Anda di halaman 1dari 3

Artikel Sunda

Di Ajengkeun Kanggo Nyumponan Salah Sahiji Pancen Mata Pelajaran


Bahasa Sunda

Disusun Ku :
Wasta : Anggie Widya Pratama
Kelas : XII MIPA 4

Dinas Pendidikan Provinsi Jawa Barat


SMA Negeri 2 Purwakarta
Jl. Raya Sadang No. 17, Ciseureuh, Kecamatan Purwakarta, Kabupaten
Purwakarta, Jawa Barat 41118
2020
KASENIAN DAERAH PASUNDAN

Indonesia teh kaasup nagri anu beunghar ku budaya, hususna budaya


daerah. Saban seler bangsa, anu nyicingan rebuan pulo di Indonesia,
mibanda kabudayaan sewang-sewangan. Diantarana, kasenian daerah.
Naon ari kasenian daerah teh? Tangtu bae kasenian anu lahir sarta
hirup di daerah. Ieu kasenian teh perlu diipuk jeung dimekarkeun
lantaran mangrupa banda bangsa anu gede ajenna. Kasenian daerah
anu hirup, dipikawanoh, tur dipikaresep lain bae ku seler bangsa anu
nyiptakeunana disebut kasenian nasional. Jadi, kasenian daerah teh
mangrupa unsur pangwangun kasenian nasional.
Kasenian jaipong umpamana, ieu kasenian asal jawa barat teh geus
jadi kasenian nasional. Lain bae urang sunda nu mikaresep jaipongan
teh, tapi oge dipikaresep ku seler bangsa sejen. Ambahan
kamekaranana jelas leuwih lega, lain ngan di tatar sunda wungkul.
Malah, ceuk beja, urang mancanagara oge loba nu mikaresep.
Lamun seug ditalungtik, kasenian sunda teh pohara lobana. Ieu
kasenian anu sakitu lobana teh kiwari nungtut laleungitan. Malah boa
hidep mah ngan saukur kungsi ngadenge ngaranna bae. Ari pangna
terus muguran teh lantaran taya generasi ngora anu neruskeunana.
Kanyataan ieu teh puguh matak pohara handeueulna.
Pohara matak prihatinna. Enya, saha nu teu prihatin kaleungitan
kakayaan bangsa anu gede ajenna?
Urang salaku urang sunda ulah tepi ka pareumeun obor, atuh
saeutikna apal ngaran-ngaranna, heunteu apal janggelekna oge. Ku
sabab kitu, geura urang tataan, boh kasenian anu masih hirup boh anu
kungsi hirup.
Geura urang tataan, diantarana bae, wayang golek, jaipongan,
cianjuran, angklung, calung, kendang penca, beluk, kiliningan, ketuk tilu,
kuda lumping, tarawangsa, sandiwara, reog, longser, lais, debus, ubrug,
ujungan, dombret, kawih, gending karesmen, bangbarongan, jeung
gondang. Eta teh karek sabagian leutik, dah ceuk beja kasenian sunda
anu kungsi hirup teh leuwih ti tilu puluh rupana.
Moal boa, di seler bangsa sejen oge mibanda kasenian anu kawilang
loba sarta geus loba deui nu paehna. Lamun ti hiji seler bangsa, sebut
bae, mibanda tilu puluh kasenian, pek kalikeun ku hidep. Enya maksud
teh, kalikeun jeung jumlah seler bangsa nu aya di indonesia. Leuh,
pohara beungharna indonesia teh.

Anda mungkin juga menyukai