Lagam : Degung-Kawih Laras : Pelog Degung Sumber : Kumpulan Rumpaka Lagu Sinden H. Djadja Sukardja - SGBS - CIAMIS Sanggar Seni LIMA'S - www.datasunda.org Papaes pangreka lagu Gelar lagu adu manis Nyata dina rupi ibing Ka telahna jaipongan adu manis Ketuk tilu baheulana Kelasik jeung penca silat Di sadur direka-reka Nu resep ti mana mendi Ku margi aya tawisna Dina ibing adu manis Silih reret bari imut Supados henteu pahili Adu manis anu lucu Pasangan istri pameget Nu lami henteu patepung Ayeuna patepang deui Gambaran istri pameget Keur sumedeng birahina Silih simbeuh ku ka deudeuh Sempal guyon gogonjakan Sok saha nu wani metik Sadia ngayonanana Sanajan tepi ka pati Moal ngejat ka walahan