Anda di halaman 1dari 2

TUGAS WAWANCA

KAGIATAN POSYANDU
Wartawan

: Rifal

Narasumber

: Bapa Darna (Salaku Kapala Puskesmas Cidahu)

Rifal

: Punten, Pa abdi bade tumaros, ari kagiatan Posyandu teh


dilaksanakeun ditiap desa atanapi ditiap kacamatan?

Pa Darna

: Posyandu dilaksanakeun ditiap desa malihan ditiap desana oge tiasa


diayakeun Posyandu langkung tidua ngukur kana jumlah penduduk
atanapi luas wilayah dusun.

Rifal

: Saha bae anu ditugaskeun pikeun jadi petugas Posyandu?

Pa Darna

: Petugas Posyandu dilaksanakeun ku para kader anu parantos kenging


pelatihan sareng pembinaan, biasana pelaksanaan Posyandu dihadiran
ku bidan desa sareng para medis ti Puskesmas.

Rifal

: Dupi kagiatan naon bae anu dilaksanakeun dina Posyandu?

Pa Darna

: Kagiatan anu dilaksanakeun diantarana pamariksaan kasehatan ibu


jeung anak (KIA), penimbangan balita, imunisasi, penanggulangan
kesehatan secara dini, masihkeun vitamin A ka balita kadang kawis
ditambih ngabagikeun tuangeun tambihan kanggo balita anu ngandung
gizi sakaligus penyuluhan ngeunaan kasehatan hususna ibu hamil,
murangkalih balita sareng bayi.

Rifal

: Pelaksanaan Posyandu teh dilaksanakeun sabaraha sasih sakali?

Pa Darna

: Posyandu dilaksanakeun sasasih sakali.

Rifal

: Peralatan naon bae anu tiasa digunakeun dina kagiatan Posyandu?

Pa Darna

: Peralatan anu diangge diantarana timbangan balita, pengukur tinggi


badan, alat tensi, thermometer, sareng alat kasehatan anu sanesna
malih mah ditambih ku buku-buku catatan kagiatan Posyandu.

Rifal

: Ari balita sok ngagaduhan KMS, naon ari KMS teh?

Pa Darna

: KMS teh nyaeta singkatan tina Kartu Menuju Sehat anu gunana
pikeun nyatet kasehatan bayi.

Rifal

: Biaya Posyandu timana sumberna?

Pa Darna

: Sumber biaya Posyandu teh aya tina bantuan pamarentah sareng


swadaya.

Rafal

: Mugia kagiatan Posyandu teh lancar tur karasa mangpaatna pikeun


balarea.

HASIL WAWANCARA

Jejer Pasualan

: Kagiatan Posyandu

Nara Sumber

: Bapa Darna (Kapala Puskesmas/Medis)

Kagiatan Posyandu teh dilaksanakeun ditiap desa anu pelaksanaana sasasih sakali.
Petugas Posyandu nyaeta para kader anu parantos kenging pelatihan sareng pembinaan.
Kagiatan anu dilaksanakeun dina Posyandu nyaeta pamariksaan kasehatan ibu jeung
anak (KIA), panimbangan balita, imunisasi, masihkeun vitamin A ka balita. Balita anu
dipariksa di Posyandu biasana sok dipasihan Kartu Menuju Sehat anu gunana pikeun
nyatet kasehatan/perkembangan bayi ti sasih ka sasihna supados terang perekmbanganana.
Sedengkeun sumber biaya teh aya tina bantuan pamarentah sareng tina swadaya.

Anda mungkin juga menyukai