dr. Retty
Isnéndés, S.Pd., M.Hum., Hérnawan, S.Pd., M.Pd., Adé Sutisna, S.Pd., M.Pd.,
Agus Suhérman, S.Pd., M.Hum., Haris Santosa Nugraha, S.Pd., M.Pd., Dr.
Yatun Romdonah Awaliah, S.Pd., M.Pd., Dian Héndrayana, S.S., M.Pd.,
Témmy Widyastuti, S.Pd., M.Pd., sareng Danan Darajat, M.Pd., anu
parantos ngatik, ngaping, sareng maparin élmu pangaweruh salami
perkuliahan. Mugia janten amal kasaéan;
6. Pa Émon Sonjaya, S.Pd. sareng Pa Wildan salaku Staf Tata Usaha Program
Studi Pendidikan Bahasa Sunda nu parantos ngabantosan kaperyogian
administrasi;
7. Mamah Siti Sumiati, Bapa Nono Sutrisno anu teu weléh ngumalirkeun
kanyaah sareng ngadungakeun sim kuring salami ieu;
8. ogé ka pun raka Rizal Nugraha Permana anu aya dina nyumangetan sarta
masihan kanyaahna. Hatur nuhun, katampi pisan kadeudeuhna;

ii
9. sobat dunya ahérat, anu jadi batur sapapait samamanis Shamil Sulaksana,
Yana Eka Pebi Lesmana sareng Fadhlan Jihadul Haq. Nuhun tos jadi batur
diskusi, parantos nulungan nalika keur susah, parantos kersa diririweuh ku sim
kuring, sarta nu teu kendat ngémutan sim kuring nalika aya dina lampah salah;
10. sobat skripsi najan réngséna ti heula, Ryan Mukhtari Fadli anu kersa dirérépot
dina mangsa keur aya kasusah dina nyusun skripsi;
11. réréncangan KKN Kelompok 99 Cibiru Wetan, anu parantos nyumangetan tur
jadi balad pang-riweuhna ti sa prak lumangsungna KKN dugi ka kiwari.
12. NIM 1904578 anu aya di unggal detik, menit, poé, minggu, marengan dina
kaayaan boh susah boh bungah;
13. sadaya pihak nu teu tiasa diwincik hiji-hiji, nu ngarojong dugi ka réngséna ieu
skripsi;
14. pamungkas, ka diri sorangan anu geus kuat, sabar, nagen dina situasi kumaha
ogé, nepi ka réngséna nyusun ieu skripsi kalawan lancar.
Sakali deui, sim kuring ngahaturkeun réwu nuhun laksaketi
kabingahan. Mugia pangrojong sareng bantosanana janten amal kasaéan,
diganjar ku rupi-rupi rohmat ti Gusti Allah Swt. Aamiin

Bandung, 11 Agustus 2023


Panyusun,

Rafli Prayoga Ramadhan


NIM 1904075

iii
MODÉL EVERYONE IS A TEACHER HERE
DINA PANGAJARAN NULIS SISINDIRAN
(Studi Kuasi Ékspérimén ka Siswa Kelas XI-1
SMA Negeri 6 Bandung Taun Ajar 2023/2024)1

Rafli Prayoga Ramadhan2

ABSTRAK
Kasang tukang ieu panalungtikan nyaéta kurangna kamampuh siswa dina ngébréhkeun idé
jeung matalikeun antar unsur basa dina nulis rarakitan, paparikan, jeung wawangsalan.
Lantaran guru di sakola ilaharna maké métode ceramah, siswa jadi pasif, ngarasa bosen tur
kurang motivasi pikeun diajar. Ku kituna, dina modél pangajaran Everyone is a Teacher
Here dipiharep bisa ngungkulan masalah anu karandapan ku siswa. Ieu panalungtikan
miboga udagan pikeun ngadéskripsikeun: 1) kamampuh nulis téks sisindiran siswa
saméméh jeung sanggeus ngalarapkeun modél pangajaran Everyone is a Teacher Here; 2)
béda anu signifikan atawa henteu antara kamampuh nulis téks sisindiran siswa saméméh
jeung sanggeus ngagunakeun modél pangajaran Everyone is a Teacher Here. Pamarekan
anu dipaké dina ieu panalungtikan nyaéta pamarekan kuantitatif kalawan métode kuasi
ékspérimén katut desainna nyaéta one group pre-test and post-test. Sumber data dina ieu
panalungtikan nyaéta siswa kelas XI-1 SMA Negeri 6 Bandung taun ajar 2023/2024
kalawan téhnik tés tinulis. Hasil panalungtikanna nyaéta, 1) kamampuh nulis téks sisindiran
siswa saméméh jeung sanggeus ngalarapkeun modél pangajaran Everyone is a Teacher
Here; 2) béda anu signifikan atawa henteu antara kamampuh nulis téks sisindiran siswa
saméméh jeung sanggeus ngagunakeun modél pangajaran Everyone is a Teacher Here.
Dumasar kana uji non-paramétris (Wilcoxon Match Pairs Test), tétéla nilai signifikansi
(Asymp. Sig. 2-tailed) nyaéta 0,000 ≤ 0,05, ku kituna H1 ditarima atawa H0 ditolak, hartina
hipotésis ditarima. Ieu hal ngabuktikeun yén aya bébédaan anu signifikan antara kamampuh
nulis téks sisindiran siswa kelas XI-1 SMA Negeri 6 Bandung taun ajar 2023/2024
saméméh jeung sanggeus ngagunakeun modél Everyone is a Teacher Here.

Kecap Galeuh: Modél Everyone is a Teacher Here, Nulis Sisindiran

1
Ieu skripsi diaping ku Dr. Dingding Haerudin, M.Pd.
2
Mahasiswa Program Studi Pendidikan Bahasa Sunda, Fakultas Pendidikan Bahasa dan Sastra,
Universitas Pendidikan Indonesia, Entragan 2019.

iv
MODÉL EVERYONE IS A TEACHER HERE
DALAM PEMBELAJARAN MENULIS SISINDIRAN
(Studi Kuasi Ékspérimén Terhadap Siswa Kelas XI-1
SMA Negeri 6 Bandung Tahun Ajaran 2023/2024)1

Rafli Prayoga Ramadhan2

ABSTRAK
Penelitian ini dilatarbelakangi oleh kurangnya kemampuan siswa dalam menorehkan ide
dan menghubungan antar unsur bahasa dalam menulis sisindiran, seperti rarakitan,
paparikan dan wawangsalan. Umumnya, guru di sekolah terbiasa memakai metode
ceramah dalam pembelajaran, akhirnya siswa merasa bosan dan kurang termotivasi ketika
belajar. Karena itu, dalam model pembelajaran aktif Everyone is a Teacher Here
diharapkan bisa menjadi solusi untuk masalah yang dialami siswa. Penelitian ini memiliki
tujuan untuk mendeskripsikan: 1) kemampuan menulis téks sisindiran siswa sebelum dan
sesudah menggunakan model Everyone is a Teacher Here; 2) perbedaan signifikan atau
tidaknya antara kemampuan menulis téks sisindiran siswa sebelum dan sesudah
menggunakan model pengajaran ini. Dalam penelitian ini digunakan pendekatan
kuantitatif dengan metode kuasi eksperimen dengan desain one group pretest and posttest.
Sumber data yang digunakan dalam penelitian ini yaitu siswa kelas XI-1 SMA Negeri 6
Bandung taun ajar 2023/2024 dengan menggunakan teknik tes tertulis. Hasil penelitiannya
yakni, 1) kemampuan menulis téks sisindiran siswa sebelum dan sesudah menggunakan
model Everyone is a Teacher Here 2) perbedaan signifikan atau tidaknya antara
kemampuan menulis téks sisindiran siswa sebelum dan sesudah menggunakan model
Everyone is a Teacher Here berdasarkan uji non-parametris (Wilcoxon Match Pairs Test),
bahwa ternyata nilai signifikansi (Asymp. Sig. 2-tailed) yaitu 0,000 ≤ 0,05, dengan begitu
H1 ditarima atau H0 ditolak. Artinya, ada perbedaan yang signifikan antara kemampuan
menulis teks sisindiran siswa kelas XI-1 SMA Negeri 6 Bandung sebelum dan setelah
menggunakan model pengajaran Everyone is a Teacher Here.

Kata Kunci: Model Everyone is a Teacher Here, Menulis Sisindiran

1
Skripsi ini dibimbing oleh Dr. Dingding Haerudin, M.Pd.
2
Mahasiswa Program Studi Pendidikan Bahasa Sunda, Fakultas Bahasa dan Sastra, Universitas
Pendidikan Indonesia, Angkatan 2019.

v
THE EVERYONE IS A TEACHER HERE TEACHING MODEL
ON WRITING “SISINDIRAN”
(A Quasi-experimental on XI-1 Class of 6 Bandung Senior High School in
2023/2024 Academic Year)1

Rafli Prayoga Ramadhan2

ABSTRACT
This research is motivated by students' lack of ability to generate ideas and implementing
language elements to create “Sisindiran,” as it is known for “Rarakitan," "Paparikan,"
and also "Wawangsalan." When teachers give explanations, they usually use a lecture
methods, it didn’t really worked for them. Consequently, students feel bored and less-
motivated to learn. Therefore, the "Everyone is a Teacher Here" model is expected to be a
solution for the issues that the students had. The purpose of this study is to describe: 1)
students’ abilities on writing “Sisindiran” before and after using the "Everyone is a
Teacher Here" model; 2) the significance between students' ability on writing “Sisindiran”
before and after using this teaching model. This research employ a quantitative approach
with a quasi-experimental method using a one-group pretest and posttest design. The data
source for this research consists of 34 students from XI-1 class of SMA Negeri 6 Bandung
in the academic year 2023/2024. Written test technique is utilized for collecting the data.
The results of this research is to prove: 1) students' ability to writing “Sisindiran” before
and after using the "Everyone is a Teacher Here" model; and 2) the significant difference
between students' ability to writing “Sisindiran” before and after using the "Everyone is a
Teacher Here" teaching model, based on a non-parametric test (in this case researcher
using Wilcoxon Matched Pairs Test) and the obtained significance shows the value (Asymp.
Sig. 2-tailed) is 0.000 ≤ 0.05, concluded with accepting H1 and rejecting H0. This implies
that there is a significant difference in the ability of students from XI-1 class of SMA Negeri
6 Bandung on writing “Sisindiran” before and after using the "Everyone is a Teacher
Here" teaching model.

Keywords: Everyone is a Teacher Here Model Teaching, Writing Sisindiran

1
Skripsi ini dibimbing oleh Dr. Dingding Haerudin, M.Pd.
2
Mahasiswa Program Studi Pendidikan Bahasa Sunda, Fakultas Bahasa dan Sastra, Universitas
Pendidikan Indonesia, Angkatan 2019.

vi
DAFTAR EUSI

PANGJAJAP ...................................................................................................................... i
TAWIS NUHUN................................................................................................................ ii
ABSTRAK ........................................................................................................................ iv
DAFTAR EUSI................................................................................................................ vii
DAFTAR TABEL ............................................................................................................ ix
DAFTAR GRAFIK ........................................................................................................... x
DAFTAR BAGAN ........................................................................................................... xi
DAFTAR LAMPIRAN ................................................................................................... xii
DAFTAR DIAGRAM .................................................................................................... xiii
DAFTAR SINGGETAN ................................................................................................ xiv

BAB I BUBUKA................................................................................................................ 1
1.1 Kasang Tukang Panalungtikan...................................................................................... 1
1.2 Rumusan Masalah ......................................................................................................... 4
1.3 Tujuan Panalungtikan ................................................................................................... 5
1.4 Mangpaat Panalungtikan ............................................................................................... 6
1.5 Raraga Tulisan .............................................................................................................. 7

BAB II ULIKAN TIORI, PANALUNGTIKAN SAMÉMÉHNA, RARAGA MIKIR


JEUNG HIPOTÉSIS ........................................................................................................ 8
2.1 Ulikan Tiori................................................................................................................... 8
2.2 Panalungtikan Saméméhna ......................................................................................... 26
2.3 Raraga Mikir ............................................................................................................... 28
2.4 Hipotésis ..................................................................................................................... 30

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN ..................................................................... 31


3.1 Desain Panalungtikan.................................................................................................. 31
3.2 Sumber Data................................................................................................................ 32
3.3 Prosedur Panalungtikan .............................................................................................. 32
3.4 Téhnik Ngumpulkeun Data ......................................................................................... 34
3.5 Instrumén Panalungtikan ............................................................................................ 35
3.6 Analisis Data ............................................................................................................... 36

vii
BAB IV HASIL PANALUNGTIKAN JEUNG PEDARAN ........................................ 41
4.1 Hasil Panalungtikan .................................................................................................... 41
4.2 Pedaran Hasil Panalungtikan....................................................................................... 57

BAB V KACINDEKAN JEUNG REKOMENDASI .................................................... 61


5.1 Kacindekan.................................................................................................................. 61
5.2 Implikasi ..................................................................................................................... 62
5.3 Rekoméndasi ............................................................................................................... 62

DAFTAR PUSTAKA ...................................................................................................... 63


LAMPIRAN..................................................................................................................... 66
RIWAYAT HIRUP ......................................................................................................... 93

viii
DAFTAR TABEL

Tabel 2.1 Modul Ajar ........................................................................................... 24


Tabel 3.1 Desain Panalungtikan ........................................................................... 31
Tabel 3.2 Jumlah Siswa Kelas XI-1 SMA Negeri 6 Bandung ............................. 32
Tabel 3.3 Instrumen Panalungtikan ...................................................................... 36
Tabel 3.4 Kategori Peunteun ................................................................................ 37
Tabel 3.5 Kritéria Méré Skor nilis sisindiran ....................................................... 37
Tabel 3.6 Tabulasi Nilai Nulis Sisindiran ............................................................ 39
Tabel 4.1 Kamampuh Nulis Sisindiran Siswa Kelas XI-1 SMA Negeri 6 Bandung
Saméméh Ngalarapkeun Modél Pangajaran Everyone Is A Teacher Here. .......... 42
Tabel 4.2 Kamampuh Nulis Sisindiran Siswa Kelas XI-1 SMA Negeri 6 Sanggeus
Ngalarapkeun Modél Pangajaran Everyone Is A Teacher Here. .......................... 47
Tabel 4.3 Béda Kamampuh Siswa Kelas XI-1 Dina Nulis Sisindiran Saméméh
jeung Sanggeus Ngagunakeun Modél Pangajaran Everyone Is A Teacher Here . 51
Tabel 4. 4 Hasil Uji Normalitas Data Pretest jeung Posttest ................................ 54
Tabel 4. 5 Uji Statistik Non-parametrik Wilcoxon Match Pairs Test Data Pretest
jeung Posttest. ....................................................................................................... 56

ix
DAFTAR GRAFIK

Grafik 4. 1 Kamampuh Nulis Sisindiran Siswa Saméméh Ngalarapkeun Modél


Pangajaran Everyone Is A Teacher Here Dumasar kana Aspék nu Dipeunteun dina
Pretest. ................................................................................................................... 46
Grafik 4. 2 Kamampuh Nulis Sisindiran Siswa Sanggeus Ngalarapkeun Modél
Pangajaran Everyone Is A Teacher Here Dumasar kana Aspék nu Dipeunteun dina
Posttest. ................................................................................................................. 51
Grafik 4. 3 Béda Hasil Kamampuh Nulis Sisindiran Saméméh jeung Sanggeus
Ngalarapkeun Modél Everyone Is A Teacher Here .............................................. 53
Grafik 4. 4 Garis Kanormalan Data Pretest ......................................................... 55
Grafik 4. 5 Garis Ka-teu normalan Data Posttest ................................................ 55

x
DAFTAR BAGAN

Bagan 2.1 Wincikan Sisindiran ............................................................................ 19


Bagan 2.2 Raraga Mikir ...................................................................................... 29
Bagan 3.1 Prosedur Panalungtikan ....................................................................... 34

xi
DAFTAR LAMPIRAN

Lampiran 1 Surat Keputusan Pembimbing Skripsi ............................................ 67


Lampiran 2 Surat Panalungtikan ........................................................................ 69
Lampiran 3 Hasil Pretest Nulis Sisindiran Siswa................................................ 70
Lampiran 4 Hasil Posttest Nulis Sisindiran Siswa ............................................. 75
Lampiran 5 SPSS Versi 18 .................................................................................. 80
Lampiran 6 Dokumentasi ................................................................................... 81
Lampiran 7 Modul Ajar ....................................................................................... 85

xii
DAFTAR DIAGRAM

Diagram 4. 1 Perséntase kamampuh nulis sisindiran siswa saméméh ngalarapkeun


modél pangajaran Everyone is a Teacher Here. .................................................... 44
Diagram 4. 2 Perséntase kamampuh nulis sisindiran siswa sanggeus ngalarapkeun
modél pangajaran Everyone is a Teacher Here. .................................................... 49

xiii
DAFTAR SINGGETAN

ATP : Alur Tujuan Pembelajaran


CP : Capaian Pembelajaran
Dr. : Doktor
FPBS : Fakultas Pendidikan Bahasa dan Sastra
H. : Haji
Hj. : Hajah
IPS : Ilmu Pengetahuan Sosial
Jsté : Jeung saterusna ti éta
Jrrd : Jeung réa-réa deui
LBSS : Lembaga Bahasa dan Sastra Sunda
LKPD : Lembar Kerja Peserta Didik
M.Hum : Magister Humaniora
MA : Madrasah Aliyah
M.Pd. : Magister Pendidikan
MPLS : Masa Pengenalan Lingkungan Sekolah
M.Si : Magister Sains
NO : Nomor
NAS : Nomor Absen Siswa
NKRI : Negara Kesatuan Republik Indonesia
Prof. : Profesor
S.Pd, : Sarjana Pendidikan
Swt : Subhanahu wa ta’ala
Saw : Shalallahu'alaihi wassalam
SBMPTN : Seleksi Bersama Masuk Perguruan Tinggi
SMA : Sekolah Menengah Atas
SMK : Sekolah Menengah Kejuruan
SPSS : Statistical Program for Social Science
UPI : Universitas Pendidikan Indonesia
UUD : Undang-Undang Dasar

xiv
BAB I
BUBUKA

1.1 Kasang Tukang Panalungtikan


Kagiatan diajar minangka prosés nyangking pangaweruh, kaparigelan atawa
sikep tina panalungtikan, pangalaman ogé narima instruksi ti jalma lianna.
Nurutkeun John Dewey, dina (Wulandari, 2020) nétélakeun yén peserta didik atawa
siswa nyaéta salasahiji subjek atikan nu miboga poténsi dina ngamekarkeun
kamampuh jeung kaparigelan dina matotoskeun pasualan-pasualan anu
disanghareupan.
Dina prosés diajar basa Sunda ngawengku opat kaparigelan basa, salasahijina
nyaéta kaparigelan nulis. Kagiatan nulis mangrupa kaparigelan basa nu sipatna
aktif, produktif jeung éksprésif. Fungsi kaparigelan nulis pikeun mantuan prosés
mikir tur ngébréhkeun pamadegan, gagasan, idé, pangalaman dina wangun tulis-
tinulis. siswa diperedih diajar jeung tuluy ngasah kaparigelan nulis, lantaran
komunikasi sacara tinulis ogé sarua pentingna saperti kaparigelan basa séjénna.
(Fardiah, 2016).
Nurutkeun (Tarigan, 2008), dina buku “menulis sebagai suatu keterampilan
berbahasa” nyebutkeun yén, nulis mangrupa hiji kagiatan anu produktif jeung
éksprésif. Dina kagiatan nulis, kudu parigel dina ngamangpaatkeun struktur basa
jeung kandaga kecap. Nulis minangka hiji-hijina kaparigelan basa anu dilarapkeun
dina komunikasi teu langsung.
Dina prak-prakanana, hésé ngébréhkeun idé nu aya dina pikiran manusa kana
wangun tulisan mangrupa hal anu teu ahéng. Lantaran kurang mindengna latihan
prakték nulis. Salasahiji cara pikeun ngalatih kaparigelan nulis nyaéta kudu sering
prakték tulis-tinulis ngébréhkeun naon anu aya dina pikiran. Lamun dipatalikeun
jeung pangajaran basa Sunda, nulis mangrupa hal anu kacida pentingna keur siswa.
Ku sabab, teu sakumna jalma bisa ngébréhkeun pamadeganana, idéna atawa naon-
naon waé anu aya dina pikiranana kalawan kaharti ku batur.
Dina pangajaran basa Sunda di SMA kelas XI nulis sisindiran mangrupa
salasahiji kamampuh nu kudu dicangking ku siswa. Sisindiran nyaéta karya sastra

1
2

wangun ugeran (puisi) anu eusina dibalibirkeun, diwangun ku cangkang jeung eusi,
pinuh ku purwakanti, sarta umumna dina sapadalisan diwangun ku dalapan engang.
Pasualan nu disanghareupan ku siswa dina nulis sisindiran di antarana; siswa
kurang mampuh dina ngébréhkeun idé jeung matalikeun antar unsur basa nu rék
dijadikeun sisindiran boh dina wangun rarakitan, paparikan, atawa wawangsalan.
leu hal balukar tina kandaga kecap nu dipiboga ku siswa kawatesanan. Materi
pangajaran anu hésé kacangkem ogé jadi bangbaluh pikeun siswa sabab sisindiran
mangrupa karya sastra nu dianggap ahéng tur nalika ngajelaskeun matéri ajarna
guru masih ngagunakeun métode ceramah. Antukna siswa kurang motivasi diajar.
Nurutkeun (Nurfazri, 2020), dina panalungtikan anjeunna ngeunaan larapna
modél pangajaran mind mapping dina nulis sisindiran, aya babaraha pasualan anu
nyangkaruk dina hasil panalungtikanana ka tingket SMA/MA/SMK, di antarana:
(1) kurangna kamampuh siswa dina maham wangun-wangun sisindiran; (2)
kurangna kamampuh siswa maham struktur sisindiran; jeung (3) kurangna
kamampuh siswa dina maham eusi, milih pilihan kecap anu merenah, nyaluyukeun
guru wilangan. Dumasar tina hasil panalungtikan di luhur dina prak-prakanna aya
faktor nu ngabalukarkeun kamampuh nulis sisindiran, nyaéta ku lantaran siswa can
maham pisan ngeunaan sisindiran.
Dumasar kana pasualan di luhur yén siswa can mampuh nulis sisindiran
kalawan bener tur merenah. Ku kituna, diperlukeun stratégi pangajaran pikeun
ngaoptimalkeun kagiatan siswa dina prosés pangajaran sarta dipiharep ningkatkeun
préstasi hasil diajar sacara maksimal. Dina nyingkahan pasualan-pasualan éta
tangtu merlukeun modél pangajaran anu éféktif.
Salasahijina nyaéta ngagunakeun modél pangajaran anu luyu keur
ngaronjatkeun kamampuh nulis sisindiran. Modél pangajaran anu digunakeun
nyaéta modél Everyone is a Teacher Here, anu ngaronjatkeun pola pikir jeung
ngirut siswa keur diajar nulis sisindiran. Nurutkeun (Suprijono, 2013), modél
Everyone is a Teacher Here mangrupa modél pangajaran anu ngalatih kamampuh
siswa pikeun leuwih aktif dina ngébréhkeun eusi pikiranna boh sacara lisan ogé
sacara tulisan. Modél ieu ogé luyu jeung Kurikulum Merdeka lantaran, siswa bisa
leuwih ngamekarkeun pangalaman jeung kamampuh diajar sacara mandiri dina
diajar. Siswa bisa leuwih aktif lantaran aya prosés sosialisasi langsung jeung
3

baturanana, ogé leuwih éféktif lantaran siswa leuwih wani nanya ka baturanana ti
batan nanya ka guru.
Dina prosés diajarna modél pangajaran Everyone is a Teacher Here
ngawangun suasana diajar anu aktif jeung éféktif. Guru méré lolongkrang ka siswa
pikeun maham matéri, nyangking informasi, idé, kaparigelan, cara mikir, jeung
ngébréhkeun idé ngaliwatan proses lisan-tulisan.
Ogé nurutkeun (Zaini et al., 2008) dina buku anu judulna Strategi
Pembelajaran Aktif nétélakeun yén loba cara pikeun siswa bisa diajar kalawan aktif
nu disebut métode diajar aktif. Métode atawa pakakas diajar aktif nu dimaksud ku
Aryani nyaéta aya tata rohangan kelasna, metode ngaaktifkeun siswana, nyieun
kelompok diajar mimitraan dina cara diajarna, ngaanalisis kabutuhan siswana,
ngamekarkeun minat siswana, ngaronjatkeun pamahaman siswa dina kagiatan
diajar, ngaéfisiénsikeun waktu jeung ngokolakeun kagiatan siswa di rohangan
kelas. Modél pangajaran ieu miboga kaonjoyan anu ditétélakeun ku (Aprilia &
Ansori, 2020) dina panalungtikanana:
Nurutkeun (Aprilia & Ansori, 2020), aya sababaraha kaonjoyan modél
Everyone Is a Teacher Here, nyaéta: (1) bisa maham materi kalawan teleb; (2)
ngarojong prosés diajar sacara éféktif; (3) bisa ngajén siswa anu maham jeung anu
teu maham kana matéri nu diajarkeun; (4) ngalatih kamampuh siswa pikeun mikir
kritis; jeung (5) wani dina ngébréhkeun kamandang ngaliwatan media lisan ogé
tulisan.
Anapon panalungtikan saacanna anu miboga sasaruan jeung ieu panalungtikan,
nyaéta panalungtikan (Aprilia & Ansori, 2020), nu judulna “Penggunaan Model
Everyone is a Teacher Here dalam Meningkatkan Hasil Belajar Siswa” anu hasilna
ngaguar yén modél Everyone is a Teacher Here bisa cocok jeung pangajaran Mata
Pelajaran Ilmu Pengetahuan Sosial nu mana Mata Pelajaran Ilmu Pengetahuan
Sosial miboga stigma anu kawilang monoton. Strategi pangajaran modél Everyone
is a Teacher Here cocok pikeun ngaronjatkeun kapercayaan diri siswa,
ngamungkinkeun siswa matak kataji kana matéri nu diajarkeun ku guru. Nanging,
nurutkeun (Aprilia & Ansori, 2020) ogé, modél pangajaran ieu miboga
kahéngkéran dina téhnisna saperti patalékan-patalékan siswa anu teu pati luyu
4

jeung tujuan pangajaran, lila méakkeun waktu dina prosés pangajaran nepi ka siswa
teu bisa ngajawab patalékan siswa.
Panalungtikan séjénna (Halidin, 2020) anu judulna “Pengaruh Strategi
Pembelajaran Everyone Is A Teacher Here Terhadap Hasil Belajar Matematika”.
Hasilna ngaguar yén modél Everyone is a Teacher Here cocok jeung bisa jadi
alternatif pikeun ngaronjatkeun hasil pangajaran dina mata pelajaran matematika
nu dasarna ngasah pamahaman ti batan ngasah kaparigelan basa. Bébédana dina ieu
panalungtikan, nyaéta siswa dibéré lolongkrang pikeun maham kana sisindiran, tapi
satuluyna bakal dilajeng ka ngébréhkeun hasil pamahamanna kana wangun tulisan
anu mangrupa wangun sisindiran.
Panalungtikan lianna anu ngagunakeun modél Everyone is a Teacher Here
nyaéta panalungtikan (Dewi et al., 2019) nu judulna “Efektivitas Pembelajaran
Daring Model Everyone Is a Teacher Here Dengan Google Meet Terhadap Hasil
Belajar Geografi Pesera Didik Kelas X IPS Materi Pokok Perairan Laut di SMA
Negeri 1 Baturetno Tahun Ajaran 2020/2021” anu hasilna medar yén larapna ieu
modél modél Everyone is a Teacher Here éféktif dina Mata Pelajaran Geografi
méré lolongkrang ka siswa pikeun maham kana matéri ku cara nyieun kelompok
diskusi, tuluy siswa ngébréhkeun hasil diskusi kana wangun tulisan. Antukna,
dipintonkeun hasilna kana wangun lisan. Sasaruan jeung ieu panalungtikan, nyaéta
dina hasil diajarna anu ngawengku hasil nulis sisindiran anu dipintonkeun di hareup
kelas.
Nilik judul di luhur, panalungtikan ngeunaan modél Everyone is a Teacher
Here masih perlu dilarapkeun sabab dina bahan ajar anu digunakeun nyaéta matéri
nulis sisindiran saluyu jeung konsep modél Everyone is a Teacher Here.
Dumasar kana hal-hal anu kapaluruh di luhur, ku kituna panalungtikan nu
judulna Modél Everyone Is a Teacher Here dina Pangajaran Nulis Sisindiran (Studi
Kuasi Ékspérimén ka Siswa Kelas XI-1 SMAN 14 Bandung Taun Ajaran
2023/2024) perlu dilaksanakeun.

1.2 Rumusan Masalah


Dumasar kana kasang tukang di luhur, aya sawatara pasualan anu kaidéntifikasi
nyaéta, (1) kamampuh siswa nulis téks sisindiran, ditilik tina eusi téks sisindiran,
5

diksi, purwakanti, guru wilangan, éjahan, karapihan tulisan, (2) modél pangajaran
Everyone is a Teacher Here (ETH) nyaéta sakabéh siswa kudu bisa jadi narasumber
pikeun siswa séjénna atawa jadi guru kana matéri téks sisindiran.
Tina idéntifikasi masalah di luhur, aya sawatara masalah anu perlu
dirumuskeun, nyaéta:
1) Kumaha kamampuh nulis téks sisindiran siswa kelas XI-1 SMAN Negeri 6
Bandung saméméh ngagunakeun modél pangajaran Everyone is a Teacher
Here?
2) Kumaha kamampuh nulis téks sisindiran siswa kelas XI-1 SMAN Negeri 6
Bandung sanggeus ngagunakeun modél pangajaran Everyone is a Teacher
Here?
3) Naha aya béda anu signifikan atawa henteu antara kamampuh nulis téks
sisindiran siswa kelas XI-1 SMAN Negeri 6 Bandung saméméh jeung
sanggeus ngagunakeun modél pangajaran Everyone is a Teacher Here?

1.3 Tujuan Panalungtikan


1.3.1 Tujuan Umum
Sacara umum yén tujuan tina ieu panalungtikan nyaéta pikeun nguji modél
Everyone is a Teacher Here dina pangajaran nulis sisindiran ka siswa kelas XI-1
SMAN 14 Bandung Taun Ajaran 2023/2024.

1.3.2 Tujuan Husus


Dumasar kana tujuan umum di luhur, ieu panalungtikan miboga tujuan husus
nyaéta pikeun ngadéskripsikeun;
a. kamampuh nulis téks sisindiran siswa kelas XI-1 SMAN Negeri 6 Bandung
saméméh ngagunakeun modél pangajaran Everyone is a Teacher Here?
b. kamampuh nulis téks sisindiran siswa kelas XI-1 SMAN Negeri 6 Bandung
sanggeus ngagunakeun modél pangajaran Everyone is a Teacher Here?
c. aya henteuna béda anu signifikan atawa henteu antara kamampuh nulis téks
sisindiran siswa kelas XI-1 SMAN Negeri 6 Bandung saméméh jeung
sanggeus ngagunakeun modél pangajaran Everyone is a Teacher Here?
6

1.4 Mangpaat Panalungtikan


1.4.1 Mangpaat Tioritis
Ieu panalungtikan diayakeun pikeun neuleuban élmu pangaweruh ngeunaan
modél pangajaran, hususna modél pangajaran dina kamampuh nulis sisindiran.
Dipiharep ieu panalungtikan méré gambaran yén modél Everyone is a Teacher Here
bisa mangaruhan kana minat diajar siswa hususna kana pangajaran nulis sisindiran.

1.4.2 Mangpaat Praktis


Ieu panalungtikan ogé miboga mangpaat praktis pikeun;
a. pikeun siswa, sangkan bisa nambah pangaweruh jeung mekarkeun motivasi
sarta bakal ngaronjatkeun hasil diajar, hususna kana pangajaran nulis
sisindiran;
b. pikeun guru, sangkan bisa nambah pangaweruh dina ngalarapkeun modél-
modél pangajaran anu éféktif;
c. pikeun panalungtik, méré motivasi ogé pangaweruh anu hadé pikeun
ngalarapkeun modél Everyone is a Techer Here, jeung bisa nyawang keur nu
nalungtik sangkan dina prak-prakan ngajar bisa leuwih kréatif tur inovatif.

1.4.3 Mangpaat tina segi Kawijakan


Hasil tina ieu panalungtikan pikeun ngarojong kana kawijakan pamaréntah anu
nangtukeun yén bahasa daérah mangrupa bahasa nu kudu dimumulé kalayan ulah
dileungitkeun. Luyu jeung aturan pamaréntah dina pasal 32 ayat 2 UUD 1945
nétélakeun yén bahasa daérah téh kudu dimumulé salaku cicirén kabeungharan
bangsa.
Lian ti éta dipiharep ieu panalungtikan bisa jadi bongbolong pikeun
ngungkulan rendahna minat siswa pikeun mikawanoh jeung resep kana basa Sunda
salasahijina dina pangajaran sisindiran.
7

1.5 Raraga Tulisan


Bab I mangrupa bab munggaran dina ieu skripsi. Dina bab I ngawengku kasang
tukang panalungtikan, idéntifikasi jeung rumusan masalah panalungtikan, tujuan
diayakeunna ieu panalungtikan, mangpaat panalungtikan, sarta raraga panulisan
skripsi.
Dina bab II dipedar ngeunaan tiori-tiori anu aya dina panalungtikan sacara
leuwih jéntré. Dina bab II ngawengku kajian pustaka anu dijerona medar ngeunaan
tiori modél pangajaran, modél Everyone is a Teacher Here, jeung larapna modél
Everyone is a Teacher Here dina pangajaran nulis sisindiran. Salian éta, medar
raraga mikir, asumsi jeung hipotésis panalungtikan.
Dina Bab III dipedar ngeunaan métode nu dipaké dina ieu panalungtikan.
Eusina medar ngeunaan média panalungtikan, kaasup sababaraha komponén, di
antarana: lokasi jeung jejer panalungtikan, téhnik ngumpulkeun data, jeung analisis
data. Dina nganalisis data, ngaliwatan sababaraha prosés di antarana nguji sipat data
anu ngawengku uji normalitas jeung uji homogénitas satuluyna uji hipotésis pikeun
mikanyaho kaéféktifan modél Everyone is a Teacher Here dina pangajaran nulis
sisindiran.
Dina bab IV dipedar hasil panalungtikan anu geus dilaksanakeun. Dina bab IV
ngawengku hasil panalungtikan jeung pambahasan, nyaéta analisis data pikeun
manggihan hiji hal ayar nu aya patalina jeung masalah panalungtikan, hipotésis,
jeung tujuan panalungtikan, ogé medar hasil temuan panalungtikan.
Dina bab V ngawengku kacindekan tina sakabéh pedaran ogé saran kana
panalungtikan anu geus diaksanakeun sangkan panalungtikan kahareupna bisa
leuwih hadé.
BAB II
ULIKAN TIORI, PANALUNGTIKAN SAMÉMÉHNA,
RARAGA MIKIR JEUNG HIPOTÉSIS
Dina ieu bab, dipedar ngeunaan modél pangajaran, modél pangajaran Everyone
is a Teacher Here, nulis, sisindiran, jeung modél pangajaran Everyone is a Teacher
Here dina pangajaran nulis sisindiran. Salian ti éta, bab II ogé medar ngeunaan
panalungtikan saméméhna, raraga mikir, jeung hipotésis.

2.1 Ulikan Tiori


Dina ieu bab medar ngeunaan tiori-tiori modél pangajaran, modél Everyone is
a Teacher, nulis sisindiran, jeung modél pangajaran Everyone is a Teacher Here
dina pangajaran nulis sisindiran.

2.1.1 Modél Pangajaran


2.1.1.1 Wangenan Modél Pangajaran
Modél pangajaran mangrupa modél anu digunakeun ku guru atawa instruktur
pikeun ngalaksanakeun kagiatan pangajaran, anu di jerona aya kagiatan guru jeung
siswa ku cara merhatikeun lingkungan jeung sarana prasarana nu aya di kelas atawa
tempat diajar. Guru atawa instruktur salaku anu ngararancang jeung
ngalaksanakeun aktifitas pangajaran kudu mampuh maham kana modél-modél
pangajaran sangkan pangajaran bisa dilaksanakeun kalawan éféktif jeung éfisién
(Indrawati, 2011).
(Rahman, 2008), nétélakeun yén modél pangajaran mangrupa hiji rarancang
pangajaran (design instructional) anu digunakeun pikeun nangtukeun maksud jeung
udagan unggal topik atawa poko bahasan (goals topic and purposes), nganalisis
karakteristik warga diajar (learner characteristics), nyusun tujuan instruksional
husus (learning objectives), milih eusi pangajaran (subject content), ngalakukeun
pra-tés (pre assesment). ngalakukeun kagiatan pangajaran/sumber pangajaran
(teaching learning activities/ources), ngayakeun rojongan (support service),
ngalaksanakeun évaluasi (evaluation), jeung nyieun révisi (revise).

8
9

Nurutkeun (Tayeb, 2017) modél pangajaran bisa ditentukeun salaku raraga


konséptual ngagambarkeun prosedur nu sistematis dina ngaorganisasikeun
pangalaman diajar pikeun ngahontal tujuan diajar nu tangtu, ogé fungsi salaku
dadasar pikeun nu ngararancang jeung guru dina ngalaksanakeun kagiatan
pangajaran.
Modél pangajaran mangrupa hiji rarancang anu digunakeun pikeun nyieun
kurikulum, ngatur matéri pangajaran, jeung méré pituduh ka guru di kelas dina
setting pangajaran atawa setting séjénna (Rahman, 2008). Nurutkeun (Khoerunnisa,
2020), nétélakeun yén modél pangajaran mangrupa salasahiji rarancang atawa pola
anu bisa digunakeun pikeun ngahontal kurikulum (rarancang pangajaran jangka
panjang), ngarancang bahan-bahan pangajaran, jeung ngaping pangajaran di kelas
jeung lianna deui.
Nurutkeun (Malawi, 2017) modél pangajaran mangrupa hiji rarangka anu sipatna
konséptual sacara prosédural anu sistimatis dina ngokolakeun pangalaman diajar
pikeun ngahontal udagan diajar jeung miboga pungsi pikeun ngahontal patokan
dina ngararancang pangajaran keur pangajar dina ngarencanakeun tur
ngalaksanakeun pangajaran
Tina sababaraha pamadegan diluhur, bisa dicindekkeun yén modél pangajaran
mangrupa hiji pedoman pikeun guru dina lumangsungna prosés diajar. Modél
pangajaran ogé mangrupa cara kréatif dina prosés diajar, teu saukur ngagunakeun
métode ceramah waé.

2.1.2 Modél pangajaran Everyone is a Teacher Here


2.1.2.1 Wangenan Modél Pangajaran Everyone is a Teacher Here
Everyone is a Teacher Here mangrupa modél pangajaran aktif. Dina
ngagunakeun modél Everyone is a Teacher Here, guru méré kasempatan ka siswa
pikeun jadi pangjejer pikeun siswa séjénna di kelas. Salian ti éta, siswa nu jadi guru
kudu bisa medar, ngajawab, tur méré pamadegan dina mangsa aya siswa anu
nepikeun patalékan. Hal éta saluyu jeung nu ditepikeun ku (Suprijono, 2013) nu
nétélakeun yén modél Everyone is a Teacher Here mangrupa cara tepat pikeun
meunangkeun perhatian siswa di kelas. Modél Everyone Is a Teacher Here
mangrupa hiji modél nu miboga tujuan sangkan siswa ilubiung kalawan aktif tur
10

dipikaresep ku siswa, modél Everyone is a Teacher Here bisa ngirut siswa sangkan
wani dina nepikeun pamadeganana, sarta ngalatih siswa pikeun bisa komunikasi ka
siswa séjénna. Ku kituna, ngalarapkeun modél pangajaran Everyone is a Teacher
Here bisa ngarojong siswa sangkan leuwih aktif dina prosés diajar.
Nurutkeun (Kustini, 2014) modél pangajaran Everyone is a Teacher Here
mangrupa salah sahiji métode alternatif pangajaran pikeun ngaronjatkeun
kamampuh jeung ngungkulan masalah nu karandapan ku siswa. Modél pangajaran
Everyone is a Teacher Here mangrupa modél pangajaran anu méré kasempétan ka
sakumna siswa pikeun jadi guru nu méré informasi, matéri ka siswa séjenna
(Silberman, 2013).
Dina modél pangajaran Everyone Is a teacher Here siswa bakal leuwih aktif
tur ngaronjat dina mangsa medar materi di hareup kelas (Sulaiman, 2016). Dina
méré tanggung jawab ka siswa pikeun nulis jeung ngajawab patalékan, bisa méré
motivasi ka siswa pikeun mikir jeung leuwih inisiatif. Ku kituna siswa bakal leuwih
aktif di jero kelas (Zulkarnain, 2015).
Bisa dicindekkeun yén modél Everyone is a Teacher Here bisa leuwih
ngarojong pamarekan kolaboratif, silih diajar, jeung aprésiasi pikeun pangaweruh
jeung pangalaman unggal individu. Dina ieu hal, sakabéh siswa dianggap miboga
hal anu bisa disuprih jeung diajarkeun, ogé proses diajar bakal leuwih inklusif,
démokratis, sarta bisa leuwih nuwuhkeun personality sarta akademik.

2.1.2.2 Tujuan modél Everyone is a Teacher Here


Dina modél Everyone is a Teacher Here dipiharep siswa leuwih aktif, bungah,
ngamotivasi, jeung miboga tanggung jawab individu hususna dina narima
pangajaran nulis sisindiran. Anapon tujuan nu dipiharep panalungtik dina modél
Everyone is a Teacher Here dipedar di handap;
1. Pikeun unggal individu wani ngajukeun sacara lugas jeung ngébrehkeun
pamadegan ngaliwatan jawaban tina patalékan nu aya;
2. Mampu nepikeun pamadegan tur ngajélaskeun di harepeun kelas;
3. Méré kasempetan ka siswa pikeun wani nyanggah, nepikeun pamadegan dina
ngajawab patalékan siswa séjénna nu aya di kelas;
4. Komunikasi kalawan alus; sarta
11

5. Bisa nyindekkeun masalah dina naon nu keur dikaji.

2.1.2.3 Kaonjoyan jeung Kahéngkéran Modél Everyone is a Teacher Here


Modél pangajaran ieu dipilih sabab miboga kaonjoyan. Anapon kaonjoyan dina
ngagunakeun modél pangajaran Everyone is a Teacher Here nurutkeun (Sanjaya,
2008):
1. Ngaliwatan ieu modél siswa teu gumantung ka guru, tapi leuwih bisa
meunangkeun informasi tina sababaraha sumber, ogé diajar ti siswa séjen.
2. Nuwuhkeun kaparigelan nétélakeun idé atawa gagasan ku kekecapan sacara
verbal jeung ngabandingkeun ka idé-idé nu lianna.
3. Siswa bisa leuwih percaya ka siswa lain, jeung bisa sadar kana kawatesana.
4. Siswa bisa leuwih tanggungjawab dina diajar.
5. Bisa ngaronjatkeun préstasi akademik, ogé kaparigelan sosial.
6. Ngaliwatan modél Everyone is a Teacher Here siswa bisa nuwuhkeun
kamampuhna pikeun nguji idé jeung pamahamanna sorangan.
7. Nuwuhkeun kamampuh siswa dina ngagunakeun informasi jeung kamampuh
diajar abstrak jadi nyata. Sarta
8. Interaksi salila modél lumangsung bisa nuwuhkeun motivasi jeung mere
rangsangan pikeun mikir. Ieu hal bisa digunakeun pikeun kahareupna.
Kalumangsungan hiji modél lain hartina teu miboga kahéngkéran, aya sawatara
kahéngkéran dina ngagunakeun modél Everyone is a Teacher Here nurutkeun
(Sanjaya, 2008):
1. Pikeun paham jeung ngarti modél Everyone is a Teacher Here kudu
ngagunakeun waktu nu teu singket. Teu rasional saupama urang miharep sacara
langsung siswa bisa jeung paham. Siswa nu miboga kaonjoyan bakal kahambat
ku siswa anu dianggap kurang. Ku kituna, bakal ngaganggu iklim gawé bareng
dina kelompok.
2. Ciri nu utama dina modél Everyone is a Teacher Here nyaéta siswa silih diajar
jeung ngajar. Ku kituna, lamun teu ngagunakeun peer teaching nu éféktif, cara
diajar nu kudu dipiboga jeung dicangkem, teu kaudag ku siswa.
3. Tingkat capaian modél Everyone is a Teacher Here dina upaya ngamekarkeun
kasadaran kelompok dibutuhkeun période mangsa nu teu sakeudeung.
12

4. Sanajan kamampuh gawé bareng mangrupa kamampuh nu kawilang penting


pikeun siswa. Nanging, loba aktivitas dina kahirupan siswa anu ngan saukur
didumasaran kana kamampuh siswa sacara individual.

2.1.2.4 Léngkah-léngkah Modél Pangajaran Everyone is a Teacher Here


Léngkah-léngkah ngaggunakeun modél Everyone is a Teacher Here nurutkeun
(Silberman, 2013) dina buku Pembelajaran Aktif 101 Strategi untuk Mengajar
Secara Aktif, miboga sababaraha léngkah dina ngagunakeun, nya éta;
1) guru ngajéntrékeun jeung netepkeun tujuan pangajaran;
2) guru nataharkeun bahan diajar saperti materi atawa buku;
3) guru muka materi atawa ngawanohkeun materi;
4) bahan diajar nu geus disiapkeun, dibagikeun ka sakabéh siswa tuluy dibéré
tugas pikeun maham;
5) guru nitah siswa nulis patalékan sanggeus maca materi dina hiji kertas leutik;
6) kertas dilipet-lipet tuluy dikocok sacara ngacak;
7) hasilna dibagikeun ka sakabéh siswa. Guru nitah macakeun soalna tuluy
dijawab ku siswa luyu jeung pamadeganna séwang-séwang;
8) guru ngageroan salasahiji siswa pikeun ngajéntrékeun sacara ditél sanggeus
baturanna maca soal jeung jawabanna. Tuluy baturanna mairan; sarta
9) guru méré kacindekan.

2.1.3 Nulis
2.1.3.1 Wangenan Nulis
Kecap nulis asal kecapna tina kecap tulis maké rarangkén hareup N- (nasal)
anu ngandung harti “ngalakukeun”. Tina ieu harti ébréh yén nulis téh mangrupa hiji
kagiatan.
Nurutkeun LBSS dina (Nurjanah, 2009) nulis téh nyaéta nyieun aksara atawa
angka dina kertas jeung sajabana ku parantina. Nulis, nyaéta kagiatan ngalibetkeun
sakabéh aktivitas otak boh otak belah kénca boh otak belah katuhu. Kagiatan nulis
ngabantuan urang dina ngébréhkeun sagala idé/gagasan anu diébréhkeun
ngaliwatan médium basa.
13

Nurutkeun (Tarigan, 2008) nulis téh nyaéta nurunkeun linambang grafik anu
ngagambarkeun basa hiji jalma, nepi ka jalma lian bisa nyanggem éta basa nu
digambarkeun ku gambaran grafik tadi. Nulis mangrupa kaparigelan maké basa nu
digunakeun dina komunikasi teu langsung. lain komunikasi tatap muka jeung batur,
nulis mangrupa kagiatan anu produktif jeung éféktif.
Nurutkeun (Siddik, 2016) nulis mangrupa kaparigelan basa ahir anu kudu
dikawasa sanggeus parigel dina ngaregepkeun, nyarita jeung maca. Ku kituna loba
anu mérékeun pamadeganna yén nulis kawilang hiji kagiatan anu abot. Kaparigelan
nulis bisa ngaronjatkeun komunikasi sacara teu langsung ngaliwatan média tinulis,
lantaran ku cara nulis bisa nepikeun informasi, idé atawa gagasan anu bisa
ditepikeun ti hiji jalma ka jalma séjénna.
Nulis mangrupa salahsahiji kaparigelan basa anu kudu dicangkem ku siswa.
Salian ti éta nulis ogé sarana pikeun mekarkeun daya mikir atawa nalar ku cara
ngumpulkeun fakta, matalikeun, tuluy nyokot kacindekan. Nulis bisa ngajéntrékeun
hiji hal ka diri panulis lantaran gagasan-gagasan anu masih aya dina pamikiran bisa
dikedalkeun sacara ngaruntuy jeung sistematis. Ngaliwatan kagiatan nulis, hiji
gagasan bakal bisa ngabéréskeun hiji pasualan leuwih babari, méré rojongan pikeun
diajar sacara aktif jeung ngabiasakeun diri mikir sarta ngagunakeun basa sacara
tertib (Wicaksono, 2014).
Loba kauntungan anu bisa dicokot tina kagiatan nulis, sakumaha ditétélakeun
ku Subarti, dina (Nurjanah, 2009) di handap ieu:
A. Ku kagiatan nulis, nu nulis nyaho kana kamampuh atawa poténsi nulisna
sorangan. Nu nulis bakal nyaho nepi ka mana wates kamampuh dirina
ngeunaan hiji topik.
B. Nu nulis bisa mekarkeun idé-idé atawa gagasanna. Nu nulis kalatih dina
matalikeun sarta ngabanding-banding fakta anu jadi bahan tulisanna.
C. Ku kagiatan nulis, nu nulis kapaksa leuwih loba néangan informasi/luang anu
aya patalina jeung topik anu ditulisna. Ku ayana kitu kagiatan nulis bisa
ngajembaran pangaweruh nu nulis.
D. Ku kagiatan nulis, nu nulis bisa ngajéntrékeun pasualan-pasualan anu can
jéntré dina pipikirna.
E. Nu nulis bisa ngajén kana idé/gagasan kalawan leuwih obyéktif.
14

F. Nu nulis bakal leuwih gampang ngungkulan masalahna nyaéta ku cara


nganalisis pasualan anu nembrak téa.
G. Nu nulis bakal kadorong pikeun diajar leuwih kreatif jeung aktif.
H. Ku ayana nulis, nu nulis kalatih pikeun mikir kritis tur ngagunakeun basa anu
sistematis.

2.1.3.2 Tujuan Nulis


Nurutkeun (Tarigan, 2008) aya tujuh tujuan nulis saperti diébréhkeun ieu di
handap:
a) Assigment purpose (tujuan migawé papancén)
Dumasar tujuan anu kahiji, panulis nyieun hiji tulisan lain dumasar ku
kahayangna sorangan, tapi kapaksa lantaran aya nu nitah. Jadi sabenerna euweuh
tujuan nanaon anu baris dihontal iwal ti saukur hayang nyumponan pancén, contona
siswa anu dibéré pancen ku guru pikeun ngarangkum hiji buku.
b) Altruistic purpose (tujuan altrustik)
Panulis miboga tujuan sangkan tulisanana bisa nyiptakeun kabungah tawa rasa
gumbira ka nu maca atawa pamiarsa. Tulisan panulis anu miboga tujuan saperti di
luhur disebutna wacana kasusastraan (literary discourse).
c) Persuasive purpose (tujuan persuasif)
Panulis miboga tujuan sangkan tulisanana bisa ngayakinkeun nu maca
ngeunaan benerna hiji gagasan atawa pamadegan anu diébréhkeun. Tulisanana
disebut wacana persuasif (persuasive discourse).
d) Informational purpose (tujuan informasional)
Tulisan anu tujuanana méré informasi atawa wawaran ka nu maca. Tulisanana
disebut wacana informatif (informative discourse).
e) Self-expressive purpose (tujuan ngawanohkeun diri)
Tulisan anu tujuanana pikeun ngawanohkeun diri panulis ka pamaca.
Tulisanana disebut wacana ékspresi (expressive discourse).
15

f) Creative purpose (tujuan kreatif)


Tujuan ieu aya patalina jeung tujuan nulis pikeun ngawanohkeun diri, tapi
kahayang kréatifna leuwih onjoy. Dina tujuan kréatif mah panulis boga kahayang
sangkan tulisanana bener-bener bisa ngahontal anjén-ajén artistik jeung ajén-ajén
kasenian.
g) Problem Solving Purpose (tujuan pemecahan masalah)
Tujuan panulis nyaéta pikeun ngungkulan hiji masalah, ku kituna, dina ieu
tulisan panulis taliti pisan ngébréhkeun sawanganana sangkan bisa kaharti tur
katarima ku nu maca.

2.1.3.4 Fungsi Nulis


Nurutkeun (Tarigan, 2008) yén fungsi utama tina nulis nyaéta salaku alat
komunikasi teu langsung. fungsi-fungsi nulis nyaéta kaunggel ieu di handap.
1) Nulis téh penting pisan pikeun dunya atikan sabab bisa ngaronjatkeun cara mikir
siswa dina prosés diajar.
2) Nulis bisa mantuan siswa dina ngawangun pamikiran anu kritis.
3) Ngagampangkeun dina matalikeun hubungan-hubungan.
4) Nimbulkeun daya persepsi nu jero.
5) Ngungkulan pasualan-pasualan anu keur disangahareupan.
6) Ngaruntuykeun urutan pangalaman.
7) pamikiran jeung nepikeun ka balarea.
Hiji tulisan téh bisa ngajéntrékeun pamikiran-pamikiran anu aya dina diri nu
nulis. Ku kituna, dina kagiatan nulis téh bisa ngamalirkeun pikiran-pikiran hiji
jalma ngeunaan manusa, gagasan-gagasan, pasualan-pasualan, jeung kajadian-
kajadian sacara aktual. (Tarigan, 2008) diajar nulis téh nyaéta diajar mikir ngan
mikir keur maca kajadian jeung ngabagikeunna dina waktu anu tangtu.

2.1.3.5 Mangpaat Nulis


Salian ti tujuan nulis anu dipedar di luhur, nulis tangtuna waé mibanda réa
mangpaat, boh pikeun panulisna sorangan, boh pikeun pamacana. Ku kituna,
nurutkeun (Subarti, 2016) mangpaat nulis kacida pentingna pikeun kahirupan jalma
16

utamana siswa, sabab unggal siswa teu lepas tina kagiatan nulis. Anapon mangpaat
tina nulis téh di antarana:
1) Nulis nyumbangkeun kacerdasan
Nurutkeun para ahli psikolinguistik, nulis nyaéta salasahiji aktivitas anu
kompléks. Katitén tina kamampuh ngahijikeun sawatara aspék. Éta aspék-aspék téh
ngawengku pangaweruh ngeunaan topik anu ditulis, ngébréhkeun pangaweruh ka
jero basa nu disaluyukeun jeung wangun wacana tur kamampuh nu maca, sarta
pidangan nu saluyu jeung konvensi atawa aturan panulisan.
2) Nulis mekarkeun daya inisiatif jeung kréativitas
Dina nulis, panulis nataharkeun jeung ngébréhkeun sakabéh hal ku sorangan.
Unsur tulisan nu bener saperti pungtuasi, éjahan, diksi, kalimah, wacana, topik
bahaseun, sarta pananya jeung jawabanna. Sangkan hasilna merenah pikeun dibaca,
ku kituna, naon nu dituliskeun kudu rapih, jelas, jeung matak ngirut.
3) Nulis numuwuhkeun kawani
Nalika nulis, panulis kudu wani némbongkeun jati dirina, kaasup pamikiran,
pangrasa, gayana, jeung ngawanohkeun ka publik. Konsekuénsina, salaku panulis
kudu siap jeung narima kana pangajén sarta saran ti pamaca, boh anu sipatna positif
atawa négatif.
4) Nulis ngarojong kahayang jeung kamampuh ngumpulkeun informasi
Jalma nulis sabab miboga idé, gagasan, kamandang, atawa hal-hal nu sakirana
perlu ditepikeun ka batur. Tapi, naon nu rék ditepikeun téh moal salilana aya. Ieu
kondisi ngahudangkeun jalma pikeun néang, ngumpulkeun, jeung narima informasi
pikeun dijadikeun bahan tulisan ku cara maca, ngaregepkeun, neuleuman, sawala,
atawa wawancara. Informasi nu geus aya, sumberna bakal dijaga jeung
dikokolakeun kalawan bener. Ieu tarékah dilakukeun sangkan nalika diperlukeun,
éta informasi bisa kapaluruh sacara gampang.
Salian mangpaat anu ditétélakeun di luhur, anapon mangpaat nulis lianna,
nyaéta nurutkeun (Nurudin, 2007), nulis téh miboga mangpaat di antarana:
1) Ngaronjatkeun kacerdasan,
2) Mekarkeun daya inisiatif jeung kreatifitas,
3) Numuwuhkeun kawani, jeung
4) Ngarojong kahayang jeung kamampuh ngumpulkeun informasi.
17

Ieu di handap mangrupa mangpaat nulis dumasar panalungtikan para ahli:


1. Peningkatan Kreativitas
Nulis busa ngastimulan jeung ngaronjatkeun kreativitas individu, nulis sacara
kréatif bisa ngaronjatkeun ngukulan masalah kréatif, pamikiran asosiatif, jeung
meunangkeun idé anyar (Sowden, 2015).
2. Ngarojatkeun kamampuh komunikasi
Nulis sacara tuluy-tumuluy bisa ngaronjatkeun kamampuh komunikasi, ogé
bisa nuwuhkeun kaparigelan nulis nu leuwih hadé (Graham, 2007).
3. Ngaronjatkeun akademik
Dumasar kana panalungtikan (Graham, 2012) nulis miboga pangaruh positif
kana kaparigelan nulis, maca, jeung kaparigelan nalar ka siswa.

2.1.3.6 Fungsi Nulis


Nurutkeun (Moon, 1999) nulis reflektif bisa nuwuhkeun dina maham kana
pangalaman pribadi, dipatalikeun jeung pangaweruh nu aya, jeung nuwuhkeun
pamahaman nu leuwih teleb. Nulis ogé bisa jadi média dina prosés diajar. fungsi
utama nulis nurutkeun D’angelo, dina (Tarigan 2008), fungsi utama tulisan téh
nyaéta salaku alat komunikasi anu teu langsung. Nulis kacida pentingna di dunya
atikan, hususna pikeun siswa sabab nulis bisa ngagampangkeun siswa dina prosés
mikir, ngagampangkeun dina mikir kritis, bisa ngungkulan pasualan-pasualan anu
keur disanghareupan. Ku kituna kagiatan nulis mangrupa wadah pikeun
ngébréhkeun eusi pikiran kana maksud sarta tujuan anu rék ditepikeun.

2.1.4 Sisindiran
2.1.4.2 Wangenan Sisindiran
Nurutkeun (Iskandarwassid, 2019) sisindiran téh salasahiji wangun ugeran
puisi heubeul, atawa puisi tradisional, anu kauger ku wangun jeung purwakanti.
Unggal pada (bait, Ind.) sisindiran diwangun ku bagian cangkang jeung bagian eusi;
réana padalisan cangkang sarua jeung réana padalisan eusi. Umumna pada
sisindiran téh diwangun ku opat pada- lisan: dua padalisan cangkang, dua padalisan
eusi.
18

Sisindiran mangrupa salasahiji wangun puisi Sunda heubeul anu diwangun ku


cangkang jeung eusi. Sipat puisina katangén dina wangun rima jeung irama anu
kawatesanan. Bahasa dina sisindiran biasana sipatna basajan sarta babari
dipikaharti. Dina naskah kuno Sanghyang Siksa Kandang Karesian anu ditulis taun
1518 Masehi, sisindiran kaasup kana widang kawih. Nurutkeun M.A Salmun, dina
(Koswara, 2011) sisindiran disebut ogé kasenian ngaréka basa anu diwangun ku
cangkang jeung eusi pikeun ngedalkeun maksud anu henteu saceplakna bari
dipamrih karesmianana. Wangun sisindiran kabagi jadi tilu rupa. nyaéta a)
wawangsalan, b) rarakitan jeung, c) paparikan.
Kecap sisindiran asalna tina kecap sindir anu hartina kecap atawa omongan
pesékeun, henteu togmol nu ditujukeun ka jalma anu dipimaksud, atawa cohagna
mah sisindiran téh omongan anu dibalibirkeun.
Sisindiran kaasup karya sastra wangun ugeran, sabab kauger ku guru lagu
atawa purwakanti jeung guru wilangan, sarta umumna mah dina unggal padalisan
diwangun ku dalapan engang. Jadi cindekna mah sisindiran téh nyaéta karya sastra
wangun ugeran (puisi) anu eusina dibalibirkeun, diwangun ku cangkang jeung eusi
sarta leubeut ku purwakanti. Contona:
Meuncit meri dina rakit,
Boboko wadah bakatul.
Lain nyeri ku panyakit,
Kabogoh direbut batur.

Padalisan kahiji jeung kadua mangrupa cangkang, sedengkeun padalisan katilu


jeung kaopat mangrupa eusi sisindiran. Cindekna, sisindiran téh nyaéta karya sastra
wangun ugeran (puisi) anu diwangun ku cangkang jeung eusi, pinuh ku purwakanti,
ogé umumna dina sapadalisan diwangun ku dalapan engang, tujuanana pikeun
ngedalkeun maksud anu henteu saceplakna.
Purwakanti nurutkeun (Iskandarwassid, 2019) miboga harti padeukeutna sada
atawa sora kecap-kecap dina ungkara kalimah, klausa, atawa frasa, utamana dina
wangun ugeran (puisi); perepahna boh ngaréndéng, ngajajar, horizontal (dina
sakalimah, sajajar, sapadalisan) boh ngaruntuy, vertikal (antar jajaran, antar
padalisan).
Upama guru wilangan nyaéta katepatan dina nuliskeun engang dina nulis puisi
saperti dina pupuh, wawacan jeung sisindiran. Guru wilangan dina cangkang
19

sisindiran ilaharna diwangun ku dalapan engang sapadalisanna, ogé padalisan anu


minangka eusi dina sisindiran, diwangun ku dalapan engang.
Diksi dina (Triningsih, 2018) nétélakeun yén, diksi atawa pilihan kecap
mangrupa katepatan dina milih jeung ngalarapkeun kecap anu luyu jeung situasi
jeung kondisi, sangkan inpormasi anu ditepikeun teu ambigu atawa ma’na anu béda.
Éjahan nurutkeun (Angkowo & Kosasih, 2017) nyaéta sakabéh aturan atawa
kaédah ngeunaan lambang sora dina ungkara jeung patalina antara linambang éta.
Éjahan dina sisindiran ogé perlu, lantaran pikeun ngabédakeun cara maca anu aya
dina sisindiran anu dijieun. Misalna cara ngabédakeun é, e, jeung eu, ngabédakeun
tanda baca koma(,), titik (.) jeung tanda kapital di awal kalimah.
Karapihan tulisan umumna ngawengku rapih atawa henteuna tulisan, kabaca
atawa henteuna tulisan, cocorétan anu teu puguh dina tulisanana, teu nangtu antar
ma’nana. Dina nyieun sisindiran, tangtu waé perkara saperti kieu gé kacida
pentingna, lantaran ieu perkara bisa mangaruhan ka nu maca éta sisindiran.

2.1.4.3 Wangun Sisindiran


Dumasar kana wangunna (Tamsyah, 1996) dina buku Bagbagan Sisindiran
ngawincik sisindiran jadi tilu golongan, di antarana rarakitan, paparikan, jeung
wawangsalan.
PAPASINGAN

Wawangsalan Paparikan
Rarakitan
A) Bangbalikan-Lanjaran
A) Silihasih A) Silihasih
B) bangbalikan-dangding
C) dangding B) Piwuruk B) Piwuruk
(1) Silihasih
C) Sésébréd C) Sésébréd
(2) Piwuruk
Bagan 2.1

Bagan 2.1
Wincikan Sisindiran
20

1) Rarakitan
Nurutkeun (Iskandarwassid, 2019) rarakitan téh mangrupa sisindiran anu
diwangun ku cangkang jeung eusi dina sapadana. Disebut rarakitan pédah kecap
awal dina padalisan-padalisan cangkang dipaké deui atawa dibalikan deui dina
padalisan eusi, nepi ka siga masang, ngarakit. Sipat kitu dipapandékeun jeung sipat
rakit anu papak dina puhuna.
Purwakanti anu aya dina rarakitan, sarta mangrupa ciri anu ngabédakeun jeung
paparikan, nyaéta purwakanti mindoan kawit, anu timbul lantaran kecap- kecap anu
dipindo (dibalikan) dina awal padalisan. Ku lantaran purwakanti mindoan kawit téh
antara cangkang jeung eusi, umumna dina rarakitan mah kaselang heula ku
padalisan séjén, nepi ka siga nu pacorok.
Contona:
Jauh-jauh manggul awi,
nyiar-nyiar pimérangeun.
Jauh-jauh néang abdi.
nyiar-nyiar pimelangeun.
Rarakitan di luhur dina sapadana diwangun ku opat padalisan. Padalisan kahiji
jeung kadua mangrupa cangkangna: padalisan katilu jeung kaopat mangrupa eusina.
Kecap anu aya dina awal padalisan kahiji cangkang sarua (murwakanti) jeung
kecap anu aya dina awal padalisan kahiji eusi nyaéta jauh-jauh. Kitu deui kecap anu
aya dina awal padalisan kadua cangkang sarua jeung kecap nu aya dina awal
padalisan kadua eusi nyaéta nyiar-nyiar. Salian ti éta, purwakanti téh aya dina
tungtung padalisan deuih. Ieu ogé murwakanti antara cangkang jeung eusi. Kecap
awi murwakanti jeung kecap abdi; pimérangeun murwakanti jeung pimelangeun.
Upama nilik kana eusina, rarakitan téh bisa dipasing-pasing jadi tilu golongan
nyaéta silihasih, piwuruk, jeung lulucon/sésébréd.
a) Rarakitan silihasih
Rarakitan silihasih nyaéta rarakitan anu eusina patali jeung silihasih, cinta,
atawa birahi. Contona:
Mun teu tulus ka paseukna,
ka pancirna ogé hadé.
Mun teu tulus ka lanceukna,
ka adina ogé hadé.
21

Sapanjang jalan Soreang,


moal weléh diaspalan.
tacan kasorang,
moal weléh diakalan.

b) Rarakitan piwuruk
Rarakitan piwuruk nyaéta rarakitan anu eusina piwuruk, pituah, atawa naséhat.
Contona:
Lamun urang ka Cikolé,
moal hésé tumpak kahar.
Lamun urang daék gawé,
moal hésé barangdahar.

Sing getol nginum jajamu.


nu guna nguatkeun urat.
Sing getol néangan élmu,
nu guna dunya ahérat.

c) Rarakitan sésébréd
Rarakitan sésébréd nyaéta rarakitan anu eusina salian ti silihasih jeung
piwuruk, kayaning lulucon, banyol, tambuh laku, kritik sosial, pamitan, jsté.
Contona:
Majar manéh cengkeh konéng,
kulit peuteuy dina nyiru.
Majar manéh lengkéh konéng.
kulit beuteung mani nambru.

Unggal padalisan dina rarakitan umumna diwangun ku dalapan engang,


sanajan henteu mutlak kitu. Kitu deui unggal padalisan dina sapadana, lolobana mah
anu opat padalisan, sanajan aya nu leuwih ti opat padalisan ogé. Tangtu baé
jumlahna kudu jangkep saperti genep padalisan, dalapan padalisan, jsb.
Conto rarakitan anu genep padalisan:
Hanjakal ku nangka liat,
hayang leuleuweungan baé,
ayeuna katuncar hideung.
Hanjakal ku nu ngaliwat.
hayang reureujeungan baé.
ayeuna paturay tineung.
22

2) Paparikan
Paparikan téh asalna tina kecap parik atawa parek anu ngandung harti 'deukeut'.
Ari anu dimaksud paparikan di dieu nyaéta sisindiran anu ngan padeukeut sorana
antara cangkang eusina. Jadi henteu papak (sarua) kecap dina puhuna (Tamsyah,
1996). Conto paparikan:
Boboko ragrag ti imah,
ninggang kana pileuiteun. Nya
bogoh ulah ka sémah, lamun
anggang sok leungiteun.

Padalisan kahiji cangkang padeukeut sorana jeung padalisan kahiji eusi. Di


dinya aya sawatara kekecapan anu padeukeut sorana. Kecap boboko padeukeut
sorana jeung kecap nya bogoh, kecap imah padeukeut sorana jeung kecap sémah.
Kitu deui padalisan kadua cangkang padeukeut sorana jeung padalisan kadua eusi.
Kecap ninggang padeukeut sorana jeung kecap anggang, kecap pileuiteun
padeukeut sorana jeung kecap leungiteun. Umumna aya purwakanti laras wokas
(purwakanti engang tungtung) anu kaselang heula, siga pacorok.
Nilik kana eusina, henteu béda ti rarakitan, paparikan ogé bisa dipasing- pasing
jadi tilu golongan nyaéta silihasih, piwuruk, jeung sésébréd. a) Paparikan silihasih.
Paparikan silihasih nyaéta paparikan anu eusina silihasih, cinta, atawa birahi,
Contona:
Aya meri dina rakit,
boboko wadah bakatul
Lain nyeri ku panyakit,
kabogoh direbut batur.

b) Paparikan Piwuruk
Paparikan piwuruk nyaéta paparikan anu eusina piwuruk, pituah, atawa
naséhat, contona:
Lauk emas ngakan ganggeng,
disamberan ku japati.
Boga emas moal langgeng,
Teu cara boga pangarti.

Ngala lauk menang selar,


bungkusna daun hanggasa.
Sakurmahluk nu gumelar,
dirahmatan ku kawasa.
23

c) Paparikan sésébréd
Paparikan sésébréd nyaéta paparikan anu eusina salian ti silih asih jeung
piwuruk saperti lulucon, banyol, tambuh laku, sanduk-sanduk, jsté, contona:
Jeruk purut Cikaruncang,
Jambu aér Wanayasa. Camerut
hayang kabujang, Susulaer teu
dirasa.

Pipiti di bunga wari,


Téténong di bobokoan. Lalaki
jaman kiwari,
Hadé ommong pangoloan.

3) Wawangsalan
Wawangsalan nurutkeun Ajip Rosidi, dina (Windyagiri, 2019) nyaéta sabangsa
kamonésan basa ku jalan nyebut hiji maksud henteu langsung ku kecapna anu
paranti, tapi kalah nyebut kecap séjén anu salasahiji engangna atawa leuwih dalah
nepi ka sagemblengna pisan, murwakanti jeung kecap anu dimaksud Sedengkeun
(Tamsyah, 1996) nétélakeun yén wawangsalan nyaéta karangan (sastra) anu
diwangun ku sindir jeung eusi. Dina sindir diwangun deui ku cangkang jeung
wangsal. Anu dijieun wangsalna téh tara ditétélakeun, tapi kudu ditéangan tina
bagian eusi. Anu dijieun wangsal sok murwakanti jeung salasahiji kecap anu aya
dina bagian eusi. Conto:
Teu beunang dihurang sawah,
teu beunang dipikameumeut.
Padalisan kahiji nyaéta sindir, ari padalisan kadua bagian eusi. Bagian sindir
dina conto wawangsalan di luhur diwangun ku cangkang "Teu beunang dihurang
sawah" jeung wangsal anu nyamuni dina eta cangkang nyaéta "hurang sawah".
Naon anu dijieun wangsalna? Bisa barang atawa hal. Kudu ditéangan tina bagian
eusi "teu beunang dipikameumeut". Wangsalna "hurang sawah", moal salah anu
dijieun wangsalna téh sato siga hurang anu remen kapanggih di sawah. Dina bagian
eusi aya kecap dipikameumeut. Sato naon anu ayana di sawah, sarta ngaranna
murwakanti jeung kecap dipikameumeut? Jawabanana nyaéta simeut.
Dina tiorina, wawangsalan téh henteu tukuh patali jeung silihasih baé, sabab
bisa ogé dijieun piwuruk atawa sésébréd. Tapi dina praktékna sangkan eweuh anu
nyieun piwuruk atawa sésébréd ku wawangsalan. Anu jadi sabab, bisa jadi teu
24

karasa atawa teu pati karasa dayana, henteu sumeresep upama piwuruk jeung
sésébred direka wawangsalan, teu cara dipaké ngébréhkeun asmara atawa nu aya
patalina jeung birahi.

2.1.5 Pangajaran Sisindiran dina Kurikulum Merdeka


Dina kurikulum merdéka pangajaran sisindiran téh kacatet salaku salasalahiji
pangajaran anu aya di SMA. Katitén dina Modul Ajar pangajaran sisindiran di kelas
XI SMA/SMK saperti ieu di handap.

Tabel 2.1
Modul Ajar
CP ELEMEN Peserta didik mampu mengolah dan menyajikan pesan
Memahami dan (Gagasan, pikiran, pandangan, atau arahan) untuk tujuan
Menyajikan usul, perumusan masalah, dan solusi dalam bentuk
/Mempresentasikan monolog, dialog, dan gelar wicara berbahasa Sunda dengan
(Ngaregepkeun, menggunakan kata-kata khas atau idiom
diskusi, jeung (pakeman basa secara logis, runtut, kritis, dan kreatif,
Nulis) sesuai kaidah bahasa dan norma budaya Sunda. Peserta
didik mampu mengungkapkan informasi dan perasaan

Tujuan Peserta didik mampu memahami konsep sisindiran


Pembelajaran Peserta didik mampu membedakan bentuk sisindiran
Peserta didik mampu membuat sisindiran
Perkiraan Jumlah 4-6 JP
Jam
Topok Inti Sisindiran
Profil Pelajar Kreatif
Pancasila Mandiri
25

Glosarium ● Sisindiran: salasahiji wangun ugeran (puisi) heubeul,


atawa puisi tradisional, anu kauger ku wangun jeung
purwakanti.
● Akurat: teliti, cermat, tepat.
● Menganalisis: Menguraikan teks untuk mengetahui
bagian-bagiannya serta hubungan antarbagian untuk
memperoleh pengertian yang tepat dan pemahaman arti
keseluruhan.
● Merefleksi: Menilai proses yang dijalani oleh diri sendiri
berdasarkan pengetahuan/gagasan yang ditemui.
● Gagasan: Ide, hasil pemikiran.

2.1.6 Modél Pangajaran Everyone is a Teacher Here dina Pangajaran Nulis


Sisindiran
Modél pangajaran Everyone is a Teacher Here dina pangajaran sisindira téh
aya sawatara léngkah-léngkah anu kudu dimekarkeun sangkan ieu modél bisa
kahontal dina pangajaran basa Sunda kalawan éféktif tur inovatif.
Léngkah-léngkah ngaggunakeun modél Everyone is a Teacher Here nurutkeun
(Silberman, 2013) dina buku Pembelajaran Aktif 101 Strategi untuk Mengajar
Secara Aktif nyebutkeun yén modél ieu miboga babaraha léngkah. Nanging, dina
ngalarapkeunana baris aya modifikasi ti panalungtik, nya éta;
1. guru ngajéntrékeun jeung netepkeun tujuan pangajaran;
2. guru nataharkeun bahan diajar saperti materi atawa buku;
3. guru muka materi atawa ngawanohkeun materi;
4. guru ngabagi siswa jadi babaraha kelompok diajar;
5. bahan diajar nu geus disiapkeun, dibagikeun ka sakabéh kelompok siswa;
6. tuluy guru nunjuk salasahiji siswa dina unggal kelompok siswa pikeun
ngajéntrékeun ka siswa nu aya dina unggal kelompokna pikeun méré
pamahaman ngeunaan matéri;
7. guru nitah nulis hiji patalékan ti unggal kelompok siswa sanggeus medar materi
dina hiji kertas leutik;
26

8. kertas dilipet-lipet tuluy dikocok sacara ngacak;


9. kertas patalékan dibagikeun ka kelompok siswa lianna;
10. guru nitah macakeun soalna tuluy dijawab ku kelompok siswa, luyu jeung
pamadeganna séwang-séwang;
11. guru ngageroan salasahiji siswa pikeun ngajéntrékeun sacara ditél sanggeus
baturanna maca soal jeung jawabanna. Tuluy baturanna mairan; sarta
12. guru méré kacindekan.

2.2 Panalungtikan Saméméhna


Aya sawatara panalungtikan saméméhna nu geus dilaksanakeun ngeunaan
modél pangajaran Everyone is a Teacher Here, di antarana ku, (Aprilia & Ansori,
2020), (Hestian, 2016), jeung (Halidin, 2020). Anapon masing-masing
panalungtikan saméméhna dijéntrékeun ieu di handap.
Kahiji, panalungtikan (Aprilia & Ansori, 2020), nu judulna “Penggunaan
Model Everyone is a Teacher Here dalam Meningkatkan Hasil Belajar Siswa” anu
hasilna ngaguar yén modél Everyone is a Teacher Here bisa cocok jeung
pangajaran Mata Pelajaran Ilmu Pengetahuan Sosial nu mana Mata Pelajaran Ilmu
Pengetahuan Sosial miboga stigma anu kawilang monoton. Strategi pangajaran
modél Everyone is a Teacher Here cocok pikeun ngaronjatkeun kapercayaan diri
siswa, ngamungkinkeun siswa matak kataji kana matéri nu diajarkeun ku guru.
Nanging, nurutkeun (Aprilia & Ansori, 2020) ogé, modél pangajaran ieu miboga
kahéngkéran dina téhnisna saperti patalékan-patalékan siswa anu teu pati luyu
jeung tujuan pangajaran, lila méakkeun waktu dina prosés pangajaran nepi ka siswa
teu bisa ngajawab patalékan siswa.
Kadua, panalungtikan (Halidin, 2020) ngeunaan “Pengaruh Strategi
Pembelajaran Everyone Is A Teacher Here Terhadap Hasil Belajar Matematika”.
Hasilna ngaguar yén modél Everyone is a Teacher Here cocok jeung bisa jadi
alternatif pikeun ngaronjatkeun hasil pangajaran dina mata pelajaran matematika
nu dasarna ngasah pamahaman ti batan ngasah kaparigelan basa. Bébédana dina ieu
panalungtikan, nyaéta siswa dibéré lolongkrang pikeun maham kana sisindiran, tapi
satuluyna bakal dilajeng ka ngébréhkeun hasil pamahamanna kana wangun tulisan
anu mangrupa wangun sisindiran.
27

Katilu, panalungtikan nu dilaksanakeun ku Hestian (2016), anu mibanda judul


“PENINGKATAN KECERDASAN INTRAPERSONAL SISWA MELALUI METODE
EVERYONE IS A TEACHER HERE PADA PEMBELAJARAN IPS (Penelitian
Tindakan Kelas di Kelas VIII F SMP Laboratorium Percontohan Universitas
Pendidikan Indonesia)”, ogé nétélakeun yén modél pangajaran Everyone is a
Teacher Here pikeun ngaronjatkeun kamampuh diajar siswa dina pangajaran IPS,
kabukti bisa ngaronjatkeun kamampuh siswa kalawan éféktif. Bébédaan jeung ieu
panalungtikan téh nyaéta tina matéri ajar sarta obyék panalungtikan anu digunakeun
pikeun ngalarapkeun modél pangajaran Everyone is a Teacher Here. Dina
panalungtikan anu dilaksanakeun ku (Hestian, 2016) nyaéta matéri IPS pikeun kelas
VIII, sedengkeun dina ieu panalungtikan ngagunakeun matéri ajar téks sisindiran
pikeun kelas XI, antukna aya bébédaan dina pamilihan matéri ajar jeung obyék
panalungtikanna.
Panalungtikan lianna anu ngagunakeun modél Everyone is a Teacher Here
nyaéta panalungtikan (Dewi et al., 2019) nu judulna “Efektivitas Pembelajaran
Daring Model Everyone Is a Teacher Here Dengan Google Meet Terhadap Hasil
Belajar Geografi Pesera Didik Kelas X IPS Materi Pokok Perairan Laut di SMA
Negeri 1 Baturetno Tahun Ajaran 2020/2021” anu hasilna medar yén larapna ieu
modél modél Everyone is a Teacher Here éféktif dina Mata Pelajaran Geografi
méré lolongkrang ka siswa pikeun maham kana matéri ku cara nyieun kelompok
diskusi, tuluy siswa ngébréhkeun hasil diskusi kana wangun tulisan. Antukna,
dipintonkeun hasilna kana wangun lisan. Sasaruan jeung ieu panalungtikan, nyaéta
dina hasil diajarna anu ngawengku hasil nulis sisindiran anu dipintonkeun di hareup
kelas.
Ku kituna, dumasar kana pedaran di luhur, bébedaan anu katitén tina
panalungtikan saméméhna jeung ieu panalungtikan téh tina matéri ajar sarta obyék
panalungtikan dina ngalarapkeun modél pangajaran modél pangajaran Everyone is
a Teacher Here. Panalungtikan dina matéri ajar téks sisindiran téh can
dilaksanakeun, sanggeus niténan kana pedaran dina kasang tukang yén nulis téks
sisindiran ogé penting pikeun dironjatkeun kamampuhna. Dumasar kana éta hal,
modél pangajaran Everyone is a Teacher Here kudu dilaksanakeun pikeun
ngaronjatkeun kamampuh siswa dina nulis téks sisindiran.
28

2.3 Raraga Mikir


Nulis mangrupa salasahiji tina opat aspék kaparigelan basa anu kawilang
penting dikawasa ku unggal jalma, utamana anu lumampah dina dunya atikan.
Nalika nulis, hiji jalma dilatih sangkan bisa mikir kritis néangan idé tur
ngébréhkeun idéna dina basa tinulis anu dipikaharti ku jalma lian. Kamampuh nulis
teu bisa dicangking atawa dikawasa sacara otomatis, tapi kudu ngaliwatan latihan
jeung prakték sacara intensif ogé teratur. Pangajaran basa nu aya di sakola
minangka cara ngalatih kaparigelan nulis, utamana pikeun siswa.
Dina pangajaran basa Sunda di SMA kelas XI. nulis sisindiran mangrupa
salasahiji kamampuh nu kudu dicangking ku siswa. Sisindiran nyaéta karya sastra
wangun ugeran (puisi) anu eusina dibalibirkeun, diwangun ku cangkang jeung eusi,
pinuh ku purwakanti, sarta umumna dina sapadalisan diwangun ku dalapan engang.
Pasualan nu disanghareupan ku siswa dina nulis sisindiran di antarana siswa
kurang mampuh dina ngébréhkeun idé jeung matalikeun antar unsur basa nu rék
dijadikeun sisindiran boh dina wangun rarakitan, paparikan, atawa wawangsalan.
leu hal balukar tina kandaga kecap nu dipiboga ku siswa kawatesanan: materi
pangajaran anu hésé kacangkem ogé jadi bangbaluh pikeun siswa sabab sisindiran
mangrupa karya sastra nu dianggap ahéng tur nalika ngajelaskeun matéri ajarna
guru masih ngagunakeun métodeu ceramah. Antukna siswa kurang motivasi diajar.
Pikeun ngungkulan pasualan di luhur, salasahiji tarékah nu dilaksanakeun
nyaéta ngagunakeun modél pangajaran Everyone is a Teacher Here. modél
pangajaran Everyone is a Teacher Here mangrupa bagian tina pangajaran
kooperatif anu ngagali potensi kapamingpinan siswa dina kelompok tur
kaparigelanana nyieun ogé ngajawab patalékan anu diadumaniskeun jeung
mernakeun jadi guru. Digunakeunana ieu modél pangajaran dipiharep bisa mantuan
pasualan nu karandapan ku siswa dina pangajaran nulis sisindiran.
Sangkan leuwih écés. raraga mikir dina ieu panalungtikan bisa dititénan dina
bagan 2.2
29

Bagan 2.2
Raraga Mikir

Modél Pangajaran Pangajaran Nulis Téks Sisindiran

Modél Everyone is
a Teacher Here Nulis Téks Sisindiran

Modél pangajaran Everyone is a


Teacher Here

Pretest Postest

Kamampuh nulis téks sisindiran Kamampuh nulis téks sisindiran


saméméh ngagunakeun modél sabada ngagunakeun modél
pangajaran Everyone is a Teacher pangajaran Everyone is a Teacher
Here Here

Uji Statistik
Perbedaan Rata-rata Depeden

Aspék nulis téks sisindiran nu ngaronjat sabada dilarapkeunna


Modél pangajaran Everyone is a Teacher Here
30

2.4 Hipotésis
Hipotésis mangrupa jawaban sementara dina panalungtikan anu kudu
dibuktikeun bebeneranana. Dina ieu panalungtikan hipotésis kabagi jadi dua, nyaéta
hipotésis kualitatif jeung hipotésis statistik. Anapon pikeun nangtukeun hipotésis
ditarima atawa henteu, dumasar kana ieu di handap:
1) Hipotesis Kualitatif
a. Hipotesis nol (H0): Henteu aya bédana antara kamampuh nulis sisindiran siswa
kelas X1-A SMA Negeri 6 Bandung Taun Ajaran 2023/2024 ngangunakeun
modél pangajaran Everyone is a Teacher Here.
b. Hipotésis Alternatif (H1): Ayana béda anu signifikan antara kamampuh nulis
sisindiran siswa kelas XI-1 SMA Negeri 6 Bandung Taun Ajaran 2023/2024
saméméh jeung sanggeus ngagunakeun Modél pangajaran Everyone is a
Teacher Here.
2) Hipotésis Statistik
H1 ditarima atawa H0 ditolak, saupama nilai signifikan (sig.) ≥ 0,05.
H1 ditolak atawa H0 ditarima, saupama nilai signifikan (sig.) ≤ 0,05.
BAB III
MÉTODE PANALUNGTIKAN
Saméméh ngajéntrékeun métode panalungtikan anu digunakeun, dijéntrékeun
heula pamarekan panalungtikanna. Pamarekan ieu panalungtikan nyaéta kuantitafif,
sabab dina ngumpulkeun data, nafsirkeun data, sarta hasil ahir datana ngagunakeun
angka. Métode panalungtikan nyaéta cara anu digunakeun ku panalungtik pikeun
ngumpulkeun data panalungtikan. Métode anu digunakeun dina ieu panalungtikan
nyaéta métode kuasi ékspérimén atawa ékspérimén semu. Métode kuasi ékspérimén
mangrupa métode anu ngayakeun kagiatan percobaan pikeun mikanyaho hubungan
kausalitas antara variabel anu ditalungtik. leu métode ngan ngagunakeun hiji kelas
ékspérimén, teu ngagunakeun kelas kontrol. Tina ieu métode, bakal katitén
kamampuh siswa dina nulis sisindiran antara saméméh jeung sanggeus
ngagunakeun modél Everyone is a Teacher Here.

3.1 Desain Panalungtikan


Nurutkeun (Arikunto, 2012), desain panalungtikan kuasi ékspérimén téh aya
tilu rupa, nyaéta: (1) one shot case study; (2) one group pretest-posttest design:
jeung (3) posttest only control group design. Desain anu digunakeun dina ieu
panalungtikan nyaéta one group pretest-posttest design. leu desain panalungtikan
dijéntrékeun ngaliwatan bagan di handap.
Tabel 3.1
Desain Panalungtikan

O1 X O2
(Arikunto, 2012)

Katerangan:
O1 = Pre-test (hasil panalungtikan saméméh dibéré treatment)
X = Treatment (diajar nulis téks sisindiran ngagunakeun modél Everyone is a
Teacher Here)
O2 = Post-test (hasil panalungtikan sanggeus dibéré treatment)

31
32

3.2 Sumber Data


Data dina ieu panalungtikan nyaéta kamampuh siswa nulis téks sisindiran kelas
XI-1 di SMA Negeri 6 Bandung. Sumber data dina ieu panalungtikan nyaéta siswa
kelas XI-1 di SMA Negeri 6 Bandung Taun Ajar 2023/2024. Jumlah siswa aya 34
urang, nyaéta 23 urang siswa awéwé jeung 11 urang siswa lalaki. Anu lokasina di
Jalan Pasir Kaliki No.51, Kel. Arjuna, Kec. Cicendo, Kota Bandung, Jawa Barat,
40172. Data dina ieu panalungtikan téh nyaéta nulis téks sisindiran.
Tabel 3.2
Jumlah Siswa Kelas XI-1 SMA Negeri 6 Bandung
Jenis Kelamin Jumlah Siswa
Lalaki 11
Awéwé 23
Jumlah Sakabéh Siswa : 34

3.3 Prosedur Panalungtikan


Prosedur ieu panalungtikan téh nétélakeun sababaraha léngkah-léngkah anu
bakal dilaksanakeun dina panalungtikan, nyaéta 1) Masalah anu karandapan dina
pangajaran nulis
Saméméh dilaksanakeun ieu panalungtikan, diayakeun wawancara ka guru
basa Sunda di SMA Negeri 6 Bandung ngeunaan pasualan nu karandapan di kelas
nalika nepikeun bahan ajar nulis téks sisindiran, hususna di kelas XI-1 luyu jeung
kurikulum nu dipaké.
2) Rumusan Masalah
Sanggeus ngaidéntifikasi masalah, léngkah satuluyna nyaéta ngarumuskeun
masalah dumasar kana pasualan anu karandapan. Masalah anu karandapan nyaéta,
kamampuh nulis téks sisindiran di kelas XI-1 SMA Negeri 6 Bandung.
3) Raraga Tiori
Sanggeus ngarumuskeun masalah, tuluy panalungtik nangtukeun tiori anu
ngarojong kana ieu panalungtikan.
33

4) Ngarumuskeun Hipotésis
Sanggeus nangtukeun tiori, tuluy ngarumuskeun hipotésis. Hipotésis nyaéta
jawaban anu sipatna sementara pikeun masalah panalungtikan anu baris kabuktian
jawabanna ngaliwatan data anu geus kakumpulkeun.
5) Ngarumuskeun Instrumén Panalungtikan
Sanggeus ngarumuskeun hipotésis, tuluy panalungtik ngarumuskeun instrumén
panalungtikan anu digunakeun nalika panalungikan, nyaéta mangrupa soal pretest
jeung post-test nulis téks sisindiran.
6) Ngumpulkeun Data (pre-test, treatment, post-test)
Sanggeus kapanggih masalah anu aya di SMA Negeri 6 Bandung Kelas XIA
taun ajar 2023/2024, tuluy ngalaksanakeun panalungtikan ka kelas anu fungsina
pikeun ngumpulkeun data. Téknik anu dipaké pikeun ngumpulkeun data dina ieu
panalungtikan nyaéta téknik tés. Tés dilaksanakeun dua kali, saméméh jeung
sanggeus ngagunakeun modél pangajaran Everyone is a Teacher Here. Kamampuh
awal dilakukeun saméméh treatment, anu miboga tujuan pikeun mikanyaho
kamampuh nulis téks sisindiran saméméh ngagunakeun modél pangajaran
Everyone is a Teacher Here. Kamampuh sanggeus dilakukeun treatment anu
tujuanna pikeun mikanyaho kamampuh nulis téks sisindiran sanggeus ngagunakeun
modél pangajaran Everyone is a Teacher Here..
7) Analisis Data
Data anu dikumpulkeun ngaliwatan tés anu dilaksanakeun ka siswa satuluyna
dianalisis ngagunakeun rumus-rumus statistik ngaliwatan aplikasi SPSS PASW
(Statistical Product and Service Solution ) versi 18.
8) Nyieun Laporan
Sanggeus panalungtik ngalaksanakeun sakabéh Prosedur panalungtikan, tuluy
panalungtik nyusun laporan hasil tina panalungtikanna.
Sangkan leuwih jéntré, Prosedur panalungtikan digambarkeun dina bagan ieu
di handap.
34

Masalah anu
Rumusan
Karandapan dina Raraga Tiori
Masalah
Pangajaran Nulis

Pre - test Ngarumuskeun Ngarumuskeun


Instrumén Hipotésis

Treatment
Everyone is a Post - test Analisis Data
Teacher Here

Nyieun Laporan Kacindekan

Bagan 3.1 Prosedur Panalungtikan

3.4 Téhnik Ngumpulkeun Data


Dina ieu panalungtikan, téknik panalungtikan nu dipaké pikeun ngumpulkeun
data nya éta téknik tés tulis. Téknik ngumpulkeun data (tés) nu dilaksanakeun
saméméh jeung saenggeus uji coba modél pangajaran Everyone is a Teacher Here
dina pangajaran nulis sisindiran. Tés awal (pretest) dilakukeun pikeun mikanyaho
kamampuh awal siswa saméméh siswa dibéré treatment ngagunakeun modél
pangajaran Everyone is a Teacher Here. Sedengkeun tés ahir (posttest)
dilaksanakeun pikeun mikanyaho hasil ahir diajar siswa saenggeus ngagunakeun
modél pangajaran Everyone is a Teacher Here.
Léngkah-léngkah dina téhnik ngumpulkeun data ngawengku sababaraha tahap
saperti ieu.
1) Ngalaksanakeun proses diajar-ngajar matéri sisindiran teu ngagunakeun modél
pangajaran Everyone is a Teacher Here.
2) Siswa migawé pancén nu mangrupa pretest sisindiran pikeun mikanyaho
pangaweruh awal siswa kana nulis sisindiran.
35

3) Sanggeus mikanyaho pangaweruh siswa dina nulis sisindiran ngaliwatan


pretest anu geus dilaksanakeun, panalungtik nangtukeun pakakas anu
digunakeun nyaéta modél pangajaran Everyone is a Teacher Here.
4) Nyiapkeun matéri pangajaran jeung modél pangajaran Everyone is a Teacher
Here.
5) Ngalaksanakeun proses diajar-ngajar ngagunakeun modél pangajaran
Everyone is a Teacher Here dina matéri nulis sisindiran.
Saenggeus ngalaksanakeun proses diajar-ngajar ngagunakeun modél
pangajaran Everyone is a Teacher Here satuluyna dilaksanakeun posttest pikeun
mikanyaho kamampuh siswa sanggeus dibéré treatment naha aya béda signifikan
atawa henteu.

3.5 Instrumén Panalungtikan


Dina ngajawab pasualan panalungtikan, instrumén diperlukeun ku panalungtik
dina ngumpulkeun data tur nguji hipotésis sangkan bisa ngahontal udagan dina
panalungtikan. Nurutkeun (Sugiyono, 2017) instrumén panalungtikan mangrupa
salasahiji alat nu digunakeun pikeun rupa-rupa kajadian, boh éta kajadian alam
atawa sosial nu dititénan. Sacara spésifik disebut variabel panalungtikan.
Dina prak-prakana panalungtikan dilaksanakeun kalawan tés awal (pre-test)
jeung tés ahir (post-test) anu pungsina pikeun mikanyaho kamampuh siswa kelas
XI-1 SMA Negeri 6 Bandung dina nulis téks sisindiran saméméh ngagunakeun
modél pangajaran Everyone is a Teacher Here jeung sanggeus ngagunakeun modél
pangajaran Everyone is a Teacher Here.
Tés anu digunakeunna nyaéta tés tulis nu mangrupa paréntah nyieun téks
sisindiran. Anu baris dipeunteun dina hasil nulis téks sisindiran siswa éta téh aya
lima aspék, nyaéta;
1) eusi téks sisindiran;
2) diksi;
3) purwakanti;
4) guru wilangan;
5) éjahan; jeung
6) karapihan tulisan.
36

Ieu di handap mangrupa instrumén anu digunakeun dina ngukur kamampuh


nulis téks sisindiran saméméh jeung sanggeus ngagunakeun modél pangajaran
Everyone is a Teacher Here.
Tabel 3.3
Instrumen Panalungtikan
TÉS NULIS TÉKS SISINDIRAN
Pék ku jieun hiji sisindiran dina wangun rarakitan, paparikan, wawangsalan
masing-masing hiji anu eusina pilih salasahiji antara silihasih, piwuruk, jeung
sésébréd!

3.6 Analisis Data


Data anu geus dikumpulkeun tuluy diolah jeung dianalisis pikeun mikanyaho
hasil pre-test jeung post-test tina panalungtikan nu geus dilaksanakeun. Data tina
hasil panalungtikan anu dilaksanakeun ditujukeun pikeun mikanyaho
masalahmasalah di handap.
A. Kumaha kamampuh maca sisindira siswa kelas XI-1 SMA Negeri 6 Bandung
taun ajar 2023/2024 saméméh jeung sanggeus ngagunakeun modél pangajaran
Everyone is a Teacher Here?
B. Naha modél pangajaran Everyone is a Teacher Here éféktif pikeun siswa kelas
XI-1 SMA Negeri 6 Bandung taun ajar 2023/2024 dina nulis sisindiran?
Pikeun maluruh masalah-masalah di luhur, aya sababaraha léngkah ngolah data
dina ieu panalungtikan, nya éta:
C. Mariksa hasil pretest jeung post-test:
Ʃ 𝑆𝑘𝑜𝑟 𝑛𝑢 𝑘𝑎ℎ𝑜𝑛𝑡𝑎𝑙
D. Meunteun hasil tés siswa kalawan rumus Peunteun 𝑥100
Ʃ Skor Maksimal

E. Nyindekkeun naha modél nu dipaké téh aya parobahan henteu pikeun


pangajaran nulis sisindiran.
Sanggeus diolah nepi kacindekanana, ieu panalungtikan disusun jadi laporan
dina wangun skripsi luyu jeung katangtuan nu aya. Pikeun ngukur kamampuh siswa
aya rentang nilaina, tuntas jeung can tuntas. Dina krtiteria panilaianana ogé aya
rentang nilaina, ti mimiti kurang pisan, kurang, sedeng, hadé jeung hadé pisan.
Pikeun leuwih jéntré, ieu di handap mangrupa tabél panilaianana.
37

Tabel 3.4
Kategori Peunteun
Peunteun Katerangan
>75 Tuntas
<75 Can tuntas

Pedoman pikeun méré peunteun kana hasil nulis sisindiran siswa aya dina
aspék eusi, diksi, purwakanti, guru wilangan, éjahan, karapihan nulis.
Eusi sisindiran kudu miboga harti nu sapanuju jeung watek sisindiran. Diksi
nyaéta pilihan kecap anu miboga harti nu . Purwakanti nyaéta pilihan jeung pola
tulisan nu nyambung dina runtuyan kalimahna atawa tungtung vokal nu sarua. Guru
wilangan nyaéta runtuyan kecap nu kauger ku ugeran dalapan engang, misal
ugeranna (8a, 8i. 8a, 8i), (8i, 8é, 8u. 8i, 8é, 8u) jrrd. Éjahan kaasup kana kaédah
tanda baca dina hurup, kecap, kalimah. Karapihan bisa kaasup kana tata tinulis,
gramatikal.

Tabel 3.5
Kritéria Méré Skor nilis sisindiran
NO Aspék nu dipenteun Skor kritéria Skor maksimal
1 Eusi 5 Hadé pisan
4 Hadé
3 Sedeng 5

2 Kurang
1 Kurang pisan
2 Diksi 5 Hadé pisan
4 Hadé
3 Sedeng 5

2 Kurang
1 Kurang pisan
3 Purwakanti 5 Hadé pisan
38

NO Aspék nu dipenteun Skor kritéria Skor maksimal


4 Hadé
3 Sedeng 5

2 Kurang
1 Kurang pisan
4 Guru wilangan 5 Hadé pisan
4 Hadé
3 Sedeng 5

2 Kurang
1 Kurang pisan
5 Éjahan 5 Hadé pisan
4 Hadé
3 Sedeng 5

2 Kurang
1 Kurang pisan
6 Karapihan nulis 5 Hadé pisan
4 Hadé
3 Sedeng 5

2 Kurang
1 Kurang pisan
Skor Maksimal 30
(Kuswari, 2010)
Katégori = Peunteun > 75 siswa dianggap tuntas dina nulis sisindiran
Peunteun < 75 siswa dianggap can tuntas dina nulis sisindiran
39

Tabel 3.6
Tabulasi Nilai Nulis Sisindiran
No No. Absen Kamampuh Nulis Sisindiran Katégori
Siswa A B C D E F Σ P
1.
2. A B C E
3.
4.

Σ
X

Katerangan:
A = eusi téks sisindiran
B = diksi
C = purwakanti
D = guru wilangan
E = éjahan
F = karapihan tulisan
Ʃ = Jumlah
P = Peunteun
X = Rata-rata dina bentuk persentase

3.6.1 Uji Sipat Data


Uji sipat data ngawengku uji normalitas pikeun mikanyaho normal henteuna
data, sarta ngalakukeun uji hipotésis. Ieu panalungtikan dianalisis ngagunakeun
aplikasi SPSS (Statistical Product and Service Solution) versi 18.

3.6.1.1 Uji Normalitas


Uji normalitas miboga fungsi sangkan mikanyaho normal atawa henteuna data
nu digunakeun dina ieu panalungtikan. Nurutkeun (Sujarweni, 2007), uji normalitas
miboga tujuan pikeun mikanyaho distribusi data dina variabel nu digunakeun dina
panalungtikan. Ku kituna, aya sababaraha métode pikeun nguji normal atawa
henteuna data, salasahijina nyaéta Kolmogorov-smirnov atawa Shapiro Wilk.
Anapon hipotésis pikeun uji normalitas saperti ieu di handap.
40

H1 : distribusi data normal


H0 : distribusi data teu normal
Uji normalitas dina ieu panalungtikan dilakukeun ku cara uji Shapiro-Wilk ku
sabab jumlah data unggal kelompok kurang ti 50, kalawan kritéria saperti ieu di
handap.
H1 : ditarima, saupama nilai signifikan (sig) ≥ 0,05
H0 : ditarima, saupama nilai signifikan (sig) ≤ 0,05

3.6.1.2 Uji Hipotésis


Nurutkeun (Arikunto, 2012) hipotésis asalna tina kecap “hipo” nu hartina di
handap, jeung “tesis” nu hartina bebeneran. Ku kituna, hipotésis nyaéta dugaan nu
can tangtu bebeneranana, bisa disebut bener lamun geus dirojong ku bukti-bukti anu
geus diuji ngaliwatan panalungtikan. Dina uji hipotésis, aya dua cara nu bisa dipaké.
Upama hasil uji normalitas nunjukeun hasil data anu distribusina normal, éta data
diuji ngagunakeun Statistic Parametic kalawan ngagunakeun T-test. Sedengkeun
hasil uji normalitas nunjukeun hasil data anu distribusina teu normal, éta data diuji
hipotésisna ngagunakeun Statistic non-parametic kalawan ngagunakeun uji
Wilcoxon Match Pairs Test.
Pikeun nangtukeun ditarima atawa henteuna hipotésis, dumasar kana kritéria
saperti ieu di handap.
Ho (Hipotésis nol) : Henteu aya béda anu signifikan antara
saméméh jeung sanggeus digunakeun
modél pangajaran Everyone is a Teacher
Here dina pangajaran nulis téks sisindiran
siswa kelas XI-1 SMA Negeri 6 Bandung
Taun Ajar 2023/2024.
H1 (Hipotésis alternatif) : Aya béda nu signifikan antara saméméh
jeung sanggeus ngagunakeun modél
pangajaran Everyone is a Teacher Here
dina pangajaran nulis téks sisindiran siswa
kelas XI-1 SMA Negeri 6 Bandung Taun
Ajar 2023/2024.
BAB IV
HASIL PANALUNGTIKAN JEUNG PEDARAN
Dina ieu bab dipedar ngeunaan hasil panalungtikan jeung pedaran dina
pangajaran nulis sisindiran ngagunakeun modél pangajaran Everyone is a Teacher
Here ka siswa kelas XI-1 SMA Negeri 6 Bandung Taun Ajar 2023/2024. Ieu hasil
panalungtikan minangka jawaban tina rumusan masalah jeung tujuan
panalungtikan.

4.1 Hasil Panalungtikan


Udagan dina panalungtikan ieu nyaéta pikeun nguji modél pangajaran Everyone
is a Teacher Here dina kamampuh nulis sisindiran siswa kelas XI-1 SMA Negeri 6
Bandung Taun Ajar 2023/2024. Katitén naha aya béda nu signifikan antara
kamampuh nulis sisindiran saméméh maké modél pangajaran Everyone is a
Teacher Here jeung sanggeus maké modél pangajaran Everyone is a Teacher Here.
Dina ieu bab baris dipedar hasil panalungtikanana, di antarana; 1) kamampuh nulis
téks sisindiran siswa kelas XI-1 SMAN Negeri 6 Bandung saméméh ngagunakeun
modél pangajaran Everyone is a Teacher Here; 2) kamampuh nulis téks sisindiran
siswa kelas XI-1 SMAN Negeri 6 Bandung sanggeus ngagunakeun modél
pangajaran Everyone is a Teacher Here; 3) béda kamampuh siswa dina nulis téks
sisindiran di kelas XI-1 SMAN Negeri 6 Bandung saméméh jeung sanggeus
ngagunakeun modél pangajaran Everyone is a Teacher Here.

4.1.1 Kamampuh Nulis Téks Sisindiran Siswa Kelas XI-1 SMAN Negeri 6
Bandung Saméméh Ngagunakeun Modél Pangajaran Everyone is a
Teacher Here
Aya babaraha aspék peunteun atawa kritéria anu kudu diperhatikeun dina nulis
sisindiran, nyaéta eusi, diksi, purwakanti, guru wilangan, éjahan, jeung karapihan
nulis. Dumasar kana hasil pretest nu dilaksanakeun saméméh ngalarapkeun modél
pangajaran, bisa dititénan dina ieu tabél di handap.

41
42

Tabel 4.1
Kamampuh Nulis Sisindiran Siswa Kelas XI-1 SMA Negeri 6 Bandung Saméméh
Ngalarapkeun Modél Pangajaran Everyone Is A Teacher Here.
Kamampuh Nulis Sisindiran
No NAS Katégori
A B C D E F Σ P
1 1 3 3,3 2,7 2,7 2,7 3,7 18,1 60 Can Tuntas
2 2 2,3 2 3,7 2 2,3 1,7 14 47 Can Tuntas
3 3 3 2,7 2,3 2,3 2,7 3 16 53 Can Tuntas
4 4 2,3 2,7 3,3 3 2,7 2 16 53 Can Tuntas
5 5 3,3 3 2,7 3 3 4,7 19,7 65 Can Tuntas
6 6 2,7 2,7 3 2 2,7 2,3 15,4 51 Can Tuntas
7 7 2,3 2,7 2,7 2,3 2,3 2,3 14,6 49 Can Tuntas
8 8 4,7 4,3 5 5 3,7 4 26,7 89 Tuntas
9 9 1 1,3 1,7 1,3 1 1,7 8 27 Can Tuntas
10 10 3,3 2,7 3,3 3 3,7 3,3 19,3 64 Can Tuntas
11 11 2,7 3 3,3 1,3 2,7 2 15 50 Can Tuntas
12 12 4 3,7 3,3 3,7 3 3,3 21 70 Can Tuntas
13 13 3 2,7 3,3 2,3 2,3 3,3 16,9 56 Can Tuntas
14 14 4,3 4 4,3 2,3 3 4,7 22,6 75 Tuntas
15 15 2,3 3,3 3 2,7 3,3 4,7 19,3 64 Can Tuntas
16 16 4,7 3,7 4,3 4,3 3 4 24 80 Tuntas
17 17 2,7 4 3,7 5 3 3,3 21,7 72 Can Tuntas
18 18 4 3,7 4 3 3,7 5 23,4 78 Tuntas
19 19 3,7 3,7 2,7 3,3 4 4,7 22,1 74 Can Tuntas
20 20 4 3,3 4 3,7 3,3 3,7 22 73 Can Tuntas
21 21 4,3 3,3 3,3 3,3 2,7 3,7 20,6 69 Can Tuntas
22 22 3 3 3 2,3 3 4 18,3 61 Can Tuntas
23 23 2,7 3 2,7 2 3 4 17,4 58 Can Tuntas
24 24 2 2,3 2 2,7 2 2 13 43 Can Tuntas
25 25 2,7 2,7 3,3 3 2,7 3 17,4 58 Can Tuntas
26 26 3,7 3 3 3,3 3 3,7 19,7 66 Can Tuntas
27 27 2,3 2,7 2,7 5 2,7 2,3 17,7 59 Can Tuntas
28 28 2,3 2 3,7 2 2,3 1,7 14 47 Can Tuntas
29 29 3,3 2,7 3 3 2,7 2,3 17 57 Can Tuntas
30 30 2,7 3 2,3 4 3 3 18 60 Can Tuntas
31 31 2 2 1,7 1,3 2,3 2,3 11,6 39 Can Tuntas
32 32 5 5 5 5 4 4 28 93 Tuntas
33 33 1 1 2,7 1,7 1 2 9,4 31 Can Tuntas
34 34 3,3 3 4,7 4 3,3 3,3 21,6 72 Can Tuntas
Σ 103,6 101,2 109,4 100,8 95,8 108,7 619,5 2063
X 3,047 2,976 3,217 2,964 2,817 3,197 18,22 60,68 Can
Tuntas
43

Katerangan:
NAS = Nomor Absen Siswa
A = eusi téks sisindiran
B = diksi
C = purwakanti
D = guru wilangan
E = éjahan
F = karapihan tulisan
Ʃ = Jumlah
P = Peunteun
X = Rata-rata dina bentuk persentase
Katégori = Peunteun > 75 siswa dianggap tuntas dina nulis sisindiran
Peunteun < 75 siswa dianggap can tuntas dina nulis sisindiran

Dumasar kana tabel di luhur, katitén yén kamampuh nulis sisindiran siswa
kelas XI-1 SMA Negeri 6 Bandung saméméh ngalarapkeun modél pangajaran
Everyone is a Teacher Here miboga hasil peunteun anu variatif. Disawang ti 34
urang siswa, tétéla hasil katégori panilaian nuduhkeun yén 5 urang siswa dianggap
tuntas sedengkeun 29 urang siswa dianggap can tuntas dina nulis sisindiran atawa
15% siswa dianggap tuntas sedengkeun, 85% siswa can tuntas.
Ku kituna, kamampuh nulis sisindiran siswa kelas XI-1 SMA Negeri 6
Bandung Taun Ajar 2023/2024 bisa diperséntasikeun dina diagram saperti di
handap.
44

Tuntas
15%

Can tuntas
85%
Tuntas Can tuntas

Diagram 4. 1
Perséntase Kamampuh Nulis Sisindiran Siswa Saméméh Ngalarapkeun Modél
Pangajaran Everyone Is A Teacher Here.

Dumasar kana aspék-aspék nu dipeunteun, kamampuh nulis sisindiran siswa


kelas XI-1 SMA Negeri 6 Bandung, bisa dijéntrékeun saperti di handap ieu.
Aspek nu dipeunteun:
a. Eusi
Ditilik tina aspék Eusi, kamampuh nulis sisindiran siswa kelas XI-1 SMA
Negeri 6 Bandung kaasup kana kritéria sedeng kalawan hasil rata-rata 3,047. Siswa
lumayan jéntré dina ngedalkeun naon anu dimaksud. Tapina, can maham kana
konsép Rarakitan, Paparikan, Wawangsalan. Ti 34 siswa, 8 siswa kagolong dina
katégori ti hadé nepi ka hadé pisan jeung 26 siswa kagolong sedeng, kurang nepi
ka kurang pisan.
b. Diksi
Ditilik tina aspék diksi, kamampuh nulis sisindiran siswa kelas XI-1 SMA
Negeri 6 Bandung kaasup kana kritéria kurang kalawan hasil rata-rata 2,976. Siswa
can mampuh milihan kecap anu merenah dina nyieun kalimah sisindiran. Ti 34
siswa, 4 siswa kagolong dina katégori ti hadé nepi ka hadé pisan jeung 30 siswa
kagolong sedeng, kurang nepi ka kurang pisan.
45

c. Purwakanti
Ditilik tina aspék purwakanti, kamampuh nulis sisindiran siswa kelas XI-1
SMA Negeri 6 Bandung kaasup kana kritéria sedeng kalawan hasil rata-rata 3,217.
Sanajan siswa can bisa ngalarapkeun diksi anu merenah, tapi siswa maham yén nu
ngaranna pantun pasti miboga tungtung vokal anu sarua, najan rada maksakeun.
Siswa lumayan maham kana konsép purwakanti. Ti 34 siswa, 7 siswa kagolong
dina katégori ti hadé nepi ka hadé pisan jeung 27 siswa kagolong sedeng, kurang
nepi ka kurang pisan.
d. Guru wilangan
Ditilik tina aspék guru wilangan, kamampuh nulis sisindiran siswa kelas XI-1
SMA Negeri 6 Bandung kaasup kana kritéria kurang kalawan hasil rata-rata 2,964.
Tina Rarakitan, Paparikan jeung Wawangsalan nu dijieun ku siswa, loba siswa anu
can maham konsep guru wilangan kudu kumaha jeung kudu kumaha, tapi siswa
apal yén pantun ilaharna moal leuwih ti 4 padalisan. Ti 34 siswa, 7 siswa kagolong
dina katégori ti hadé nepi ka hadé pisan jeung 27 siswa kagolong sedeng, kurang
nepi ka kurang pisan.
e. Éjahan
Ditilik tina aspék éjahan, kamampuh nulis sisindiran siswa kelas XI-1 SMA
Negeri 6 Bandung kaasup kana kritéria kurang kalawan hasil rata-rata 2,817. Tina
Rarakitan, Paparikan jeung Wawangsalan anu dijieun, loba pisan siswa anu can
maham cara nuliskeun kecap anu luyu jeung kaédah basa, cara ngabedakeun é, e
jeung eu ogé tanda baca saperti koma (,) jeung titik (.). Ti 34 siswa, 2 siswa
kagolong dina katégori ti hadé nepi ka hadé pisan jeung 32 siswa kagolong sedeng,
kurang nepi ka kurang pisan.
f. Karapihan nulis
Ditilik tina aspék karapihan nulis, kamampuh nulis sisindiran siswa kelas XI-
1 SMA Negeri 6 Bandung kaasup kana kritéria sedeng kalawan hasil rata-rata
3,197. Tina Rarakitan, Paparikan jeung Wawangsalan anu dijieun, siswa can
maham yén sangkan bisa rapih dina nuliskeun sisindiran, yén dina karapihan nulis
ngawengku nu ngaranna kecap rundayan, kecap pangantét, jrrd. Ogé nepi ka kaluar
garis jeung katangtuan-katangtuan séjén anu geus dijieun saacanna.
46

Sangkan leuwih jéntré, rata-rata kamampuh nulis sisindiran siswa kelas XI-1
SMA Negeri 6 Bandung saméméh ngalarapkeun modél pangajaran Everyone is a
Teacher Here dina unggal aspék nu dipeunteunna, bisa dititénan dina grafik ieu di
handap.

3,3

3,2
3,217
3,197
3,1

3 3,047
2,976 2,964
2,9

2,8
2,817

2,7

2,6
Aspek penilaian

Eusi Diksi Purwakanti Guru wilangan Ejahan Karapihan nulis

Grafik 4. 1
Kamampuh Nulis Sisindiran Siswa Saméméh Ngalarapkeun Modél Pangajaran
Everyone Is A Teacher Here Dumasar kana Aspék nu Dipeunteun dina Pretest.

4.1.2 Kamampuh Nulis Téks Sisindiran Siswa Kelas XI-1 SMAN Negeri 6
Bandung Sanggeus Ngagunakeun Modél Pangajaran Everyone is a
Teacher Here
Dumasar kana hasil pretest nu minangka data awal siswa saméméh
ngalarapkeun modél pangajaran Everyone is a Teacher Here, dititénan tina hasil
posttest, kamampuh nulis sisindiran siswa kelas XI-1 SMA Negeri 6 Bandung
sanggeus ngalarapkeun modél pangajaran Everyone is a Teacher Here bisa
disawang dina tabél di handap ieu.
47

Tabel 4.2
Kamampuh Nulis Sisindiran Siswa Kelas XI-1 SMA Negeri 6 Sanggeus
Ngalarapkeun Modél Pangajaran Everyone Is A Teacher Here.
No NAS Kamampuh Nulis Sisindiran
Katégori
A B C D E F Σ P
1 1 3,7 3 4 4 3 3 20,7 69 Can Tuntas
2 2 3,7 3,7 4,7 3,3 3,3 2,7 21,4 71 Can Tuntas
3 3 5 4,3 5 5 4 3,7 27 90 Tuntas
4 4 4,7 4 4,7 5 4,7 4 27,1 90 Tuntas
5 5 4 4,3 4,3 5 4 4,7 26,3 88 Tuntas
6 6 4,7 4 4,3 5 4 4 26 87 Tuntas
7 7 4,3 3,7 4,7 5 3,3 3 24 80 Tuntas
8 8 4,3 3,3 4 5 4,3 4 24,9 83 Tuntas
9 9 4 4 5 4,3 3,7 4 25 83 Tuntas
10 10 5 4,7 5 5 4,3 4 28 93 Tuntas
11 11 4,3 3,7 4,7 4 4,3 4,3 25,3 84 Tuntas
12 12 5 3,7 4,3 5 4 4,3 26,3 88 Tuntas
13 13 3,3 3 3,7 3,3 3 3 19,3 64 Can Tuntas
14 14 4,7 4,7 5 5 4,3 5 28,7 96 Tuntas
15 15 3,7 3 3 3 3,3 3,3 19,3 64 Can Tuntas
16 16 4,7 4 5 5 4 4 26,7 89 Tuntas
17 17 5 4 5 3,7 3,7 3,3 24,7 82 Tuntas
18 18 4,3 3,7 4,7 5 3,3 3 24 80 Tuntas
19 19 5 4,3 4,3 3,7 3,7 4 25 83 Tuntas
20 20 5 4,3 4,3 5 4,7 4 27,3 91 Tuntas
21 21 3 3,3 3,7 3,3 3,7 4 21 70 Can Tuntas
22 22 5 4,7 4,7 3,7 4,7 4 26,8 89 Tuntas
23 23 4,7 4,3 5 5 4,3 4 27,3 91 Tuntas
24 24 4 4,3 4,3 4,7 3,7 3,7 24,7 82 Tuntas
25 25 5 4,3 4,7 4,7 4,7 4 27,4 91 Tuntas
26 26 3,7 3,3 3 2,7 4 5 21,7 72 Can Tuntas
27 27 4,7 4 4,3 5 4 4 26 87 Tuntas
28 28 4,7 3,7 4,3 4,7 4 4 25,4 85 Tuntas
29 29 4 4 5 4,7 4 3 24,7 82 Tuntas
30 30 5 4,3 5 5 4,3 4 27,6 92 Tuntas
31 31 5 4,7 5 4,7 4 4,3 27,7 92 Tuntas
32 32 3,7 3 4,3 4 3 3 21 70 Can Tuntas
33 33 2 2 2 2 2 2 12 40 Can Tuntas
34 34 4 3,7 3 4,7 3,3 3,3 22 73 Can Tuntas
Σ 146,9 131 148 148,2 130,6 127,6 832,3 2774
X 4,321 3,853 4,353 4,359 3,841 3,753 24,48 81,60 Tuntas
48

Katerangan:
A = eusi téks sisindiran
B = diksi
C = purwakanti
D = guru wilangan
E = éjahan
F = karapihan tulisan
Ʃ = Jumlah
P = Peunteun
X = Rata-rata dina bentuk persentase
Katégori = Peunteun > 75 siswa dianggap tuntas dina nulis sisindiran
Peunteun < 75 siswa dianggap can tuntas dina nulis sisindiran

Dumasar kana tabél di luhur, kamampuh nulis sisindiran siswa kelas XI-1 SMA
Negeri 6 Bandung sanggeus ngalarapkeun modél pangajaran Everyone is a Teacher
Here nuduhkeun ayana parobahan signifikan tina hasil pretest atawa saméméh
ngalarapkeun modél pangajaran Everyone is a Teacher Here. Disawang tina
katégori penilaian ti 34 siswa, 25 siswa dianggap tuntas dina nulis sisindiran, 9
siswa dianggap can tuntas dina nulis sisindiran. Ku kituna kamampuh nulis
sisindiran siswa kelas XI-1 SMA Negeri 6 Bandung Taun Ajar 2023/2024 dianggap
tuntas kalawan rata-rata 81,60.
Sangkan leuwih jéntré, kamapuh nulis sisindiran siswa kelas XI-1 SMA Negeri
6 Bandung Taun Ajar 2023/2024 diperséntasekeun saperti diagram di handap ieu.
49

Can Tuntas
26%

Tuntas
74%

Tuntas Can Tuntas

Diagram 4. 2
Perséntase Kamampuh Nulis Sisindiran Siswa Sanggeus Ngalarapkeun Modél
Pangajaran Everyone Is A Teacher Here.

Ditilik tina unggal aspék nu dipeunteun kamampuh nulis sisindiran siswa kelas
XI-1 SMA Negeri 6 Bandung sanggeus ngalarapkeun modél pangajaran, bisa
dijéntrékeun saperti di handap ieu.
Aspek nu dipeunteun:
a. Eusi
Ditilik tina aspék Eusi, kamampuh nulis sisindiran siswa kelas XI-1 SMA
Negeri 6 Bandung kaasup kana kritéria hadé kalawan hasil rata-rata 4,321. Siswa
geus bisa ngedalkeun naon maksud tina eusi sisindiran anu dijieun. Hampir
sakumna siswa geus apal kumaha struktur rarakitan, paparikan, wawangsalan. Ti
34 siswa, 26 siswa kagolong dina katégori ti hadé nepi ka hadé pisan jeung 8 siswa
kagolong sedeng, kurang nepi ka kurang pisan.
b. Diksi
Ditilik tina aspék diksi, kamampuh nulis sisindiran siswa kelas XI-1 SMA
Negeri 6 Bandung kaasup kana kritéria sedeng kalawan hasil rata-rata 3,853. Siswa
lumayan bisa milihan kecap anu merenah, nyieun sarta ngaruntuykeun kalimah
sangkan katitén nyenina. Ti 34 siswa, 20 siswa kagolong dina katégori ti hadé nepi
ka hadé pisan jeung 14 siswa kagolong sedeng, kurang nepi ka kurang pisan.
50

c. Purwakanti
Ditilik tina aspék purwakanti, kamampuh nulis sisindiran siswa kelas XI-1
SMA Negeri 6 Bandung kaasup kana kritéria hadé kalawan hasil rata-rata 4,353.
Katitén yén siswa geus bisa ngalarapkeun naon anu disebut purwakanti. Ogé, siswa
geus bisa ngaruntuykeun pola kecap jeung tungtung vokal nu sarua. Ti 34 siswa, 28
siswa kagolong dina katégori ti hadé nepi ka hadé pisan jeung 6 siswa kagolong
sedeng, kurang nepi ka kurang pisan.
d. Guru wilangan
Ditilik tina aspék guru wilangan, kamampuh nulis sisindiran siswa kelas XI-1
SMA Negeri 6 Bandung kaasup kana kritéria hadé kalawan hasil rata-rata 4,359.
Tina Rarakitan, Paparikan jeung Wawangsalan nu dijieun ku siswa, loba siswa anu
geus maham kana konsep guru wilangan. Ti 34 siswa, 25 siswa kagolong dina
katégori ti hadé nepi ka hadé pisan jeung 9 siswa kagolong sedeng, kurang nepi ka
kurang pisan.
e. Éjahan
Ditilik tina aspék éjahan, kamampuh nulis sisindiran siswa kelas XI-1 SMA
Negeri 6 Bandung kaasup kana kritéria sedeng kalawan hasil rata-rata 3,841. Tina
Rarakitan, Paparikan jeung Wawangsalan anu dijieun, siswa lumayan bisa
nuliskeun kecap anu luyu jeung kaédah basa, cara ngabedakeun é, e jeung eu ogé
tanda baca saperti koma (,) jeung titik (.). Ti 34 siswa, 20 siswa kagolong dina
katégori ti hadé nepi ka hadé pisan jeung 14 siswa kagolong sedeng, kurang nepi
ka kurang pisan.
f. Karapihan nulis
Ditilik tina aspék karapihan nulis, kamampuh nulis sisindiran siswa kelas XI-
1 SMA Negeri 6 Bandung kaasup kana kritéria sedeng kalawan hasil rata-rata
3,753. Tina Rarakitan, Paparikan jeung Wawangsalan anu dijieun, siswa lumayan
maham yén sangkan bisa rapih dina nuliskeun sisindiran, kudu merhatikeun kecap
rundayan, pangantét, nepikeun ka bisa dijieun hiji kalimah anu merenah pikeun
dibaca. Lolobana siswa geus teu nulis nepi ka luar garis atawa wates-wates dina
kartu soal nu aya. Ti 34 siswa, 21 siswa kagolong dina katégori ti hadé nepi ka hadé
pisan jeung 13 siswa kagolong sedeng, kurang nepi ka kurang pisan.
51

Sangkan leuwih jéntré, kamapuh nulis sisindiran siswa kelas XI-1 SMA Negeri
6 Bandung Taun Ajar 2023/2024 sanggeus ngalarapkeun modél pangajaran
Everyone is a Teacher Here dina unggal aspékna, digambarkeun dina grafik nu aya
di handap ieu.
4,5
4,4
4,3 4,353 4,359
4,321
4,2
4,1
4
3,9
3,8 3,853 3,841
3,7 3,753
3,6
3,5
3,4
Aspek Penilaian

Eusi Diksi Purwakanti Guru wilangan Ejahan Karapihan nulis

Grafik 4. 2
Kamampuh Nulis Sisindiran Siswa Sanggeus Ngalarapkeun Modél Pangajaran
Everyone Is A Teacher Here Dumasar kana Aspék nu Dipeunteun dina Posttest.

4.1.3 Béda kamampuh siswa kelas XI-1 dina nulis sisindiran saméméh jeung
sanggeus ngagunakeun modél pangajaran Everyone is a Teacher Here
Tabel 4.3
Béda Kamampuh Siswa Kelas XI-1 Dina Nulis Sisindiran Saméméh jeung
Sanggeus Ngagunakeun Modél Pangajaran Everyone Is A Teacher Here
Pretest Posttest
NO
a b c d e f Σ p a b c d e f Σ p
1 3 3,3 2,7 2,7 2,7 3,7 18,1 60 3,7 3 4 4 3 3 20,7 69
2 2,3 2 3,7 2 2,3 1,7 14 47 3,7 3,7 4,7 3,3 3,3 2,7 21,4 71
3 3 2,7 2,3 2,3 2,7 3 16 53 5 4,3 5 5 4 3,7 27 90
4 2,3 2,7 3,3 3 2,7 2 16 53 4,7 4 4,7 5 4,7 4 27,1 90
5 3,3 3 2,7 3 3 4,7 19,7 65 4 4,3 4,3 5 4 4,7 26,3 88
6 2,7 2,7 3 2 2,7 2,3 15,4 51 4,7 4 4,3 5 4 4 26 87
7 2,3 2,7 2,7 2,3 2,3 2,3 14,6 49 4,3 3,7 4,7 5 3,3 3 24 80
8 4,7 4,3 5 5 3,7 4 26,7 89 4,3 3,3 4 5 4,3 4 24,9 83
9 1 1,3 1,7 1,3 1 1,7 8 27 4 4 5 4,3 3,7 4 25 83
10 3,3 2,7 3,3 3 3,7 3,3 19,3 64 5 4,7 5 5 4,3 4 28 93
52

Pretest Posttest
NO
a b c d e f Σ p a b c d e f Σ p
11 2,7 3 3,3 1,3 2,7 2 15 50 4,3 3,7 4,7 4 4,3 4,3 25,3 84
12 4 3,7 3,3 3,7 3 3,3 21 70 5 3,7 4,3 5 4 4,3 26,3 88
13 3 2,7 3,3 2,3 2,3 3,3 16,9 56 3,3 3 3,7 3,3 3 3 19,3 64
14 4,3 4 4,3 2,3 3 4,7 22,6 75 4,7 4,7 5 5 4,3 5 28,7 96
15 2,3 3,3 3 2,7 3,3 4,7 19,3 64 3,7 3 3 3 3,3 3,3 19,3 64
16 4,7 3,7 4,3 4,3 3 4 24 80 4,7 4 5 5 4 4 26,7 89
17 2,7 4 3,7 5 3 3,3 21,7 72 5 4 5 3,7 3,7 3,3 24,7 82
18 4 3,7 4 3 3,7 5 23,4 78 4,3 3,7 4,7 5 3,3 3 24 80
19 3,7 3,7 2,7 3,3 4 4,7 22,1 74 5 4,3 4,3 3,7 3,7 4 25 83
20 4 3,3 4 3,7 3,3 3,7 22 73 5 4,3 4,3 5 4,7 4 27,3 91
21 4,3 3,3 3,3 3,3 2,7 3,7 20,6 69 3 3,3 3,7 3,3 3,7 4 21 70
22 3 3 3 2,3 3 4 18,3 61 5 4,7 4,7 3,7 4,7 4 26,8 89
23 2,7 3 2,7 2 3 4 17,4 58 4,7 4,3 5 5 4,3 4 27,3 91
24 2 2,3 2 2,7 2 2 13 43 4 4,3 4,3 4,7 3,7 3,7 24,7 82
25 2,7 2,7 3,3 3 2,7 3 17,4 58 5 4,3 4,7 4,7 4,7 4 27,4 91
26 3,7 3 3 3,3 3 3,7 19,7 66 3,7 3,3 3 2,7 4 5 21,7 72
27 2,3 2,7 2,7 5 2,7 2,3 17,7 59 4,7 4 4,3 5 4 4 26 87
28 2,3 2 3,7 2 2,3 1,7 14 47 4,7 3,7 4,3 4,7 4 4 25,4 85
29 3,3 2,7 3 3 2,7 2,3 17 57 4 4 5 4,7 4 3 24,7 82
30 2,7 3 2,3 4 3 3 18 60 5 4,3 5 5 4,3 4 27,6 92
31 2 2 1,7 1,3 2,3 2,3 11,6 39 5 4,7 5 4,7 4 4,3 27,7 92
32 5 5 5 5 4 4 28 93 3,7 3 4,3 4 3 3 21 70
33 1 1 2,7 1,7 1 2 9,4 31 2 2 2 2 2 2 12 40
34 3,3 3 4,7 4 3,3 3,3 21,6 72 4 3,7 3 4,7 3,3 3,3 22 73
Σ 103,6 101,2 109,4 100,8 95,8 108,7 619,5 2063 146,9 131 148 148,2 130,6 127,6 832,3 2774

X 3,047 2,976 3,217 2,964 2,817 3,197 18,22 60,68 4,321 3,853 4,353 4,359 3,841 3,753 24,48 81,60

Katerangan:
A = eusi téks sisindiran
B = diksi
C = purwakanti
D = guru wilangan
E = éjahan
F = karapihan tulisan
Ʃ = Jumlah
P = Peunteun
X = Rata-rata dina bentuk persentase
Katégori = Peunteun > 75 siswa dianggap tuntas dina nulis sisindiran
Peunteun < 75 siswa dianggap can tuntas dina nulis sisindiran
Disawang tina tabél di luhur, tétéla peunteun rata-rata kamampuh nulis
sisindiran siswa kelas XI-1 SMA Negeri 6 Bandung ngaronjat, hasil rata-rata 60,68
ngaronjat jadi 81,60.
53

Peunteun ieu didumasaran tina kamampuh nulis sisindiran siswa dina unggal
aspék nu ngaronjat. Aspék eusi nu katitén di awal miboga peunteun rata-rata 3,047
(sedeng) ngaronjat jadi 4,321 (hadé). Aspék diksi katitén di awal miboga peunteun
2,976 (kurang) ngaronjat jadi 3,853 (sedeng). Aspék purwakanti katitén di awal
miboga peunteun 3,217 (sedeng) ngaronjat jadi 4,353 (hadé). Aspék guru wilangan
katitén di awal miboga peunteun 2,964 (kurang) ngaronjat jadi 4,359 (hadé). Aspék
éjahan katitén di awal miboga peunteun 2,817 (kurang) ngaronjat jadi 3,841
(sedeng). Aspék karapihan nulis katitén di awal miboga peunteun 3,197 (sedeng)
ngaronjat ka 3,753 nanging, angger dina kritéria anu sedeng.
Rata-rata anu dicangking ku siswa kelas XI-1 SMA Negeri 6 Bandung Taun
Ajar 2023/2024 saméméh jeung sanggeus ngalarapkeun Modél pangajaran
Everyone is a Teacher Here bisa katitén tina grafik di handap ieu
5
4,5
4
3,5
3
2,5
2
1,5
1
0,5
0
Eusi Diksi Purwakanti Guru wilangan Ejahan Karapihan Nulis

Pretest Postest

Grafik 4. 3
Béda Hasil Kamampuh Nulis Sisindiran Saméméh jeung Sanggeus Ngalarapkeun
Modél Everyone Is A Teacher Here
54

4.1.3.1 Uji Sipat Data


Dina ngalaksanakeun uji sipat data, panalungtik ngagunakeun uji normalitas
kana data pretest jeung posttest. Uji normalitas ieu dilaksanakeun pikeun
mikanyaho data anu miboga distribusi normal atawa teu normal. Data anu diuji
ngagunakeun uji Shapiro-Wilk, sabab sumber data tina panalungtikan ieu jumlahna
aya 34. Nu mana saupama kurang ti 50 urang, teu bisa ngagunakeun uji nu séjén.
uji normalitas dilaksanakeun kalawan hipotésis:
H0: Distribusi data teu normal
H1: Distribusi data normal
Kriteria pikeun nyokot kaputusan hasil uji normalitasna saperti ieu di handap.
Saupama nilai signifikansi atawa Sig. ≥ 0,05, ku kituna H1 ditarima jeung H0
ditolak.
Saupama nilai signifikansi atawa Sig. ≤ 0,05, ku kituna H0 ditarima jeung H1
ditolak.
Tabel 4. 1
Hasil Uji Normalitas Data Pretest jeung Posttest

Tests of Normality

Kolmogorov-Smirnova Shapiro-Wilk

Statistic df Sig. Statistic df Sig.


pretest ,060 34 ,200* ,990 34 ,988

posttest ,194 34 ,002 ,851 34 ,000

*. This is a lower bound of the true significance.

a. Lilliefors Significance Correction

Sangkan leuwih jéntré deui, hasil tina uji Normalitas bisa katitén dina pedaran
di handap.
1) Pretest
Dumasar kana tabel 4.4 di luhur, nilai Sig. data pretest nyaéta 0,988. Nilai Sig.
data pretest leuwih ti 0,05. Ku kituna, H0 ditolak jeung H1 ditarima. Hartina data
pretest miboga distribusi data anu normal. Upama ditilik tina garis kanormalan,
katitén hasilna saperti grafik di handap.
55

Grafik 4. 4
Garis Kanormalan Data Pretest
Dumasar kana grafik 4.4 di luhur, titik-titik pencar ngadeukeutan jeung ogé
antel kana garis diagonalna. Ku kituna, bisa dicindekkeun yén distribusi data pretest
normal.
2) Posttest
Dumasar kana tabel 4.4 di luhur, nilai Sig. data posttest nyaéta 0,00. Nilai Sig.
data posttest kurang ti 0,05. Ku kituna, H0 ditarima jeung H1 ditolak. Hartina data
posttest miboga distribusi data anu teu normal. Upama ditilik tina garis kanormalan,
katitén hasilna saperti grafik di handap.

Grafik 4. 5
Garis Ka-teu normalan Data Posttest
56

Dumasar kana grafik 4.5 di luhur, titik-titik pencar ngajauhan kana garis
diagonalna. Ku kituna, bisa dicindekkeun yén distribusi data posttest teu normal.

4.1.3.2 Uji Hipotésis


Uji hipotésis panalungtikan dilakonan pikeun mikanyaho hipotésis mana anu
ditarima, sarta hipotésis mana anu ditolak. Dina ngalaksanakeun uji normalitas tina
pedaran saméméhna, hasilna nuduhkeun data pretest normal jeung data posttest teu
normal. Ku sabab kitu, uji hipotésis anu digunakeun nyaéta uji statistic non-
parametric kalawan uji Wilcoxon Match Pairs Test, lantaran hasil data posttest anu
teu normal.
Uji hipotésis anu dilakonan kalawan hipotésis:
H1: Aya béda nu signifikan antara saméméh jeung sanggeus ngagunakeun
modél pangajaran Everyone is a Teacher Here dina pangajaran nulis téks sisindiran
siswa kelas XI-1 SMA Negeri 6 Bandung Taun Ajar 2023/2024.
H0: Henteu aya béda anu signifikan antara saméméh jeung sanggeus
digunakeun modél pangajaran Everyone is a Teacher Here dina pangajaran nulis
téks sisindiran siswa kelas XI-1 SMA Negeri 6 Bandung Taun Ajar 2023/2024.
Kritéria nyokot kaputusan dina ngujikeun hipotésis nyaéta:
 Saupama nilai signifikansi atawa Asymp. Sig. (2-tailed) ≤ 0,05. Ku kituna, H1
ditarima jeung H0 ditolak.
 Saupama nilai signifikansi atawa Asymp. Sig. (2-tailed) ≥ 0,05. Ku kituna, H1
ditolak jeung H0 ditarima.
Hasil uji hipotésis bisa dititénan dina tabél di handap.
Tabel 4. 2
Uji Statistik Non-parametrik Wilcoxon Match Pairs Test Data Pretest jeung
Posttest.
Test Statisticsa
Posttest - Pretest
Z -4,656b
Asymp. Sig. (2-tailed) ,000
a. Wilcoxon Signed Ranks Test
b. Based on negative ranks.
57

Ditilik tina hasil uji statistik non-parametrik dina tabél 4.5, tétéla nilai Asymp.
Sig. (2-tailed) nuduhkeun 0,000 ≤ 0,05. Ku kituna, H1 ditarima jeung H0 ditolak.
Hartina aya béda anu signifikan antara saméméh jeung sanggeus ngalarapkeun
modél pangajaran Everyone is a Teacher Here dina pangajaran nulis sisindiran
siswa kelas XI-1 SMA Negeri 6 Bandung Taun Ajar 2023/2024.
Kacindekanana modél pangajaran Everyone is a Teacher Here miboga
pangaruh anu signifikan dina pangajaran nulis sisindiran siswa kelas XI-1 SMA
Negeri 6 Bandung Taun Ajar 2023/2024.

4.2 Pedaran Hasil Panalungtikan


Tina hasil prakték lapangan anu geus diulik, tétéla yén larapna modél Everyone
is a Teacher Here miboga pangaruh pikeun pangajaran nulis sisindiran siswa,
kabukti dina nilai siswa anu ngaronjat sanggeus ngalarapkeun perlakuan ieu modél
pangajaran.
Ieu panalungtikan dilakonan dua kali, anu mimiti nyaéta poé Salasa tanggal 25
Juli 2023 jeung nu kadua di poé anu sarua, nyaéta Salasa tanggal 1 Agustus 2023.
Aya sababaraha perkara anu kapaluruh ku panalungtik di lapangan dina
mangsa ngalarapkeun ieu modél pangajaran saperti: 1) rohangan kelas anu kurang
kondusif; 2) kawatesanan ku waktu anu nyedek kana acara kagiatan anu
dilaksanakeun di SMA Negeri 6 Bandung; 3) siswa ngarasa béda kana situasi anu
disanghareupan, lantaran pangajaran dilaksanakeun ku baturanana sorangan; 4)
siswa hésé kritis dina nyieun patalékan.
Rohangan kelas kurang kondusif lantaran panalungtikan dilaksanakeun dina
waktu anu kurang pas, nyaéta di waktu awal asup semester sakola. Lumangsungna
panalungtikan ieu diparengan ku kagiatan MPLS jeung kagiatan pemilihan Ketua
OSIS SMA Negeri 6 Bandung. Anu tungtungna, di lawungan ka hiji panalungtikan
kaganggu lantaran siswa papada nyakseni pemilihan Ketua OSIS.
Dina prosés ngadadarkeun matéri sisindiran ngagunakeun modél pangajaran
Everyone is a Teacher Here, aya siswa anu resep nyarita lantaran kabagéan jadi
guru pikeun ngadadarkeun matéri sisindiran, aya nu resep jeung ngaregepkeun
waktu siswa nu jadi guru ngajéntrékeun matéri sisindiran. Aya nu bingung ku
58

lantaran matéri anu didadarkeun ku siswa kurang nepi ka siswa nu ngaregepkeun,


aya nu sabodo waktu baturanana ngadadarkeun matéri.
Sanggeus ngaanalisis kabutuhan siswa nyaéta ngaéfisiénsikeun waktu jeung
ngokolakeun kagiatan siswa di rohangan kelas, ogé pikeun mimitraan dina diajar
sacara berkelompok, panalungtik ngabagi siswa jadi 7 kelompok diajar anu di
unggal kelompokna aya 1 siswa nu jadi guru, perkara ieu luyu jeung pamadegan
Aryani (Zaini et al., 2008) dina buku Strategi Pembelajaran Aktif, anu nétélakeun
yén loba cara pikeun siswa bisa diajar kalawan aktif.
Kelompok diajar siswa dijieun sangkan siswa nu jadi narasumber atawa jadi
guru, bisa leuwih ti hiji jeung teu méakkeun waktu anu lila teuing, sangkan
nyingkahan kahéngkéran modél pangajaran ieu saperti dina panalungtikan (Aprilia
& Ansori, 2020) anu nétélakeun yén ieu modél méakkeun waktu anu lila dina prosés
pangajaran nepi ka siswana teu bisa ngajawab patalékan.
Prak-prakanana, dina ieu panalungtikan, siswa sacara ngacak dipilih pikeun
ngaguar matéri di kelompokna séwang-séwang. Tuluy, siswa bisa nuliskeun
patalékanana dina kertas anu disadiakeun di unggal kelompokna séwang-séwang.
Ieu Panalungtikan aya bagéan anu luyu jeung panalungtikan Aprilia jeung
Ansori dina “Pengaruh Strategi Pembelajaran Everyone Is A Teacher Here
Terhadap Hasil Belajar Matematika”. Anu hasilna, siswa méakkeun waktu anu lila
dina prosés pangajaran sisindiran, nepi ka siswa gé nanyakeun patalékan anu teu
perlu atawa nanyakeun perkara anu geus dipikanyaho. Lila jeung méakkeun waktu
dina prosés diajar jeung nanyakeun hal anu teu perlu ditanyakeun jadi bangbangluh
anu sarua antara ieu panalungtikan jeung panalungtikan (Aprilia & Ansori, 2020).
Tatapi kahéngkéran ieu angger aya, sanajan siswa geus dibagi kana sababaraha
kelompok pikeun nyingkahan perkara saperti dina panalungtikan Aprilia jeung
Ansori.
Siswa can maham yén kaonjoyan tina ieu modél pangajaran téh sakuduna bisa
nyieun siswa leuwih aktif diskusi jeung nanya ka baturanana, lantaran siswa anu
jadi guru geus dibekelan matéri pikeun didadarkeun, didiskusikeun jeung baturan
sakelompokna, ieu perkara luyu jeung tiori (Silberman, 2013) anu nyebutkeun yén
modél Everyone is a Teacher Here méré lolongkrang jeung kasempetan ka siswa
pikeun jadi guru/narasumber anu mérékeun informasi ngeunaan matéri anu keur
59

dipedar ka siswa lianna. Ogé sabenerna modél ieu sakuduna bisa méré lolongkrang
pikeun loba tatanya ka siswa nu jadi guru, lantara moal aya watesan basa, rasa
canggung, karagok ka babaturan, jrrd.
Kaonjoyan ieu ogé ditétélakeun ku (Sanjaya, 2008) dina buku Perencanaan
dan Sistem Pembelajaran, nurutkeun anjeunna ngalarapkeun modél Everyone is a
Teacher Here matak siswa bisa leuwih percaya ka siswa lain jeung bisa sadar kana
watesanana, bisa ngaronjatkeun préstasi akademik, ogé kaparigelan sosial.
Ngaronjatna ieu préstasi akademik, kabuktian dina sanggeus larapna modél
Everyone is a Teacher Here, hasil ahir dina ieu panalungtikan, tétéla nilai siswa
dina nulis sisindiran di kelas XI-1 SMA Negeri 6 Bandung kagolong kana kritéria
anu tuntas.
Siswa méakkeun waktu anu lila dina nulis patalékan tina watesan waktu anu
geus ditangtukeun bisa jadi siswa anu kurang kritis kana matéri ngeunaan sisindiran
anu diguar, saperti dina panalungtikan (Nurfazri, 2020) anu dina panalungtikanana
ngeunaan modél pangajaran Mind Mapping ka tingket SMA/MA/SMK, nétélakeun
yén siswa kurang mampuh dina maham wangun sisindiran, struktur sisindiran,
kurangna kamampuh dina maham eusi, milih pilihan kecap anu merenah.
Eusi sisindiran anu dijieun ku siswa ngaronjat sanggeus modél Everyone is a
Teacher Here dilarapkeun, luyu jeung pamadegan (Tamsyah, 1996) anu nétélakeun
ngeunaan eusi sisindiran, nyaéta sisindiran ayana cangkang jeung eusi anu pinuh
ku purwakanti, anu ngawengku ogé dina sapadalisan antara dua cangkang jeung
dua eusi, aya dalapan engang jeung tujuanna pikeun ngedalkeun maksud anu henteu
saceplakna, kaasup watek sisindiranna, nyaéta silih asih, piwuruk jeung sésébréd.
Lantaran kurangna kandaga kecap anu dipiboga ku siswa jeung ambiguitas anu
masih kénéh kentel dituliskeun ku siswa. Saperti pamadegan (Triningsih, 2018)
ngeunaan diksi, anjeunna nétélakeun yén diksi atawa pilihan kecap mangrupa
katepatan dina milih jeung ngalarapkeun kecap anu luyu jeung situasi jeung
kondisi, sangkan inpormasi anu ditepikeun teu ambigu atawa ma’na anu béda,
pilihan kecap atawa diksi anu dipilih ku siswa sanggeus larapna ieu modél katitén
masih dina kategori anu sedeng.
Ogé dina éjahan anu nurutkeun (Angkowo & Kosasih, 2017) nyaéta sakabéh
aturan atawa kaédah ngeunaan lambang sora dina ungkara jeung patalina antara
60

linambang éta. Éjahan dina sisindiran ogé perlu, lantaran pikeun ngabédakeun cara
maca anu aya dina sisindiran anu dijieun. Misalna cara ngabédakeun é, e, jeung eu,
ngabédakeun tanda baca koma(,), titik (.) jeung tanda kapital di awal kalimah. Ieu
perkara bisa katitén dina hasil nulis sisindiran siswa anu loba kénéh nu can bisa
ngabédakeun ngabédakeun é, e, jeung eu, cara maké tanda baca koma(,), titik (.)
anu bener.
Karapihan tulisan nurutkeun (Sumartini, 2019) umumna ngawengku rapih
atawa henteuna tulisan, kabaca atawa henteuna tulisan, cocorétan anu teu puguh
dina tulisanana, teu nangtu antar ma’nana. Dina nyieun sisindiran, tangtu waé
perkara saperti kieu gé kacida pentingna, lantaran ieu perkara bisa mangaruhan ka
nu maca éta sisindiran. Saméméh jeung sanggeus ngalarapkeun ieu modél katitén
siswa eweuh parobahan anu signifikan, sisindiran anu dijieun ku siswa can bisa
disebut hadé lantaran loba kénéh siswa anu tulisanna asal-asalan, loba cocorétan
teu perlu, sakapeung aya ogé nu teu kabaca eusina.
Sanajan kitu ogé, hasil dina nulis sisindiran siswa sanggeus ngalarapkeun ieu
modél miboga hasil anu ngaronjat tibatan saméméh ngalarapkeun modél pangajaran
Everyone is a Teacher Here, tangtu waé ku sababaraha kahéngkéran anu nyampak,
ieu modél perlu ayana kamekaran ti panalungtikan lianna, umumna dina pangajaran
kaparigelan basa, hususna dina pangajaran nulis sisindiran. Lantaran,
panalungtikan ngeunaan larapna ieu modél can loba jalma anu nalungtik.
BAB V
KACINDEKAN JEUNG REKOMENDASI

5.1 Kacindekan
Dumasar kana hasil panalungtikan ngeunaan “Modél Everyone is a Teacher
Here dina Pangajaran Nulis Sisindiran (Studi Kuasi Ékspérimén ka Kelas XI-1
SMA Negeri 6 Bandung Taun Ajar 2023/2024)”, bisa dicindekkeun yén:
Kamampuh nulis sisindiran siswa kelas XI-1 SMA Negeri 6 Bandung taun ajar
2023/2024 saméméh ngagunakeun modél pangajaran Everyone is a Teacher Here
aya dina katégori can tuntas. Bisa katitén tina hasil rata-rata peunteun siswa dina
pretest 60,68 nyaéta siswa anu can nyumponan ti katégori peunteun nu geus
ditangtukeun saacanna, nyaéta leuwih ti 75. Tina 34 Siswa, aya 29 siswa anu can
tuntas dina nulis sisindiran, sedengkeun anu tuntas aya 5 siswa.
Kamampuh nulis sisindiran siswa kelas XI-1 SMA Negeri 6 Bandung taun ajar
2023/2024 sanggeus ngagunakeun modél pangajaran Everyone is a Teacher Here
aya dina katégori tuntas. Bisa katitén tina hasil rata-rata peunteun siswa dina
posttest 81,60 nyaéta siswa anu geus nyumponan katégori peunteun anu geus
ditangtukeun nyaéta leuwih ti 75. Tina 34 Siswa, aya 9 siswa anu can tuntas dina
nulis sisindiran, sedengkeun anu geus tuntas aya 25 siswa;
Aya béda anu signifikan antara kamampuh nulis sisindiran siswa kelas XI-1
SMA Negeri 6 Bandung taun ajar 2023/2024 saméméh jeung sanggeus
ngagunakeun modél pangajaran Everyone is a Teacher Here. Katitén tina
ngaronjatna rata-rata peunteun siswa dina pretest 60,68 jadi 81,60 dina posttest
kalawan rata-rata béda hasil pretest jeung posttest 20,92. Hasil uji hipotésis,
nuduhkeun yén Asymp. Sig. 0,000 atawa kurang ti 0,05. Hartina hipotésis
alternative (H1) ditarima jeung hipotésis nol (H0) ditolak. Cindekna, modél
pangajaran Everyone is a Teacher Here bisa cocok dilarapkeun jeung mampuh
ngaronjatkeun kamampuh nulis sisindiran siswa kelas XI-1 SMA Negeri 6 Bandung
taun ajar 2023/2024.

61
62

5.2 Implikasi
Nilik kana hasil ieu panalungtikan, implikasi modél pangajaran Everyone is a
Teacher Here can pati bisa ditarima ku siswa. Lantaran, teu bisa sagawayah jelema
bisa jadi guru. Tatapi, ieu perkara bisa jadi eunteung pikeun guru-guru Mata
Pelajaran basa Sunda pikeun ngalarapkeun modél-modél pangajaran anu matak
siswa moal bosen. Ogé, salian diajar matéri, siswa miboga pangalaman-pangalaman
diajar anu can tangtu bisa kaalaman di tempat lianna.
Salian ti maké basa Sunda, siswa SMA Negeri 6 Bandung leuwih condong kana
maké basa Indonesia, utamana dina paguneman di rohangan kelas. Antukna, loba
pasualan-pasualan anu nyangkaruk dina pangajaran nulis sisindiran. Ogé, kandaga
kecap anu dipikanyaho ku siswa ngabalukar kana idé-idé anu kasawang ku siswa
dina nulis sisindiran. Ku ayana pretest jeung posttest geus bisa nyumponan pikeun
ngukur kamampuh awal jeung ahir siswa jeung ogé bisa dijadikeun bahan evaluasi
pangajaran basa Sunda.

5.3 Rekoméndasi
Aya sawatara saran anu baris ditepikeun, rékoméndasi sangkan panalungtikan
kahareupna leuwih hadé tur aya kamajuan dina lumangsungna prosés pangajaran,
di antarana:
1. Dumasar hasil panalungtikan nu geus dijalanan, modél pangajaran Everyone is
a Teacher here dipiharep tuluy dimodifikasi sangkan leuwih relevan jeung
pangajaran lianna.
2. Modél Everyone is a Teacher Here kudu dimekarkeun deui ku panalungtik
lianna. Lantaran, panalungtikan ngeunaan larapna ieu modél can loba jalma
anu nalungtik.
3. Nulis sisindiran mangrupa hiji perkara anu hésé, anu ahéng. Ku kituna
diperlukeun kamekaran larapna modél-modél anu bisa ngarojong pangajaran
nulis sisindiran.
4. Di SMA Negeri 6 Bandung, katitén siswa-siswana miboga karakter jeung basa
anu heterogen. Hartina, lain ukur di ieu sakola wungkul, di sakola mana waé
gé, panalungtik kudu bisa ngaanalisis naon anu jadi kabutuhan siswa, kumaha
karakter siswa, basa anu dipakéna, kumaha cara nyanghareupan siswana, jrrd.
DAFTAR PUSTAKA

Angkowo, R., & Kosasih, A. (2017). Optimalisasi Media Pembelajaran. Grasindo.


Aprilia, W., & Ansori, Y. . (2020). Penggunaan Model Everyone is A Teacher Here
dalam Meningkatkan Hasil Belajar Siswa. In Prosiding Seminar Nasional
Pendidikan, 2, 270–277.
Arikunto. (2012). Prosedur Penelitian Suatu Pendekatan Praktik. PT. Rineka
Cipta.
Dewi, C., Sarwono, S., & Prihadi, S. (2019). Efektivitas Pembelajaran Daring
Model Everyone Is a Teacher Here Dengan Google Meet Terhadap Hasil
Belajar Geografi Peserta Didik Kelas X IPS Materi Pokok Perairan Laut di
SMA Negeri 1 Baturetno Tahun Ajaran 2020/2021. GEADIDAKTIKA, 2(1),
46–55.
Fardiah, Y. (2016). Peningkatan kemampuan menulis laporan perjalanan
menggunakan peta konsep siswa kelas VIIIA SMP Negeri 12 Mataram.
http://docplayer.info/36837132-Peningkatan-kemampuan-menulis-laporan-
perjalanan-menggunakan-metode-peta-konsep-siswa-kelas-viii-a-smp-
negeri-12-mataram-tahun-pembelajaran-2016-2017.html
Halidin, H. (2020). Pengaruh Strategi Pembelajaran Everyone Is A Teacher Here
Terhadap Hasil Belajar Matematika. AKSIOMA: Jurnal Program Studi
Pendidikan Matematika, 9(2), 348–357.
Indrawati. (2011). Implementasi Metode Simpel Additive Weighting pada Sistem
Pengembalian Keputusan Sertifikat Guru.
Iskandarwassid. (2019). Kamus Istilah Sastra Sunda. Geger Sunten.
Khoerunnisa, P. (2020). Analisis Model-model Pembelajaran. Jurnal Pendidikan
Dasar.
Koswara, D. (2011). Racikan Sastra. Pendidikan Bahasa Daerah FPBS UPI.
Kustini. (2014). Penerapan Model Everyone is a Teacher Here. 2, 23.
Kuswari, U. (2010). Evaluasi Pembelajaran Bahasa. JPBD FPBS UPI.
Malawi, I. (2017). Pembelajaran Tematik (Konsep dan Aplikasi). CV.AE
GRAFIKA.
Moon, J. (1999). A Handbook for Reflective Practice and Professional

61
64

Development. Roadledge.
Nurfazri, R. (2020). MODEL MIND MAPPING DINA PANGAJARAN NULIS
SISINDIRAN: Studi Kuasi Eksperimen ka Kelas XI MIPA SMA KARTIKA XIX-
3 Bandung Taun Ajaran 2019/2020. Universitas Pendidikan Manusia.
Nurjanah, N. (2009). Teori Nulis (Diktat). Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah.
Nurudin. (2007). Tujuan Menulis. Raja Grafindo Persada.
Rahman. (2008). Model Mengajar dan Bahan Pembelajaran. Bandung Alqaprint.
Sanjaya, W. (2008). Perencanaan dan Sistem Pembelajaran. Kencana Prenada
Media Group.
Siddik, M. (2016). Dasar-dasar Menulis dengan Penerapannya (Cetakan I).
Tunggal Mandiri.
Silberman, M. (2013). Pembelajaran Aktif 101 Strategi untuk Mengajar Secara
Aktif. PT. Indeks.
Sowden. (2015). Improvisation facilitates divergent thinking and creativity:
Realizing a benefit of primary school arts education. Psychology of Aesthetics,
Creativity, and the Arts. 9, 40–60.
Subarti, A. (2016). Pembinaan Kemampuan Menulis Bahasa Indonesia. Erlangga.
Sugiyono. (2017). Metode Penelitian Kuantitatif, Kualitatif, dan R&D. Alfabeta,
CV.
Sujarweni. (2007). Panduan Mudah Menggunakan SPSS & Contoh Penelitian
Bidang Ekonomi. Ardana Media.
Sulaiman. (2016). Pengaruh Model Everyone is a Teacher Here Terhadap Hasil
Belajar Matematika Siswa. E-Dumath, 2, 152–160.
Sumartini, H. (2019). Model Brain Writing dalam Meningkatkan Kemampuan
Menulis Wawangsalan. LOKABASA, 10(2), 214–225.
https://doi.org/10.17509/jlb.v10i2
Suprijono, A. (2013). Cooperative Learning Teori dan Aplikasi PAIKEM. Pustaka
Pelajar.
Tamsyah, B. R. (1996). Bagbagan Sisindiran. YRAMA WIDYA.
Tarigan, H. . (2008). Membaca Sebagai Suatu Keterampilan Berbahasa. Angkasa.
Tayeb. (2017). Analisis dan Manfaat Model Pembelajaran. Jurnal Pendidikan
Dasar Islam, 4, 48.
65

Triningsih, D. E. (2018). Diksi (Pilihan Kata). PT Macanan Jaya Cemerlang.


Wicaksono, A. (2014). Pengkajian Prosa Fiksi. Garuda Waca.
Windyagiri, D. (2019). Sisindiran jeung Wawangsalan. Kiblat.
Wulandari, T. (2020). TEORI PROGRESIVISME JOHN DEWEY DAN
PENDIDIKAN PARTISIPATIF DALAM PENDIDIKAN ISLAM. At-
Tarbawi: Jurnal Kajian Kependidikan Islam, 5(1). https://doi.org/10.22515
Zaini, H., Bermawy, M., & Aryani, S. A. (2008). Strategi Pembelajaran Aktif.
Pustaka Insan Madani.
Zulkarnain. (2015). Everyone is a Teacher Here dalam Peningkatan Prestasi Belajar
Mata Pelajaran IPA Kelas IV SD. Jurnal Pendidikan Riset Dan Konseptual,
2, 3.
Lampiran

66
67

Lampiran 1 Surat Keputusan Pembimbing Skripsi


68
69

Lampiran 2 Surat Panalungtikan


70

Lampiran 3 Hasil Pretest Nulis Sisindiran Siswa


71
72
73
74
75

Lampiran 4 Hasil Posttest Nulis Sisindiran Siswa


76
77
78
79
80

Lampiran 5 SPSS Versi 18

Tests of Normality

Kolmogorov-Smirnova Shapiro-Wilk

Statistic df Sig. Statistic df Sig.


pretest ,060 34 ,200* ,990 34 ,988

posttest ,194 34 ,002 ,851 34 ,000

*. This is a lower bound of the true significance.

a. Lilliefors Significance Correction


81

Test Statisticsa
Posttest - Pretest
Z -4,656b
Asymp. Sig. (2-tailed) ,000
a. Wilcoxon Signed Ranks Test
b. Based on negative ranks.
Lampiran 6 Dokumentasi
82
83
84
85

Lampiran 7 Modul Ajar

MODUL AJAR
A. Informasi Umum

1. Nama Sekolah : SMA Negeri 6 Bandung


2. Mata Pelajaran : Bahasa Sunda
3. Fase/Kelas : F/XI
4. Semester :1
5. Pokok Bahasan : Sisindiran
6. Alokasi Waktu : 4 JP (2JP x 2 Pertemuan)
7. Kompetensi Awal : Peserta Didik sudah naik jenjang dari kelas
X ke kelas XI
8. Profil Pelajar Pancasila : Kreatif, Mandiri

9. Sarana dan Prasarana : Buku, Papan Tulis, Spidol, kertas


selembaran

10. Target Peserta didik : Peserta Didik Reguler


11. Modél Pembelajaran : Everyone is a Teacher Here

B. Komponen Inti
1. Tujuan Pembelajaran
a. Peserta didik mampu membuat sisindiran
b. Peserta didik mampu memahami arti sisindiran
c. Peserta didik mampu membedakan bentuk sisindiran

2. Pemahaman Bermakna
Peserta didik dapat memahami, menyampaikan, dan mengambil
pelajaran dari pesan (amanat) yang terkandung di dalam sisindiran
dan mampu membacakan teks sisindiran.
86

3. Pertanyaan Pemantik
1. Pék hidep jéntrékeun naon ari sisindiran téh? (what)
2. Dina situasi kumaha sisindiran biasana dipaké?(when)
3. Pernah nyieun sisindiran? (how)
4. Naha sisindiran kaasup karya sastra? (why)
5. Di mana pernah maca sisindiran? (where)

4. Persiapan Pembelajaran
Guru menyiapkan kelompok peserta didik
Guru menyiapkan lembar kerja peserta didik

5. Kegiatan Pembelajaran
Pendahuluan
 Guru memberikan salam dan mengajak siswa berdo’a sebelum memulai
pelajaran
 Guru menyuruh siswa untuk mengecek keadaan di sekitarnya agar terbebas
dari sampah
 Guru mengecek kehadiran siswa
 Siswa diberikan motivasi agar dapat berkonsentrasi dalam pembelajaran dan
terlibat aktif dalam pembelajaran
 Membangun apersepsi dengan menanyakan materi tentang sisindiran
 Guru menyampaikan tujuan pembelajaran yang ingin dicapai yaitu
memahami isi yang dijelaskan berikut oleh peserta didik lainnya dan
membuat sisindiran sisindiran
 Peserta didik menyimak mekanisme pelaksanaan pembelajaran yang
disampaikan oleh guru
87

Kegiatan Inti
 Guru membagi siswa menjadi 7 kelompok dengan jumlah anggota
4-5 siswa setiap kelompok.
 Guru membagikan LKPD ke Siswa
 Salah satu siswa membaca pengetahuan singkat mengenai
sisindiran yang ada di LKPD secara sungguh-sungguh
 Siswa tersebut kemudian menjelaskan kepada teman-teman
kelompoknya
 Siswa diizinkan bertanya dalam bentuk tulisan di secarik kertas
 Lalu, pertanyaan tersebut akan dijawab oleh kelompok siswa
lainnya (saling bertukar
 Guru memberikan arahan kepada salah satu siswa untuk membahas
kembali di depan para peserta didik mengenai sisindiran
 Guru mengulas dan menyimpulkan materi yang dibahas
Kegiatan Penutup
 Peserta didik bersama guru, merefleksikan pembelajaran mengenai
pengertian sisindiran dan cara membuat sisindiran
 Siswa diberikan informasi tentang kegiatan pekan selanjutnya
 Guru mengakhiri kegiatan belajar dengan memberikan motivasi agar siswa
semangat belajar lalu mengucapkan salam.
6. Asesmen
 Assesmen Of Learning.
 Assesmen As Learning.
88

7. Pengayaan dan Remedial


Pengayaan
Pengayaan diberikan kepada peserta didik yang masuk pada kategori paham dengan
cara membaca teks sisindiran dengan masalah yang kompleks untuk ditentukan
amanatnya.
Remedial
Apabila kriteria untuk mengukur ketercapaian tujuan pembelajaran tidak tercapai,
maka bagi pelajar yang belum/tidak memahami dapat diberi kegiatan remedial
sebagai berikut:
Tambahan waktu bagi pelajar yang membutuhkan penjelasan lebih untuk dijelaskan
guru, dan
Penambahan waktu untuk diskusi dan pelajar diminta untuk presentasi hasil diskusi
untuk menyamakan persepsi. Bagi pelajar yang memiliki bakat dan potensi di atas
rata rata, guru dapat memberikan kepercayaan kepada pelajar yang berbakat untuk
memandu kelompok

8. Refleksi Peserta Didik dan Guru


GURU:
Apakah 100% pelajar mencapai tujuan pembelajaran? Jika tidak, berapa % kira-kira
yang mencapai tujuan pembelajaran?
Apa kesulitan yang dialami pelajar yang tidak mencapai tujuan Pembelajaran?
Apa yang akan guru lakukan untuk membantu pelajar yang belum mencapai tujuan
pembelajaran?
Apakah ada pelajar yang nampak tidak fokus?
Bagaimana Guru dapat membantu pelajar yang tidak fokus tersebut?
bagaimana langkah langkahnya?

PELAJAR
Bagaimana cara saya dapat mengidentifikasi rarakitan, paparikan, wawangsalan?
Bagaimana cara menulis sisindiran dengan dengan kreatif?
89

Lampiran LKPD Siswa dalam Pembelajaran Sisindiran


Tujuan Peserta didik mampu memahami arti sisindiran
Pembelajaran Peserta didik mampu membedakan bentuk sisindiran
Peserta didik mampu membuat sisindiran

Sisindiran

1. Wangenan Sisindiran
Nurutkeun (Iskandarwassid, 2019) sisindiran téh salasahiji wangun ugeran
puisi heubeul, atawa puisi tradisional, anu kauger ku wangun jeung purwakanti.
Unggal pada (bait, Ind.) sisindiran diwangun ku bagian cangkang jeung bagian eusi;
réana padalisan cangkang sarua jeung réana padalisan eusi. Umumna pada
sisindiran téh diwangun ku opat pada- lisan: dua padalisan cangkang, dua padalisan
eusi.
Sisindiran mangrupa salasahiji wangun puisi Sunda heubeul anu diwangun
ku cangkang jeung eusi. Sipat puisina katangén dina wangun rima jeung irama anu
kawatesanan. Bahasa dina sisindiran biasana sipatna basajan sarta babari
dipikaharti. Dina naskah kuno Sanghyang Siksa Kandang Karesian anu ditulis taun
1518 Masehi, sisindiran kaasup kana widang kawih.
Nurutkeun M.A Salmun, dina (Koswara, 2011) sisindiran disebut ogé
kasenian ngaréka basa anu diwangun ku cangkang jeung eusi pikeun ngedalkeun
maksud anu henteu saceplakna bari dipamrih karesmianana. Wangun sisindiran
kabagi jadi tilu rupa. nyaéta a) wawangsalan, b) rarakitan jeung, c) paparikan.
Kecap sisindiran asalna tina kecap sindir anu hartina kecap atawa omongan
pesékeun, henteu togmol nu ditujukeun ka jalma anu dipimaksud, atawa cohagna
mah sisindiran téh omongan anu dibalibirkeun.
Sisindiran kaasup karya sastra wangun ugeran, sabab kauger ku guru lagu
atawa purwakanti jeung guru wilangan, sarta umumna mah dina unggal padalisan
diwangun ku dalapan engang. Jadi cindekna mah sisindiran téh nyaéta karya sastra
wangun ugeran (puisi) anu eusina dibalibirkeun, diwangun ku cangkang jeung eusi
sarta leubeut ku purwakanti. Contona:
Meuncit meri dina rakit,
Boboko wadah bakatul.
Lain nyeri ku panyakit,
Kabogoh direbut batur.
Padalisan kahiji jeung kadua mangrupa cangkang, sedengkeun padalisan
katilu jeung kaopat mangrupa eusi sisindiran. Cindekna, sisindiran téh nyaéta karya
sastra wangun ugeran (puisi) anu diwangun ku cangkang jeung eusi, pinuh ku
purwakanti, ogé umumna dina sapadalisan diwangun ku dalapan engang, tujuanana
pikeun ngedalkeun maksud anu henteu saceplakna.
90

Purwakanti nurutkeun (Iskandarwassid, 2019) miboga harti padeukeutna


sada atawa sora kecap-kecap dina ungkara kalimah, klausa, atawa frasa, utamana
dina wangun ugeran (puisi); perepahna boh ngaréndéng, ngajajar, horizontal (dina
sakalimah, sajajar, sapadalisan) boh ngaruntuy, vertikal (antar jajaran, antar
padalisan).
Paparikan di luhur dina sapadana diwangun ku opat padalisan. Padalisan
kahiji jeung kadua mangrupa cangkangna: padalisan katilu jeung kaopat mangrupa
eusina.
Kecap anu aya dina awal padalisan kahiji cangkang sarua (murwakanti)
jeung kecap anu aya dina awal padalisan kahiji eusi nyaéta jauh-jauh. Kitu deui
kecap anu aya dina awal padalisan kadua cangkang sarua jeung kecap nu aya dina
awal padalisan kadua eusi nyaéta nyiar-nyiar.
Kecap anu aya dina awal padalisan kahiji cangkang sarua (murwakanti)
jeung kecap anu aya dina awal padalisan kahiji eusi nyaéta jauh-jauh. Kitu deui
kecap anu aya dina awal padalisan kadua cangkang sarua jeung kecap nu aya dina
awal padalisan kadua eusi nyaéta nyiar-nyiar. Salian ti éta, purwakanti téh aya dina
tungtung padalisan deuih. Ieu ogé murwakanti antara cangkang jeung eusi. Kecap
awi murwakanti jeung kecap abdi; pimérangeun murwakanti jeung pimelangeun.
Upama nilik kana eusina, rarakitan téh bisa dipasingpasing jadi tilu golongan nyaéta
silihasih, piwuruk, jeung lulucon/sésébréd.

Padalisan kahiji dina paparikan di luhur (Aya meri dina rakit) taya
hubunganana atawa teu nyambung jeung padalisan kaduana (boboko wadah
bakatul). Conto séjénna:
Haruman Gunung Haruman,
boboko di ka parakeun.
Kaluman kuring kaluman,
kabogoh geus nyapirakeun.

Mawa ragi ka Cilutung,


tikukur ngudag saéran.
Boh rugi atawa untung,
kudu sukur ka Pangéran.

Bangbara dina bangbarung,


kulit munding kahujanan.
Sangsara kuring dicandung,
gulang-guling ngan sorangan.
91

Bandingkeun jeung paparikan di handap.

Hayang ngala kacang panjang,


tangkalna handapeun waluh.
Hayang nanya mojang lenjang,
hanjakalna henteu wawuh
Dina paparikan di luhur, padalisan kahiji cangkang téh nyambung (aya
hubunganana) jeung padalisan kadua cangkang. Conto séjénna:
Aya listrik di masigit,
caangna kabina-bina. Aya
istri jangkung alit,
karangan dina pipina.

Kaduhung kuring ka Lembang,


ka Lembang ka Cibiana.
Kaduhung kuring kagémbang,
kagémbang kieu rasana.

Boboko ragrag ti imah,


ninggang kana pileuiteun.
Nya bogoh ulah ka sémah, ari
balik sok leungiteun.
Salian ti éta, urang ogé bisa nyieun paparikan anyar du- masar kana paparikan
anu geus populer. Eta paparakan téh bisa dicokot cangkangna wungkul, boh
sagemblengna boh dirobah sabagian. Upamana baé tina paparikan:
Kaso pondok kaso panjang,
kaso ngaroyom ka jalan.
Sono mondok sono nganjang,
sono patepang di jalan.

dirobah jadi:
Kaso pondok kaso panjang.
nu panjang dipaké nanggung.
Ka nu denok komo hayang.
sanajan nepi ka nyandung.
92

Soal Sisindiran Basa Sunda

Wasta :
No. Absen :

1. Pék hidep jéntrékeun deui naon ari sisindiran téh?


2. Jéntrékeun deui ku hidep naon maksud M.A Salmun ngeunaan
sisindiran kalawan make basa sorangan!
3. Naon bédana paparikan jeung rarakitan nurutkeun hidep?
4. Kumaha cenah ari purwakanti dina sisindiran téh?
5. Dina situasi kumaha sisindiran biasana dipaké?
Mun teu tulus ka
paseukna,
ka pancirna ogé
hadé.
Mun teu tulus ka
lanceukna,
ka adina ogé
hadé.

Lauk emas ngakan


ganggeng,
disamberan ku japati.
Boga emas moal
langgeng,
teu cara boga
pangarti.
6. Kaasup naon dua sisindiran di luhur? Naon hartina?

Jawaban:
RIWAYAT HIRUP

Wedal di Bandung taun 2000 bulan Desember


tanggal 25, kuring téh asli urang Sunda ti Bumi
Parahyangan, kuring jeung kulawarga ngadumuk di
Manglayang Regency blok.G3/16, Désa Cimekar,
Kecamatan Cileunyi.
Enya, kuring mah urang désa. Tapi teu kétang
sabenerna mah, taun 2016 kuring cicing di daérah
Bandung Kota… atawa daérah Kota Bandung? Ah duka,
da di lembur mah nyebut daérah Bandung tengah téh
Bandung Kota, jadi sok nurutan wéh, héhé.
Aya kana ampir 4 taun sim kuring nyiar paélmuan di jurusan Pendidikan
Bahasa jeung Sastra Sunda di Universitas Pendidikan Indonesia, Bandung. Kuring
bisa kuliah di ieu Universitas kulantaran hayang nyobaan lalampahan anu anyar,
hayang ngasaan kumaha neuleuman kana dunya kasusastraan, komo deui jurusan
nu ku kuring cokot téh Pendidikan Basa jeung Sastra Sunda anu minangka Basa
Indung sorangan.
Kuring gé asalna mah teu bisa-bisa acan nyastra, dibisa-bisa gé angger hésé.
Tapi tungtungna aya lah saeutik waé mah kabisana, xixixi… Da pédah we ceuk
indung kuring, lamun upamana baheula anjeunna mampuh kuliah mah cenah
hayang diajar basa Sunda. Jadi najan kaduhung, tapi da sok sumanget wéh, sok
inget ka nu jadi indung
Tah, kuring sabenerna asa nuluykeun naon anu dipikahayang ku nu jadi
indung. Katarima di Pendidikan Basa jeung Sastra Sunda UPI nyaéta hiji tina
mangréwu-réwu kabarokahan anu dibérékeun ku Gusti nu Maha Welas tur Maha
Asih. kuring teu ngarasa yén katarima di ieu jurusan saperti naon anu ku bapa
kuring omongkeun, cenah kuring téh salah nyokot jurusan, moal kapaké cenah ari
Guru basa Sunda mah. Ah, ceuk saha teuing, eweuh nu bisa nangtukeun galur
milampah jalma iwal ti Gusti Allah, ceuk kuring na jero haté.
Boa teuing geus kolotna mah jadi Bill Gates.

96

Anda mungkin juga menyukai