Anda di halaman 1dari 6

4

A
IP
ARTIKEL SUNDA X
II
M

A
M
A
T
A
R
P
A
Y
ID
W
IE
G
G
N
A
KASENIAN DAERAH PASUNDAN

Indonesia teh kaasup nagri anu beunghar ku budaya, hususna budaya daerah.
Saban seler bangsa, anu nyicingan rebuan pulo di Indonesia, mibanda
kabudayaan sewang-sewangan. Diantarana, kasenian daerah.
Naon ari kasenian daerah teh? Tangtu bae kasenian anu lahir sarta hirup di
daerah. Ieu kasenian teh perlu diipuk jeung dimekarkeun lantaran mangrupa
banda bangsa anu gede ajenna. Kasenian daerah anu hirup, dipikawanoh, tur
dipikaresep lain bae ku seler bangsa anu nyiptakeunana disebut kasenian
nasional. Jadi, kasenian daerah teh mangrupa unsur pangwangun kasenian
nasional.
Kasenian jaipong umpamana, ieu kasenian asal jawa barat teh geus jadi
kasenian nasional. Lain bae urang sunda nu mikaresep jaipongan teh, tapi oge
dipikaresep ku seler bangsa sejen. Ambahan kamekaranana jelas leuwih lega,
lain ngan di tatar sunda wungkul. Malah, ceuk beja, urang mancanagara oge loba
nu mikaresep.
Lamun seug ditalungtik, kasenian sunda teh pohara lobana. Ieu
kasenian anu sakitu lobana teh kiwari nungtut laleungitan. Malah boa
hidep mah ngan saukur kungsi ngadenge ngaranna bae. Ari pangna
terus muguran teh lantaran taya generasi ngora anu neruskeunana.
Kanyataan ieu teh puguh matak pohara handeueulna. Pohara matak
prihatinna. Enya, saha nu teu prihatin kaleungitan kakayaan bangsa anu
gede ajenna?
Urang salaku urang sunda ulah tepi ka pareumeun obor, atuh
saeutikna apal ngaran-ngaranna, heunteu apal janggelekna oge. Ku
sabab kitu, geura urang tataan, boh kasenian anu masih hirup boh anu
kungsi hirup.
Geura urang tataan, diantarana bae, wayang golek, jaipongan,
cianjuran, angklung, calung, kendang penca, beluk, kiliningan, ketuk
tilu, kuda lumping, tarawangsa, sandiwara, reog, longser, lais, debus,
ubrug, ujungan, dombret, kawih, gending karesmen, bangbarongan,
jeung gondang. Eta teh karek sabagian leutik, dah ceuk beja kasenian
sunda anu kungsi hirup teh leuwih ti tilu puluh rupana.
Moal boa, di seler bangsa sejen oge mibanda kasenian anu kawilang
loba sarta geus loba deui nu paehna. Lamun ti hiji seler bangsa, sebut
bae, mibanda tilu puluh kasenian, pek kalikeun ku hidep. Enya maksud
teh, kalikeun jeung jumlah seler bangsa nu aya di indonesia. Leuh,
pohara beungharna indonesia teh.
TERIMAKASIH

Anda mungkin juga menyukai