Anda di halaman 1dari 124

Pamekar Diajar

BASA SUNDA
KIKD Kurikulum 2013

Buku Tuturus Guru SMA/MA/SMK/MAK


Kelas XII

DINAS PENDIDIKAN PROVINSI JAWA BARAT


2014
Pamekar Diajar
BASA SUNDA
KIKD Kurikulum 2013
Buku Tuturus Guru SMA/MA/SMK/MAK Kelas XII
Hak cipta kagungan Dinas Pendidikan Provinsi Jawa Barat
Ditangtayungan ku Undang-undang

Disklaimer: Ieu buku th diajangkeun pikeun guru basa Sunda dina raraga
larapna Kurikulum 2013. Ieu buku disusun tur ditalaah ku hiji tim kalawan
dikoordinasi ku Balai Pengembangan Bahasa Daerah dan Kesenian (BPBDK)
Dinas Pendidikan Provinsi Jawa Barat minangka buku kurikulum daerah. Mimitina
dipakna buku taun 2014. Ieu buku th sipatna dokumn hirup. Hartina bakal
tuluy disarungsum luyu jeung kabutuh katut panka jaman. Pangdeudeul ti
rupining pihak dipiharep bisa ngundakkeun ajn ieu buku.

PANYUSUN:
Tatang Sumarsono
Ahmad Hadi
Ano Karsana
Asep Ruhimat
Darpan
Dede Kosasih
H. Dingding Haerudin
H.Yayat Sudaryat
Risnawati

PENELAAH:
Prof. Dr. H. Iskandarwassid, M.Pd.
Dr. Hj. Ai Sofianti, M.Pd.
Drs. H. Elin Syamsuri
Drs. Apip Ruhamdani, M.Pd.
Budi Riyanto

Rarancang Eusi: Yoshi Sukadar


Rarancang Jilid: Yoshi Sukadar

Eusi ngagunakeun Adobe InDesign CS3 jeung Adobe Photoshop CS3


Aksara ngagunakeun Bembo Std 12 pt - 24 pt.

Dipedalkeun ku:
DINAS PENDIDIKAN PROVINSI JAWA BARAT

ISBN: 978-602-1300-26-8 (Jilid Lengkap)


978-602-1300-29-9 (Jilid 3)
Perpustakaan Nasional : Katalog Dalam Terbitan (KDT)
PANGBAGA

KEPALA DINAS PENDIDIKAN PROVINSI JAWA BARAT

Alhamdulillah, ieu buku pangajaran basa Sunda tiasa ngawujud,


enggoning nyaosan implemntasi Kurikulum 2013, pikeun ngeusian lolongkrang
Muatan Lokal Mata Pelajaran Bahasa dan Sastra Daerah di Jawa Barat.
Hasil garapan tim panyusun th aya dua rupi buku nyata buku murid
sareng buku guru. ta th mangrupa bagian tina pakt Kurikulum Daerah, hususna
ngeunaan pangajaran basa jeung sastra darah, dumasar kana Permendikbud
No. 81A/2013, ngeunaan implementasi kurikulum. Pami diwincik deui, sans
mung buku wungkul bagian ta Permendikbud th, tapi deuih ngawengku
Kompetensi Inti jeung Kompetensi Dasar (KI-KD), silabus, sareng Rencana
Pelaksanaan Pembelajaran (RPP).
Ku medalna ieu buku, dipiharep implementasi kurikulum 2013, hususna
ngeunaan pangajaran muatan lokal basa jeung sastra darah di Jawa Barat tiasa
dilaksanakeun kalawan merenah, luyu sareng udaganana. Saparantosna dialajar
ngeunaan basa jeung sastra darah, dipiharep dina diri murid aya parobihan
anu ttla, boh unsur sikepna (attitude), boh pangaweruhna (knowledge), boh
kamampuh ngagunakeun katut karancagan (performance; behavior). Singgetna
mah ta unsur anu tilu th bisa disebut kompetnsi.
Kalungguhan guru dina posisi agn parobahan utama enggoning
ngaimplemntasikeun kurikulum 2013 teu kinten pentingna. Aya hiji hipotsis
basajan, saupami guru kagungan kompetnsi anu nohonan pasaratan Kurikulum
2013, tangtosna g kalebet guru basa darah deuih, tinangtos ta kurikulum bakal
tiasa diimplemntasikeun kalawan merenah. Ku margi kitu, dina nataharkeun
sareng ngaronjatkeun kompetnsi guru th, di antawisna ku cara nysusun buku
padoman guru, kalebet tarkah anu kedah knging pangajn.
iii
Muga-muga wa harepan urang sadaya ngeunaan ayana parobihan anu
ttla dina dunya atikan ku diimplemntasikeunana Kurikulum 2013 th tiasa
ngawujud, enggoning lahirna Generasi Emas Indonesia dina taun 2045 nu bad
dongkap.

Ban
a du
d ng, Desember
Bandung, Desem 2013
Kep
pal
a a Dinas Pendidikan
Kepala Pe Provinsi Jawa Barat,

Prof
Prof. Dr
Dr. H
H. M
Moh. Wahyudin Zarkasyi, CPA
Pembina Utama Madya
NIP. 19570807 198601 1 001

iv
PANGBAGA

KEPALA BALAI
PENGEMBANGAN BAHASA DAERAH DAN KESENIAN
DINAS PENDIDIKAN PROVINSI JAWA BARAT

Kurikulum 2013 ti wangkid ayeuna parantos ngawitan dianggo sacara


nasional. Jalaran kitu, pangajaran basa jeung sastra darah nu diperenahkeun janten
muatan lokal di Jawa Barat kedah luyu sareng Kurikulum 2013 hususna patali
luyuna sareng elemn-elemn parobihan anu janten karakteristik Kurikulum
2013 anu ngawengku: Standar Kompetnsi Lulusan, Standar Isi, Standar Pross,
sareng Standar Penilaian. ta katangtosan kedah kacangkem sareng kalaksanakeun
ku sakumna guru-guru basa jeung sastra daerah anu mancn tugas di SD/MI,
SMP/MTs, SMA/MA, sareng SMK/MAK.
Ieu buku bahan ajar teh dijudulan Pamekar Diajar Basa Sunda, sadayana aya
24 jilid, ngurung buku siswa 12 jilid sareng buku guru 12 jilid. Kalungguhanana
janten buku babon anggoeun di sakola nu aya di Jawa Barat. Buku murid
diajangkeun pikeun sakumna murid dumasar kana tingkatan kelas. Buku Murid
eusina medar materi ajar sareng pertanyaan-pertanyaan, latihan, tugas/pancen
anu raket patalina sareng kompetensi dasar (KD). Buku Guru eusina medar
silabus, mtodologi pangajaran, sareng valuasi, og mangrupi pangjembar buku
murid.
Komponn-komponn anu dimekarkeun boh dina buku murid atanapi
buku guru dumasar kana opat kaparigelan basa anu ngawengku ngaregepkeun,
nyarita, maca, sareng nulis anu diajarkeun mak pamarekan saintifik sareng
penilaian autntik. Hal ieu dumasar kana karakteristik Kurikulum 2013
nu ngalarapkeun pamerakan saintifik sareng penilaian autntik dina pross
pangajaran.
Disusuna ieu buku th mangrupa lajuning laku tina Surat Edaran
Kepala Dinas Pendidikan Provinsi Jawa Barat, Nomor 423/2372/Setdisdik, 26
Maret 2013, negunaan Pembelajaran Muatan Lokal Bahasa dan Sastra Daerah
pada jenjang SD/MI, SMP/MTs, SMA/MA, SMK/MAK. Sajabi ti eta, og

v
dumasar kana Peraturan Gubernur Jawa Barat Nomor 69 Tahun 2013, ngeunaan
Pembelajaran Muatan Lokal Bahasa dan Sastra Daerah pada Jenjang Pendidikan
Dasar dan Menengah.
Muga-muga wa ieu buku th aya manpaatna ka urang sadaya, tur janten
cukanglantaran dina merenahkeun sareng memeres basa jeung sastra daerah,
anu udagan langkung tebihna pikeun ngamumul sareng mekarkeun basa jeung
sastra darah, ngalangkungan jalur atikan di Jawa Barat.
Tangtosna og ieu buku th teu acan tiasa disebat sampurna. Ku margi
kitu, teu kinten diantos-antosna kamadang ti sadayana. Saukur kakirangan anu
nyampak dina ieu buku bakal teras didangdosan, supados tiasa nyumponan
pameredih sareng kaayaan pajaman.

Bandung, Desember 2013


Kepala Balai Pengembangan
Bahasa Daerah dan Kesenian,

Drs. H. Husen R. Hasan, M.Pd.


Pembina Tk. I
NIP. 196110051986031014

vi
PANGJAJAP

Kurikulum 2013 saenyana mangrupa Kurikulum Berbasis Kompetnsi


(KBK) pikeun nyanghareupan panka jaman, utamana mah kompetnsi atawa
kamampuh abad ka-21. Dina ieu abad, dak teu dak butuh karancagan dina
rupining widang, kaasup kamekaran thnologi, informasi, jeung komunikasi
(TIK) milu nangtukeun warna pangajaran basa Sunda.
Luyu jeung ta hal, rumusan kompetnsi sikep (agama jeung sosial), kaweruh,
jeung kaparigelan nu dipak dadasar dina Kurikulum 2013 kudu ngaheulakeun
pentingna karancagan jeung komunikasi. Najan kitu, dina pangajaran basa
Sunda mah dititnan og kahasan basa jeung budaya Sunda minangka mdia
jeung wahana pangajaran basa Sunda.
Tma-tma dina buku pangajaran basa Sunda diluyukeun kana tma-tma
dina pangajaran tmatis SMP/MTs nu sipatna nasional. Kompetnsi nu dipiharep
ku barudak SMP/MTs dirumuskeun minangka kamampuh mikir jeung
paripolah nu rancag dina ranah nyamuni (abstrak) jeung nembrak (konkrit).
Eta kamampuh th dicskeun dina kompetnsi inti (KI) anu dipidangkeun ku
kaweruh dina basa Sunda anu bener tur merenah, ngntp seureuh, sarta luyu
jeung kontks situasi. Eta kamampuh th dirarancang dina pross pangajaran
winangun papancn (project based learning) jeung ngorhan (discovery learning)
anu nyoko kana lngkah-lngkah ngilmiah (saintifik) kayaning nitnan, nanya,
nyoba (nyungsi), nalar, jeung kedaling (ngomunikasikeun).
Ieu buku ngawincik tarkah minimal nu kudu dipilampah ku murid dina
ngahontal kompetnsi nu dipiharep. Luyu jeung pamarekan dina Kurikulum
2013, murid diperedih ged kawanina tur kadak dina ngorhan kaweruh perkara
basa jeung sastra Sunda, anu engkna parigel mak basa Sunda. Dampakna murid
boga sikep anu had kana basa jeung sastra Sunda katut hirup kumbuhna, bari
teu mopohokeun sikep agama.

vii
Tangtu wa ra knh kahngkran ieu buku th. Panyawad katut
pangdeudeul pikeun nyampurnakeun ieu buku pohara dianti-atina.

Bandung, Oktober 2013

viii
DAPTAR EUSI

PANGBAGEA:
1. Kepala Dinas Pendidikan
Provinsi Jawa Barat _ iii

2. Kepala Balai Pengembangan Bahasa Daerah dan Kesenian Dinas


Pendidikan Provinsi Jawa Barat _ v

PANGJAJAP _ vii

BA B I: PITUDUH UMUM
A. Ngeunaan Buku Tuturus Guru ......................................................... 2
B. Padika Make Buku Tuturus Guru ..................................................... 2
C. Tatapakan Formal ........................................................................... 4
D. Sistim, Prinsip, jeung Pamarekan Pangajaran ..................................... 4
E. Standar Kompetensi Lulusan (SKL) .................................................. 5
F. Proses Pangajaran ............................................................................ 5
G. Kompetensi Inti (KI) jeung Kompetensi Dasar (KD) Kelas XII
SMA/MA/SMK/MAK ................................................................... 6

BAB II: PITUDUH HUSUS


Pangajaran 1: Wawacan
A. Ngimeutan Wawacan ...................................................................... 10
B. Proses Penilaian ............................................................................... 21

Pangajaran 2: Carita Pantun


A. Ngimeutan Carita Pantun ................................................................ 25

ix
Pangajaran 3: Artikel
A. Ngaidntifikasi Artikel ..................................................................... 57
B. Ngaguar Artikel .............................................................................. 63
C. Gagasan Utama Jeung Rangkay Tulisan............................................. 66

Pangajaran 4: Pemandu Acara


A. Ngaidntifikasi Pemandu Acara ........................................................ 71
B. Pertanyaan Umum Sabudeureun Pemandu Acara .............................. 76
C. Ngumpulkeun Informasi Sabudeureun Tks Pemandu Acara ............. 76
D. Ngolah Informasi Ngunaan Tks Pemandu Acara .............................. 79
E. Midangkeun Hasil Nyusun Tks Pemandu Acara............................... 80

Pangajaran 5: Tarjamahan
A. Ngimeutan Tarjamahan .................................................................... 81
B. Maca Teks Tarjamahan...................................................................... 84
C. Pertanyaan Umum Sabudeureun Tks Tarjamahan ............................. 85
D. Ngumpulkeun Informasi Sabudeureun Tks Tarjamahan .................... 85
E. Ngumpulkeun Informasi Sabudeureun Tks Tarjamahan .................... 88
E. Midangkeun Hasil Tarjamahan ......................................................... 90

Pangajaran 6: Carita Pantun


A. Ngaidntifikasi Naskah Drama ......................................................... 91
B. PertanyAan Umum Sabudeureun Drama .......................................... 93
C. Ngumpulkeun Informasi Sabudeureun Drama .................................. 94
D. Ngolah Informasi Sabudeureun Drama ............................................. 103
E. Midangkeun Jeung Ngaragakeun Naskah Drama............................... 104

BAB III: PITUDUH MEUNTEUN


A. Meunteun Kriteria Ketuntasan Minimal (Kkm) ................................ 106
B. Instrumen Meunteun Umum ........................................................... 107
C. Instrumen Meunteun Husus ............................................................ 110
D. Refleksi ......................................................................................... 113

PABUKON .......................................................................................... 115

x
B ab
I

Pituduh Umum

1
A. NGEUNAAN BUKU TUTURUS GURU
Ieu buku disusun sangkan guru meunang gambaran anu cs dina
ngalaksanakeun kagiatan pangajaran basa Sunda. Eusina ngawengku sawatara
hal.
1. Wincikan lngkah-lngkah pangajaran dina raraga mr gambaran ka guru
pikeun ngahontal kompetnsi dasar (KD) jeung indikator.
2. Susunan lngkah-lngkah kagiatan anu ngagambarkeun pangajaran nu
gumulung tur ngamalir.
3. Lngkah pangajaran nu disusun dipiharep bisa ngahontal pangalaman
diajar nu miharti (meaningfullnes) pikeun ngawangun sikep jeung paripolah
had, ngawasa konsp, kaparigelan mikir nu ilmiah (saintifik), kamampuh
ngarngskeun masalah, karancagan, pribadi nu sonagar (rplktif), tur
numuwuhkeun rasa basa Sunda.
4. Dadaran rupining thnik pikeun meunteun kamampuh murid.
5. Wawaran pikeun calecer (acuan) kagiatan rmdial jeung ngajembaran
pangaweruh murid.
6. Pidangan kagiatan diajar nu silih simbeuh tur silih ldan (sharing).
7. Pituduh ngeunaan cara mak buku babon murid.

Kagiatan dina ieu buku dirarancang pikeun mekarkeun kamampuh


(sikep, kaweruh, jeung kaparigelan) murid kalawan gumulung tur rinka. Ari
paripolahna ngawengku:
1. Muka pangajaran ku karep murid saperti maca atawa ngaregepkeun tks,
tumanya, ngawih, kaulinan, dmonstrasi, pidangan masalah, jst.
2. Nepikeun tujuan pangajaran nepi ka murid bisa nyangreb wawaran nu
ditepikeun.
3. Ngali kaweruh murid sammehna sangkan bisa ngait jeung kaweruh nu
bakal diulik.
4. Papancn nu malapah gedang sangkan murid kabantu dina nyangkem
konsp.
5. Mr lolongkrang pikeun ngalatih kaparigelan murid.
6. Mr unduring laku (umpan balik) pikeun ngukuhan pamahaman murid.

B. PADIKA MAKE BUKU TUTURUS GURU


Ieu buku Tuturus Guru th mibanda kagunaan ganda, jaba ti pituduh mak
buku babon murid og jadi calecer (acuan) keur kagiatan pangajaran di kelas.
Guru dipiharep nitnan heula sawatara hal nu dipidangkeun dina ieu buku.

2 Diajar B A S A S U N D A
Pamekar D
Buku Tuturus
Tut Guru SMA/MA/SMK/MAK Kelas XII
1. Baca heula ieu buku kalawan telik tur imeut unggal kacana.
2. Cangkem heula tiap-tiap KD jeung indikator pangajaran.
3. Tarkahan pikeun ngasupkeun KI-1 jeung KI-2 dina sakumna kagiatan
pangajaran. Guru kudu nguatan jeung ngukuhan tarkah pikeun ngawangun
sikep, kaweruh, katutg paripolah murid anu had.
4. Deudeul kahontalna KI-1 jeung KI-2 ku kagiatan pembiasaan,
pieunteungeun, pituladeun, jeung kultur di sakola anu had.
5. Luyukeun tiap-tiap lngkah kagiatan dina buku tuturus guru jeung buku
babon murid.
6. Mekarkeun gagasan rancag dina milih padika pangajaran. Sungsi og kagiatan
sjn lamun kaayaan teu luyu jeung naon-naon nu geus dirarancang.
7. Rupining stratgi pangajaran nu rk dimekarkeun (kayaning murid nitnan,
nanya, nyaritakeun, metakeun, ngawih, jst.)kudu ngalibetkeun muridna
sorangan jeung ngalibetkeun warga atawa lingkungan sakola.
8. Guru dipiharep mekarkeun:
a. Mtode pengajaran aktif, inovatif, kratif, fktif, dan menyenangkan
(PAIKEM);
b. Timbang-timbang og mak pamarekan komunikatif jeung kontkstual;
c. Kaparigelan nanya atawa tumanya;
d. Kaparigelan muka jeung mungkas pangajaran;
e. Kaparigelan ngolah kelas jeung pidangan kelas.
9. Gunakeun media jeung sumber diajar nu aya di sabudeureun sakola atawa
patali jeung sosial budaya Sunda.
10. Alokasi waktu nyoko kana struktur kurikulum. Guru bisa nangtukeun
sorangan alokasi waktu luyu jeung minggu fktif, situasi katut kaayaan di
sakola.
11. Dina sataun ajaran kelas X aya salapan materi anu kudu dibagi ku guru
kalawan proporsional keur dua semstereun. Kudu ditimbang-timbang og
alokasi waktu antara semster I jeung semster II sangkan pangajaran bisa
ditepikeun luyu jeung alokasi waktu anu nyampak.
12. Unggal matri galeuh rata-rata dirarancang keur sabulaneun (4 x
lawungan).
13. Kagiatan dina minggu kahiji dimimitian ku nitnan bahan, karep rsptif
(ngaregepkeun jeung maca), minggu kadua mangrupa kagiatan nyoba jeung
ngulik, ari minggu katilu jeung kaopat ngalarapkeun atawa midangkeun
(kagiatan kratif nulis jeung nyarita) hasil tina minggu kahiji jeung
kadua. Murid digiring sangkan kaasah daya nalar jeung mikirna kalawan
ngaleunjeur. Kagiatan dirarancang pikeun mr lolongkrang tumanya jeung
ngali wawaran nu deukeut jeung murid.
Bab I 3
PITUDUH UMUM
14. Hasil pagawan murid jeung bukti peunteun bisa dikumpulkeun dina
portofolio murid.
15. Pikeun tarkah ngoman diri jeung minggu fktif, jieun catetan rfleksi
sanggeus hiji tma atawa bahan rngs katepikeun.
16. Deudeul murid sina resepeun kana basa Sunda sarta yakinkeun yn manhna
th cerdas tur bisa.
17. Sangkan tujuan pangajaran kahontal, guru og perlu saregep, enya-enya,
tur sabar dina nyanghareupan murid. Ari sababna, kamampuh murid th
bda-bda. Katambah-tambah teu sakumna padika pangajaran loyog pikeun
sakumna guru, murid, tempat, waktu, jeung bahan ajar.

C. TATAPAKAN FORMAL
Bahan ajar basa Sunda anu dipidangkeun dina ieu buku dumasarkana
Kurikulum 2013, ngawengku kasang tukang, karakteristik, jeung tujuanan.
Kurikulum basa Sunda atawa Kompetensi Inti jeung Kompetensi Dasar (KIKD)
Mata Pelajaran Basa jeung Sastra Sunda disusun jeung dikaluarkeun ku Balai
Pengembangan Bahasa Daerah dan Kesenian (BPBDK), Dinas Pendidikan
Provinsi Jawa Barat. Lamun disusud ka luhurna, ngindungna mah tangtu wa
kana Kurikulum Tingkat Nasional, da nu ieu mah kaasup kana Kurikulum
Daerah (Kurda).
Kurikulum Basa Sunda anu disusun ku BPBDK th diwincik jadi KIKD, luyu
jeung pola struktur Kurikulum Nasional. KIKD disusun mangrupa struktur anu
maneuh, tur salawasna kudu jadi padoman dina kagiatan diajar-ngajar. Cindekna,
sajeroning guru ngajarkeun basa Sunda, dipahing mngpar tina katangtuan KIKD,
tma, jeung alokasi waktu. Ari dina lebah milih bahan katut ngajarkeunana mah
guru dibr lolongkrang keur ngembangkeun karancaganana.
Ieu buku poma ulah dianggap hiji-hijina sumber keur tuturus guru. Ari
sababna, naon-naon nu diperedih ku KIKD th moal sagemblengna kacumponan
mun ukur ngandelkeun tina hiji sumber. Kudu aya sumber-sumber lianna pikeun
pangrojong kagiatan diajar-ngajar, di antarana mdia massa, bagbagan palmuan
lianna, jeung kondisi sosial budaya masarakat Sunda. Nya ka lebah dinya pisan
guru kudu rancingeus pikeun nngan jeung ngungkab bahan pangrojong
sangkan KIKD bisa kahontal jeung kacumponan.

D. SISTIM, PRINSIP, JEUNG PAMAREKAN PANGAJARAN


Sakabh matri dina ieu buku diluyukeun jeung sistem pidangan buku
babon murid, nu dipidangkeun mak sistem spiral; dimitian ti nu babari heula,

4 Diajar B A S A S U N D A
Pamekar D
Buku Tuturus
Tut Guru SMA/MA/SMK/MAK Kelas XII
terus ningkat ka nu hs. Heula pandeurina nyusun bahan anu dumasar kana
babari hsna th tumerap kana saban pangajaran.
Sistem spiral anu dignakeun dina ieu buku dumasar kana prinsip proporsional,
tur tahapan (gradasina) henteu patarenggang. Hal ieu bisa tumerap dina wangun
lahiriahna (panjang-pondokna, basajan-kompleksna) kecap, kalimah, atawa
wacana, bisa deuih dina eusi atawa substansina (gampang-henteuna).

E. STANDAR KOMPETENSI LULUSAN (SKL)


SMA/SMK/
Ranah SD/MI SMP/MTs
MA/MAK
Sikep Nampa, ngajalankeun, ngajnan, jeung ngamalkeun

Pribadi nu iman, ahlak mulya, percaya diri jeung tanggung jawab


dina patali marga kalawan merenah jeung lingkungan masarakat,
alam sabudeureun, sarta dunya katut adabna.
Nampa, nanya, nyoba, ngolah, midangkeun, nalar, jeung
Kaparigelan
ngalarapkeun
Pribadi nu mampuh mikir jeung lumampah kalawan merenah tur
rancag dina ranah nyamuni (abstrak) jeung nembrak (konkrit).

Kaweruh Mikanyaho, nyangkem, nerangkeun, ngolah, jeung meunteun.

Pribadi nu ngawasa lmu kaweruh, thnologi, seni budaya, sarta


wawasan kamunasaan, kabangsaan, kanagaraan, jeung paradaban.

F. PROSES PANGAJARAN
Pross pangajaran lumangsung mak pamarekan saintifik, anu lngkah-
lngkahna:
1. Nitnan (mengamati), ku cara maca, ngaregepkeun, atawa nongton;
2. Nanya (menanya), ku cara ngayakeun tanya jawab atawa sawala;
3. Nalar (menalar/mengasosiasi), ku cara nambahan kaweruh anu leuwih
jembar;
4. Nyungsi atawa nyoba (eksplorasi/eksperimen);
5. Midangkeun, ngedalkeun, atawa nepikeun (mengkomunikasikan)
6. Ngawangun ramatloka (networking) ku cara nangan bahan tina sumber anu
lian.
Bab I 5
PITUDUH UMUM
G. KOMPETENSI INTI (KI) JEUNG KOMPETENSI
DASAR (KD) KELAS XII SMA/SMK/MA/MAK
KOMPETENSI INTI (KI) KOMPETENSI DASAR (KD)

12.1.1 Mensyukuri anugerah Tuhan YME


akan keberadaan bahasa Sunda dan
menggunakannnya sesuai dengan kaidah
12.1 Menghayati dan dan konteks sosial budaya sebagai sarana
mengamalkan ajaran komunikasi melalui WAWACAN,
agama yang dianutnya CARITA PANTUN,ARTIKEL,
MEMANDU ACARA, TERJEMAHAN,
DRAMA (teater, gending karesmen dan/
atau longser)

12.2 Menghayati dan


mengamalkan 12.2.1 Menunjukkan perilaku jujur, disiplin,
peduli, dan santun, dan proaktif dalam
perilaku jujur, disiplin,
menggunakan bahasa Sunda untuk
tanggungjawab, peduli mengapresiasi WAWACAN dan CARITA
(gotong royong, PANTUN
kerjasama, toleran,
damai), santun, 12.2.2 Menunjukkan perilaku jujur, disiplin,
responsif dan proaktif peduli, santun, dan proaktif dalam
dan menunjukkan menggunakan bahasa Sunda untuk
sikap sebagai bagian memahami dan menyampaikan ARTIKEL
dari solusi atas dan TERJEMAHAN.
berbagai permasalahan 12.2.3 Menunjukkan perilaku jujur, disiplin,
dalam berinteraksi peduli, santun, dan proaktif dalam
secara efektif dengan berbahasa Sunda melalui MEMANDU
lingkungan sosial ACARA dan DRAMA (teater, gending
dan alam serta dalam karesmen dan/atau longser)
menempatkan diri
sebagai cerminan
bangsa dalam pergaulan
dunia

6 Diajar B A S A S U N D A
Pamekar D
Buku Tuturus
Tut Guru SMA/MA/SMK/MAK Kelas XII
12.3 Memahami, menerap- 12.3.1 Mengidentifikasi, dan menganalisis
kan, menganalisis teks WAWACAN berdasarkan kaidah-
pengetahuan faktual, kaidahnya secara lisan dan tulisan
konseptual, prosedural 12.3.2 Mengidentifikasi dan menganalisis teks
berdasarkan rasa CARITA PANTUN berdasarkan kaidah-
ingintahunya tentang kaidahnya secara lisan dan tulisan
ilmu pengetahuan,
teknologi, seni, budaya, 12.3.3 Mengidentifikasi dan menganalisis teks
dan humaniora dengan ARTIKEL berdasarkan kaidah-kaidahnya
wawasan kemanusiaan, secara lisan dan tulisan.
kebangsaan, kene- 12.3.4 Mengidentifikasi dan menganalisis teks
garaan, dan peradaban TERJEMAHAN berdasarkan kaidah-
terkait fenomena dan kaidahnya.
kejadian, serta mene-
rapkan pengetahuan 12.3.5 Mengidentifikasi dan menganalisis teks
prosedural pada bidang PANDUAN ACARA berdasarkan kaidah-
kajian yang spesifik kaidahnya secara lisan dan tulisan.
sesuai dengan bakat 12.3.6 Mengidentifikasi dan menganalisisteks
dan minatnya untuk DRAMA berdasarkan kaidah-kaidahnya
memecahkan masalah secara lisan dan tulisan.

12.4.1 Menanggapi dan mengonversi teks


WAWACAN sesuai dengan kaidah-
kaidahnya.
12.4 Mengolah, menalar, 12.4.2 Menanggapi dan mengonversi CARITA
dan menyaji dalam PANTUN sesuai dengan kaidah-
ranah konkret dan kaidahnya.
ranah abstrak terkait
dengan pengembangan 12.4.3 Menyusun dan menanggapiteks
dari yang dipelajarinya ARTIKEL sesuai dengan kaidah-
di sekolah secara kaidahnya.
mandiri, dan mampu
menggunakan metoda 12.4.4 Menyusun, menyunting, dan menanggapi
sesuai kaidah keilmuan teks TERJEMAHAN dari bahasaIndonesia
atau bahasa lain ke dalam bahasa Sunda
atau sebaliknya sesuai dengan kaidah-
kaidahnya dengan bahasa yang baik dan
benar.

Bab I 7
PITUDUH UMUM
12.4.5 Menyusun, menyunting, dan
memperagakan PANDUAN ACARA
sesuai dengan kaidah-kaidahnya secara
lisan dan tulisan

12.4.6 Menanggapi dan memperagakan teks


DRAMA (teater, gending karesmen,
dan/atau longser) sesuai dengan kaidah-
kaidahnya.

8 Diajar B A S A S U N D A
Pamekar D
Buku Tuturus
Tut Guru SMA/MA/SMK/MAK Kelas XII
B ab
II

Pituduh Husus

9
P angajaran 1
WAWACAN

A. NGIMEUTAN WAWACAN
NO KAGIATAN
Samemeh proses pangajaran, guru ngawanohkeun diri. Satuluyna
guru ngajelaskeun materi nu bakal diajarkeun, ngajentrekeun tema,
katut tujuan nu kudu dihontal ku siswa nyata mikawanoh wawacan.
1.
Dina ieu matri, siswa dipiharep mampuh ngaidentifikasi wawacan.
Di sagigirin ti ta dipiharep siswa ngaronjatkeun kasadaranana pikeun
mikareueus basa jeung budayana.
Pikeun ngirut minat siswa kana pangajaran, guru ngajak siswa
kalibet sacara langsung kana matri nu baris dipedar ku cara muka
wawasan siswa ngeunaan kasusastraan Sunda. Satuluyna, guru
ngamimitian pangajaran ku cara ngasongkeun tks atawa pintonan
wawacan Panji Wulung karya RH. Muhamad Musa.
Ieu bacaan anu aya di handap th cutatan tina wawacan. Pk
ku hidep ilo sing gemet nepi kacangkem eusina sempalan Wawacan
Panji Wulung ieu di handap!
ASMARANDANA
Sambatna Nyi Tunjung Sari, ku raja henteu dimanah, enggeus
dimeureunkeun ba, tangtu nampik kana dosa, jeung lumbrah
2. manusa, di mana nu maling ngaku, enggeus kudu nampik dosa.
Nya kitu deui Panolih, sasambatna teu padah, caturkeun geus
nepi ba, ka pakuwon kapatihan, Ki Patih langkung susah, tina
watirna kalangkung, ka ta Nyi Tunjung ta.
Ku Ki Patih geus kajudi, yn dijerum ku maruna, sanajan Ajar g
bohong, ku Ki Patih geus katingal, enggeus meunang dongdonan,
nu matak Ajar sakitu, diupah ku Pramswara.
KINANTI
Laju lampah Panji Wulung, diiring ku Jayapati, Ki Janggali Ki
Janggala, jeung baturna Jayapati, ngaran Ki Kebo Manggala, kalima
Kebo Rarangin.

10 Diajar B A S A S U N D A
Pamekar D
Buku Tuturus
Tut Guru SMA/MA/SMK/MAK Kelas XII
Turun gunung unggah gunung, nyorang lebak nyukang pasir,
ngaliwat kana bubulak, sampalan badak jeung sapi, jauh cunduk
anggang datang, sumping damping ka basisir.
Raden ngantosan parahu, calikna dina kikisik, disasarap
dangdaunan, daun bakung jeung badori, tamba kesel sasauran,
nyaritakeun Ajar tadi.
Raden Panji Wulung nyaur, kula inget omong tadi, barto paman
bbja, lampahna ajar nu tadi, basana dihaturanan, ka Sokadana ku
Gusti.
Keur norah seliran ratu, nu dituding pajar julig, selir th saha
ngaranna, jeung saha lawanna julig, Jayapati ngawalonan, sumuhun
kanyaho kuring.
Eukeur caturing pitutur, ngaranna Nyi Tunjungsari, asal urang
Balangbangan, lalakina pun Panolih, cariosna dipahan, malah katut
pun Panolih.

PANGKUR
Seja nyaba ngalalana, ngitung lembur ngajajah milangan kori,
henteu puguh nu dijugjug, balik Paman sadayana, nu ti mana tiluan
semu rarusuh, lurah bgal ngawangsulan, aing ngaran Jayapati.
Ciknh mentas dibgal, tujuh jalma modar taya nu ngari,
bangkna tujuh patumpuk, balik manh ayeuna, lamun masih
knh manh hayang hirup, kadieukeun banda sia, ku aing moal
dipeuncit.
Rahadn Panji ngandika, bari msem Paman takabur teuing,
pati batur diganggu, mangk caralik heula, ieu catang nu malang
sumangga panggul, lamun kapanggul ku paman, kaula sumeja
ngiring.
Jeung nyanggakeun babadaan, tapi lamun ku paman teu kaindit,
ku kula meureun dipanggul, ta minangka tanda, jadi lh saha nu
teu kuat manggul, melengk ki lurah bgal, pikirna geus rada risi.
Neuleu catang nu malang, ged pisan tangtu moal kaindit,
maksakeun manh pk nangtung, catang tuluy dipundak, teu kabawa
ksangna datang ka ngucur, henteu obah-obah acan, msem leleb
Radn Panji.
Ki Jayapati nyentak, manh og moal enya kaindit, lamun ku
manh kajungjung, kami seja kumawula, rk nuturkeun ka mana anu
dijugjug, ngadeg Radn Panji dangdan, catang dipanggul kaindit.
(Dicutat.......................)

Bab I 11
PITUDUH HUSUS
NO KAGIATAN
Sanggeus nitnan tks wawacan atawa nyaksian pidangan wawacan
di luhur, siswa dikondisikeun pikeun nanyaakeun ngeunaan materi
3. wawacan ku kalimah: Kekecapan naon ba anu ku hidep teu
dipikaharti? Naon anu aya dina pikiran hidep sabada maca atawa
nyaksian pintonan wawacan? Prak susun dina wangun pertanyaan!

Guru nganteur jeung marengan siswa ngawangun kontks pangajaran


4. ngaliwatan ngumpulkeun atawa nuliskeun deui kekecapan nu teu
dipikaharti jeung pertanyaan-pertanyaan hasil panitn siswa.

1. MIHARTI KECAP:

Kecap Hartina Kecap Hartina

Pakarangan imah boga


Tegal di tengah
sorangan
Pakuwon Sampalan leuweung tempat
(pakarangan karaton
nyatuan sato jarah
karajaan)

Tempat (kantor) patih Sisi laut nu mayat


Kapatihan Kikisik
karajaaan magaw sarta keusikan

Kajudi Kaharti Norah Ngaramal

Pangontrog
Dongdonan Kori Lembur, nagara
(diontrog, didatangan)

Pramswari Pamajikan Ngandika Nyarita, ngomong

Landeuh, tempat nu
Lebak leuwih handap sabalikna Kaindit Kaangkat, kabawa
tonggoh

Gunung leutik jeung Hookeun, ngarasa


Pasir Melengk
handap hran

Tegal dina lamping


Bubulak gunung atawa lamping Kumawula Ngawula, babakti
pasir

12 Diajar B A S A S U N D A
Pamekar D
Buku Tuturus
Tut Guru SMA/MA/SMK/MAK Kelas XII
2. PERTANYAAN UMUM NGEUNAAN WAWACAN
NO KAGIATAN
Guru bisa nambahan pertanyaan anu tacan ditepikeun ku siswa
1. Naon ari wawacan th?
2. Kumaha cara macana?
3. Iraha dipagelarkeunana?
5.
4. Naon ari beluk?
5. Pupuh naon anu digunakeunana?
6. Kumaha palanggeran pupuhna?
7. Kumaha ngahariringkeunana?

3. MAHAM STRUKTUR WAWACAN


NO KAGIATAN

Guru ngeuyeuban pangaweruh siswa ku cara medar babarengan


(diskusi kelompok atawa diskusi kelas) pertanyaan siswa ngeunaan
struktur jeung tiori wawacan.
Karya sastra wangun wawacan th baheula mah ngabogaan fungsi
jeung kalungguhan anu kawilang penting dina kahirupan urang
Sunda. Wawacan th karangan panjang lantaran suasana carita anu
beda-beda tur ngagunakeun patokan pupuh. Lebah midangkeunana,
wawacan th sok dibaca terus dibelukkeun (ditembangkeun). Nu
matak pagelaran maca wawacan th sok disebut oge pintonan
beluk. Demi pintonan wawacan sok ditanggap pikeun kapentingan
6. salametan (ritual) jeung kalangenan (hiburan). Geus jadi hal anu
lumbrah lamun umur orok geus manjing 40 po sok disalametkeun
ku cara nanggap wawacan. Kitu deui pikeun salametan imah, tulak
bala hiji lembur sok nanggap wawacan deuih. Di sagdngeun pikeun
salametan, wawacan oge sok dijadikeun pidangan mandiri (pikeun
hiburan). Masarakat jaman harita mah can ceuyah sarana hiburan
jiga kiwari, hayang meunang hiburan ku cara ngabandungan eusi
(jejer) carita ku cara dipangmacakeun, lantaran harita mah jalma nu
mampuh maca th kawilang saeutik. Kiwari mah pagelaran maca
wawacan (ngabeluk) th bisa disebutkeun geus jarang pisan, lantaran
ceuyahna rupa-rupa hiburan nu antukna ngagsr kalungguhan
wawacan.

Bab I 13
PITUDUH HUSUS
Wawacan mangrupa carita anu didangding, ditulis dina wangun
puisi pupuh. Bdana jeung guguritan, wawacan mah mangrupa
lalakon. Pupuh anu dipakna og henteu hiji ba, tapi gunta-
ganti tur loba. Upamana ba nu aya dina Wawacan Purnama Alam
karangan R. Suriadiredja. Pupuh anu dipakna nyata Asmarandana
(1808 pada), Sinom (1684 pada), Dangdanggula (1374 pada),
Pangkur (594 pada), Magatru (261 pada), Kinanti (204 pada),
Pucung (161 pada), Mijil (140 pada), Maskumambang (36 pada),
jeung Durma (35 pada). Upama dina guguritan pupuh anu loba
dipak th Asmarandana, Dangdanggula, Kinanti jeung Sinom; ari
dina wawacan mah pupuh anu loba dipak th nyata Asmarandana,
Dangdanggula, Pangkur, jeung Sinom. Pupuh nu carang dipak dina
wawacan nyata Balakbak, Ladrang, Gambuh, Gurisa, Wirangrong,
jeung Jurudemung.
Nurutkeun para ahli gelarna wawacan dina sastra Sunda th
lantaran pangaruhna tina sastra Jawa. Asupna kana sastra Sunda kira-
kira dina mangsa kadua abad ka-19. Harita Tatar Sunda dierh ku
karajan Mataram (Islam). Parabupati Sunda, utamana anu wewengkon
Priangan, wajib sba ka Mataram. Ayana di Mataram th tara
sakeudeung-sakeudeung. Balikna mawa sawatara adat-cahara di ditu
ka Tatar Sunda. Salian ti ta, teu saeutik deuih pangagung urang
Mataram anu ditempatkeun di Urang. ta kaayaan th beuki nguatan
adat-cahara anyar paramnak Sunda. Pangaruhna dina widang sastra,
urang Sunda mimiti wanoh kana guguritan jeung wawacan.
Lain paramnak ba deuih anu ged andilna asupna wawacan
kana sastra Sunda th. Paraulama og teu lh ged andilna.
Kalolobaan ulama atawa ajengan anu boga pasantrn di urang,
sammhna kungsi masantrn di Wtan. Teu bda ti parabupati,
balikna mawa adat-cahara ti ditu. Nya di antarana mawa wangun
guguritan jeung wawacan. Malah nerekabna para ajngan. Salah
sahiji buktina, nepi ka kiwari masih knh kapanggih wawacan-
wawacan anu ditulis ku aksara Arab (Pgon) di pilemburan anu
singkur. Eusina mangrupa dawah Islamiyah.
Mekarna wawacan di urang th ngaliwatan sababaraha tahap.
Dina tahap kahiji lalakon-lalakon wawacan tina sastra Jawa th
langsung disalin, henteu disundakeun, mangrupa naskah. Tahap
kadua, tmbong usaha narjamahkeun (nyalin) kana basa Sunda,
sangkan eusina kaharti ku balara. Tahap katilu, lain narjamahkeun,

14 Diajar B A S A S U N D A
Pamekar D
Buku Tuturus
Tut Guru SMA/MA/SMK/MAK Kelas XII
tapi nyipta carita-carita nu geus nyampak ti baheula dina wangun
wawacan, saperti tina dongng, hikayat, jeung babad. Tahap kaopat,
sabada aya tknologi citak, wawacan anu tadina mangrupa naskah
th ra anu diterbitkeun mangrupa buku; dibarengan ku ciptaan-
ciptaan alanyar, sarta wandana og anyar.
Karya sastra wangun wawacan umumna ngabogaan unsur
struktur nu maneuh, nyata manggalasastra (alofon), eusi, jeung
panutup atawa kolofon. Manggalasastra (alofon) eusina sanduk-sanduk
papalaku (mnta idin) ka Nu Maha Kawasa jeung ka karuhun, sarta
mnta panghampura kana kahngkran nu nulis atawa nu nyusun
ta wawacan. Panutup (kolofon) kauni dina akhir carita nu eusina
titimangsa ditulis atawa disalinna ta wawacan, bari sakalian mnta
panghampura nu nulis kana sagala katunaanana. Umumna nu nulis
wawacan sok dp-dp tur ngarumasakeun. Geura ieu di handap
kapidangkeun conto manggalasastra jeung kolofon wawacan.

Manggalasastra:
Kasmaran kaula muji,
ka Gusti Ajawajala,
nu murah ka mahluk kabh,
jeung muji utusanana,
Kangjeng Nabi Muhammad,
nyata Nabi panutup,
miwah muji sahabatna
(Wawacan Rengganis)

Kolofon:
Tamatna kaula ngarang
Pukul tujuh malem Kemis
di tanggal tujuh welasna,
kaleresan bulan April,
taun Kangjeng Masehi,
sarwu dalapan ratus,
jeung genep puluh dua,
marengan hijrahna Nabi,
sarwu dua ratus tujuh puluh dalapan
(Wawacan Panji Wulung)

Bab I 15
PITUDUH HUSUS
Wawacan ditepikeun ku cara ditembangkeun ngagunakan sora
anu tarik jeung ngelewung tarik pisan nu disebut beluk. Seni beluk
biasana dipintonkeun dina acara salametan, upamana dina acara
salametan orok, khitanan, gusaran, kawinan, jeung salamatan sabada
pann.

4. NGAGUAR EUSI WAWACAN


NO KAGIATAN
Siswa dibagi jadi sababaraha kelompok. Tiap kelompok
diwangun ku 4 urang. Siswa jeung kelompokna maca sempalan
tks Wawacan Babad Galuh
ASAL-USUL NGARAN KAWALI
Pupuh Pangkur
Nyai Ujung Sekarjingga, didangdanan beuteungna mak kawali,
jiga nu reuneuh nyemplu, dicandak ka payunan, dibandingkeun calikna
deukeut ka ratu, kocap Ajar Patih datang, geus aya payuneun gusti.
Lajng Ajar th haturan, jisim abdi ngahaturkeun pangabakti, ta
rupina sakitu, lajng Ratu mariksa, ta naon geuning kawas rupa daun,
pk Ki Ajar th haturan, reundeu asal ti nu ngirim.
Lamun kitu mah petana, manh Ajar mr srdan ka aing, Ratu
beuki tambah bendu, manh Ajar kawasa, cing seug taksir mangkna
7.
ngajuru, ieu pamajikan urang, medal pameget ka istri.
Ratu ngandika ka Ajar, ieu kasakit ku manh kudu leungit, manh
anu nyieun kitu, Ajar henteu tarima, teu mupakat pada jalma ngieun kitu,
wondning kudu walaras, ta sagala panyakit.
Sugan ba katarima, sembah puji ka Pangran sajati, miwah kangjeng
pararosul, ngan ta Nu kawasa, ngaleungitkeun kana sagalaning mahluk,
nu aya di alam dunya, di lahir reujeung di batin.
Ajar tuluy ngawalonan, nun sumuhun perkawis pariksa Gusti
kumaha kersana ratu, menggah taksiran abdi mah, ari babar mangk ta
Nyai Ujung, geus kantenan moal cidra, putrana ta lalaki.
Ratu gancang ngabebenda, Ajar manh th henteu sayakti, ayeuna
kudu dihukum, sababna hatur dora, lain reuneuh enya soth ta nyemplu,
meunang kami ngadandanan, dititah ngandung kawali.

16 Diajar B A S A S U N D A
Pamekar D
Buku Tuturus
Tut Guru SMA/MA/SMK/MAK Kelas XII
Tuluy Ajar seuseurian, heunteu pisan aya suker saeutik, kajeun teuing
Ratu bendu, manhna henteu susah, da geus tangtu ta kersana Yang
Agung, moal beunang diowahan, budakna medal lalaki.

Pupuh Sinom
Cing ayeuna geura buka, ku kami sing katingali, barang brak
dibarukaan, kawali heunteu kapanggih, enggeus leungit tanpa lebih,
kantun beuteung Ujung nyemplu, lajng reuneuh sayaktosna, hran kabh
nu ningali, tambah-tambah ratu bendu sarta wirang.
ta kawali didupak, ku Ajar keur waktu tadi, sammhna dibukaan,
ku Ajar enggeus ditarik, ninggangna ka sisi cai, dina sakuloneun lembur,
ngaranna th Selapanjang, mana disebut Kawali mana ta kitu tina
caritana.
Tuluy Ajar dibuburak, ku Ratu dititah balik, barang Ajar enggeus
pulang Ratu nimbalan ka Patih, h Patih jeung paramantri, geuwat ku
manh sarusul, Ajar th geura pahan, cacag mangka bijil peujit, tuluy
budal Patih reujeung balad-balad.
Ajar kasusul di jalan, dirojong ku paramantri, dicacag ditarumbakan,
tapi teu mental sahiji, keris tumbak reujeung bedil, kabh ta mararintul,
taya nu newek pisan, tuluy Ki Patih ngalahir, kersa Ratu Ajar kudu
dipahan.
Ditumbak kudu getihan, sarta kudu tijumpalik, h kutan kitu kersana,
sumangga ba Ki Patih, mana kitu engeus jangji, da kitu kersana Ratu,
tuluy Ajar th ditumbak, sarta barijilan getih, tapi ta getih th hrang
kacida.
(Tina Galuring Sastra, yasana Budi RT)

NO KAGIATAN
Siswa dibagi jadi sababaraha kelompok. Tiap kelompok diwangun ku
4 urang. Siswa ngadiskusikeun struktur Wawacan Babad Galuh:
1. Nangan kekecapan nu teu dipikaharti
8. 2. Medar guru wilangan jeung guru lagu pupuh sinom nu aya dina
sempalan Wawacan Babad Galuh
3. Unsur-unsur intrinsik karya sastra (Wawacan Babad Galuh)
4. Nyieun parafrase

Bab I 17
PITUDUH HUSUS
4.1. MIHARTI KECAP
Kecap Hartina Kecap Hartina
Ngaran wadah
Kawali sabangsaning pariuk Ngabebenda
(ngaran tempat di Ciamis)
Babakti, mintonkeun Sakti (ngudag guru
Pangabakti Sayakti
kasatiaan ka dunungan wilangan jadi sayakti)
Ngaran sabangsaning Lawang dina pager
Reundeu tutuwuhan anu sok dilalab Dora kampung atawa pager
daunna kebon
Srdan Ssa kadaharan Suker hs
Medal Bijil Diowahan Obah, robah
Cidra Jalir jangji Newek Nubles

4.2. NGALARAPKEUN KECAP DINA KALIMAH


KECAP KALIMAH
Kawali Kiki th pituin urang Kawali.
Pangabakti Sembah pangabakti th utamana keur nu jadi kolot.
Reundeu Bi Awit keur meungkeutan daun reundeu.
Srdan Ulah sok mr srdan ka tatangga, bisi jadi piomongeun.
Medal Panon po medal ti beulah wtan.
Cidra Ulah cidra kana jangji, moal aya nu mercaya deui.
Ngabebenda
Sayakti Raja Pajajaran th sayakti pilih tanding.
Dora
Suker
Diowahan
Newek Balati nu ngagurilap th newek kana jajantungna.

4.3. PALANGGERAN PUPUH SINOM


Padalisan Rumpaka Pupuh GW-GL
1. Cing ayeuna geura buka 8-a
2. ku kami sing katingali 8-1
3. barang brak dibarukaan 8-a
4. kawali heunteu kapanggih 8-1

18 Diajar B A S A S U N D A
Pamekar D
Buku Tuturus
Tut Guru SMA/MA/SMK/MAK Kelas XII
Padalisan Rumpaka GW-GL
5. enggeus leungit tanpa lebih 8-1
6. kantun beuteung Ujung nyemplu 8-u
7. lajng reuneuh sayaktosna 8-a
8. hran kabh nu ningali 8-1
9. tambah-tambah ratu bendu sarta wirang 12-a

4.4. UNSUR-UNSUR INTRINSIK KARYA SASTRA DINA


WAWACAN BABAD GALUH
UNSUR-UNSUR INTRINSIK KARYA SASTRA DINA WAWACAN
BABAD GALUH
Tma Palaku Galur Setting Amanat
1. Nyai Ujung Ulah
Sekarjingga Selapanjang nganggap
Kasaktn Ajar Kawali ntng kana
2. Ajar Patih Maju
Patih Di jalan lmu anu
3. Patih dipiboga ku
4. Raja hiji jalma

NO KAGIATAN
Siswa (wawakil kelompokna) dipiharep nyieun parafrase jeung
nyaritakeun deui ku basa sorangan.
Nyai Ujung Sekarjingga didangdanan, jeroeun bajuna, lebah
beuteungna diteundeunan pendil (kawali) ngarah siga aww nu keu
reuneuh, diukna dideukeutkeun ka raja. Teu lila ti harita Ajar Patih
datang.Tuluy nyembah ka raja. Ku raja ditanya, naon anu dibawana. Ajar
Patih ngajawab, yn manhna mawa daun reundeu. Raja ngambek, asa
dihina ku Ajar Patih.
9.
Satuluyna, raja nitah neguh anak anu baris dilahirkeun ku Nyai
Ujung Sekarjingga sarta Ajar Patih kudu nyageurkeun panyakitna
Nyai Ujung Sekarjingga. Ajar Patih nyarita ka raja yn anak nu bakal
dilahirkeun ku Nyai Ujung Sekarjingga th orok lalaki. Raja henteu
percayaeun sabab reuneuhna Nyi Ujung Sekarjingga ukur rkaan. Tapi
ku kasaktian Ajar patih, hal ta jadi kanyataan. Nyi Ujung Sekarjingga
bener-bener reuneuh. Pariukna ilang, didupak Ki Ajar patih, ragrag di
kuloneun lembur, nelah jadi Selapanjang.
Bab I 19
PITUDUH HUSUS
Raja kacida ambekna. Patih jeung paramantri karajaan dikeprik
pikeun ngudag jeung mahan Ajar Patih. Ajar Patih ditarumbak, dicacagan,
tina sakujur awakna baloboran getih, tapi getihna bet hrang kacida.

4.6. LATIHAN MAHAM MATRI WAWACAN


NO KAGIATAN
Pilih salah sahiji jawaban nu dianggap pangbenerna!
1. Pilih pernyataan nu dianggap pangbenerna
a. wawacan th baheula mah ngabogaan kalungguhan anu
penting
b. wawacan mangrupa kasenian tradisional
c. wawacan ditulis ku aksara Arab
d. wawacan mangrupa karangan panjang anu ditulis dina
wangun puisi pupuh
2. Jaman baheula, wawacan dipagelarkeun dina acara-acara saperti
di handap ieu, iwal:
a. sarngsna usum pann
b. salametan orok
c. kawinan
d. matang puluh po nu kapapatnan
3. Wawacan Purnama Alam mangrupakeun karangan:
10. a. RH. Muhamad Musa
b. R. Suriadiredja
c. Agus Suriamiharja
d. Abdullah Mustafa
4. Pupuh anu mindeng digunakeun dina wawacan diantarana
nyata saperti di handap ieu, iwal:
a. balakbak
b. kinanti
c. sinom
d. dangdanggula
5. Struktur carita wawacan nyata saperti di handap ieu:
a. bubuka, eusi, panutup
b. manggalasastra (alofon), eusi, panutup (kolofon)
c. kolofon, alofon, panutup
d. bubuka, kolofon, manggalasastra

20 Diajar B A S A S U N D A
Pamekar D
Buku Tuturus
Tut Guru SMA/MA/SMK/MAK Kelas XII
B. PROSES PENILAIAN
1. SIKAP SPIRITUAL
Nama Peserta Didik :
Kelas :
Tanggal Pengamatan :
Materi :
Skor
No. Aspek Yang Diamati Keterangan
4 3 2 1
Berdoa sebelum dan sesudah
1.
melakukan sesuatu
Mengucap syukur atas karunia
2. Tuhan sesuai agamanya masing-
masing
Memberi salam sesudah dan
sebelum berpendapat dalam
3.
presentasi sesuai ajaran agamanya
masing-masing
Mengucapkan asma keagungan
4. Tuhan apabila melihat kebesaran
Tuhan
Menambah rasa keimanan akan
5. keberadaan dan kebesaran tuhan
saat mempelajari ilmu pengetahuan
Jumlah Skor
Keterangan : Keterangan :
Baik sekali : 16-20 4 : selalu
Baik : 11-15 3 : sering
Cukup : 6-10 2 : kadang-kadang
Kurang : 1-5 1 : tidak pernah

2. SIKAP SOSIAL (jujur, disiplin, peduli dan santun)


2.1 Jujur
Nama Peserta Didik :
Kelas :
Tanggal Pengamatan :
Materi :

Bab I 21
PITUDUH HUSUS
Skor
No. Aspek Yang Diamati Keterangan
4 3 2 1
Tidak nyontek dalam melaksanakan ujian/
1.
ulangan
Tidak melakukan plagiat (mengambil/
menyalin karya orang lain tanpa
2.
menyebutkan sumber) dalam mengerjakan
setiap tugas
Mengemukakan perasaan terhadap
3.
sesuatu apa adanya
Melaporkan data atau informasi apa
4.
adanya
Mengakui kesalahan atau kekurangan
5.
yang dimiliki
Jumlah Skor

2.2 Disiplin
Nama Peserta Didik :
Kelas :
Tanggal Pengamatan :
Materi :
Melakukan
No. Sikap Yang Diamati Keterangan
Ya Tidak
1. Masuk kelas tepat waktu
2. Mengumpulkan tugas tepat waktu
3. Memakai seragam sesuai tata tertib
Tertib dalam mengikuti
4.
pembelajaran
Tertib dalam mengikuti
5.
pembelajaran
Mengikuti praktikum sesuai dengan
6.
langkah yang ditetapkan
7. Membawa buku tulis sesuai mata
8. Membawa buku tks mata pelajaran
Jumlah Skor
Keterangan :
Baik sekali : 7-8 ya
Baik : 5-6 ya
Cukup : 3-4 ya
Kurang : 1-2 ya

22 Diajar B A S A S U N D A
Pamekar D
Buku Tuturus
Tut Guru SMA/MA/SMK/MAK Kelas XII
2.3. Peduli/Toleransi
Nama Peserta Didik :
Kelas :
Tanggal Pengamatan :
Materi :
Skor
No. Aspek Yang Diamati Keterangan
4 3 2 1
1. Menghormati pendapat teman
Menghormati teman yang berbeda
2. suku, agama, ras, budaya, dan gender
Menerima kesepakatan meskipun
3. berbeda dengan pendapatnya
4. Menerima kekurangan orang lain
5. Mememaafkan kesalahan orang lain
Jumlah Skor
Keterangan : Keterangan :
Baik sekali : 16-20 4 : selalu
Baik : 11-15 3 : sering
Cukup : 6-10 2 : kadang-kadang
Kurang : 1-5 1 : tidak pernah

2.4. Santun
Nama Peserta Didik :
Kelas :
Tanggal Pengamatan :
Materi :
No. Aspek Yang Diamati Skor Keterangan
4 3 2 1
1. Menghormati orang yang lebih tua
Mengucapkan terima kasih setelah
2. menerima bantuan orang lain
3. Menggunakan bahasa santun saat
menyampaikan pendapat
Menggunakan bahasa santun saat
4. mengkritik pendapat teman
Bersikap 3S (salam, senyum, sapa) saat
5. bertemu orang lain
Jumlah Skor
Keterangan : Keterangan :
Baik sekali : 16-20 4 : selalu
Baik : 11-15 3 : sering
Cukup : 6-10 2 : kadang-kadang
Kurang : 1-5 1 : tidak pernah
Bab I 23
PITUDUH HUSUS
3. PENILAIAN KOGNITIF
3.1 Tugas Individu ke-1
Aspek Kosa Kata (Kabeungharan Kecap)
Nama Peserta Didik :
Kelas :
Materi :
No.

24 Diajar B A S A S U N D A
Pamekar D
Buku Tuturus
Tut Guru SMA/MA/SMK/MAK Kelas XII
P angajaran 2
CARITA PANTUN

A. NGIMEUTAN CARITA PANTUN


NO KAGIATAN
Sammh pangajaran dimimitian, aya hadna peserta didik
dikondisikeun pikeun saregep nyanghareupan pangajaran. Upamana
ba ngaliwatan pernyataan: Tos siap diajar Basa Sunda? Upami tos
siap, mangga kaluarkeun buku basa Sunda sareng alat tulisna. Pikeun
1.
ngawangun karakter disiplin, guru mariksa jeung ngajak ngararapih
pakan seragam siswa. Sanggeus kondisi siswa katingal saregep, guru
bisa ngamimitian muka pangajaran ku pertanyaan: Tiasa IbuBapa
ngawitan nerangkeun?
Guru nepikeun matri pangajaran anu rk dipedar nyata CARITA
PANTUN. Sammh prak nepikeun matri carita pantun, guru
2.
medar jeung ngahubungkeun jeung matri anu geus dibahas
(WAWACAN).
Guru nepikeun tujuan pembelajaran anu baris dihontal sabada
3.
diajar matri ngeunaan CARITA PANTUN.
4. Guru midangkeun vido rekaman carita pantun
Siswa maca teks carita pantun Lutung Kasarung

(Rajah Pamuka)
Bul kukus mendung ka manggung,
ka manggung neda papayung,
ka dwata neda suka,
5.
ka pohaci neda suci,
kuring rk diajar ngidung,
nya ngidung carita pantun,
ngahudang carita wayang,
nyilokakeun nyukcruk laku,
nyukcruk laku nu bahayu,

Bab I 25
PITUDUH HUSUS
mapay lampah nu baheula,
lulurung tujuh ngabandung,
kadalapan keur disorang,
bisina nerus narutus,
bisina narajang alas,
da puguh galuring tutur,

ngembat papatan carita,


ti mendi papisinieun,
ti mana pacaritaeun,
teuteureuh ti kahiyangan,
ditandan cupu manik,
cupu manik astagina,
dituruban ku mandepun,
diteundeun di jalan ged,
ditunda ku nu ngaliwat,
ku nu weruh di semuna,
ku nu terang bujaksana,
ku nu rancag di angen,
dibuka patinghaleuang,
nu mnta dilalakonkeun,
cag!
teundeun di handeuleum sium,
tunda di hanjuang siang
paranti nyokot ninggalkeun.

Kacaturkeun aya hiji nagara,


Nagara Pasir Batang Anu Girang.
Nagara mahmur kerta raharja,
gemah ripah loh jinawi.
Rajana Prabu Ageung Tapa,
pramswarina anu geulis Nitisuari.
Geus lawas mangku kaprabon,
ngaheuyeuk dayeuh ngolah nagara,
kalawan adil tur wijaksana.
Kangjeng Raja kagungan putra tujuh,
putrana th istri sadayana.
Anu cikal jenenganana Purbararang,
anu kadua Purbandah,
anu katilu Purbadwata.

26 Diajar B A S A S U N D A
Pamekar D
Buku Tuturus
Tut Guru SMA/MA/SMK/MAK Kelas XII
anu kaopat Purbakancana
anu kalima Purbamanik.
Nu pangais bungsu Purbaleuwih.
Ari bungsuna, Purbasari Ayu Wangi.

Kangjeng Raja geus lawas mangku kaprabon,


aya niat bad lirn tina kalungguhanana,
bad teras ngabagawan nyirnakeun pikir.
Lajeng badanten sareng pramswari,
ngabadantenkeun pigentoseunana,
jadi ratu di Nagara Pasirbatang Anu Girang.
Duanana sapuk milih pigentoseunana,
nyata si bungsu Purbasari Ayu Wangi.

njingna Kangjeng Raja ngayakeun kempelan.


Patih, paramantri, paraponggawa sami hadir.
Hmpak sadayana pangagung di Pasban Agung.
Rahayat karumpul ngariung di alun-alun.
Pok Kangjeng Raja sasauran, nyarioskeun niatna,
seja masrahkeun kaprabon lajeng ngabagawan.
Ari anu ditunjuk janten gegentosna,
nyata putri bungsu Purbasari Ayu Wangi.
Kangjeng Raja teras jengkar ti karaton.

Putrana anu cikal, Purbararang,


kacida ambekna pdah teu kapilih jadi ratu.
Boga rasa kalindih ku Purbasari.
Purbasari dicarkan bak beresih,
tuluy diboborhan ku kler nahun,
awak jeung beungeutna jadi lestreng.
Purbasari diusir ti karaton,
disingkurkeun ka Gunung Cupu,
dianteurkeun ku Paman Lngsr,
disina cicing di saung butut sisi lamping.

Kacaritakeun di Kahiyangan,
Guru Minda putra Sunda Ambu,
ngimpi patepung jeung putri geulis,
rupana sasemu jeung Sunan Ambu.
Jorojoy timbul rasa cintana ka ta putri,
kadudut kalbu kapentang asmara.

Bab I 27
PITUDUH HUSUS
Waktu riungan di pasban Kahiyangan,
Guru Minda maling-maling neuteup Ibu,
anu sasemu jeung putri dina impianana.

Kalakuan Guru Minda dianggap salah.


Guru Minda dititah indit ti Kahiyangan,
sarta kudu ka Buana Pancatengah.
Di dinya Guru Minda baris patepung
jeung putri anu sasemu jeung Sunan Ambu.
Guru Minda dibr baju lutung,
anu kudu dipak di Buana Pancatengah.
Ceuk Sunan Ambu, ta th mangrupa jalan
sangkan bisa papanggih jeung putri ta.

Guru Minda turun ti Kahiyangan,


nya anjog ka hiji leuweung geledegan,
leuweung anu aya di Buana Pancatengah.
Rap baju lutungna dipak,
jleg ba minda rupa jadi lutung.
Lutung lain salutung-lutungna,
tapi lutung anu kasarung ku lampahna.
Nya disebut ba Lutung Kasarung.

Urang caturkeun deui Nagara Pasirbatang.


Purbararang anu ayeuna geus jeneng ratu,
gawna ngan sukan-sukan jeung curak-curak.
Hiji mangsa, Ratu hayang daging lutung.
Tuluy ngajurungan Paman Lngsr,
nitah Aki Panyumpit ngala lutung.
Lutung kudu kabawa pasosor po ta,
lamun pamnta Ratu teu kacumponan,
Aki Panyumpit baris ditugel jangga,
dihukum pati ku cara diteukteuk beuheung.

Henteu talangk, Paman Lngsr indit,


ngajugjug ka imah Aki Panyumpit.
Kasampak Aki jeung Nini Panyumpit,
keur araya di imahna, teu kamarana-mana.
Barabat atuh Paman Lngsr cacarita,
nyaritakeun pamundut Ratu Purbararang.

28 Diajar B A S A S U N D A
Pamekar D
Buku Tuturus
Tut Guru SMA/MA/SMK/MAK Kelas XII
Pamundutna mah henteu sabaraha,
ngan teuing ku beurat hukumanana,
mun teu hasil baris ditugel jangga.
Ku Aki Panyumpit disanggupan.

Aki Panyumpit indit ka leuweung,


mawa sumpit jeung paserna,
nyorndang koja si dngdk po.
Datang ka leuweung, teuing ku anh,
henteu manggih sasatoan hiji-hiji acan.
Taya bantng, uncal, atawa mencek,
malah taya landak-landak acan.
Lutung anu biasana patinggurayang,
harita mah teu kadng sora-sorana acan.

Aki Panyumpit geus pegat pangharepan,


mangkaning po geus mimiti reupreupan.
Keur kitu, dina hiji tangkal anu ged,
aya lutung keur diuk campego dina dahan.
Aki Panyumpit bungahna kaliwat saking.
Terus lutung disumpit, teu beunang.
Disumpit deui sababaraha kali,
lutung bisa pisan nyingcetkeun paserna.
Paser hiji g taya nu ngagaris-garis acan.

Keur kitu, lutung th ngomong,


Oah, Aki Panyumpit, montong nyumpit!
Da kula mah moal kabur ieuh,
ark nurut kana sakahayang Aki!
Aki Panyumpit kagt kabina-bina,
ngadng lutung bisa ngomong.
Sukur, Utun, hayu atuh geura turun!
Jrut lutung turun tina tangkal,
tuluy nyampeurkeun ka Aki Panyumpit.

Aki Panyumpit leumpang gagancangan,


sieun teu kaburu mawa lutung ka nagara.
Lutung ngiclik nuturkeun Aki Panyumpit.
Geus aya deui ba kajadian anu anh.
Sasatoan anu tadi aruweuh, araya deui.

Bab I 29
PITUDUH HUSUS
Aki Panyumpit kabngbat ku moro.
Meunang uncal sapasang jeung mencek.
Diasupkeun kana koja si dngdk po.
Lat poho kana dawuhan Ratu,
datang ka imah panonpo geus surup.

Isukna lutung kakara dibawa ka karaton.


Aki Panyumpit sasadu ka Purbararang,
bari nyaritakeun lalakonna meunang lutung.
Aki Panyumpit dihampura ku Purbararang,
henteu tulus dihukum ditugel jangga,
sabab meunang lutung anu kacida gedna.
Malah sabalikna tina sangkaan,
Aki Panyumpit dibr rupa-rupa hadiah.
Dibr kuda dawuk ruyung jeung rarahabna,
sarta dibr batur lima kuren tamba keueung.

Geus datang kana mangsana dipeuncit,


lutung teuing ku giras, hs ditwakna.
Dikepung ku jalma pirang-pirang,
kalah luluncatan ngaruksak paparabotan.
Eusi karaton burak-barik burakrakan.
Lutung henteu jadi dipeuncitna.
Ti dinya Purbararang nitah Paman Lngsr,
nganteurkeun lutung ka Gunung Cupu,
keur pibatureun putri bungsu Purbasari.

Kocap lutung geus aya di Gunung Cupu,


ngabaturan Purbasari anu keur prihatin.
Lutung karunyaeun ningali kaayaan Purbasari.
Awak hideung, papakan rudin rudag-radig.
Barangdahar sakapanggihna saaya-aya.
Reup peuting, sar dina palupuh sabbk.
Tapi sorotna bda, aya semu Sunan Ambu.
Boa-boa ieu putri dina impian th,
keur dipingit ditapakeun, gerentes lutung.

Reup peuting, lutung mapatkeun sirep.


Lenggut Purbasari katarajang tunduh,
les ba kulem teuing ku tibra.
Lutung ngegdogkeun salira.
Jleg ba ngajangglk jadi Guru Minda.

30 Diajar B A S A S U N D A
Pamekar D
Buku Tuturus
Tut Guru SMA/MA/SMK/MAK Kelas XII
Biur ngapung, jog anjog ka Kahiyangan.
Wawartos ka Jeng Ibu Sunan Ambu,
palay misalin putri Purbasari.
Kapalayna ditedunan ku Sunan Ambu.
Biur ngapung, jleg ka urut tadi, jadi deui lutung.

Isuk-isuk Purbasari ngulisik, tuluy hudang.


Kagt liwat saking ningali kaayaan anu bda.
Sar dina katil emas, kasurna tujuh susun.
Kamarna dipapas emas berlian patinggurilap.
Saung butut robah jadi istana murub mubyar.
Pok Purbasari nyarita ka lutung,
Utun, urang aya di mana, kasasar ka mendi?
Teu ka mana teu ka mendi, ieu mah pisalin lutung,
ladang nyileuk sapeupeuting.

Purbasari dititah mandi di tampian istana anyar.


Gejebur mandi, diruruan sakujur badan.
Baranyay cahayaan, katmbong deui geulisna.
Rngs mandi, papakanana og diganti,
ku baju beunang nyadiakeun parabujangga,
anu ditunda dina kandaga emas di bal kancana.
Barang rap, nu geulis wuwuh murub-mubyar.
Geulis kawanti-wanti, ndah kabina-bina.
Lutung ngalingling ngadeuleu maling.
Geulis temen Putri Purbasari,
geulis tanding widadari, semuna ngala ka Ambu.

Ibur salelembur, ar sajajagat,


Di lamping Gunung Cupu aya istana agrng,
cahayana ngempur munggah murub mubyar.
Ahirna kampr-mpr ka karaton.
Paman Lngsr diutus pikeun muguhkeun,
sanggeus balik deui ka karaton hariweusweus,
bbja ka Purbararang yn ta th istana Purbasari.
Purbararang datang bedangna, bijil sirikna.
Nyieun tarkah pikeun nganyenyeri Purbasari.

Purbasari dititah ngabendung walungan,


keur marak lebah Leuwi Baranangsiang.
ta bendungan kudu anggeus sapeuting,
lamun teu cumpon Purbasari ditugel jangga.

Bab I 31
PITUDUH HUSUS
Ngadng parntah kitu, Purbasari bati sedih.
Datang peuting ngan ukur bisa gulang-guling.
Lutung metakeun sirepna, Purbasari sar tibra.
Lutung mujasmdi neneda ka Sunan Ambu,
mnta sangkan Leuwi Baranangsiang dibendung.

Isukna, isuk-isuk pisan sumebar bja,


yn Leuwi Baranangsiang geus dibendung.
Aya anu nepikeun ta bja ka karaton.
Teu kungsi lila ti harita,
Purbararang jeung adi-adina anu lima,
arindit rk marak ka Leuwi Baranangsiang.
Diiring ku mh sakabh pangeusi karaton.
Ditma ku pirang-pirang rahayat,
bari marawa pakakas pikeun marak.

Datang ka Leuwi Baranangsiang,


Lngsr nabeuh bend tanda marak dimitian.
Brus atuh jelema kabh ancrub ka leuwi.
Anu nyair, anu ngecrik, anu ngobng og aya.
Laukna rupa-rupa jeung teuing ku loba.
Purbararang marak di nu caina linduk,
ngahaja milih tempat anu sakira loba laukan.
Ari Purbasari marak di girangeunana,
marak sorangan teu campur jeung nu lian.

Keur kitu lar aya nonoman kasp ngaliwat.


Ngakukeun ngaran Guriang Kawung Luwuk.
Padahal nu sastuna ta nonoman th
Guru Minda anu teu mak baju lutungna.
Purbararang bogoheun ka ta nonoman,
tapi ku Sang Guriang ditolak sapajodogan.
Malah terus nyampeurkeun ka Purbasari,
marak paduduaan bari suka bungah.
Lir nu ngahaja mapanas ka Purbararang.

Purbararang panas hatna liwat saking.


Tuluy nitah Purbasari diperih pati deui,
dititah ngala bantng lilin suku gading.
Mun teu bukti, ditugel jangga hukumanana.
Ngadng pamnta anu sakitu banggana,
Purbasari ceurik asa diteungteuinganan.

32 Diajar B A S A S U N D A
Pamekar D
Buku Tuturus
Tut Guru SMA/MA/SMK/MAK Kelas XII
Tapi teu burung indit ka leuweung,
sosoranganan nangan bantng lilin.
Bantng kapanggih ngadangong di sampalan,
Purbasari ngayekyek sieun nnjo bantng.

Keur kitu torojol aki-aki kundang iteuk.


Ngakukeun ngaran Ki Kuwu Heubeul Isuk.
Padahal saenyana Guru Minda anu nyamur.
Purbasari mnta tulung pikeun nwak bantng.
Bantng digupay ku Ki Kuwu Heubeul Isuk.
Bantng nyampeurkeun, brek depa hareupeunana.
Ki Kuwu mnta buuk Purbasari salambar,
terus ditalikeun kana janggot bantng lilin,
dipak nungtun bantng minangka tambangna.

Bantng lilin ditungtun ku Purbasari,


nurut najan ditungtun ngan ku buuk salambar.
Bantng dibawa ka jero dayeuh nagara.
Jog ka alun-alun, bantng dicangcang di dinya.
Dina tangkal caringin kurung juru alun-alun.
Ti dinya Purbasari asup ka jero karaton,
bbja ka Purbararang yn pamntana katedunan,
bantng lilin suku gading mata beureum,
ngadungkuk saged saung buruk.

Harita knh Purbararang indit ka alun-alun.


Barang brh ningali bantng ngarasa hmeng.
Aya bantng teuing ku alus jeung ged deuih.
Purbarang nyampeurkeun bantng lilin,
tapi bantng ujug-ujug lumpat ka karaton,
tuluy ngamuk nubrukan sagala barang.
Bereyek paraponggawa ngepung bantng.
Tibatan beunang kalah ka loba nu kaleyek.
Ti dinya bantng kabur asup ka leuweung.

Purbararang beuki ambek ba ka Purbasari.


Tuluy ngajak paalus-alus ngahuma.
Lamun Purbasari lh, baris dihukum pati.
Purbararang ngahumana di tanah anu subur,
parabotna lengkep jeung binihna loba.

Bab I 33
PITUDUH HUSUS
Ari Purbasari dititah ngahuma di tanah angar.
Parabotna ngan saukur kujang buntung,
ditambahan ku boboko buntung sahiji.
Harita knh og Purbararang ngeprik rayat,
pikeun kerja bakti ngamimitian ngahuma.

Purbasari kalah ka bingung leuwih ti misti.


Rk ngamimitian ngahuma, ti mana mimitina.
Purbasari geus pasrah, narima kana takdir.
Ari batur pakumahana ngan ukur lutung.
Lutung mapatkeun sirep, reup Purbasari sar.
Lutung morosotkeun baju lutungna,
jangglk jadi Guru Minda anu kasp.
Biur ngapung ngajugjug ka Kahiyangan,
mnta pitulung ka Sunan Ambu.
Pamntana ditedunan ku Sunan Ambu.

Isukna, der Purbasari ngamimitian ngahuma,


dibantuan ku parabujangga jeung pohaci.
Tanah anu tadina angar lantaran cadas ngampar,
dadak sakala robah jadi tanah anu lndo.
Binihna binih petingan beunang ti Kahiyangan.
Anu digaraw teuing ku gancang jeung tapis.
Huma anu sakitu legana th bisa rngs sapo.
Parna morontod sarta teu keuna ku hama.

Barang tepi kana waktuna sambara,


anu dijadikeun patokanana th hasilna.
Jaksa anu baris mr pangajn geus sayaga,
kitu deui sakumna rahayat nu rk nyaksian.
Beubeunangan ngahuma Purbararang,
henteu sabaraha lantaran loba nu hapa.
Ari beubeunangan ngahuma Purbasari,
ngahunyud jeung ranggeuyanana baleuneur.
Purbasari anu unggul! ceuk Jaksa.
Rayat surat ngageder tandaning panuju.

lh ngahuma, Purbararang beuki panasaran.


Terus ngajak pangeunah-ngeunah kaolahan.
Purbararang ngeprik sakabh juru masak,
der ubyag marasak di dapur karaton.

34 Diajar B A S A S U N D A
Pamekar D
Buku Tuturus
Tut Guru SMA/MA/SMK/MAK Kelas XII
Jelema pahibut di dapur tangka heurin usik.
Tapi leuwih loba anu rk ngadon ngasaan,
batan anu digaw nyieun kaolahanana.
Ari Purbasari masakna di istanana ba,
dibantuan ku Pohaci Wiru Mananggay.

Datang kana mangsana sambara,


rupa-rupa kadaharan ngabarak di karaton.
Sawatara urang anu ditunjuk jadi jaksa,
mimiti ngasaan kaolahan beunang Purbararang.
Rupa-rupa komntarna, tapi kabh taya nu alus.
Ceuk ieu cawrang, ceuk itu kurang samara.
Ceuk itu kurang uyah, ceuk ieu asin teuing.
Ari kana kaolahan Purbasari, taya nyawad.
Nagara kawon! ceuk jaksa ngagorowok.
Rayat surak ambal-ambalan tandaning suka.

Purbararang kalah beuki malik teu suka,


tuluy ngajak paalus-alus samping beunang ninun.
Samping Purbararang beunang ninun taun-taun,
lobana tilu puluh teu kurang teu leuwih.
Samping beunang ninun Purbasari,
ngunung-ngunung lobana sawidak lima.
Jaksa mariksa samping nu disambarakeun.
Samping Purbasari leuwih panjang tur kerep.
Sinjang Purbasari leuwih alus! ceuk jaksa.
Rayat mprak patarik-tarik tandaning sapuk.

Dasar bedang henteu kapalang,


Purbararang ngajak paalus-alus awak.
Dua putri nangtung di papanggungan,
disaksian ku jaksa jeung sakumna rayat.
Jaksa kolot nyureng bari ngahuleng,
wuwuh bingung nangtukeun piunggulna.
Geulis sarua geulisna, lenjang sarua lenjangna.
Tapi lamun diawas-awas, diilik-ilik masing telik,
Purbararang awakna rada bongkok mongeun!
Hursh, Purbasari unggul! rahayat surak.

Bab I 35
PITUDUH HUSUS
Purbararang ambekna lain kaulinan,
terus ngajak pakasp-kasp kabogoh.
Purbararang ngasongkeun kabogohna,
Indra Jaya satria kasp ngalmprng konng.
Ari Purbasari ngan ukur bisa merebey mili.
Salila ieu batur keueungna ngan ukur lutung.
ta anu ku Purbararang dianggap kabogohna.
Purbasari lh, sakumna rayat milu nalangsa.
Purbasari geus pasrah rk ditugel jangga.
Logojo geus rk ngaheumbatkeun gobang.

Keur kitu, lutung ngagdogkeun awakna.


Porosot baju lutung ngalumbuk lebah sukuna.
Jangglk jadi Guru Minda ti Kahiyangan.
Kabh anu nnjo colohok mata simeuteun.
Galcok ngomong jeung padabaturna.
Satria ti mana, lalaki ti mendi?
Kakaspanana teu nysakeun keur batur!
Guru Minda ngakukeun kabogoh Purbasari,
henteu kudu dijaksaan deui, da kabh geus tingali,
kaspna ngaleuwihan ka Indra Jaya.

Rayat anu keur carolohok gancang sarurak,


Hursh, Purbasari unggul, Purbararang lh!
Minangka hadiahna, Purbasari ngadeg raja,
ari Purbararang kudu dak ditugel jangga.
Purbararang ceurik bari nyembah acong-congan.
Adi, neda hirup, Purbararang ngageuri.
Rahayat saalun-alun, ngageder patingjorowok.
Hutang nyeri bayar nyeri, hutang lara bayar lara!
Tapi, dasar Purbasari ged hampura welas asih,
Purbararang dihampura, teu tulus dihukum pati.

Kilang kitu, ari dihampura pisan henteu,


sabab pagawan gorng kudu ba aya wawalesna.
Purbararang dijadikeun purah ninun unggal po,
Purbandah dijadikeun purah nganth,
Purbadwata purah ngarumat seupaheun,
Purbakancana purah ngarumat goah jeung leuit,
Purbamanik ngejejeman urang dapur.

36 Diajar B A S A S U N D A
Pamekar D
Buku Tuturus
Tut Guru SMA/MA/SMK/MAK Kelas XII
Ari Purbaleuwih, anu sok ngabla Purbasari,
dikawinkeun ka Ki Bagus Lembu Halang,
nu jadi patih di Pasir Batang Anu Girang.

Di luar karaton, Indra Jaya ngamuk,


bari sosoak nangtang gelut ka Guru Minda.
Guru Minda nangtung, dihalangan ku Ki Patih.
Ki Bagus Lembu Halang maju ka pakalangan,
teu sakara-kara Indra Jaya taluk ku sageprakan.
Indra Jaya mnta hirup, basana rk kumawula.
Indra Jaya dihampura ku Ki Patih,
dijadikeun tukang ngarit jeung ngajaga kuda.
Ayeuna anu ngaheuyeuk Pasirbatang geus merenah,
kaprabon geus kacangking ku nu boga hakna.

(Rajah Panutup)
Puun Sapuuuun Hyang Prabu Wastu
Pangampura anu diseja
Boh bisi langkung nya saur
Boh bisi bah nya cark
Kami ngan darma mitutur
Lalakon di lalakonkeun

Puun Sapuuuun Hyang Suwargi


Sang Lumahing Nusa Larang
Sing langgeng di kasucian
Lumanggeng di Kahyangan
Ngahiji jeung Maha Suci
Nya Hyang Seda Niskala

Puuuun Sapuuuuuuuuuuuuun.

http://qwastu.blogspot.com/

NO KAGIATAN

6. Siswa nitnan tks carita pantun anu dibacana

Bab I 37
PITUDUH HUSUS
2. NGAWANGUN KONTEKS PANGAJARAN CARITA PANTUN
NGALIWATAN PERTANYAAN
2.1 MIKAWANOH CARITA PANTUN
NO KAGIATAN
Sabada siswa nitnan tks wawacan, kalayan dituyun guru siswa
nyieun pertanyaan nu patali jeung matri carita pantun.
7. 1. Pada (bait) anu mana wa nu nuduhkeun bagian bubuka
carita pantun Lutung Kasarung dimimitian? Tuliskeun awal
kalimahna (padalisan nu mimiti)!

2. Pada (bait) anu mana nu nuduhkeun galur carita pantun


8. Lutung Kasarung dimimitian? Tuliskeun awal kalimahna
(padalisan nu mimiti)!

3. Pada (bait) nu mana nu nuduhkeun bagian panutup carita pantun


Lutung Kasarung dimimitian? Tuliskeun awal kalimahna
(padalisan nu mimiti)!
4. Nitnan pertanyaan nomer 1 -3, bisa dicindekkeun yn struktur
carita pantun th kabagi jadi 3 bagian, nyata:
- rajah pamuka
- eusi (dskripsi, narasi, dialog, monolog)
- rajah panutup (pamunah)
9.
5. Kekecapan naon ba nu kapanggih ku hidep dina pada kahiji?
6. Naon eusi pada kahiji?
7. Satuluyna, pikeun ngeuyeuban pangaweruhna, siswa
diwanohkeun kana sasaruan kecap (sinonim)
Dina wacana Lutung Kasarung di luhur aya kalimah unina:

Geus datang kana mangsana dipeuncit,


lutung teuing ku giras, hs ditwakna

Kecap giras hartina dibasakeun ka sasatoan anu ngajauhan sabab


sieun ditwak.
9. Pikeun mikawanoh kecap sasaruaan (sinonim), ieu di handap
kapidangkeun kalimah anu kecapna ditulis di antara tanda kurung
nu saharti jeung kecap-kecap anu dicitakna dicodongkeun! Pk geura
titnan sing nepi ka kacangkem!

38 Diajar B A S A S U N D A
Pamekar D
Buku Tuturus
Tut Guru SMA/MA/SMK/MAK Kelas XII
1. Dudi mah lamun ulin th jarambah. (sok aprak-aprakan jauh)
2. Duit nu lobana Rp. 13 juta keur meuli motor th geus
kacongcay Rp. 5 juta dipak heula keur mayar sakola. (ngurangan,
kacocng).
3. Geus sababaraha po Nandang ngulincer ba nyiar duit, tapi welh
teu aya nu mr nginjeum, (nguriling, ngider)
4. Gina th ti keur leutik knh dikukut ku bibina, lantaran bibina
can kabiruyungan boga budak. (waktu)
5. Horam rk ngajak Si Mardud ka rstoran th, tuda manhna
mah lamun dahar th gembul pisan. (tara seubeuh ku dua piring)
6. Ka jalma nu belengong th loba nu teu raresepeun. (teu nyaho
tatakrama)
7. Kacaturkeun dina hiji po Nini Ijot indit ka dayeuh maksudna rk
meuli baju longdress. (kacaritakeun)
8. Si Nurdin mah kebluk (ari hudang th geus beurang), bda pisan
jeung adina mah gorjag (ari hudangna th isuk-isuk pisan)
9. Edi mah ari boga naon-naon th ngan hayang nukeurkeun atawa
ngajual ba (bosenan)
10. Karunya ku Si Mmt, kor, padahal umur geus aya welasna
taun. (awakna leutik ba)

3. NGAKSPLORASI (NGUMPULKEUN INFORMASI)


NO KAGIATAN
Siswa narima jeung ngumpulkeun informasi ti sababaraha sumber
ngaliwatan nitnan deui, maca deui, conto-conto carita pantun jeung
10.
matri pelajaran carita pantun ti buku sumber, informasi ti guru jeung
babaturan sakelas.
Ngaguar Carita Pantun
Carita pantun atawa lalakon pantun nya ta carita rkaan anu
anu dilalakonkeun ku juru pantun dina pagelaran ruatan (ritual)
anu disebut mantun. Mantun biasa dipirig ku kacapi sarta biasana
dihaleuangkeun. Carita pantun biasana dipagelarkeun sapeuting
11.
jeput nepi ka tutug th, dimimitian ti bada isa. Ukuran carita pantun
umumna paranjang. Malah aya lalakon nu kakara tamat ku tilu
peuting, saperti lalakon Badak Pamalang. Dumasar kana mediana,
carita pantun gelar dina lisan, sarta ngandung hal-hal anu mr
kesan pamohalan.

Bab I 39
PITUDUH HUSUS
Carita pantun th kaasup sastra lisan. Turun tumuruna
jeung sumebarna tatalpa ku cara lisan. Munasabah upama dina
kamekaranana timbul sababaraha versi. Aya pantun Bogor, aya
pantun Priangan, jeung sajabana.
Upama nilik kana eusina, carita pantun th umumna ngabogaan
pola nu sarua nya ta ngalalakonkeun lalampahan raja-raja atawa
satria teureuh Prabu Siliwangi, Raja Pajajaran, anu keur ngalegaan
nagara anyar, atawa nangan pipamajikaneun.
Ari pola jalan carita pantun umumna th kieu: Satria ngalalana,
upamana ba lantaran nangan putri pipramswarieun. Sapanjang
ngalalana, loba kajadian anu karandapan, saperti peperangan jeung
musuh. Ahirna satria Pajajaran th unggul perangna, tuluy ngadahup
ka putri, sarta ngadeg raja.
Nilik kana alur caritana, aya dua golongan, nya ta galur
leunjeuran jeung galur simpay. Galur leunjeuran nya ta galur carita
nu ngaleunjeur, lempeng. Kapanggihna tina nitenan ruruntuyan
kajadian dina unggal pisodeuna. Dina pungkasan caritana, anu
ngalalakon th henteu kacatur mulang deui ka nagara asalna. Sabada
nglhkeun sababaraha nagara th tuluy tumetep ngaheuyeuk
nagara patulukan nu pangahirna. Dina galur simpay, palaku utama
th ahirna bisa mulang deui ka nagara asalna sanggeus ngalalana
meunang rupa-rupa dodoja, cocoba, sarta pribadina beuki punjul.
Lalakon pantun nu kaasup golongan galur simpay th henteu ra.
Contona: pantun Ciung Wanara, Lutung Kasarung, jeung Mundinglaya
di Kusumah. Numutkeun Iskandarwassid knh, lalakon pantun anu
leunjeuran caritana galur simpay th, umurna leuwih kahot (batan
anu caritana galur leunjeuran)
Upama nilik kana wangunna, carita pantun th mangrupa
wangun ugeran (puisi). Di jerona diwangun ku sababaraha bagian;
aya bagian rajah, bagian dskripsi, bagian narasi, dialog jeung
monolog jeung rajah panutup/pamunah.
a. Rajah
Bagian rajah th biasana sok ditembangkeun ku juru pantun
sammh mangkat carita. Eusi rajah mangrupa sanduk-sanduk
ka karuhun lantaran rk ngamimitian mantun. Sanduk-sanduk
th hartina menta idin, menta pangraksa jeung pangriksa ti nu
ngageugeuh ta lembur sangkan saralamet. Menta kasalamtan th
lain keur nu dipangmantunkeun ba tapi kaasup nu mantun jeung
nu lalajo ta pantun.

40 Diajar B A S A S U N D A
Pamekar D
Buku Tuturus
Tut Guru SMA/MA/SMK/MAK Kelas XII
Nilik eusina, rajah th lain mangrupa bagian tina carita.
Tapi sanajan kitu, mangrupa bagian penting dina pantun. Rajah
mangrupa salah sahiji ciri utama anu ngabdakeun carita pantun
jeung seni (sastra) sjnna. Nu matak pantes upama aya nu nyarita,
lain ti pantun upama euweuh rajahan.
Rajah th salilana aya di bagian awal carita pantun. Aya nu
panjang, aya nu pondok deuih. Panjang-pondokna rajah jeung bda-
bdana rajah henteu gumantung kana carita nu dilalakonkeunana,
tapi leuwih gumantung ka juru pantunna. Sanajan caritana bda,
upama dilalakonkeun ku juru pantun anu sarua, bisa jadi rajahna
og henteu bda.
Conto rajah dina carita pantun Lutung Kasarung:
Bul kukus mendung ka manggung,
ka manggung neda papayung,
ka dwatan neda suka,
ka pohaci neda suci,
kuring rk diajar ngidung,
nya ngidung carita pantun,
ngahudang carita wayang,
nyilokakeun nyukcruk laku,
nyukcruk laku nu bahayu,
mapay lampah nu baheula,
lulurung tujuh ngabandung,
kadalapan keur disorang,
bisina nerus narutus,
bisina narajang alas,
da puguh galuring tutur,
ngembat papatan carita,
ti mendi papisinieun,
ti mana pacaritaeun,
teuteureuh ti kahiyangan,
ditandan cupu manik,
cupu manik astagina,
dituruban ku mandepun,
diteundeun di jalan ged,
ditunda ku nu ngaliwat,
ku nu weruh di semuna,

Bab I 41
PITUDUH HUSUS
ku nu terang bujaksana,
ku nu rancag di angen,
dibuka patinghaleuang,
nu mnta dilalakonkeun,
cag!
teundeun di handeuleum sium,
tunda di hanjuang siang,
paranti nyokot ninggalkeun.
(Dicutat tina Panca Warna IIA)

b. Narasi
Bagian narasi atawa nyaritakeun, ditepikeun dina mangsa juru
pantun nyambungkeun hiji kajadian kana kajadian saterusna. Bda
jeung rajah katut kajadian dskripsi (papantunan), lebah bagian
narasi mah henteu ditembangkeun. Tapi sanajan kitu angger ba
dipirig ku kacapi najan ukur digalantangkeun ba og. Conto
narasi dina pantun Lutung Kasarung :
Caturkeun ratu di manggung, carita di kahyangan. Guru Minda
kahyangan, anak dwata cikalna, titisan Guru Hyang Tunggal, seuweu
batara di langit, ngabujangga di paradwata, kasp taya papadana, keur
meujeuhkeun teguh cangcut.
Tuluy ngimpi kagungan bbn, sarupa jeung sunan Ambu; ngalingling
ngadeuleu maling. Enggeus nganggo raksukan, salin jenengan kana Lutung
Kasarung; kasarung ku sadulur, kasimpang ku barayana.
Cedok nyembah, indit ngusap birit, angkat ngusap sinjang, bisi
kawiwirangan keur ngawula

c. Dskripsi
Bagian dskripsi nya ta bagian anu ngagambarkeun tingkah
paripolah hiji tokoh carita dina hiji kajadian, saperti putri dangdan,
Lngsr lumpat, satria perang, satria ngapung, hayam diadu jeung
sajabana. Salian ti ta og bagian dskripsi th ngagambarkeun
og pangrasa hat saperti sedih, ngangres, ngenes, ambek, hareneg,
jeung sajabana; sarta ngagambarkeun hiji kaayaan.
Bagian dskripsi sok dihaleuangkeun ku juru pantun, nu matak
sok disebut og papantunan. Kaasup bagian nu pikaresepeun,
lantaran umumna juru pantun ngagunakeun gaya basa babandingan
anu lucu tur karikatural pikeun ngagambarkeun kajadian atawa
kaayaanana.

42 Diajar B A S A S U N D A
Pamekar D
Buku Tuturus
Tut Guru SMA/MA/SMK/MAK Kelas XII
Conto dskripsi dina pantun Lutung Kasarung, ngagambarkeun
kaayaan Purbasari sanggeus diborhan kler nahun ku
Purbararang:
Ludak-ldok diborhan,
lain teu wuni boborh,
dipulasan keler nahun,
nu geulis ngadadak gorng,
hideung batan wadah teuleum,
bangbang awak batan gagak,
ngan sorotna henteu leungit,
sasemu knh jeung Ambu,
pakan jiga kiramay,
karmbong saburubutan,
salindang sariga rambang,
dibahan boboko buntung,
bawaeun lingging di gunung.

Deskripsi anu ngagambarkeun satria dangdan:


Toroptopan tereptepan,
sacokot-cokotna meunang,
sabeulit mahi sagolk pangkk,
sacangkreud pageuh,
nyigihkeun calana panji,
sabuk dantun tali anyar,
keris buat mantalan sari,
gogodongna si julang anom,
disorn tungtungna ba,
kekewr dicind kembang,
panjangna sadeupa minder,
susumping kembang jayanti

d. Dialog
Bagian dialog atawa paguneman nya ta paguneman antara
parapalakuna. Sakumaha umumna dina karya sastra lianna, dialog
th di antarana pikeun ngagambarkeun watek atawa karakter palaku,
ngalancarkeun jalan carita, sarta nepikeun gagasan-gagasan.

Bab I 43
PITUDUH HUSUS
Contona:
Paguneman antara Purbararang jeung Purbasari dina pantun Lutung
Kasarung:
Adi, sia hayang hirup ta henteu?
Tth, teu kangkat, teu ngalangkungan mapalang. Mana hirup ku
Gustina, mana mawas ku Sang Widi, waluya ti kawasana, teu beunang
dipak kahayang kaembung; ing hale kari kumaha pangersakeun jeneng
Si Tth
Lamun sia hayang awt hirup, di ditu pienggoneun sia, di Gunung
Cupu Mandala Ayu, mandala kasawitan di hulu dayeuh.

Paguneman Purbararang jeung Lngsr


Ah, Mama Lngsr, baga teuing, iraha dongkap?
Tembalna Mama Lngsr Jagong carang, Ratu Emas!
Jadi Mama Lngsr th kakara hol? Atuh sukur, Mama Lngsr boa
tos noong heula?
Aduh Ratu Emas, ulah tadah-tuduh kanu puguh, ulah ngangaranan
ka nu enya, palias teuing lamun teu tas noong
Nya sukur Mama Lngsr, lamun teu tas noong mah. Tapi lamun
tas noong, ulah pupulih ka batur, ulah cacarita ka tatangga, ari uar-uar
mah kajeun

e. Monolog
Monolog th nyarita sorangan atawa nyarita dina jero hat.
Contona monolog Lutung Kasarung dina pantun Lutung Kasarung.
Karunya teuing ku Aki Panyumpit, gila ku ruksak, dideuleu
pakuwon, jeg lain enggon jalma. Rk neneda ka Sunan Ambu,
ka Ambu neda pituwuh, ka Rama neda papahat, muga tulus nya
pangjurung, muga laksana pangjiad; rk misalin Aki Panyumpit,
peuting ieu

(f) Rajah Panutup


Pun sapun ka Maha Agung
Ka Gusti Nu Welas Asih
Gusti pamuntangan beurang
Gusti pamantengan peuting
Sajatining pati hurip
Sajatining kasucian

44 Diajar B A S A S U N D A
Pamekar D
Buku Tuturus
Tut Guru SMA/MA/SMK/MAK Kelas XII
Pun sapun Awignam Astu
Paralun ka Budeur Awun
Ka Rumuhun ka Karuhun
Sunda Salaka wiwitan
Sunda Sembawa munggaran
Sunda Pakuan angkeuhan
Pun sapun ngala deuk menta

Seja amit kami mipit


Ka sakumna lelembutan
Nu narindak teu narapak
Nu nyoara tan rupana
Muga hurip napsi-napsi

Pun sapun ngungkab mandepun

Saksi tulis daun nipah


Carita Parahiyangan
Gurit tambaga lalayang
Gurit saksi batu tulis
Tamperkeun saripatina

Pun sapun nyarungsum galur


Siksakandang Karesian
Kacaangan kahibaran
Ku Pustaka Wangsakerta
Muga jembar nya panalar
Balungbang baranang siang

Pun sapun
Ampun paralun

http://babhikmah-sofyan.blogspot.com/2011/02/rajah-
pamunah.html

Bab I 45
PITUDUH HUSUS
4. MAHAM STRUKTUR CARITA PANTUN

NO KAGIATAN
Kalayan diaping ku guru ngaliwatan kagiatan kerja kelompok pikeun
12.
ngumpulkeun tiori anu kapanggih dina matri carita pantun. Siswa
dibimbing ngaanalisis struktur carita pantun, rajah, jeung papantunan
tina pertanyaan nu geus dirumuskeun di awal pangajaran. Pertanyaan
nu dimunculkeun di antarana:
1. Naon ari carita pantun?
2. Kumaha struktur carita pantun?
3. Naon fungsi rajah?
4. Tuliskeun conto rajah pamuka!
5. Tuliskeun conto rajah panutup (pamunah)!
6. Nu kumaha ari papantunan?
7. Waditra naon anu dupak mirig pidangan carita pantun?
8. Saha anu nepikeun carita pantun?

Siswa narima umpan balik ti guru jeung babaturan sakelasna


ngeunaan matri anu disawalakeun dina kagiatan diskusi.

4.1. KACINDEKAN HASIL DISKUSI (UMPAN BALIK)


NO KAGIATAN
1. Naon ari carita pantun?
Carita pantun atawa lalakon pantun nya ta carita rkaan dina
wangun ugeran (puisi) anu anu dilalakonkeun ku juru pantun
dina pagelaran ruatan (ritual) anu disebut mantun.
2. Kumaha struktur carita pantun?
Struktur carita pantun diwangun ku sababaraha bagian; aya
bagian rajah, bagian dskripsi, bagian narasi, dialog jeung
monolog jeung rajah panutup/pamunah.
13.
3. Naon fungsi rajah?
Pikeun sanduk-sanduk ka karuhun lantaran rk ngamimitian
mantun
4. Tuliskeun conto rajah pamuka!
Bul kukus mendung ka manggung,
ka manggung neda papayung,
ka dwatan neda suka,
ka pohaci neda suci,

46 Diajar B A S A S U N D A
Pamekar D
Buku Tuturus
Tut Guru SMA/MA/SMK/MAK Kelas XII
kuring rk diajar ngidung,
nya ngidung carita pantun,
ngahudang carita wayang,
nyilokakeun nyukcruk laku,
nyukcruk laku nu bahayu,
mapay lampah nu baheula,
lulurung tujuh ngabandung,
kadalapan keur disorang,
bisina nerus narutus,
bisina narajang alas,
da puguh galuring tutur,
ngembat papatan carita,
ti mendi papisinieun,
ti mana pacaritaeun,
teuteureuh ti kahiyangan,
ditandan cupu manik,
cupu manik astagina,
dituruban ku mandepun,
diteundeun di jalan ged,
ditunda ku nu ngaliwat,
ku nu weruh di semuna,
ku nu terang bujaksana,
ku nu rancag di angen,
dibuka patinghaleuang,
nu mnta dilalakonkeun,
cag!
teundeun di handeuleum sium,
tunda di hanjuang siang,
paranti nyokot ninggalkeun.

5. Tuliskeun conto rajah panutup (pamunah)!


6. Nu kumaha ari papantunan?
Haleuang Ki Juru pantun upama ngadskripsikeun atawa
ngagambarkeun tingkah paripolah hiji tokoh carita dina hiji
kajadian, saperti putri dangdan, Lngsr lumpat, satria perang,
satria ngapung, hayam diadu
7. Waditra naon anu dupak mirig pidangan carita pantun?
Kacapi
8. Saha anu nepikeun carita pantun?
Ki Juru Pantun

Bab I 47
PITUDUH HUSUS
Sabada konsp struktur carita pantun bisa kacangkem ku siswa, guru
nepikeun deui conto carita pantun sjnna. Ngaliwatan diskusi
13.
kelompok, siswa dipiharep wanoh tur maham kana unsur-unsur
intrinsik karya sastra carita pantun

4.2 UNSUR-UNSUR INTRINSIK KARYA SASTRA DINA CARITA


PANTUN
NO KAGIATAN
Siswa dibagi tks naskah carita pantun Ciung Wanara. Siswa
nitnan tks naskah carita pantun Ciung Wanara. Siswa nganalisis
tks naskah carita pantun Ciung Wanara. Siswa ngalaksanakeun
diskusi kelas kalayan apingan guru.

CARITA PANTUN CIUNG WANARA


CIUNG Wanara th saenyana putra raja Galih Pakuan. Ngan ti
leuleutik dirorok ku Aki Balangantrang jeung Nini Balangantrang. Ciung
Wanara th teu apaleun yn anjeunna putra raja. Disangkana indung-
bapana th Nini jeung Aki Balangantrang w.
Ngan dasar aya terah sanajan dididik ku nini-nini jeung aki-aki bari
di kampung, bda pasipatanana jeung barudak-barudak kampung sjnna.
Leutik knh g geus ngawasa rupa-rupa lmu nu biasana mah nu karitu
th dicekel ku jalma dwasa.
14.
Ari karesep Ciung Wanara harita ngukut jeung ngadu hayam. Nu
matak barang ngadng bja cenah raja Galih Pakuan g kasenengna
kana ngadu hayam. Cita-cita Ciung Wanara hayang nglhkeun hayam
kagungan raja. Ceuk pikiranana had gorngna hayam mah gumantung
kana turunan jeung pamiaraan. Sanajan hayam raja, ari gorng turunan
atawa pamiaraan mah moal bisa nglhkeun ka hayam manhna.
Dina hiji waktu Ciung Wanara nyarita ka Nini jeung Aki
Balangantrang yn manhna rk indit ka nagara Galih Pakuan. Komo
w nini-nini jeung aki-aki th barang mimiti ngadng caritaan Ciung
Wanara kitu, rareuwaseun pisan. Tapi teu aya alesan keur nyark. Komo
mun seug nilik jalugjugna awak Ciung Wanara nu geus rk nincak dwasa,
pantes mun hayang indit pikeun nyiar luang pangalaman ka dayeuh th.
Leuwih ti kitu, Aki jeung Nini Balangantrang nu apaleun pisan, saha ari
Ciung Wanara th, dina pikirna ieu lalaki lalanang jagat th tangtu baris
ngukir sajarah.

48 Diajar B A S A S U N D A
Pamekar D
Buku Tuturus
Tut Guru SMA/MA/SMK/MAK Kelas XII
Kacaritakeun dina waktu nu geus ditangtukeun jung ba Ciung
Wanara th indit kadua hayam jago.Waktu nyorang lembur-lembur matak
guyur, sabab ceuk mojang-mojang kakaraeun teuing nempo satria kasp
ngalmprng konng ngaliwat, hanjakal ngan saliwat. Para pamuda g
garogedeg ceuk ieu saha ceuk itu saha.Waktu aya nu ngabjaan yn ta th
anak Nini jeung Aki Balangantrang kalah beuki kacida garogedegna.
Keur meujeuhna panas po mentrang-mentring Ciung Wanara nepi
ka luareun lawang saktng nyata lawang paranti asup ka jero dayeuh.
Di dinya anjeunna ngareureuhkeun cap heula di handapeun tangkal kai.
Karinget ngucur ti sakuliah badanna, nimateun pisan katebak ku angin
ngahiliwir.
Bari diuk manhna nempo lawang saktng dijaga ku jelema duaan
jarangkung ged bari marawa tumbak jeung nyorn gobang. Ceuk
pikiranana kumaha bisana asup ari dijaga kitu mah, mangkaning teu boga
duit. Sabab sakur nu asup ka dinya kudu mayar.
Ngan kabeneran nu jaraga th sok luas-los. Sabot bongoh kitu sup
Ciung Wanara asup. Barang geus di jero dayeuh, jelema-jelema karagteun,
nempo pamuda nu sakitu kaspna. Harita Ciung Wanara aya nu ngaku ku
hiji randa beunghar. Waktu ditanya ngaran jeung lembur, Ciung Wanara
ngajawab terus terang.
Ari Ujang ka dieu th rk naon? Nyi Randa nanya deui.
Hoyong ngadu hayam sareng kagungan Kangjeng Raja! jawabna
tenang.
Is, na ari Ujang, asa lalawora teuing! Boga naon kitu keur
tumpangna?
Aya w.
Ayeuna mah tong waka jeung nu raja, jeung nu bibi w heulaanan!
Da bibi g boga hayam adu mah!
Mangga, ngan upami sareng nu bibi mah moal tumpangan.
Kacaritakeun geprak w hayam Ciung Wanara diadukeun jeung
hayam Nyi Randa beunghar. Da ngan sakali ngabintih hayam Nyi Randa
ngagolr. Jelema-jelema nu nyaraksian ram surak. Aya og nu ngomong,
Hran dwk mah euy! Hayam turundul kitu mak meunang!
Isukna Ciung Wanara kaluar ti tempat panyirurukanana nyata
imah Nyi Randa ta. Waktu ulin ka alun-alun lar patih Purawesi jeung
Puragading bbntng nagara Galih Pakuan angkat sareng. Jaman harita
ta upama aya pangagung angkat, jelema-jelema nu nempo th kudu brek
caringogo bari tungkul. Upama teu kitu dianggap teu sopan, pasti bakal
meunang hukuman.
Bab I 49
PITUDUH HUSUS
Sanajan teu nyaho g nu duaan ta patih, nilik dedeg-pangadegna,
saha nu teu sieun. Geus puguh awakna jarangkung ged, kumis baplang
jeung godgan, mak iket barangbang semplak nepi ka buukna sakitu
panjangna papuket kabeungkeut iket. Awakna teu mak baju nepi ka atra
bulu klkna jabrig, dadana buluan. Ka handap mak calana sontog mak
beubeur saged tampah, Duanana pada nyorn gobang ngangsar ampir
antel kana taneuh. Upama ngarrt ka nu ngahormat, burileng panonna
nu saged jngkol th hirup kawas rk kk wa ngerewes.
Ari Ciung Wanara aya nu ngabjaan yn ta th patih, ngadon
solongkrong nyampeurkeun. Duka kituna th pdah didikan Aki jeung
Nini Balangantrang nu ngajarkeun hakkat jelema mah taya bdana da
sarua damelan Nu Maha Kawasa. Malah dina basa g ka ieu-ieu sarua
taya adab taya kasar. Atawa pangna wani nyampeurkeun patih th perbawa
sipatna nu teuneung. Tapi nu pasti mah berekah didikan jeung sipat!
Waktu Ciung Wanara nyampeurkeun ka patih mah papakanana
lain nu biasa, tapi diganti ku nu gorng. Malah teu mak baju-baju acan,
beuteungna ngahaja dibucitreuk-bucitreukkeun, beungeutna camrong
dikotoran leutak.
Barang solongkrong ka patih, nu disampeurkeun nanya sorana mani
tarik semu peura, Rk naon sia budak buncir nyampeurkeun ka kami?
Ceuk Ciung Wanara bolostrong bari teu kireum-kireum, Hayang
ngadu hayam jeung nu Kangjeng Patih!
Hah siah wawanianan! Boga hayam turundul kitu wani ngadu
jeung nu aing! Sakali ngabintih g hayam sia pah! Patih Purawesi
sasauranana kitu bari bendu sabab asa dihina ku budak buncir.
Nyobaan w! ceuk budak buncir th.
Heug! Tapi naon tumpangna?saur Patih Puragading.
Teu boga da kami mah tara tumpangan! ck budak buncir.
Ah-ah siah! saur Patih Purawesi, Kieu w atuh! Lamun
hayam sia lh, sia ku kami digebug sapuluh kali Ku gegendir ieu! Wani
henteu?
Wani! Ngan upama hayam patih nu lh naon tumpangna?
Moal lh hayam kami mah!
Enya upama ieu mah, ceuk budak buncir deui.
Manh ku kami dibr duit sarajut! saur Patih Purawesi.

50 Diajar B A S A S U N D A
Pamekar D
Buku Tuturus
Tut Guru SMA/MA/SMK/MAK Kelas XII
Geus nyieun perjangjian kitu mah Patih Purawesi jeung Patih
Puragading nimbalan ponggawa nyandak hayam kagunganana nu
pangsana. Budak buncir diajak ka pakalangan paranti ngadu hayam. Di
dinya nu lalajo geus pinuh. Jelema sakitu lobana teu aya saurang g nu
mangmeunangkeun ka hayam budak buncir.
Hayam Patih Purawesi tuluy diasupkeun ka pakalangan. Barang sup
ger nu lalajo surak. Hayam th jangkung ged buluna hrang pertanda
asak piara, jawrna sumpel, buntutna lempay, siihna seukeut panjangna
kira-kira satunjuk. Barang jrut ka pakalangan, belegender kokorh tuluy
kongkorongok.
Ningali hayam lagana kitu, Patih Purawesi imut. Sok, Buncir
asupkeun hayam manh!
Hayam turundul th ku budak buncir ditiup sirahna geus kitu
dialungkeun ka pakalangan. Barang sup, sak diudag ku hayam Patih
Purawesi. Si Turundul nyingcet, jol di tukangeun Si Jelug, kecok sirah
hayam Patih Purawesi th dipacok, jebt dibintih. Teu ngadua-kalian,
hayam patih Purawesi ngagolr teu hudang deui.
Ger nu lalajo surak ak-akan. Patih Purawesi barengep lain pdah aya
nu neunggeul tapi bakat ku ra ku nu lalajo. Sabab hayam kagunganana
tacan aya nu nglhkeun, sumawonna nepi ka ngagolr kawas harita mah.
Ongkoh jaman harita mah ajn jelema th ditangtukeun ku hayam aduna.
Upama hayam aduna kuat teu aya nu nglhkeun, ajn nu bogana ningkat
upama hayamna lh, ajn nu bogana turun.
Budak buncir th nyokot hayamna ti pakalangan, tuluy diusapan. Nu
lalajo ngarogrog nempo hayam budak buncir. Ku sarra pada nyidikkeun teu
aya tanda-tanda hayam alus. Nu matak sakur nu lalajo pada hookeun.
Sok ayeuna mah jeung nu aing! saur Patih Puragading. Sok
asupkeun heula hayam maneh, Buncir!
Saperti tadi budak buncir th mmh ngasupkeun hayamna ditiup
heula huluna, Sanggeus hayam turundul aya di pakalangan, hayam
Patih Puragading diasupkeun. Barang sup sebrut hayam jelug nu Patih
Puragading ngudag Si Turundul.Tapi nu diudag rikat luncat ka luhur nepi
ka nu ngudag th kaselebrungan. Si Turundul geus taki-taki di tukangeun
Si Jelug. Barang Si Jelug malik, sebrut deui ngudag. Si Turundul nu geus
taki-taki mapang hulu Si Jelug ku pangbintih satakerna. Jepet golpak
hayam Patih Pura gading ngagolr. Ger deui nu lalajo surak. Patih
Puragading baketut ambek nyedek tanaga midek.

Bab I 51
PITUDUH HUSUS
Sanggeus dua hayam patih ngagolr, budak buncir ngadeukeutan patih
rk nagih jangji, Patih Purawesi jeung Puragading kalah ambek, geus
puguh hayam nu dipikameumeutna lh, ayeuna aya nu nagih. Ku sabab
kitu budak buncir th dirawl tadina rk digebug. Ngan budak buncir nu
taya lian Ciung Wanara bisa cungcat-cingcet nepi ka teu katwak.
Sakitu dikepung ku dua patih dibantuan ku para ponggawa karaton
teu beunang. Ber pada ngudag, Ciung Wanara geus teu aya, nyumput
ngadedemps. Puguh w dua patih th ambek murang-maring. Majar
jelema sakitu lobana lh ku budak buncir saurang.
Kacaritakeun bja yn aya budak buncir boga hayam adu sakitu
meunanganana geus dugi ka Kangjeng Raja Galih Pakuan. Anjeunna
enggal nimbalan para ponggawa milarian budak buncir ta. Nu milarian
geus ber ka ditu ber ka dieu tapi nu dipilarian teu kapendak, teu aya
raratan-raratanana acan.
Kabeneran ku kapinteran Lngsr budak buncir th kapanggih. Ngan
waktu diajak ka karaton ngadeuheus ka Kangjeng Raja, budak buncir th
mugen, embungeun. Ari alesanana sieun ku patih. Budak buncir th nya
nyarita terus terang katugenahna ku patih. Nu jangji rk mr duit sarajut
kalah rk nyiksa. Patih nu modl kitu cenah kudu meunang hukuman.
Lngsr nyanggupan rk mrskeun masalah ta asal budak buncir
dak milu ka karaton. Kacaritakeun sanggeus Lngsr jangji mah, budak
buncir th dakeun milu.
Barang nepi ka karaton patih keur araya di dinya. Nempo budak
buncir panonna burulang-burileng tapi teu bisa kukumaha da sieuneun
ku raja. Budak buncir mah nempo patih kitu th tenang w siga teu aya
kakeueung.
Saparantos diparios ku raja, nggalna budak buncir terus terang hayang
ngadukeun hayamna jeung kagungan raja, nu geus sohor ka mana-mana
teu acan aya nu nglhkeun. Waktu diparios naon tumpangna, waler bu-
dak buncir, pati-hurip raga sareng badan. Dawuhan raja ti kami mah
cenah tumpanganana nagara sabeulah.
Isukna jelema-jelema geus pinuh di tempat pangaduan hayam rk lalajo.
Hayam raja mah datangna ka dinya g pada ngagotong jeung kurungna.
Ti barang datang disada kakak-kokok jeung pucak-pacok. Atuh si Budak
Buncir geus datang cingogo bari ngusapan hayamna Si Turundul.

52 Diajar B A S A S U N D A
Pamekar D
Buku Tuturus
Tut Guru SMA/MA/SMK/MAK Kelas XII
Barang geus ninggang kana waktuna dua hayam geus pasangsanghareup-
sanghareup. Hayam raja nu jangkung leuwih ti hayam patih, dongko bari
muridingkeun bulu beuheungna, panonna gular-giler sieun kapiheulaan
kabintih. Kecok Si Turundul sirahna dipacok, jebt dibintih. Ger nu lalajo
ram surak kabh ngabobotohan hayam raja. Ngan dibintih sakitu tarikna
Si Turundul teu rgrog-rgrog. Manhna gulak-gilek ngamankeun huluna
bisi kabeunangan deui. Kangjeng Raja Galih Pakuan imut ngagelenyu
ningali hayam aduanana nu sakitu ageungna, ngalawan hayam turundul,
eukeur mah leutik kawas kurang parab deuih, Tapi waktu Kangjeng Raja
imut kitu, teu kanyahoan kecok hayam kagungan raja dipacok jawrna,
jebt dibintih.
Kawas lawan-lawan Si Turundul nu ti heula, teu kudu ngadua kalian
dibintih, sakali g cukup. Barang jebt golpak ngagolr.
Kangjeng Raja ngarnjag reuwas teu aya papadana, Patih Purawesi
jeung Puragading tadina rk ngarontok budak buncir, ngan nggal dihuit
ku raja.
"Hy Patih! Teu meunang kitu! Geus puguh hayam urang nu lh, rk
naon deui! Kaula moal jalir jangji rk masrahkeun karajaan satengahna.
Geus adat nu sok ngadu ngan meunang jeung lh. Malah loba nu bak
kakayaanana ku ngadu!"
Barang ngadangu kasauran raja kitu, patih cicing teu ngomong
sakemk Harita knh karajaan Galih Pakuan beulah kulon dipasrahkeun
ka budak buncir. Beulah wtan mah geus dicepeng ku putrana Hariang
Banga.
Dina hiji kasempetan kauninga ku raja yn budak buncir th taya
lian ti Ciung Wanara putrana ku anjeun, nu dirorok ti oorok ku Aki
jeung Nini Balangantrang. Ku sabab kitu saur raja ka Ciung Wanara,
"Sukur hidep geus jadi budak prihatin. Jeung hidep boga karajaan lain
warisan, tapi hasil usaha sorangan. Muga-muga wa bisa ngajalankeun
pamarntahan, ari Ama mah ti wangkid ieu rk ngabagawan.
Diropa tina Hayam Ciung Wanara Unggul
Buku Jaka Gurumaya Ngaburak-barik Siluman

Drs. Tasdik 1996

Bab I 53
PITUDUH HUSUS
NO KAGIATAN
Sanggeus siswa maca tks ringkesan naskah carita pantun Ciung
Wanara satuluyna siswa nitnan jeung nyatetkeun kecap-kecap anu
15.
teu dipikaharti. Hal ieu ngandung maksud sangkan siswa babari
maham kana eusi carita pantun nu dibacana.

4.3 KABEUNGHARAN KECAP


KECAP HARTINA
Ajn
Ambek nyedek tanaga
midek
Balangantrang
Bbntng
Belegender
Dihuit
Dirorok
Geprak
Keselebrungan
Lawang saktng
Lngsr
Ngabagawan
Ngabintih
Nimbalan
Nyorn
Pakalangan
Pangagung
Panyirurukan
Ponggawa
Raratan
Sarajut
Satunjuk
Siih
Tumpangna
Wangkid

54 Diajar B A S A S U N D A
Pamekar D
Buku Tuturus
Tut Guru SMA/MA/SMK/MAK Kelas XII
4.4. NGAANALISIS UNSUR-UNSUR INTRINSIK KARYA SASTRA
NO KAGIATAN
Dina kagiatan diskusi jeung kelompokna siswa nganalisis unsur-
16. unsur intrinsik karya sastra nu nyangkaruk dina carita pantun Ciung
Wanara

UNSUR-UNSUR INTRINSIK KARYA SASTRA DINA CARITA


PANTUN CIUNG WANARA
Tma Palaku Galur Setting Amanat

4.5 RINGKESAN CARITA PANTUN CIUNG WANARA

NO KAGIATAN
Sanggeus kagiatan ngaanalisis unsur-unsur intrinsik rngs, siswa dilatih
parigel nyieun kacindekan carita nu dibacana ngaliwatan pola:

17.

Bab I 55
PITUDUH HUSUS
Kacindekan carita pantun Ciung Wanara

4.6 NYARITAKEUN DEUI RINGKESAN CARITA PANTUN CIUNG


WANARA
NO KAGIATAN
Sanggeus rngs nganalisis unsur-unsur intrinsik karya sastra nu
yangkaruk dina carita pantun Ciung wanara, wawakil kelompok
17. macakeun deui ringkesan carita pantun Ciung Wanara di hareupeu
kelas ku basana sorangan.
Ringkesan carita pantun Ciung wanara

56 Diajar B A S A S U N D A
Pamekar D
Buku Tuturus
Tut Guru SMA/MA/SMK/MAK Kelas XII
P angajaran 3
ARTIKEL

A. NGAIDNTIFIKASI ARTIKEL
NO KAGIATAN
Sammh pangajaran dimimitian, aya hadna peserta didik
dikondisikeun pikeun saregep nyanghareupan pangajaran. Upamana
ba ngaliwatan pernyataan: Tos siap diajar Basa Sunda? Upami tos
siap, mangga kaluarkeun buku basa Sunda sareng alat tulisna. Pikeun
1.
ngawangun karakter disiplin, guru mariksa jeung ngajak ngararapih
pakan seragam siswa. Sanggeus kondisi siswa katingal saregep, guru
bisa ngamimitian muka pangajaran ku pertanyaan: Tiasa Ibu/Bapa
ngawitan nerangkeun?
Guru nepikeun matri pangajaran anu rk dipedar nyata ngeunaan
matri ARTIKEL. Sammh prak nepikeun matri pangajaran,
2.
guru ngahubungkeun matri pelajaran anu geus dibahas jeung
matri pangajaran anu rk dibahas.
Guru nepikeun tujuan pembelajaran anu baris dihontal sabada
3.
diajar matri ngeunaan ARTIKEL.
4. Guru midangkeun conto ARTIKEL
Siswa maca teks ARTIKEL.

BANGSA LELEMBUT URANG SUNDA


Lelembut asal kecapna lembut. Lembut ngandung harti leutik, lembt
(sok diucapkeun lemt) atawa lemes. Budak lembut hartina budak leutik.
5. Huut lembut hartina huut lemes.
Lelembut sarua hartina jeung dedemit. Ari dedemit asal kecapna
demit hartina buni, rikip teu kaciri. Lelembutan hartina roh, sukma,
jiwa (soul) atawa batin manusa. Dedemitan hartina rerencepan, ririkipan
atawa susulumputan. Laku demit nyata pagawan nu dibuni-buni, nu
dilampahkeun rerencepan.
Bab I 57
PITUDUH HUSUS
Lelembut atawa bangsa lelembut th mahluk gaib anu teu katempo
ku panon lahir manusa. Najan sakali mangsa ari kawnhan sok katempo
jirimna atawa bungkeuleukanana. Nu kaasup bangsa lelembut di antarana:
jurig, bungaok, ririwa, memedi, kunti, klong, genderewo, duruwiksa,
pocong, siluman, jin, stan, iblis, sarta dajal (idajil).
Nurutkeun kapercayaan urang Sunda anu disebut jurig th ngaran
atawa sesebutan pikeun rupa-rupa lelembut anu sok nyingsieunan jelema
atawa ngaganggu jelema sina gering, sina cilaka jeung sina pok pikir
(saperti dina kasus anu kalangsu, katambias jeung kasarung) jsb.
Sesebutan anu kaasup jurig upamana jurig kuris, anu (cenah)
ngaliarkeun panyakit kuris. Jurig jarian, jurig anu cicingna di jarian. Jurig
kuburan jurig nu ngageugeuh di kuburan atawa disabudeureun makam.
Jurig cai, jurig anu aya di cai, di leuwi atawa di tampian. Aya sarupa jurig
cai disarebutna th lulun samak ngarupakeun samak leueur nu ngampar
di jero cai (di walungan, situ atawa di leuwi) lamun katincak sok langsung
ngagulung, tuluy metot mawa teuleum. Anu kagulung ku lulun samak th
tara manggapulia, malah nepi ka hanteuna. Ceuk ujaring carita, jalma nu
kagulung lulun sok dibetot terus sangsangkeun dina sdong anu nyumput
tur jero. Ari sdong ta dipercaya panonoban jurig cai ta.
Dina basa Indonesia, jurig atawa sabangsaning lelembut umumna
disebut hantu. Ari dina basa Sunda atawa dina kapercayaan urang Sunda
aya anu disebut hantu, sarupa jurig nu sok ngaganggu orok ti peuting.
Lamun ti peuting orok sok ngar ceurik ba, cenah ta orok th dideukeutan/
diganggu ku hantu. Demi panyinglarna ku cara dibura ku panglay jeung
jaringao anu sayaga dina kanjutkundang gonggorkan. Kanjutkundang
gonggorkan th wadah/kantong tina lamak anu mak pangrod minangka
pikeun mageuhan atawa nutupkeun sangkan eusina teu mancawura.
Kanjutkundang th ilahar diparak (digunakeun) ku nu anyar ngajuru
pikeun ngawadahan rupa-rupa palakiah sarupaning: panglay, jaringao,
lampuyang, konng temen, konng ged jsb. Mun budak gering, indungna
sok kurah-korh kana kanjutkundang nangan piubareun.
Ari ririwa? Ririwa sarupa jurig anu asalna tina lelembutan atawa roh
nu anyar maot. Ari maotna biasana teu sadrah atawa kapaksa upamana
maot lantaran ngagantung manh, nginum racun jsb. Ngaririwaan hartina
ngajungjurigan, ngaganggu nu hirup ku cara jadi ririwa.
Memedi kecap asalna wedi hartina sieun. Memedi sabangsa lelembut
anu rupana pikasieuneun cicingna di tempat-tempat anu geueuman
caranom.
58 Diajar B A S A S U N D A
Pamekar D
Buku Tuturus
Tut Guru SMA/MA/SMK/MAK Kelas XII
Aya deui sarupa jurig anu leuwih pikasieuneun deui lantaran matana
mh sakuriling awakna. Jurig anu matana sakuriling awakna disebut
banaspati. Kunti atawa kuntianak th sarupa jurig nu sok ngarupakeun
aww bari buukna ngaringkiwik tonggongna gorowong. Dina basa
Indonesia mah ilaharna th sundel bolong. Ck sakaol mah kuntianak
th asalna aww anu maot meteng. Maot meteng th maot keur reuneuh
orokna og milu dikubur.
Jarangkong atawa bobongkong jurig nu mirupa rorongkong jelema,
tulang-talng jeung tangkorkna hirup bisa leuleumpangan. Sedengkeun
istilah bobontot mah teu kaasup mahluk gaib da bobontot mah mayit nu
geus dibungkus ku boh sarta geus ditalian.
Kiciwis atawa jurig kiciwis ieu mah sora sada nu haharwosan teu
puguh kadngna. Panonoban kiciwis biasana handapeun tangkal kai ged
tur harieum saperti: caringin, kiara jnggot, loa, randu alas jsb.
Klong (lain kalong) atawa klongww ngaran sabangsa jurig anu
ck sakaol mah sok ngarawu budak nu liar sareupna. Sanggeus dirawu
ta budak th tuluy ba dibawa ka panonobanana di tempat anu sanget
tur harieum ku tatangkalan. Sigana mah ieu th panyingsieunan kolot
ka budakna ngarah wanci sareupna atawa wanci magrib ngararampih
ka imah sarta teu kamalinaan teuing ulin. Mun teu kitu nyingsieunana
th: Geura ngarampih barudak bisi aya sandkala! Sandkala th sok
dianggap lelembut nu sok ngaganggu barudak dina wanci sareupna.
Dina kapercayaan urang Sunda aya kekecapan: mapag kala, anu
hartina nyambut musibah atawa cilaka (pati). Kala di dieu ari sabenerna
mah hartina th waktu/mangsa. Mun seug dilenyepan asa bener pisan mun
kala (waktu) th mangrupa dadamelan gusti anu pangna: pangjugalana:
pangrosana, panggagahna, pangkuatna, pangjahatna, panghbatna, jsb.
Naon sababna pangna kitu? Apan naon ba anu kumelendang di ieu alam
pasti diteureuy ku sakadang kala (waktu) ta. Keur urang Sunda kitu deui
urang Jawa kapercayaan kana kala ta dipersonifikasikeun kana tokoh
wayang ruwatan Batara Kala. Nyata hiji tokoh buta anu sakti sarta jahat
nepi ka bisa ngageunjleungkeun alam kadwan. Batara kala th biasa sok
muncul dina acara ruwatan.
Genderewo jeung duruwiksa kaasup bangsa lelembut. Genderewo jeung
duruwiksa duanana kecap serepan tina bangsa Sangsekerta. Genderewo asal
kecap tina gandarwa. Kacaritakeun dina lalakon Ramayana: Rama, Sinta
jeung Laksmana di leuweung Dandaka diganggu ku bangsa gandarwa,
bangsa lelembut nu aya di ta leuweung.
Bab I 59
PITUDUH HUSUS
Manh mah euweuh pisan euih-euihna ka kolot th! Kilangbara
nyenangkeun mah atuh ulah-ulah ngadorksakeun. Bisi doraka ta th!
Kecap ngadorksakeun asalna tina kecap ngaduruwiksakeun. Duruwiksa
tina kecap durbiksa, sabangsa lelembut nu aya di leuweung nu pagawanana
tukang nyusahkeun jelema (Loba jalma nu kasarung di jero leuweung nepi
ka linglung) cenah mah ta th pagawan duruwiksa.
Di antara bangsa lelembut atawa mahluk gaib nu sok katnjo jirimna
atawa bungkeuleukanana th pocong. Bungkeuleukanana mak boh
dipocongkeun. Dipocongkeun th bohna dibeungkeut luhureun sirah
jadi siga hulu pocongan par. Sapocong par sarua jeung saeundan atawa
satengah geugeus.
Bangsa lelembut sjnna nyata siluman. Siluman bangsa lelembut anu
asalna tina jelema atawa sato (upamana maung) nu tilem atawa ngahiang,
ngaleungit jadi siluman. Anu disebut onom cenah bangsa siluman anu
ngageugeuh rawa Onom di Ciamis di Pulo Majeti.
Dina kapercayaan urang Sunda asana teu aya nu disebut tuyul. Da
ieu istilah th mimiti nyebar di urang dina taun 70-an sabada mahabuna
lotr saperti Totokoni, Nalo jsb. Di urang mah jurig leutik sabangsaning
tuyul th disebutna kecit. Kecit th mh sarua jeung tuyul nyata lelembut
anu bisa dipiara tur bisa dititah maling duit. Ngan istilah kecit popilerna
kalindih ku istilah tuyul.Tuyul digambarkeunana mangrupa budak leutik
hideung (lestreng) sirahna gundul bari bubulucun. Ari pangaresep tuyul th
nyonyoo keuyeup anu ku urang Jawa mah disebut yuyu.
Jin mahluk gaib damelan Gusti Alloh swt. Anu kudu ibadah cara
manusa. Jin teu bda ti manusa aya nu Islam aya nu kapir. Ari stan
mahluk gaib nu diciptakeun tina dat seuneu. Pagawanana purah ngagoda
manusa sina kupur atawa sina musrik ngarah jadi batur manhna di
naraka. Iblis ngaran stan anu ngagoda Nabi Adam sareng Siti Hawa,
dugi ka Siti Hawa mah lh wowotan nuang buah Holdi dugi ka diusirna
ti surga ku Alloh swt. Ari Dajal atawa Idajil mangrupa stan bolongkotan
anu kacida ngagodana ka manusa.

Yasana Dedy Windyagiri


Mangl No. 1996

60 Diajar B A S A S U N D A
Pamekar D
Buku Tuturus
Tut Guru SMA/MA/SMK/MAK Kelas XII
NO KAGIATAN

Sanggeus siswa rngs maca artikel, kalayan diaping ku guru, siswa


nepikeun pertanyaan sabeudeureun matri ajar ARTIKEL, medar
kabeungharan basana jeung maham struktur tulisan dina wanda
artikel upamana ba ku pertanyaan Kungsi hidep maca wacana
saperti ieu? Lamun kungsi, tina naon hidep maca tulisan nu
saperti ieu? Naha tina koran, majalah, atawa internt? Sammh
medar matri pangajaranana, prak ku hidep rumuskeun hal-hal nu
6.
hayang diguar dina ieu matri dina wangun pertanyaan. Sangkan
hidep leuwih paham kana eusi ieu bacaan, tengetan tur tuliskeun
kekecapan anu teu dipikahartina! Eta kekecapan nu teu kaharti teh
tuluy susun jadi glosasrium
Ku cara macaan, nengetan jeung nuliskeun kekecapan anu teu
dipikaharti ku siswa dipiharep pangaweruh kabeungharan basana
ngajembaran.

Pertanyaan anu dipiharep muncul ti diri siswa diarahkeun


kana mikawanoh jenis tulisanana heula. Tuluy sistematika
penyajianana (bubuka, pedaran kacindekan). Mana bagian bubuka,
eusi(pedaranana) jeung panutup (kacindekanana). Sanggeus kitu,
kakara kana rarangkay karangan. Hal ieu miboga tujuan sangkan
siswa boga gambaran
kumaha carana ngamimitian nuliskeun deui karangan anu rk
ditulisna.
7.
1. Medar perkara naon ta tulisan th?
2. Naon anu dicaritakeun dina paragraf ka-1 nepi ka paragraf
ka-4?
3. Paragraf anu mana nu nuduhkeun panutup ta tulisan? Tuliskeun
kalimah mimitina!
4. Kaasup kana wanda tulisan naon ta bacaan th? Dongng,
wawacan, carita pantun, carpon atawa artikel?
5. Tuliskeun/tangan ku hidep anu dianggap jadi topik utama
dina unggal paragrafna!

Bab I 61
PITUDUH HUSUS
1.1 KABEUNGHARAN KECAP
KECAP HARTINA
bolongkotan
bubulucun
caranom
dibura
geueuman
harieum
kalindih
kanjut kundang
kawnhan
kuris
mancawura
tara manggapulia
ngageugeuh
ngaliarkeun
ngaringkiwik
ngar
palakiah
pangrod
panon lahir
panyinglarna
pok pikir
purah
rorongkong
ruwatan
sareupna
sayaga
sdong
tampian
lh wowotan

62 Diajar B A S A S U N D A
Pamekar D
Buku Tuturus
Tut Guru SMA/MA/SMK/MAK Kelas XII
1.2 ISTILAH PATEMPATAN DINA BASA SUNDA
Ari sedong ta dipercaya panonoban jurig cai ta
KECAP (NGARAN
HARTINA/LARAPNA DINA KALIMAH
TEMPAT)
sdong sgogan( sarupa guha) di sisi walunga
Ari sdong ta dipercaya panonoban jurig cai
ta.
leuwi
babantar
jste

1.3 BABASAN JEUNG PARIBASA SUNDA


a. Babasan
Mun budak gering, indungna sok kurah-korh kana kanjut kundang nangan
piubareun.
Babasan Harti jeung larapna dina kalimah

b. Paribasa
Anu kagulung ku lulun samak th tara manggapulia, malah nepi ka hanteuna.
Paribasa Harti jeung larapna dina kalimah

B. NGAGUAR ARTIKEL
NO KAGIATAN
Sangkan siswa leuwih paham kana konsp jeung tiori artikel,
siswa jeung guru ngayakeun diskusi pikeun medar pasualan-pasualan
anu muncul tina pertanyaan siswa. Siswa ngaeksplorasi materi
8.
artikel ngaliwatan buku sumber jeung sumber pelajaran sjnna
ngaliwatan interaksi di kelas, diskusi jeung macaan, jeung nangan
conto-conto artilel dina internt.

Bab I 63
PITUDUH HUSUS
Guru ngalelempeng tur ngeuyeuban pangaweruh siwa ngaliwatan
konsep-konsep jeung umpan balik. Ieu di handap kapindangkeun
ngeunaan wangenan jeung unak-anikna ngeunaan artikel.
Dina media massa, kayaning majalah, koran atawa media online,
di sagdngeun eusina ngamuat berita th mindeng og ngamuat
artikel atawa bahasan. ta artikel th eusina mangrupa pangaweruh
nu umum tur haneut knh (aktual & faktual). Jejer tulisanana
nyoko kana masalah nu patali jeung: budaya, sosial kemasarakatan,
hukum, olah raga, kashatan, konomi jst., tangtuna anu ged
mangpaat pikeun ngajembaran sawangan urang.
Wanda-wanda artikel biasana digolongkeun dumasar saha nu
nulisna, fungsi jeung kapentinganana. Ditilik tina jihat nu nulisna
aya nu disebut artikel redaksi jeung artikel umum. Artikel redaksi
nyaeta tulisan nu digarap/ditulis ku redaksi dumasar tema nu jadi
eusi penerbitan. Sedengkeun artikel umum mangrupa tulisan nu
ditulis ku umum. Demi fungsi jeung kapentinganana, aya artikel
husus jeung artikel sponsor. Artikel husus sok disebut oge artikel
redaksi, sedengkeun artikel sponsor nyaeta artikel anu ngadadarkeun
hiji hal supaya dipiwanoh ku balarea.
Artikel th ngabogaan harti salaku hiji karangan faktual
(nonfiksi) ngeunaan hiji masalah sacara lengkep, anu panjangna
teu tangtu, pikeun dimuat di media massa. Artikel kaasup kategori
tulisan views (sawangan, nyata tulisan anu eusina sawangan, ideu,
opini, kumaha nu nulis ngajn kana hiji masalah atawa kajadian.
Artikel th hartina karya tulis lengkep dina mdia massa
saperti surat kabar, majalah, tabloid, jeung sajabana. Aya og nu
nyebutkeun, artikel nyata tulisan lepas nu eusina mangrupa opini
hiji jalma anu ngajujut hiji masalah nu tangtu, sipatna aktual atawa
kontrovrsial kalawan udagan pikeun mr nyaho (informatif) jeung
ngayakinkeun (prsuasif argumntatif), atawa ngahibur halayak nu
maca (rkratif). Nu dimaksud lepas th sabab saha wa bisa nulis
artikel, kalawan topik anu bbas, saluyu jeung minat sarta widang
kaahlian dirina masing-masing. Nu nulis artikel raket patalina jeung
hiji ideu atawa gagasan ngeunaan pasualan jeung solusi anu hayang
ditepikeun ka halayak. Nulis artikel, biasana miboga udagan pikeun
nawarkeun solusi pikeun ngungkulan masalah, ngadidik, ngahibur
jeung mangaruhan nu maca.

64 Diajar B A S A S U N D A
Pamekar D
Buku Tuturus
Tut Guru SMA/MA/SMK/MAK Kelas XII
A. Kalungguhan jeung Kagunaan Artikel
1. Penerjemah warta dina kalawarta
Pikeun kalawarta, tabloid, atawa majalah, artikel nu ditulis ku
ahli dina widangna miboga fungsi minangka pangaping sakaligus
minangka penerjemah jeung nu nganalisis warta. Artikel,
miboga fungsi pikeun ngahijikeun fakta-fakta dina warta kana
hiji wengkuan jntr, tandes, sarta ngeunah dibacana.
2. Wahana diskusi geusan nangan solusi sarta pross aktualisasi
jeung ksistnsi diri.
a. Wahana diskusi jeung sosialisasi gagasan.
Salaku masarakat intelk, nu nulis tangtu miboga kahariwang
ngeunaan naon nu kabandungan, kabaca, katempo, nu
kadng, sajeroning pangalamanana. Tuluy manhna ngajn
sarta ngangtukeun sikep kana pokok pasualanana. Salaku
individu nu intelk manhna miboga sikep ngeunaan hiji
bebeneran, kajujuran, kaadilan, dmokrasi, nanjeurkeun
hukum, norma-norma sosial agama, atawa hal anu sifatna
normatif og diaku sacara universal.
b. Sarana kontribusi pamikiran pikeun mr solusi kana hiji
masalah.
Pikeun nu nulis artikel, yn nulis pikeun mdia massa th
dirojong ku tkadna pikeun mr kontribusi pamikiran
dina raraga nang solusi kana hiji hal anu karandapan ku
masarakat atawa bangsa.
c. Sarana aktualisasi sakaligus pikeun ksistnsi diri.
Teu saeutik jalma sacara sadar nulis artikel konsumsi prs th
minangka sarana aktualisasi sakaligus ksistnsi diri. Descrates
miboga pamadegan cogito ergo sum saya berpikir maka saya
ada. Ngan jalma nu dak mikir nu bisa nmbongkeun ajn
diri nu bakal diaku ku masarakat.
B. Ciri Artikel
Artikel nu ditulis pikeun kalawarta atawa majalah mibanda
tujuh ciri:
1. Aya ngaran nu nulisna (by line story)
Artikel nyata karya individual, hartina dina artikel ngaran nu nulis
kudu dicantumkeun kalayan jelas. Pikeun artikel opini ngaran
nu nulis biasana ditulis di luhur/di handapeun judul tulisan.Tapi
lamun kategorina di luar opini contona artikel ringan jeung
artikel praktis ngaran nu nulis ditulis rada disumputkeun ku cara
disimpen di ahir tulisan jeung ditempatkeun di jero kurung.

Bab I 65
PITUDUH HUSUS
C. GAGASAN UTAMA JEUNG RANGKAY TULISAN
NO KAGIATAN
Sanggeus siswa paham kana konsp tiori tulisan dina wanda
artikel, siswa diaping pikeun nyusun rangkay karangan, manggihan
jeung nangtukeun gagasan utama hiji tulisan, nyusun bagian
bubukana, bagian pedaranana jeung panutpna. Siswa dibagi jadi
sababaraha kelompok. Siswa nitnan deui conto-conto artikel.

DIHIN PINASTI ANYAR PINANGGIH


Saha nu teu ngangres ningal pirang-pirang jelema jeung sasatoan,
ujug-ujug musna kalld lambak gangas tsunami. Wawangunan jeung
tatangkalan mh rata jeung taneuh. Runtah pasolngkrah di unggal
tempat, ngahunyud di saban juru. Tempat nu tadina ndah jeung asri
th, deudeuh kiwari ngan kari ruruntuk. Kajadianana wuwuh sakedt
ntra stu teu disangka-sangka. Kakarnna ukur nysakeun rasa ketir
jeung watir ku ningali layon ngabarugigag pabalatak di mana-mana.
Dihin pinasti anyar pinanggih. Tegesing Alloh parantos mintonkeun
kakawasaanana.
Nu saralamet tina gulungan lambak gangas, tingjarerit-tingkarocak,
awor jeung nu maridangdam leungiteun anakna, kitu deui sabalikna.
Nini-nini rawah-riwih nangan incu kakasih. Bbn kaleleban ku
beubeureuhna. Randa-randa tingsalegruk micangcam nu jadi salakina.
Kokottngan, mapay-mapay unggal layon. Dilelekan bari disidikkeun
sugan anakna, sugan bapana, sugan indungna jst. Ngan lolobana lain
jeung lain ba. Pon kitu deui, imah katut harta bandana burakrakan, teu
kaciri urut-urutna acan. Loba nu bedah cimata, tinglenggerek bakating ku
nalangsa. Papakan ngan kari saraket awak. Pohara ngangresna lantaran
lieuk euweuh ragap taya. Cindekna mah loba nu katalangsara, nunggelis
pahatu lalis. Henteu sanak henteu kadang, hirup bet jadi nunggul pinang.
Nitnan korban tsunami harita nu kacida rohakana, jadi ngangres
kabina-bina. Habna mungguh kebat ka mana-mana. Tina galona
watir jeung ketir, bet ngagdng rasa kaahng. Kahmeng th dumh
ngabandungan nu tumerapna ka Pulo Simeulue. Nurutkeun data nu maot
ngan tujuhan, tina 6.306 jiwa jumlah pangeusina. Mungguh mun ngudag
kana logika mah asa pamohalan. Malah ta pulo th payus mun kudu
pangheulana carem kasirna lambak.

66 Diajar B A S A S U N D A
Pamekar D
Buku Tuturus
Tut Guru SMA/MA/SMK/MAK Kelas XII
Pangeusina og munasabah mun kudu musna kabh. Nurutkeun
akal shat utamana mun nelek-nelek kana kar (peta)- ta pulo th
apan sasatna paeunteung-eunteung jeung pangdeukeutna ka puseur lini.
Anggangna ti puseur lini ka ta pulo (Simeulue) th nurutkeun Dr.Yusuf
Surahman, M.Sc. Direktur Teknologi Inventarisasi Sumber Daya Alam
(TISDA) BPPT, kira-kira 60 km. Bandingkeun jeung ka Banda Aceh
anu anggangna kira-kira 400 km. Mungguhing mana kitu oge Gusti th
kagunganeun maksud anu tangtu.
Lian ti geus jadi katangtuan, dihin pinasti anyar pinanggih, ck
ujaring carita lobana nu saralamet th satemenna tumali jeung kapercayaan
masarakat kana mitos. Mitos th sumebarna tatalpa sacara turun-tumurun.
Wallahu alam kumaha ta mitos th dikemasna, naha ngaliwatan carita
(dongng), pakeman basa, totondn jst. Ngan seuhseuhanan eusina
mangrupa ppling nu kacida dipuhit ku masarakatna. Ck sakaol,
napakna ieu mitos, gelar tina luang nu kaalaman karuhunna dina abad
19-an. Bawirasa lamun nuduhkeun dina abad 19-an mah patali jeung
bituna gunung Rakata (Krakatau) dina tanggal 27 Agustus 1883.
Waktu Gunung Rakata, bitu, cenah laut th kawas nu kaserot.
Basisirna og nepi ka saat ngoltrak. Loba lauk nu tinggolpak kasaatan.
Jalma pahibut nyarokotan lauk nepi rada tengah. Tapi teu kungsi lila
basisir nu tadina ngoltrak th ngadak-ngadak pasang. Ujug-ujug lb ba
kagulung ku lambak -harita mah can aya istilah tsunami- anu pohara
ngagulidagna mh 24 meter luhurna. Jelema nu ngaralaan lauk th kabh
carem kalld lambak. Lambak nu rosa kebat hanjat ka darat, neumbrag
jeung ngababukan naon ba nu ngahalangan. Sabada surud, naon-naon
anu kasorang ku cai tuluy kabawa palid ka tengah laut. Tatangkalan,
sasatoan jeung pirang-pirang jalma lir beunang nyapukeun ba, jadi runtah
di tengah laut.
Pulo-pulo nu aya di sapanjang basisir Sumatra (Samudra Hindia)
kaasup pulo Simeulue og kalmbak. Pirang-pirang pangeusina musna
kabawa cai. Nya ku karuhun ta pulo, utamana ku nu salamet, ta kajadian
th dijadikeun catetan minangka ppling keur skslrna. ta ppling
th salahsahijina ditpakeun ngaliwatan kila-kila. Kila-kilana di mana
dunya ngariyeg, basisir ngoltrak, mangka kudu gura-giru marubus ka
leuweung atawa tempat anu laluhur. Tah waktu dunya ngariyeg (tanggal
26 Dsmber 2004) urang Simeulue mah cenah, cul naon-cul naon berebet
ba marubus ka pagunungan.

Bab I 67
PITUDUH HUSUS
Da kitu mungguh nurutkeun unggelna mitos. Teu wudu og ari
lemburna mah burakrakan. Ngan meureun, early warning system salaku
antisipasi gempa & tsunami nu kakara rk dibaladah ku pamarentah, mh
tinggaleun ketak ku urang Simeulue. Da keur urang Simeulue mah early
warning system enas-enasna mah pan nyampak dina mitos ta.
Nurutkeun sawatara katerangan, pangna urang Simeulue loba nu
saralamet th og disundang ku muhitna kana kapercayaan patali jeung
rupa-rupa pantrangan. Upamana, urang Simeulue teu welh mupusti
alam sabudeureunana (leuweung) lantaran patali sieun ku saniskara
pantrangan ta. Warga umumna tuhu kana papatah jeung kacida sieunna
kana ta pantrangan. Lantaran lamun ta pantrangan dirempak balukarna
baris nimbulkeun mamala boh ka dirina boh ka lingkunganana. Tuhuna
kana pantrangan ta, tumerapna leuweung-leuweung jadi angger weuteuh
jeung sanget lantaran taya nu ngaruksak jeung ngagunasika. Munasabah
ku weuteuhna leuweung, geus bisa nahan panarajang rohakana lambak
tsunami ta.
Apanan ajn-inajn budaya karuhun bangsa Indonesia baheula,
kacida mupusti alam sabudeureunana. Lantaran anggapanana yn unggal
barang, lian ti mahluk hirup, og ngabogaan jiwa atawa roh. Nya teu
anh mun baheula mah lamun rk nuar kai ged th paribasana henteu
wasa lantaran kacida sakralna utamana sieun aya mamala. Kai th kakara
dituaran lamun sammhna dilaksanakeun heula ritual. Nurutkeun
anggapanana yn kai th seuhseuhanana mah barang hirup nu ngabogaan
jiwa (roh). Ku kituna, ta kapercayaan th mh nanceb dina batin-batin
urang Simeulue. ta mitos minangka sawangan hirupna (weltanschauung)
pikeun numuwuhkeun kasadar jeung kasieun masarakatna sangkan tetep
mulasara harmonisna hubungan antara manusa jeung alamna. Munasabah
kaahngan nu tumiba ka pangeusi pulo Simeulue th teu leupas tina
kahanan rupa-rupa mitos nu dianutna. Jadi, ditilik tina kajian antropologi
mah mitos th ngabogaan pirang-pirang kagunaan, di antarana pikeun
ngadalikeun masarakatna (social control), alat pendidikan (pedagogical
device), jeung alat pemaksa sarta pengawas sangkan norma-norma
salawasna digugu tur diturut ku anggota masarakatna. Cindekna, lamun
mitos dipiara ganjaranana bakal salamet, sabalikna mun mitos diluli-luli
balukarna bakal nandangan mamala.
Tina musibah di Ach jeung Sumut nu pikaketireun, -utamana pasca
tsunami- ttla keur urang mah loba pisan tapakureunana. Hikmah naon nu
nyumput disatukangeunana? Bawirasa nyangkarukna wuwuh aya dina hat-
hat nu jalembar. Banda sasampiran nyawa gagaduhan.Wallahu alam.
Dede Kosasih Mangle No. 2009

68 Diajar B A S A S U N D A
Pamekar D
Buku Tuturus
Tut Guru SMA/MA/SMK/MAK Kelas XII
NO KAGIATAN
Ngaliwatan diskusi kelompok guru ngaping siswa manggihan
sistematika pidangan artikel Dihin Pinasti Anyar Pinanggih. Guru
10.
ngajelaskeun harti judul artikel sangkan siswa gancang maham kana
maksud anu nyangkaruk dina artikel.

Siswa nganalisis tma jeung struktur artikel.Tma artikel Dihin


Pinasti Anyar Pinanggih nyata musibah alam th mangrupa
papastn anu geus jadi katangtuan Gusti Nu Maha Susi, lain muncul
balukar ayana mitos dina kahirupan hiji masarakat, tapi urang salaku
manusa kudu bisa ngahargaan kana mitos nu aya dina kahirupan
masarakat pikeun pieunteungeun. Satuluyna siswa diaping pikeun
nganalisis bagian bubuka anu biasana dieusi ku pandangan umum
penulis kana tma anu rk dipedarna.
11. Saha nu teu ngangres ningal pirang-pirang jelema jeung sasatoan,
ujug-ujug musna kalld lambak gangas tsunami. Wawangunan jeung
tatangkalan mh rata jeung taneuh. Runtah pasolngkrah di unggal
tempat, ngahunyud di saban juru. Tempat nu tadina ndah jeung asri
th, deudeuh kiwari ngan kari ruruntuk. Kajadianana wuwuh sakedt
ntra stu teu disangka-sangka. Kakarnna ukur nysakeun rasa ketir
jeung watir ku ningali layon ngabarugigag pabalatak di mana-mana.
Dihin pinasti anyar pinanggih. Tegesing Alloh parantos mintonkeun
kakawasaanana.
Siswa diaping nganalisis gagasan utama dina unggap paragraf nu aya
dina conto artikel Dihin Pinasti Anyar Pinanggih. Tujuan sangkan
siswa boga gambaran kumaha carana nangtukeun jeung mekarkeun
gagasan utama kana tulisan anu rk disusunna. Gagasan utama dina
artikel Dihin Pinasti Anyar Pinanggih nyata:
1. rasa prihatin ningal korban musibah alam
2. loba jalma papisah jeung kulawargana alatan ayana musibah
alam
12.
3. kaahngan korban musibah tsunami Ach di Pulo Simeulue
4. kapercayaan nu dicekel sacara turun tumurun ku masarakat
Pulo Simeuleue
5. gempa tsunami Ach mh sarupa jeung kajadian bituna Gunung
Rakata
6. mitos urang Pulo Simeulue : lamun dunya ngariyeg (aya lini),
basisir ngoltrak, mangka kudu gura-giru marubus ka leuweung
atawa tempat anu laluhur
Bab I 69
PITUDUH HUSUS
7. salametna urang Pulo Simeulue lantaran muhit kana mitos anu
geus turun tumurun titinggal karuhunna
8. kajian mitos nurutkeun antropologi
NO KAGIATAN
Siswa nganalisis bagian panutup dina artikel Dihin Pinasti Anyar
Pinanggih
Tina musibah di Ach jeung Sumut nu pikaketireun, -utamana pasca
13.
tsunami- ttla keur urang mah loba pisan tapakureunana. Hikmah naon nu
nyumput disatukangeunana? Bawirasa nyangkarukna wuwuh aya dina hat-
hat nu jalembar. Banda sasampiran nyawa gagaduhan.Wallahu alam
Sanggeus diskusi kelompok rngs, siswa nepikeun prstasi kelompok
14.
di hareupeun kelas.
Guru ngatur siswa sangkan merenah diuk di tempatna masing-masing.
Guru ngaping siswa manggihan bahan pikeun nyusun artikel ku cara
nangan bahan-bahan tina kahirupan sabudeureun siswa boh di sakola
atanapi di lingkungan sabudeureun imahna. Upamana ba tma-tma
15.
nu aya hubunganana jeung:
- pangaruh internt pikeun kahirupan manusa
- mangpaat kagiatan ekstrakurikulr
- jste
Guru nunjuk salah saurang siswa pikeun nyebutkeun tma anu
16.
dipilihna.
Guru nunjuk salah saurang siswa pikeun macakeun gagasan utama
17.
tina tma anu dipilihna
Guru nunjuk salah saurang siswa pikeun nuliskeun conto rangkay
karangan anu disusunna di hareupeun kelas. Tujuanana sangkan siswa
18.
anu can ngarti jeung tacan bisa nyangkem kana materi pelajaran bisa
nambahan kaweruhna
Guru nunjuk salah saurang siswa pikeun macakeun hasil tulisanana di
19.
hareupeun kelas minimal bagian bubukana heula.

70 Diajar B A S A S U N D A
Pamekar D
Buku Tuturus
Tut Guru SMA/MA/SMK/MAK Kelas XII
P angajaran 4
PEMANDU ACARA

A. NGAIDNTIFIKASI PEMANDU ACARA


NO KAGIATAN
Satacanna pangajaran dimimitian, pikeun ngawangun karakter
didsiplin, guru ngecek karapihan pakan siswa. Satuluyna guru
ngeck jeung mariksa siswa anu henteu ngerjakeun PR pikeun
1.
ngawangun karakter jujur jeung tanggung jawab. Guru ngabsn siswa
saurang-saurang.Tujuanana supaya siswa ngarasa diperhatikeun sarta
apal kana ngaran, rupa jeung karakter siswa saurang-saurangna.
Guru nepikeun matri pangajaran anu rk dipedar nyata ngeunaan
PEMANDU ACARA. Sammh prak nepikeun matri
2.
pangajaran, guru ngahubungkeun matri pelajaran anu geus dibahas
jeung matri pangajaran anu rk dibahas.
Guru nepikeun tujuan pembelajaran anu baris dihontal sabada
3.
diajar matri PEMANDU ACARA.
Pikeun ngirut minat siswa, guru nayangkeun gambar pemandu acara
nu kawentar tur dipigandrung, saperti Robby Purba, pemandu acara
4.
Factor X, Daniel Mananta, pembawa acara Indonesian Idol,
Ayu Dewi, host acara music Dahsyat atawa Sarah Sechan.
Guru midangkeun vido hiji acara resmi, misalna: kagiatan upacara
5.
pembukaan pasanggiri, acara seminar, atawa acara pernikahan.

1. TKS NASKAH PEMANDU ACARA


1.1 TKS NASKAH PEMANDU ACARA PNTAS SENI
Assalamualaikum warohmatullohi wabarokatuh.
Langkung ti payun mangga urang sami-sami ngadeuheuskeun puji sinareng
sukur ka Alloh SWT anu parantos ngamparkeun nimat ka urang sadaya. Insya Alloh
nimat iman, nimat Islam wuwuh nimat silaturahmi, dugi ka urang dina danget ieu tiasa

Bab I 71
PITUDUH HUSUS
ditepunglawungkeun sawargi-wargi kalayan rahayu salamet. Nya ku rahayu salamet nu
janten marga lantaranana, dugi ka urang tiasa ngalaksanakeun rupi-rupi kagiatan anu
tos maneuh dilaksanakeun unggal taun nyata miling HUT RI anu ka-68. Kalihna ti
ta, teu hilap salam kawilujengan mugia ginuluran ka jungjunan urang sadaya Kangjeng
Nabi Muhammad SAW, ka kulawargina, ka para sohabatna, tur llbranana gubrag ka
urang sadaya nu umangken umatna. Amin
Hadirin anu ku sim kuring dipihormat!
Sateuacan medar ieu acara, sim kuring kalayan asmana panata calagara ngahaturkeun
wilujeng sumping ka para bapa, para ibu miwah hadirin sadayana anu parantos kersa
nyaosan pangulem panitia. Atuh teu hilap, og ngahaturkeun rwu nuhun laksa keti
kabingahan kana sagala rupi pangrojong boh moril boh materil, dugi ieu acara tiasa
lumangsung kalayan nyugemakeun. Sakali deui hatur nuhun nu taya wates wangenna.
Salajengna dina ieu kasemptan, sim kuring baris ngadugikeun runtuyan acara anu
baris dipidangkeun dina wengi ieu. Anu kahiji nyata bubuka; kadua, ngagalindengkeun
kalam Ilahi, katilu, rupi-rupi pamapag: pupuhu panitia, bapa Kads Bojong Inong; nu
kaopat bewarA sareng pamasrahan rupi-rupi penghargaan. Nu kalima, minangka acara
inti nyata rupi-rupi kamonsan nu dijangglkkeun dina pinton seni; nu pamungkasna
acara Doa.
Kanggo muka ieu acara, mangga urang sami-sami maos basmalah sasarengan.
Bismillahirrahmanirrahiim.
Acara kahiji nyata bubuka ku ngagalindengkeun ayat suci Al Quran anu baris
didugikeun ku Sadrk Hasan Bahaqi sareng saritilawahna ku Sadrk Siti Maryam.
Mangga dihaturanan.........
.................................................................
Acara kahiji parantos rngs, mugi nu ngaoskeun sareng urang nu ngaregepkeun
kalam illahi nemb sing knging barokah ti Gusti Nu Maha Suci. Sumangga urang
lajengkeun kana acara anu kadua nyata rupi-rupi pamapag. Pamapag nu kahiji
mangrupi laporan ti pupuhu panitia HUT RI ka-55. Ka Saderek pupuhu panitia
HUT RI ka-68 Indra Permana mangga dihaturanan.......
.................................................................
Hatur sewu nuhun ka pupuhu panitia anu parantos ngalaporkeun rupi-rupi
kagiatan dina salebeting miling HUT Kamerdkaan, mugi tiasa kamalum ku sadayana.
Salajengna, pamapag nu kadua bad ditma ku pamapag Bapa
Kads Bojong Inong. Pangersa Bapa Drs. H. Udin Solhudin dihaturanan
.................................................................

72 Diajar B A S A S U N D A
Pamekar D
Buku Tuturus
Tut Guru SMA/MA/SMK/MAK Kelas XII
Alhamdulillah, ku urang nemb kabandungan sasauranana Bapa Kads, anu cs
tur tmbrs. stuning brs ros basana, genah ngadangukeunana, mrnah larapna.
Hatur nuhun Bapa!.
Acara salajengna, mangrupi acara bewara pamasrahan rupi-rupi penghargaan sareng
hadiah tina lomba nu parantos dilaksanakeun. Ka pihak panitia dihaturanan kanggo
ngabwarakeun kajuaraan rupi-rupi lomba. Namung sateuacan panitia ngadugikeun
bwara, kumargi seueur pisan hadiah sareng penghargaan tina rupi-rupi kajuaraan, sim
kuring asmana panitia bad nandeskeun yn dina pamasrahan hadiah sareng penghargaan
th bad dipaparinkeun ku cara diselangsekarkeun dina acara pinton seni. Hatur nuhun.
Mangga panitia dihaturanan kanggo ngabwarakeun hasil kajuaraan.
.................................................................
Hatur nuhun. Hadirin anu ku sim kuring dipihormat.
Salajengna acara nu dianti-anti parantos dugi, ku mangrupi pinton seni bad
dikawitan. Mangga kaleprok heula barudak sing ram! Kanggo langkung
ngahirupkeun sareng ngaramkeun ieu acara, corong bad kasanggakeun ka Mang Minta
anu tos teu bireuk deui kanggo urang sadayana. Sumangga Mang Minta dihaturanan!
Alhamdulillah, acara demi acara parantos rngs dilaksanakeun. Sateuacan sim
kuring pamit, kalayan asmana panata calagara neda dihapunten tina samudaya kalepatan
sareng kakirangan. Hatur nuhun kana samukawis perhatosanana. Wassalamualaikum
warohmatullohi wabarokatuh.

1.2 TKS NASKAH PEMANDU ACARA DISKUSI (MODERATOR)


Hadirin, dina jirangan (sesi) nu ka dua ieu, jejer bahasan th sabudeureun
Ningkatkeun Aprsiasi Sastra Sunda di Kalangan Siswa SMA. Anu janten
pangjejerna nyata pangersa Bapa Dr. Gumiwang Raspati. Alhamdulillah dina danget
ieu anjeunna parantos aya di tengah-tengah urang sadaya (Anjeunna masih knh
calik dina korsi tamu, digndng ku kepala sekolah). Sumangga ka pangersa Bapa
Dr. Gumiwang Raspati dihaturanan ka payun. Hatur nuhun.
(Sabada tarapti sapuratina, kakara panumbu catur mimiti nyarita)
Assalamualaikum warahmatullahi wabarakatuh.
Kalayan ati nu wening, sumangga urang sami-sami muji sukur ka Allah SWT. tina
sugri nimat anu parantos dillrkeun ka urang sadaya. Kalayan widi-Na urang parantos
dilawungkeun dina ieu pasamoan kalayan kawilujengan.
Kanggo mitembeyan ieu acara, supados brs ros teu aya kuciwana, mangga urang
sami-sami ngaoskeun basmallah sasarengan! Bismillahirahmanniraahiim!

Bab I 73
PITUDUH HUSUS
Hadirin, hormateun sim kuring!
Dina enggoning, matakeun jeung ngahirup-huripkeun pangajaran sastra Sunda,
hususna daya aprsiasi sastra di kalangan para siswa th ttla henteu gampil. Tangtos
seueur pisan bangbaluh nu karandapan ku para siswa, ti ngawitan perkara kirangna
(mh disebatkeun teu aya) buku-buku bacaan sastra Sunda di perpustakaan sakola, teras
nma kana minat katut karep siswa kana sastra Sunda nu kirang. Margi salami ieu
aprsiasi para siswa kana karya sastra Sunda th tiasa disebatkeun ukur apal ngaran bari
teu terang wujud, komo dugi ka ngararasakeun nimat atawa ndahna ta karya. ta hal
th tiasa ngagambarkeun kumaha kaayaan pangajaran sastra nu sastu. Salami ieu para
siswa th ttla mung dijejelan tori sastra wungkul (verbalisme).
Para wargi nu sami gaduh tkad ngamumul budaya Sunda!
Ieu pasualan th tinangtos kedah sanggalna dibbrs tur diropa sangkan
pangajaran sastra Sunda th janten pangajaran nu pikaresepeun, kalayan tiasa ngipuk
sikep jeung karep nu had di kalangan para siswa. Naon ba atuh strategi katut cara-
cara pembelajaran aprsiasi sastra Sunda anu pikaresepeun tur tiasa ngirut siswa th?
Alhamdulillah, bingah anu taya hinggana wirh dina danget ieu Dr. Gumiwang Raspati,
kalayan kaweningan galihna parantos nyaosan pangulem panitia.
Hadirin, kanggo urang Sunda mah jenengan Dr. Gumiwang th tangtos hamo bireuk
deui. Anjeunna th Doktor dina widang pangajaran sastra, anjeunna mah nya sastrawan
nya budayawan Sunda. Payus pisan upami anjeunna th tiasa disebatkeun pakar dina
basa, sastra katut budaya Sunda. Nya panginten kanggo anjeunna tos manukna
ari kana perkara sastra mah. Namung kanggo langkung wanoh, saha ari Gumiwang
Raspati th? Sim kuring baris ngadugikeun riwayat hidup (Curriculum Vitae) anjeunna.
Gumiwang Raspati th dibabarkeun di Bandung......... jst..................
Hadirin nu mulya, waktos nu disayagikeun ku panitia kanggo ieu jejer
bahasan th aya 60 menit. Sim kuring baris nyageranan ieu waktos 30 menit ka Dr.
Gumiwang kanggo ngaguar ieu bahasan. Nu 30 menit deui urang mangpaatkeun
kanggo acara sawala. Sumangga ka Dr. Gumiwang dihaturanan kanggo ngadadarkeun
bahasanana...................
PANGJEJER :
........................
......................................................................
PANUMBU CATUR : Sadrk sadayana, tah kitu geuning pedaran Dr. Gumiwang th,
kalintang matak narik atina tur kahartos kumaha gk-gkanana
ngaronjatkeun apresiasi th. Cindekna mah pangajaran sastra
th kedah dikawitan ku macaan buku karya sastra atawa lalajo
heula pidanganana.

74 Diajar B A S A S U N D A
Pamekar D
Buku Tuturus
Tut Guru SMA/MA/SMK/MAK Kelas XII
Hadirin, hormateun sim kuring! Aya knh waktos 25 menit
deui, bilih di antawis sadrk aya anu kagungan kapanasaran,
unek-unek atanapi bad ngadugikeun kamandangna mangga
dihaturanan.
Aturanana, ka nu bad naroskeun atanapi sasauran, dipiharep
ngacungkeun panangan sareng nyebatkeun jenengan. Kalihna
ti ta, ka nu bad naroskeun patarosan th mugia tujul ba kana
pamaksadanana! Ieu jirangan th bad diajangkeun heula kanggo lima
panaros. Hal ieu saluyu sareng kasapukan pangjejer, patarosan sareng
kamandang hadirin th bad dicatet sadayana ba heula, waleranana
bad disakantenankeun. Atuh ka hadirin upami masih knh seueur
nu panasaran, insya Alloh manawi aya knh waktos, bad dibuka deui
jirangan kadua.
Hatur nuhun, tina nu lima panaros th, patarosan aya 3 nu 2 deui
mangrupi kamandang. Kanggo ngawaler kumaha cs jntrna, bnts
pertlana perkawis naon-naon nu didugikeun nemb ku panaros,
sumangga Dr. Gumiwang dihaturanan..........
PANGJEJER :
..........................
..........................................................................
..........................................................................
..........................................................................
..........................................................................

PANUMBU CATUR : Hadirin nu nyaah kana sastra Sunda !


Alhamdulillah, rngs nemb kapihatur pedaran ti pangersa Dr.
Gumiwang Raspati.Tina naon-naon nu nemb didugikeun ku anjeunna,
tinangtos urang tiasa nyindekkeun ku anjeun yn ngaronjatkeun daya
aprsiasi sastra th geuning saleresna mah gampil, upami urang engeuh
kana lngkah-lengkah atanapi cara-carana, sakumaha anu parantos
didadarkeun ku Dr. Gumiwang nemb.Tah ti wangkid ayeuna mangga
ka hadirin,urang sami-sami nawatuan sareng urang kawitan ku macaan
karya-karya sastra.Sakali deui sim kuring asmana panitia ngahaturkeun
rwu nuhun ka pengersa Dr. Gumiwang Raspati nu parantos medar
kamandangna perkawis aprsiasi sastra.Ka hadirin disuhunkeun kanggo
masihan keprok ka Dr. Gumiwang Raspati.
Alhamdulillah ieu acara th lumangsung kalawan lancar, brs ros
taya kuciwana. Kanggo mungkas ieu acara, mangga urang sami-sami
macakeun hamdallah sasarengan.Alhamdulillahirobbil alamiin.
Wabillahi taufik wal hidayah, wassalamualaikum warrahmatullahi
wabarakatuh.

Bab I 75
PITUDUH HUSUS
B. PERTANYAAN UMUM SABUDEUREUN PEMANDU
ACARA
NO KAGIATAN
Sanggeus rngs ngaidntifikasi tks pemandu acara,kalayan bingbingan
guru, siswa nuliskeun sababaraha hiji pertanyaan sabudeureun matri
pemandu acara:
6.
1. kumaha basa anu merenah nalika mandu acara?
2. kumaha ngamimitian muka acara?
3. kumaha nyusun runtuyan acarana?
NO. KAGIATAN
4. kumaha mungkas mandu acara
5. acara naon ba anu biasana merlukeun pemandu acara?

C. NGUMPULKEUN INFORMASI SABUDEUREUN


TKS PEMANDU ACARA
Panata Acara th aya sasaruaanana jeung runtuyan babagian biantara,
nyata aya bagian: bubuka, eusi jeung aya bagian panutup. Malah kalimah-
kalimah nu dipakena oge meh sarua jeung pok-pokan biantara, upamana bae:
muji sukur ka Nu Maha Kawasa katut nepikeun solawat ka Kangjeng Nabi,
ngahaturkeun nuhun ka hadirin anu tos ngaluuhan eta acara, ngadadarkeun
saniskara maksud jeung tujuan (eusi biantara) sarta ditutup ku sanduk-sanduk.
Ngan anu ngabedakeunana, ari dina biantara mah caritaan (nu dilisankeunana)
teh gembleng ti mimiti bubuka, eusi jeung panutup. Nu biantara mah tonggoy
bae nepikeun biantara ti awal nepi ka tamatna, sedengkeun ari panata Acara
(MC) ku lantaran purah ngatur lumangsungna acara, caritaanana henteu kebat
saperti biantara. Ari MC mah pancenna nyageranan (ngatur) waktu jeung
ngahaturanan saha bae nu rek cacarita atawa midangkeun pintonan. Ku sabab
kitu, pok-pokan MC mah tara papanjangan, cukup ku: bubuka nu eusina muji
sukur, nataan guluyurna acara, ditema ku ngahaturanan, nganuhunkeun jeung
mere komentaran (saperluna). Geura titenan ieu conto teks omongan MC di
luhur tadi!
BUBUKA:
Mangga urang sami-sami ngadeuheuskeun puji sinareng sukur ka Alloh
SWT anu parantos ngamparkeun nimat ka urang sadaya. Insya Alloh nimat
iman, nimat Islam wuwuh nimat silaturahmi, dugi ka urang dina danget ieu
tiasa ditepunglawungkeun sawargi-wargi kalayan rahayu salamet.

76 Diajar B A S A S U N D A
Pamekar D
Buku Tuturus
Tut Guru SMA/MA/SMK/MAK Kelas XII
NATAAN SUSUNAN ACARA:
Sim kuring baris ngadugikeun runtuyan acara anu baris dipidangkeun
dina wengi ieu. Anu kahiji nyata bubuka; kadua, ngagalindengkeun kalam
Ilahi, katilu, rupi-rupi pamapag: pupuhu panitia, bapa Kads Bojong Inong;
nu kaopat bewarA sareng pamasrahan rupi-rupi penghargaan. Nu kalima,
minangka acara inti nyata rupi-rupi kamonsan nu dijangglkkeun dina
pinton seni; nu pamungkasna acara Doa.
NGAHATURANAN:
sim kuring kalayan asmana panata calagara ngahaturkeun wilujeng sumping
ka para bapa, para ibu miwah hadirin sadayana anu parantos kersa nyaosan
pangulem panitia.
NGANUHUNKEUN:
a. Atuh teu hilap, og ngahaturkeun rwu nuhun laksa keti kabingahan kana
sagala rupi pangrojong boh moril boh materil, dugi ieu acara tiasa lumangsung
kalayan nyugemakeun. Sakali deui hatur nuhun nu taya wates wangenna.
b. Hatur sewu nuhun ka pupuhu panitia anu parantos ngalaporkeun rupi-rupi
kagiatan dina salebeting miling HUT Kamerdkaan, mugi tiasa kamalum ku
sadayana.
MUNGKAS ACARA:
Alhamdulillah, acara demi acara parantos rngs dilaksanakeun. Sateuacan
sim kuring pamit, kalayan asmana panata calagara neda dihapunten tina
samudaya kalepatan sareng kakirangan. Hatur nuhun kana samukawis
perhatosanana
Pancen antara MC jeung panumbu catur katingal aya sasaruanana, lantaran
sarua ngatur lumangsungna acara. Ngan ari panumbu catur mah ngatur
lumangsung acarana teh dina kagiatan sawala, kongres, konperensi jste.,
sedengkeun MC mah ngatur acara dina wengkuan anu leuwih lega. Sakumaha
nu geus ditetelakeun dina panganteur di luhur yen pancn panumbu catur th
kawilang penting, pangpangna pikeun ngatur patalimarga atawa jalanna sawala
(diskusi) sangkan henteu awut-awutan. Panumbu catur nu parigel mah biasana
bisa ngahirupkeun suasana nepi ka sawala th jadi hgar, henteu ngeuyeumbeu
atawa henteu monoton. Lian ti ta, panumbu catur og ngabogaan pancn
pikeun ngawanohkeun jati diri (CV= curriculum vitae) pangjejer ka pamilon.
Ari maksudna mah sangkan pangjejer th ulah aya kesan nikukur atawa nabeuh
manh. Salian ti ngawanohkeun pangjejer ka pamilon, panumbu catur og boga
wewenang nangtukeun lilana waktu nu diajangkeun pikeun pangjejer keur
ngadadarkeun bahasanana, kaasup nangtukeun (nunjuk) saha anu baris dibr
kasempetan pikeun nyarita atawa nanya (pamilon). Pamustunganana, dina

Bab I 77
PITUDUH HUSUS
pungkasan sawala, panumbu catur mah aya kalana sok nyindekkeun naon-naon
nu geus dipadungdengkeun. Geura ayeuna urang guar pereleanana:
BUBUKA
Hadirin, dina jirangan (sesi) nu ka dua ieu, jejer bahasan th sabudeureun
Ningkatkeun Aprsiasi Sastra Sunda di Kalangan Siswa SMA. Anu janten
pangjejerna nyata pangersa Bapa Dr. Gumiwang Raspati. Alhamdulillah dina
danget ieu anjeunna parantos aya di tengah-tengah urang sadaya
MUJI SUKUR
Kalayan ati nu wening, sumangga urang sami-sami muji sukur ka Allah SWT.
tina sugri nimat anu parantos dillrkeun ka urang sadaya. Kalayan widi-Na
urang parantos dilawungkeun dina ieu pasamoan kalayan kawilujengan.
Kanggo mitembeyan ieu acara, supados brs ros teu aya kuciwana, mangga
urang sami-sami ngaoskeun basmallah sasarengan
PANGJAJAP
Dina enggoning, matakeun jeung ngahirup-huripkeun pangajaran sastra Sunda,
hususna daya aprsiasi sastra di kalangan para siswa th ttla henteu gampil.
Tangtos seueur pisan bangbaluh nu karandapan ku para siswa, ti ngawitan perkara
kirangna (mh disebatkeun teu aya) buku-buku bacaan sastra Sunda di perpustakaan
sakola, teras nma kana minat katut karep siswa kana sastra Sunda nu kirang.
NGAWANOHKEUN RIWAYAT HIRUP (CV) PANGJEJER
Kanggo langkung wanoh, saha ari Gumiwang Raspati th? Sim kuring
baris ngadugikeun riwayat hidup (Curriculum Vitae) anjeunna. Gumiwang
Raspati th dibabarkeun di Bandung......... jst..................
NGAHATURANAN PANGJEJER NGAGUAR PEDARANANA
Hadirin nu mulya, waktos nu disayagikeun ku panitia kanggo ieu jejer bahasan th
aya 60 menit. Sim kuring baris nyageranan ieu waktos 30 menit ka Dr. Gumiwang
kanggo ngaguar ieu bahasan. Nu 30 menit deui urang mangpaatkeun kanggo acara
sawala. Sumangga ka pangersa Dr. Gumiwang dihaturanan kanggo ngadadarkeun
bahasanana.....
NGAHATURANAN PAMILON NEPIKEUN KAMANDANGNA
Aya knh waktos 25 menit deui, bilih di antawis sadrk aya anu kagungan
kapanasaran, unek-unek atanapi bad ngadugikeun kamandangna mangga
dihaturanan.
Aturanana, ka nu bad naroskeun atanapi sasauran, dipiharep ngacungkeun panangan sareng
nyebatkeun jenengan. Kalihna ti ta, ka nu bad naroskeun patarosan th mugia tujul ba kana
pamaksadanana! Ieu jirangan th bad diajangkeun heula kanggo lima panaros.
MUNGKAS ACARA SAWALA
Alhamdulillah, rngs nemb kapihatur pedaran ti pangersa Dr. Gumiwang

78 Diajar B A S A S U N D A
Pamekar D
Buku Tuturus
Tut Guru SMA/MA/SMK/MAK Kelas XII
Raspati. Tina naon-naon nu nemb didugikeun ku anjeunna, tinangtos
urang tiasa nyindekkeun ku anjeun yn ngaronjatkeun daya aprsiasi sastra
th geuning saleresna mah gampil, upami urang engeuh kana lngkah-
lengkah atanapi cara-carana, sakumaha anu parantos didadarkeun ku Dr.
Gumiwang nemb. Tah ti wangkid ayeuna mangga ka hadirin, urang sami-
sami nawatuan sareng urang kawitan ku macaan karya-karya sastra. Sakali
deui sim kuring asmana panitia ngahaturkeun rwu nuhun ka pengersa
Dr. Gumiwang Raspati nu parantos medar kamandangna perkawis aprsiasi
sastra. Ka hadirin disuhunkeun kanggo masihan keprok ka Dr. Gumiwang
Raspati.
Alhamdulillah ieu acara th lumangsung kalawan lancar, brs ros taya
kuciwana. Kanggo mungkas ieu acara, mangga urang sami-sami macakeun
hamdallah sasarengan. Alhamdulillahirobbil alamiin.
Wabillahi taufik wal hidayah, wassalamualaikum warrahmatullahi
wabarakatuh.

D. NGOLAH INFORMASI NGUNAAN TKS PEMAN-


DU ACARA
NO KAGIATAN

Sanggeus siswa narima informasi anu dibutuhkeun ngeunaan matri


tks tarjamahan, dina diskusi kelompok siswa diaping pikeun ngolah
informasi anu katarimana dina wangun praktk, nyoba jeung nyieun tks
7. pemandu acara sacara basajan. Siswa dibagi jadi 3 kelompok. Masing-
masing kelompok diwangun ku 12-13 urang. Tujuanana sangkan siswa
bisa prsntasi ngaragakeun tks pemandu acara anu disusunna luyu
jeung situasi anu sabenerna.

Guru ngasongkeun tma atawa jenis acara resmi nu sok biasa merlukeun
ayana pemandu acara:
1. ulang taun (milangkala) instansi/individual
8. 2. miling acara kaagamaan (maulid nabi, isro miraj) di
sakola/instansi/lembaga
3. pernikahan
4. pembukaan acara pasanggiri

Siswa milih jeung nangtukeun tma acara nu dipikaresep ku


9.
kelompokna.

Bab I 79
PITUDUH HUSUS
Dina kagiatan diskusi kelompok, siswa nyusun jeung milih kekecapan
10.
arkaik nu basajan dina bagian bubuka.
11. Siswa nyusun runtuyan acara luyu jeung tma acara nu dipilihna
12. Siswa nyusun bagian panutup tks mandu acara.
Kalayan bingbingan guru, siswa memener jeung nyampurnakeun tks
13.
mandu acara anu disusun ku kelompokna
14. Siswa latihan ngaragakeun tma acara nu dipilihna.

E. MIDANGKEUN HASIL NYUSUN TKS PEMANDU


ACARA
NO KAGIATAN
Siswa jeung kelompokna nepikeun hasil nyusun tks pemandu acara
12.
bari diragakeun luyu jeung situasi anu sabenerna di hareupeun kelas

80 Diajar B A S A S U N D A
Pamekar D
Buku Tuturus
Tut Guru SMA/MA/SMK/MAK Kelas XII
P angajaran 5
TARJAMAHAN

A. NGIMEUTAN TARJAMAHAN
NO KAGIATAN
Sammh pangajaran dimimitian, aya hadna peserta didik
dikondisikeun pikeun saregep nyanghareupan pangajaran. Upamana
ba ngaliwatan pernyataan: Tos siap diajar Basa Sunda? Upami tos
siap, mangga kaluarkeun buku basa Sunda sareng alat tulisna. Pikeun
1.
ngawangun karakter disiplin, guru mariksa jeung ngajak ngararapih
pakan seragam siswa. Sanggeus kondisi siswa katingal saregep, guru
bisa ngamimitian muka pangajaran ku pertanyaan: Tiasa Ibu/Bapa
ngawitan nerangkeun?
Guru nepikeun matri pangajaran anu rk dipedar nyata ngeunaan
matri TARJAMAHAN. Sammh prak nepikeun matri
2.
pangajaran, guru ngahubungkeun matri pelajaran anu geus dibahas
jeung matri pangajaran anu rk dibahas.
Guru nepikeun tujuan pembelajaran anu baris dihontal sabada diajar
3.
matri ngeunaan TARJAMAHAN.
Pikeun ngirut minat siswa, guru nayangkeun tks lagu barat anu
tmana ngeunaan kamanusaan atawa lagu sjn anu keur dipigandrung.
Imagine

By: John Lennon

Imagine theres no Heaven


Its easy if you try
No hell below us
Above us only sky
Imagine all the people
Living for today

Bab I 81
PITUDUH HUSUS
Imagine theres no countries
It isnt hard to do
Nothing to kill or die for
And no religion too
Imagine all the people
Living life in peace
You may say that
Im a dreamer
But Im not the only one
I hope someday youll join us
And the world will be as one

Imagine no possessions
I wonder if you can
No need for greed or hunger
A brotherhood of man
Imagine all the people
Sharing all the world
You may say that
Im a dreamer
But Im not the only one
I hope someday youll join us
And the world will live as one
2. Someone Like You
Adele
I heard that youre settled down
That you found a girl and youre married now
I heard that your dreams came true
Guess she gave you things I didnt give to you
Old friend, why are you so shy?
Aint like you to hold back or hide from the light
I hate to turn up out of the blue, uninvited
But I couldnt stay away, I couldnt fight it
I had hoped youd see my face and that youd be reminded
That for me, it isnt over
Never mind, Ill find someone like you
I wish nothing but the best for you, too
Dont forget me, I beg, I remember you said

82 Diajar B A S A S U N D A
Pamekar D
Buku Tuturus
Tut Guru SMA/MA/SMK/MAK Kelas XII
Sometimes it lasts in love, but sometimes it hurts instead
Sometimes it lasts in love, but sometimes it hurts instead
You know how the time flies
Only yesterday was the time of our lives
We were born and raised in a summer haze
Bound by the surprise of our glory days
I hate to turn up out of the blue, uninvited
But I couldn't stay away, I couldn't fight it
I had hoped you'd see my face and that you'd be reminded
That for me, it isn't over
Never mind, I'll find someone like you
I wish nothing but the best for you, too
Don't forget me, I beg, I remember you said
4. Sometimes it lasts in love, but sometimes it hurts instead, yeah
Nothing compares, no worries or cares
Regrets and mistakes, they're memories made
Who would have known how bittersweet this would taste?
Never mind, I'll find someone like you
I wish nothing but the best for you
Don't forget me, I beg, I remember you said
Sometimes it lasts in love, but sometimes it hurts instead
Never mind, I'll find someone like you
I wish nothing but the best for you, too
Don't forget me, I beg, I remember you said
Sometimes it lasts in love, but sometimes it hurts instead
Sometimes it lasts in love, but sometimes it hurts instead
http://www.metrolyrics.com/someone-like-you-lyrics-adele.html

NO KAGIATAN
Guru ngajak siswa ngawihkeun lagu kasebut babarengan sok sanajan
5.
ukur sapada.
Guru tumanya ka siswa saha-sahana anu bisa nyaritakeun deui eusi
6.
lagu kasebut sacara ringkes.
Sanggeus rngse mr motivasi awal ka siswa, guru museurkeun panitn
7. siswa kana matri anu rk dipedar nyata ngeunaan TARJAMAHAN
ku cara ngabagikeun conto tks tarjamahan.

Bab I 83
PITUDUH HUSUS
B. MACA TEKS TARJAMAHAN
NO KAGIATAN
Pek ilo ieu wacana th sing nepi kacangkem eusina!
SAYA dilahirkan di rumah peninggalan nenek moyang ibu, yang terletak di
samping balai desa Cibolrang, Jatiwangi, tapi sewaktu umur saya baru beberapa belas
bulan saya dibawa pindah ke rumah kakek di kampung Pasuketan,sebab kakek membeli
rumah di sana. Selanjutnya saya tinggal di sana hingga lulus Sekolah Rakyat.
Hal saya dibawa pindah ke Pasuketan penting diceritakan,sebab kalau saja saya terus
tinggal di rumah peninggalan nenek moyang ibu yang terletak di samping balaidesa,
tentu kisah hidup saya akan berbeda.
Desa Cibolrang adalah salah satu di antara tiga desa yang membentuk kota
kewedanaan (kini kecamatan) Jatiwangi. Dua desa lainnya adalah desa Sutawangi
dan Cicadas. Sutawangi di tengah-tengah, Cicadas di sebelah barat, sedang Ciborlang
di sebelah timur. Kota Jatiwangi yang secara administratif termasuk ke dalam wilayah
kabupaten Majalengka, secara kultural terletak di daerah tapal batas kultur Sunda dan
8 (Jawa) Cirebon. Waktu itu, ada dua bahasa sehari-hari yang digunakan oleh orang
Jatiwangi, yakni bahasa Sunda dan bahasa (Jawa) Cirebon, tergantung dari
lingkungan sosial dan pekerjaan masing-masing.
Di sekitar balai desa Cibolrang yang terletak di sebelah selatan jalan raya Cirebon-
Bandung di seberang pasar -disebut "Pasar Baru" karena pasar lama terletak di depan
balai desa Sutawangi- penduduk sehari-hari menggunakan bahasa Cirebon. Orang
Kaum (masjid terletak tepat di sebelah barat-laut desa, karena sepelataran) berbicara
dalam bahasa Cirebon. Demikian pula orang pasar berbicara dalam bahasa Cirebon,
meskipun penduduk yang tinggal di sebelah utara, timur dan barat pasar -jadi, yang
terletak di sebelah utara jalan raya Bandung-Cirebon- kebanyakan menggunakan
bahasa Sunda. Jadi, kalau saja saya tetap tinggal di rumah peninggalan nenek
moyang ibu yang disebut Blok Salasa, tentu saya pun sehari-hari menggunakan
bahasa Cirebon.

4. KECAP SEREPAN TINA BASA ASING


KECAP SEREPAN TINA BASA ASING
ARAB NGGRIS WALANDA PORTUGAL SANSEKERTA

84 Diajar B A S A S U N D A
Pamekar D
Buku Tuturus
Tut Guru SMA/MA/SMK/MAK Kelas XII
C. PERTANYAAN UMUM SABUDEUREUN TKS TAR-
JAMAHAN
NO KAGIATAN
Sanggeus ngilo tks tarjamahan, kalayan bantuan guru, siswa nyusun
pertanyaan ngeunaan tks tarjamahan anu dibacana. Guru bisa
nambahan atawa mr conto pertanyaan pikeun ngamotivasi siswa.
8. Misalna:
1. Naon anu dimaksud tarjamahan?
2. Kumaha cara-cara narjamahkeun anu bener?
3. Bacaan anu kumaha ba anu sok ditarjamahkeun th?

D. NGUMPULKEUN INFORMASI SABUDEUREUN


TKS TARJAMAHAN
NO KAGIATAN
Siswa diajak ngeuyeuban pangaweruhna ngaliwatan ksplorasi
sabaraha sumber bacaan jeung sumber belajar di sakola, misalna buku
9.
pakt, koran, majalah, internt, diskusi jeung babaturan sakelas. Guru
mr umpan balik.
Siswa sina mutalaah ngeunaan hakekat Tarjamahan katut unak-
anikna. Materina kapidangkeun ieu di handap.
Tarjamahan teh nyata karya hasil narjamahkeun tina basa sjn.
Istilah sjn sok aya nu nyebut alih basa. Pross narjamahkeun,
boh karya ilmiah boh karya (sastra) biasana diusahakeun sangkan
papak pisan jeung aslina. Pangpangna dina karya sastra, kagiatan
narjamahkeun th lian ti mertahankeun segi-segi sjnna, anu
pangutamana th dina segi basana (gaya basa, pilihan kecap, ungkara,
jst.) jeung kualitas senina. Ajip Rosidi (kurang leuwih taun 80-
10.
an) kungsi midangkeun artikel nu ntlakeun yn tarjamahan th
kudu geulis jeung satia. Geulis maksudna kandahanana kudu
bisa kapindahkeun, ari satia maksudna ulah mngpar tina rakitan
wacana sumber.
Dina priodeu sammh Perang Dunya II anu ra digarap ku
pangarang Sunda th saduran, lain tarjamahan. Dina saduran mah
lain wa alih basa-na bbas, tapi karya deungeun th dipapantes,
disusurup jeung kaayaan di urang. Istilah sjn anu sok mindeng
digunakeun harita nyata salinan atawa nyalin.
Bab I 85
PITUDUH HUSUS
Dina mangsa sammhna, nyata dina periodeu naskah
(manuscript), anu disebut nyalin th bisa jadi narjamahkeun (bbas),
transliterasi atawa transkripsi atawa bener-bener nulad (aksarana,
basana teu diganti).
Kagiatan narjamahkeun th teu kawatesanan ukur pikeun
karangan ilmiah wungkul.Tapi mh saban widang palmuan kungsi
ditarjamahkeunkarya-karyana. Ku lantaran kitu, majuna palmuan
th ngabelesat pisan.
Umumna karya-karya anu sok diterjemahkeun th di antarana
karya sastra. Dina karya sastra, urang baris mikawanoh nu disebut
karya tarjamahan. Demi karya tarjamahan th nyata karya nu
ngahaja ditarjamahkeun ku nu narjamahkeun sangkan balara
(masarakat pamaca) bisa maca ta karya.Ari karya nu ditarjamahkeun
kana rupa-rupa basa dikasangtukangan ku lantaran ta karya th
dianggap fenomenal atawa karya masterpiece. Lian ti ta, bisa jadi
lantaran nu nulis ta karya th kasinugrahan hadiah nobel sastra.
ta karya masterpiece th nya tuluy ba ditarjamahkeun kana rupa-
rupa basa, nu tujuanana sangkan ruang lingkup atawa segmentasi nu
macana leuwih lega deui. Ngan anu jadi pasualan, aya kalana karya
nu ditarjamahkeun th sanggeus meunang pangajn bet teu luyu
jeung eusi/amanat nu nulisna. Nu matak teu anh loba nu maca
ngarasa kuciwa ku hasil tarjamahanana.
Jadi tukang narjamahkeun th mmang lain pagawan nu
enteng-enteng. Sabab ari narjamahkeun th butuh mikapaham
kumaha eusi karya sastra dimanaan jadi hiji hal anu ngabogaan
sasaruaan mana jeung karya aslina. Ku lantaran kitu, pikeun nu
narjamahkeun mah kudu enya-enya mikapaham maksud nu nulis
ta karya nu ditarjamahkeunana, sammh dijangglkkeun dina
wangun karya nu geus ditranformasikeun ta.
Dina taun 1952, kungsi medal hiji novel anu judulna The Old
Man and The Sea karya Ernest Hemingway. ta novel th kandelna
(127 kaca panjang) tur kasinugrahan hadiah nobel sastra. The Old
Man and The Sea teu wudu pada narjamahkeun kana rupa-rupa
basa. Saperti basa Arab, Indonesia, jrrd. Salaku karya tarjamahan, ieu
novel th kungsi ditarjamahkeun kana basa Indonesia ku Dian Vita
Ellyati jeung Sapardi Djokodamono.

86 Diajar B A S A S U N D A
Pamekar D
Buku Tuturus
Tut Guru SMA/MA/SMK/MAK Kelas XII
Ari narjamahkeun karya sastra enas-enasna mah pross ngarobah
boh dikurangan boh ditambahan nu ahirna bda jeung karya aslina.
ta pamadegan aya benerna, nya kitu pisan. ta hal th kabuktian
tina bungkeuleukna jumlah kaca karya tarjamahan nu leuwih ipis
atawa kandel batan karya nu aslina. Geura we novel nu aslina aya
127 kaca, nya teu mustahil sanggeus ditarjamahkeun beunang Dian
Vita Ellyati th jadi 132 kaca. ta hartina nambahan/ngurangan
tina karya asli The Old Man and The Sea. Di sagedngeun ta,
lantaran novel th ditarjamahkeunana ku dua urang pangarang anu
bda, nya tangtu ba hasil tarjamahanana og bakal bda, utamana
dina ngamanaan amanat jeung eusi ta novel. Lamun Dian mah
ngamanaan novel karya Hemingway th estuning tukuh kana
aturan tata basa. Sedengkeun ari Sapardi mah ngamanaanana ta
novel th ku cara ngarkontruksi karya aslina jadi jadi karya wanda
anyar, bari teu ngaleungitkeun amanat/pesan nu sastu ti pangarang
aslina.
ta saperkara narjamahkeun prosa dina winangun novel, tangtu
bakal bda deui lamun urang rk narjamahkeun puisi (sajak).
Malah aya nu nyebutkeun yn narjamahkeun puisi mah jauh
leuwih bangga batan narjamahkeun prosa. Parandn kitu lebah
narjamahkeun puisi mah ged kamungkinan sarua banggana jeung
nulis ta puisi, anu henteu cukup ku modal kamampuh ngagunakeun
basa aslina, tapi og kudu weruh kana basa katut budaya hasil
tarjamahanana. Bh dituna anu narjamahkeun puisi mah kudu
mibanda pangalaman kapenyairan, pangalaman ngaracik kekecapan,
pangalaman ngagunakeun mtafor, pangalaman ulin jeung imaji,
jeung pangalaman ngagunakeun diksi. Upama henteu mibanda
pangalaman ta, tinangtu bakal lapur lantaran hasil tarjamahanana
baris jadi karya anu taya pulukeunana.
Narjamahkeun prosa kamungkinan itunganana kalimah per
kalimah, demi itungan dina puisi mah kecap per kecap, jadi tangtu
bakal leuwih banggana. Ku ayana kitu, narjamahkeun puisi og
kudu pinter jeung seukeut dina milih hiji kecap di antara kecap-
kecap sjn anu teu pamohalan hartina sarua.

Bab I 87
PITUDUH HUSUS
E. NGUMPULKEUN INFORMASI SABUDEUREUN
TKS TARJAMAHAN
NO KAGIATAN

Sanggeus siswa narima informasi anu dibutuhkeun ngeunaan


matri tks tarjamahan, dina diskusi kelompok siswa diaping pikeun
ngolah informasi anu katarimana dina wangun praktk, nyoba jeung
narjamahkeun PUISI sacara basajan.

You Mom
You taught me to hold
Tears pouring rain
To always be patient in the trial
Prostration and kneeling on the Lord ...

You couplet formed by prayer


Take care of the crime
Sweep me away by the dust
That will make me fall ...

You are an inspiration in life


Leads to sweep the obstacles
With that build confidence
Patience and care to create ...

You are a hero throughout the ages


Sweat makes science
Crying makes light guide
Dusk making a new spirit ...

You set the clouds


Will not disappear by the moon
Your love is eternal
Until later I had a dream in a grave ...

Where you stand


Place last steps
Share Them all miss the place
And a place to complain ...

88 Diajar B A S A S U N D A
Pamekar D
Buku Tuturus
Tut Guru SMA/MA/SMK/MAK Kelas XII
You (the mother) there is no indelible
By the swift exposure to sea
By the anger of the earth ground
11. My heart and will always be an integral ...

http://www.dhono-wareh.com/2013/04/puisi-dalam-bahasa-
inggris-untuk-ibu.html
Sanggeus siswa narima informasi anu dibutuhkeun ngeunaan matri
tks tarjamahan, dina diskusi kelompok, siswa diaping pikeun
ngolah informasi anu katarimana dina wangun praktk, nyoba jeung
narjamahkeun LAGU sacara basajan.

BEN
Michael Jackson
Ben, the two of us need look no more
We both found what we were looking for
With my friend to call my own Ill never be alone
And you my friend will see, youve got a friend in me

12. Ben, youre always running here and there


You feel youre not wanted anywhere
If you ever look behind and dont like what you find
Theres something you should know, youve got a place to go

I used to say, I, And Me


Now its Us, Now its We

Ben, most people would turn you away


I dont listen to a word they say
They dont see you as I do I wish they would try to
Im sure theyd think again if they had a friend like Ben
Like Ben, like Ben
http://www.metrolyrics.com/ben-lyrics-michael-jackson.html
Sanggeus siswa narima informasi anu dibutuhkeun ngeunaan matri
tks tarjamahan, dina diskusi kelompok, siswa diaping pikeun
13. ngolah informasi anu katarimana dina wangun praktk, nyoba
jeung narjamahkeun tks bahasa Indonsia kana basa Sunda
sacara basajan.

Bab I 89
PITUDUH HUSUS
Selama puluhan tahun berkecimpung menyebarkan risalahnya,
Kiai Gozali tidak henti-hentinya menggunakan bahasa Sunda. Beliau
sering menyebut bahasa Sunda dengan bahasa pedesaan. Malah
mengaku bangga dirinya disebut ulama pedesaan. Ulama yang setiap
gerak-gerik langkah serta ucapannya dimengerti dan dipahami oleh
masyarakat pedesaan. Bahasanya tidak muluk-muluk, tidak untuk gagah-
gagahan supaya memberi kesan hebat. Gaya bahasa Kiai Gozali sangat
plastis dan realistis. Karena pemahamannya terhadap psikologi massa,
beliau sangat konsisten dan menyadari bahwa objek dakwah di Jawa
Barat lebih didominasi orang-orang yang mengerti dan memahami bahasa
Sunda
Sanggeus siswa narima informasi anu dibutuhkeun ngeunaan matri
tks tarjamahan, dina diskusi kelompok, siswa diaping pikeun
ngolah informasi anu katarimana dina wangun praktk, nyoba
jeung narjamahkeun tks basa Sunda kana basa Indonsia
sacara basajan.

............Naon atuh bdana Harli jeung Honda Tiger atawa motor


nu sakelas jeung Harli? ta meureun sugan pdah tarikna mapakan
14
jamparing? Bandel mesinna? Pdah kuat, wedel jeung tambleg? Tambleg
jeung kuat samodl Tmbok Cina? Bawirasa teu kitu. Lebah mact mah
angger w... ngarayap. Meneran banna kacugak paku, nya paling coplna
kudu w didorong ba mah. Komo lebah kapanasan jeung kaanginan mah
sarua, kana hulu matak jangar jeung awak kudu dikerok, da asup angin.
Kitu deui lamun hujan, da angger w nu tumpakna matak.... mucicid.
Kabulusan. Atuh mun katabrak mobil mengpengan mah moal henteu nu
tumpakna bakal ngajurahroh jeung motorna dijamin...ringsek. ....

E. MIDANGKEUN HASIL TARJAMAHAN


NO KAGIATAN

12. Siswa nepikeun hasil tarjamahan di hareupeun kelas

90 Diajar B A S A S U N D A
Pamekar D
Buku Tuturus
Tut Guru SMA/MA/SMK/MAK Kelas XII
P angajaran 6
CARITA PANTUN

A. NGAIDNTIFIKASI NASKAH DRAMA


NO. KAGIATAN
Satacanna pangajaran dimimitian, pikeun ngawangun karakter
didsiplin, guru ngecek karapihan pakan siswa. Satuluyna guru ngeck
jeung mariksa siswa anu henteu ngerjakeun PR pikeun ngawangun
1.
karakter jujur jeung tanggung jawab. Guru ngabsn siswa saurang-
saurang. Tujuanana supaya siswa ngarasa diperhatikeun sarta guru apal
kana ngaran, rupa jeung karakter siswa saurang-saurangna.
Guru nepikeun matri pangajaran anu rk dipedar nyata ngeunaan
DRAMA. Sammh prak nepikeun matri pangajaran, guru
2.
ngahubungkeun matri pelajaran anu geus dibahas jeung matri
pangajaran anu rk dibahas.
Guru nepikeun tujuan pembelajaran anu baris dihontal sabada diajar
4.
matri DRAMA.
5. Guru nyetl vido drama
Sanggeus rngs nongton tayangan drama, siswa nitnan naskah
6.
drama.

1. CONTO NASKAH DRAMA


Dmonstran
(Buruan Kantor Kacamatan. Jempling. Teu sawatara ti harita ujug-ujug aya nu
tingkulunu, urang lembur, bari tingkecewis. Papakanana teu maratut (sangeunahna).
Aya nu ukur mak kaos oblong, pakan ka sawah, aya og nu ngan dicalana sontog bari
nyorndang sarung. Kawas nu teu kaburu disaralin heula.)
ATO : (NGAHARWOS) Ann, komandoan!
ANN : (LUAK-LIEUK, NGAHAREWOS) Ngomandoan
naon?

Bab I 91
PITUDUH HUSUS
ATO : Na aya ku bodo ari amnh! Ngomandoan ngagorowok!
Pokona sagala anu kudu dikomandoan, komandoan ku
manh!
ANN : Naon nu rk digorowokeunana!
(Sarra silih pelong siga bingung.)
ACID : Kieu w atuh: Camaat, Kaluar! Tah, kumaha mun kitu!
(Sarra unggut-unggutan tanda satuju. Ann maju ka hareup bari singkil.)
ANN : Hiji . Dua
ATO : (NMPAS) Ulah gancang teuing,bisi teu bareng.Kumaha
mun anu ngagorowok tiheula nu katempuhan?
LAMIN : Ah loba teuing aturan! Geura sok-sok ka dinya, Nn!
ANN : Hijiiiii.. duaaaaa...... tiluuuuuuuuu!
(Urang lembur kontan tingcorowok nitah camat kaluar: Camaaaat kaluaaar
camat kaluaaarr.Kaluar siah Camaaat! Ti jero kantor Kacamatan, pagaw
kacamatan jul-jol kalaluar. Tapi barang nempo loba jelema di luar bari
tingcorowok, langsung ngararempod deui. Urang lembbur tuluy cocorowokan
nitah camat sina kaluar.Teu lila pagaw kacamatan kalaluar deui bari pacekel-cekel
leungeun siga nu sieun. Sekwilmat nyoba-nyoba nenangkeun nu demonstrasi
bari ngacung-ngacungkeun leungeun!)
SEKWILMAT : Tenang-tenang! K aya naon ieu th para Sadrk?
ANN : Bapa th camat?
SEKWILMAT : Lain kuring mah. Eueu..
ATO : Euh, lain camat mah ulah pipilueun atuh! Kuring mah
ark ka camat.
SEKWILMAT : Nu matak keur euweuh Pa Camat mah.
ACID : Ah, bohong! Sok, dak naon?
(Sekwilmat luak-lieuk ka pagaw nu sjn, bingung. Pagaw kacamatan anu sjn sarua
bingungna.)
SEKWILMAT : Eueu dak. dak kasp. Euweuh Pa Camat mah!
AKI URSIN : Anakna atuh!
MANG PENGKI : (NGAGEBS AKI URSIN) Husss! Ari Aki, rk naon
mamawa anak camat!
AKI URSIN : Ari geus, kudu ka saha lamun camat euweuh!
(Mang Pengki geus cewaw rk nyarkan Aki Ursin, ngan Skwilmat kaburu nyarita
deui!)
SKWILMAT : Klakla! sakali deui rk nanya, para sadrk th rk
naon?
ATO : h, tork nya! Teu kadng ti tatadi kuring sarra
gogorowokan ark ka camat!
92 Diajar B A S A S U N D A
Pamekar D
Buku Tuturus
Tut Guru SMA/MA/SMK/MAK Kelas XII
SEKWILMAT : (BEUKI GEUMPEUR) Eh, euh, aduh. Sugan bisa
diwakilan ku kuring?
ANN : Teu bisa! Da ceuk si Lurah og anu boga dosana
Camat!
(Sekwilmat kerung, tuluy luak-lieuk ka pagaw sjn anu saru pada teu ngarti.)
SEKWILMAT : Boga dosa??? Boga dosa naon Pa Camat th?
(Ann ngagorowok deui, disusul ku nu sjn. Jororowokan nitah Camat kaluar.
Pagaw Kamacatan tingpuringis sarieuneun.)
(Keur kitu ujug-ujug aya sora ngabeledug, siga sora pstol nu dibekaskeun. Nu
cocorowokan ngadadak jempe, bari reuwas jeung silih pelong.)
MANG PENGKI : Saha nu wayah kieu nyeungeut lodong euy?
AKI URSIN : Sing bener siah Pengki, lodong atawa pstol?
URANG LEMBUR : (BARENG) Pstoooolllll????
(Dadak sakala beungeut urang lembur pias. Bari euweuh nu ngomandoan heula urang
lembur tingbelecir kalabur ti buruan kantor kacamatan. Pahibut notog-notogkeun manh.
Nu ngalr. Nu ngidul. Nu ngtan. Nu ngulon. Kantor kacamatan ahirna jempling deui.
Pagaw kacamatan caramot di juru bari siga nu kasima.)
(Teu lila aya indung ngajijiwir budakna ngaliwat ka buruan kantor kacamatan. Budakna
ngawiwih ceurik bari ampun-ampunan!)
INDUNG : Ari manh bedegong-bedegong teuing! Ceuk Ema g
ulah ulin pepetasan, ulah ulin pepetasan! Teu kapok
manh sakitu jempol geus tutung th? Balik siah!
(Sanggeus indung jeung budakna ngaliwat, pagaw kacamatan ukur colohok mata
simeuteun!)
(Dirah deui tina Carpon Ada Main, karangan Darpan Ariawinangun, nu dimuat
dina buku Nu Harayang Dihargaan, penerbit Rahmat Cijulang Bandung, 1999)

B. PERTANYAAN UMUM SABUDEUREUN DRAMA


NO. KAGIATAN

Sanggeus rngs ngaidntifikasi tks pemandu acara, kalayan bingbingan


guru, siswa nuliskeun sababaraha hiji pertanyaan sabudeureun matri
DRAMA:
7.
1. Naon ari drama?
2. Aya naon ba dina naskah drama?
3. Nu disebut drama th naon ba jenisna?

Bab I 93
PITUDUH HUSUS
C. NGUMPULKEUN INFORMASI SABUDEUREUN
DRAMA
NO. KAGIATAN
Siswa diajak ngeuyeuban pangaweruhna ngaliwatan ksplorasi sabaraha
sumber bacaan jeung sumber belajar di sakola, misalna buku pakt, koran,
8.
majalah, internt, diskusi jeung babaturan sakelas. Guru mr umpan
balik.

1. DRAMA
Naskah drama bda jeung naskah sastra sjnna. Enya, kapan dina drama
mah naskahna bisa disebutkeun mangrupa hasil karya sastra. Dina naskah drama
urang bakal manggihan unsur-unsur intrinsik anu biasa kapanggih dina hiji karya
sastra, kayaning tma, palaku, galur, setting jeung patempatan. Anu ngabdakeun
naskah drama jeung naskah karya sastra sjnna nyata dina drama mah dialog
para palakuna dicutat sacara langsung dina wangun kalimah langsung dina
pagundeman. Ilikan conto di handap ieu:
BANDERA! BANDERA! BANDERA!
Naskah Drama Sunda Sababak
ADEGAN 1
PANGGUNG POEK. SORA BANGKONG TINGBOROGODOD.
LAMPU LAUN NYAANGAN PANGGUNG. REMENG-REMENG.
ROHANG TENGAH HIJI IMAH BILIK. RADA BEULAH KATUHU,
KORSI RAREYOD NGARIUNG MEJA. AKI ONAY DIUK DI SALAH
SAHIJI KORSI BARI NGALINTING BAKO. DI BEULAH TENGAH,
GIGIREUN LAWANG KA ENGGON, LOMARI GEUS MUKA PANTONA,
LAMAK AMAYATAK, PATULAYAH JEUNG BAJU BUBUTUTAN JURU
ROHANG BEULAH KENCA, HANDAPEUN JANDELA, AYA MESIN
KAPUT BUTUT NGAJUGRUG, BULAN (INCU AKI ONAY) KEUR
NGEUNTEUNG, NGOME BUUK. PANGGUNG REMENG-REMENG.
SORA TI SALUAREUN IMAH:
Nu gelo : (CEUCEULEUWEUNGAN SEMU NGALAGU) Baheula
mah masang bandra hayang merdka, jaman ayeuna mah
teu masang bandra hartina merdka! Baheula mah masang
bandra hayang merdka, jaman ayeuna mah teu masang
bandra hartina merdka! Baheula mah masang bandra
hayang merdka, jaman ayeuna mah teu masang bandra
hartina merdka!
94 Diajar B A S A S U N D A
Pamekar D
Buku Tuturus
Tut Guru SMA/MA/SMK/MAK Kelas XII
Sora Sejen hiji : Gandng siah! Dasar nu burung! Nyingkah ka dituh! Sia
mah keur burung th, ngahasut! Na, sia teu sieun ku dwk!
Dwk hansip deuleu! Deuleu sapatu dwk! Tah baju dwk!
Nyingkah! Dwk keur mancn tugas titahan Pa Kuwu!
Nu gelo : Baheula mah tugas th ikhlas ngorbankeun jiwaraga, jaman
ayeuna mah tugas th dipak cukang jang dunya barana!
Bandra! Merdka! Hidup bandra! Hidup merdka! Hidup
Nyai Bulan! Buta hjo dibaju hjo titahan rajana buta!
Sora Sejen hiji : Nyingkah deuleu! Hariwang!
Sora Sejen dua : Geuning aya hansip Kuslan! Wah, Ki Onay can knh masang
bandra? Ari Pa Kuwu keur di mana?
Sora Sejen hiji : Ah, Jang Tatang! Puguh, aki-aki th! Unggal agustusan matak
wirang wa. Mangka isuk ark aya gegedn. Di kantor knh
Pa Kuwu mah, Jang! Kumaha janten masang sarbu bandra di
pasir th?
Nu gelo : Bandra! Bandra! Bandra! Hidup bandra! Hidup merdka!
Hidup Nyai Bulan!
Sora Sejen dua : Jadi atuh! Eta Si Seblung beuki maceuh wa! Uing ka Pa
Kuwu heula! Titip salam ka Nyai Bulan
Sora sejen hiji : Salam-salam tujuhmulud! Dwk w hayang! Dikirana
ngablaan digembrong reungit jang nanahaon...
Nu gelo : Hayang wa tapi tara aya nu hayangeun! Karunya nya
Sora Sejen Hiji : Nyingkaaaaah!

ADEGAN 2
JEMPLING. HAWAR SORA BANGKONG BEUKI REANG, BEUKI
HAWAR-HAWAR. LAMPU DI PANGGUNG MIMITI CAANG.AKI ONAY
NYEUNGEUT ROKONA. NYEREBUNG. NINI ODIH NGURUNYUNG
SISI KENCA, MAWA CIKOPI. BULAN NOONG KANA JANDELA.
Nini Odih : Hariwang pisan! Nu owah parra omong jeung nu weureu!
Bulan : Aki, geuning Kang Hansip Kuslan teu ingkah-ingkah nya? Ituh
Kang Tatang mani rurusuhan kitu! Si Seblung kalah lumpat ka
pipir
Nini Odih : (NEUNDEUN GELAS DINA MEJA) Moal nyingkah
sammh urang masang bandra mah, Bulan! Titahan kuwu
cenah!
Bulan : Ih, matak naon lamun panginjeumkeun atuh nya, tuluy
pangmasangkeun. Teu kreatif pisan Hansip teh. Kalah we
kucap-kiceup mani kerep

Bab I 95
PITUDUH HUSUS
Nini Odih : (LEUMPANG KANA LOMARI, TULUY NGUDULAN
EUSINA) Geus euweuh nu bogaeun. Kapan ark masang
sarbu bandera nutupan pasir bjana mah.
Aki Onay : Kateuteuari!
Nini Odih : Ari manhna! Ieu teh keur nangan sakadang bandra. Kalah
nyebut kateuteuari.
Aki Onay : Na ari sagalarupa teh. Kateuteuari soth kami mah ka nu rk
masang bandra di pasir. Kanyaah-nyaah waragad, sakadar
hayang katangar ku gegedn. Masang bandra mah dina dada,
lain nyimbutan pasir.
Bulan : Dada aki?
Nini Odih : Dada aki manh mah batuk malulu, Bulan!
Aki Onay : Tong salah, Nini! Kieu-kieu ge, kami urut pajuang.
(NGARRT KA BULAN) Bulan, aki maneh baheula kungsi
milu bajuang, milu perang.
Nini Odih : Sok agul ku payung butut
Aki Onay : Lain agul, Nini! Meh incu nyahoeun. Na teu meunang
ngadongng ka incu sorangan?
Bulan : Aki mah, apan tos sering atuh ngadongngna og. Anu jadi
mata-mata di leuwi Keper ta nya, anu mantuan tentara nyegat
Walanda di Heubeul Isuk?
Aki Onay : Geuning apal?
Nini Odih : Nya apaleun da meh unggal peuting didongngkeun. Matak
ulah agul ku pikun geura
Aki Onay : Baruk! Rarasaan kami mah, kami teh can dungang-dongng
Heueuh! Asa ciknh pisan
Nini Odih : Meunggeus Bulan, ari geus hatam mah, anggur ka dieu
bantuan nangan bandra. Tah bari brsan lalamakan. Rus-ras
ka jaman sok ngaput ari neuleu nu kieu th. Eta geura, kalah
umat-imut dina jandla. Antep hansip cngos mah, montong
dilayanan
Bulan : (BARI CUMENTIL NGADEUKEUTAN NININA)
Pilakadar bandra mani rariweuh kieu, Nini?
Nini Odih : Taktag! Baheula mah nini sok purah mangaputkeun jang
batur. Ari heug ayeuna teu boga hiji-hiji acan.
Aki Onay : (NEUTEUP KA HAREUP BANGUN NGOMONG
SORANGAN) Bandra th baheula alah batan naon, Bulan!
Getih jeung nyawa tah tandonna og. Tuh, lebah Pasir Ipis.
Lebah dinya pisan, ra tantara anu jadi korban. Aki harita,
96 Diajar B A S A S U N D A
Pamekar D
Buku Tuturus
Tut Guru SMA/MA/SMK/MAK Kelas XII
nnjo pisan kasatiaan pajuang kana ngudag kamerdkaan. Toh
pati jiwa raga. Teu nolih naon-naon, mapag Walanda anu keur
patroli. Jaradi bugang sapada harita. Maranhna teu hayang
katangar atawa miboga pangkat. Maranhna saukur hayang
merdka. Hayang nancebkeun bandra. Sangkan nagara
merdka. Aki harita milu narajang Walanda. Aki mah sakadar
rahayat. tapi aki nnjo maranhna merjuangkeun rahayat, geus
sakuduna rahayat og milu bajuang. Beurat, Bulan! Merdka
th dina pannjo aki mah. Getih jeung nyawa. Getih jeung
nyawa. Harita, aki jeung sabalad-balad geus sapuk ark milu
bajoang. Nya, saukur ngajaga lembur. Sok susulumputan
ngagempur Walanda, atawa megatkeun sasak anu rk kaliwatan
ku Walanda. Nikmat, Bulan! Bisa bbla jang balara, bari
ngimpleng hiji waktu boga bandera sorangan, boga nagara
sorangan. Jaman Walanda jaman Jepang. Perang deui jeung
Walanda. Gorombolan. Panjang lampah bandra th.

ADEGAN 3
DINA JANDELA NOLOL SIRAH HANSIP KUSLAN. SURUNGAH-
SRNGH. BANGUN NGINTIP BARI NENGETAN SAEUSI IMAH.
Nini Odih : (CENGKAT, NGARRT KANA JANDELA. PAPADA
REUWAS JEUNG ANU NOONG) Naon Hansip? Kalah
tuang-toong! Mangk atuh. Da ngk og kapanggih.
Bjakeun ka Kuwu isuk og pasti masang di buruan.
Hansip Kuslan : (SURUNGAH-SRNGH, NGELTAN KA BULAN
ANU MILU NEMPOKEUN) Manawi aya cikopi, Nini
Nini Odih : Mnta w ka kuwu!
Hansip Kuslan : Kulub hui w atuh, Nini
Nini Odih : (MALDOGKEUN LALAMAKAN) Euweuh! Tah aya og
lalamakan. Pk ari beuki mah
Hansip Kuslan : Nyai Bulan atuh sina maturan di buruan
Nini Odih : Tuh, jeung Si Seblung! Hempk ka dinyah keukeupan.

Dina prakna, drama th dipagelarkeun atawa dipintonkeun, henteu dibaca


naskahna wungkul. Sammh mintonkeun drama urang kudu apal heula kumaha
nataharkeunana. Dina pintonan drama th ngalibetkeun rupa-rupa unsur.
Upamana, urang perlu naskah drama nu rk dipintonkeun. Sanggeus aya naskah,

Bab I 97
PITUDUH HUSUS
perlu sutradara anu boga tanggung jawab ngatur pintonanana. Keur mintonkeun
ta drama sutradara butuh paman (aktor jeung aktris). Lian ti ta sutradara
butuh dibantuan ku panata panata kostum (papakan), panata panggung/artistik,
panata musik, atawa panata gerak/tari.
Sammh manggung, perlu latihan heula. Latihan tangtuna teu cukup
ku sakali. Dina latihan sutradara babarengan ku panata gerak, panata kostum,
panata lampu, atawa panata musik, mikiran kumaha carana sangkan ta drama
mun dipintonkeun bisa alus jeung resep dilalajoanana. Upamana ba kumaha
ngagali potnsi aktor/aktris sangkan dina merankeun hiji tokoh th ngetrukkeun
sakabh kamampuanana, boh jiwana boh ragana. Nepi ka aktingna engk dina
panggung enya-enya ngajangglkkeun sipat jeung kalakuan tokoh sakumaha
anu dipikahayang jeung diperedih dina naskahna.
Sanggeus asak latihan, kakara dipintonkeun dina panggung. Tah geus di
panggung mah hasil sakabh upaya sutradara th bakal katmbong dina akting
paman nu dirojong ku rupa-rupa unsur ta.
Mun digambarkeun dina bagan mah alurna kieu:

Naskah Drama

SUTRADARA

Dibantuan ku panata musik, panggung,


kostum, gerak/tari, lighng jsb.


AKTOR/AKTRIS

Merankeun tokoh lakon,


bari ngetrukkeun sakabh
kamampuanana, boh jiwana boh
ragana.

Porss/Lahan-lahan

PAGELARAN

Akng paman nu dirojong


ku unsur sjn dina
panggung.

98 Diajar B A S A S U N D A
Pamekar D
Buku Tuturus
Tut Guru SMA/MA/SMK/MAK Kelas XII
Aya sawatara hal anu kudu diperhatikeun waktu urang jadi aktor/aktris,
waktu merankeun hiji karakter/tokoh. Di antarana:
1. Urang kudu bisa neuleuman pasipatan/karakter tokoh nu diperankeun.
Cara neuleumanana th bisa rupa-rupa, bisa ku cara penghayatan,
nyata nyiptakeun rasa mpati atawa ngararasakeun dirina jadi tokoh nu
diperankeun, ngarasa sanasib, atawa ngarasa boga pasipatan nu sarua. Bisa
og ku cara observasi, nyata ngimeutan kanyataan anu saenyana. Upamana
lamun rk merankeun musapir, urang ngahaja ngimeutan heula pasipatan
musapir, tingkah polahna, kabiasaanana sapopo, jeung sajabana.
2. Ngimeutan pituduh anu kaunggel dina naskah. Upamana dina naskah
Dmonstran aya dialog kieu:
ATO : (NGAHARWOS) Ann, komandoan!
ANN : (LUAK-LIEUK, NGAHAREWOS) Ngomandoan naon?
Di dinya aya katerangan yn Ato th nyaritana kudu ngaharwos.
Pon kitu deui Ann, lian ti kudu ngaharwos, manhna kudu
bari luak-lieuk.
3. Gunakeun ksprsi jeung remen latihan silih tmpas, nepi ka dialog th jadi
hirup siga nu ngobrol enyaan. Upamana aya dialog kieu:
SEKWILMAT : Tenang-tenang! K aya naon ieu th para sadrk?
ANN : Bapa th camat?
SEKWILMAT : Lain kuring mah. Eueu..
ATO : Euh, lain camat mah ulah pipilueun atuh! Kuring mah
ark ka camat.
SEKWILMAT : Nu matak keur euweuh Pa Camat mah.
ACID : Ah, bohong! Sok, dak naon?
Kacipta pan ku urang kumaha silih tmpasna. Kumaha patorong-torongna.
Basa Skwilmat nyebut Eueu.... kuduna mah ulah aya jda atawa ulah
ngarandeg, tapi langsung ditmpas ku omongan Ato anu semu napsu, Euh,
lain camat mah ulah pipilueun atuh!
4. Man drama mah lain ngobrol biasa. Sok sanajan obrolanana siga urang
ngobrol sapopo, tapi obrolan dina drama mah kudu dirka jeung ditanagaan.
Upamana dirka mak lentong anu ancad lar, dibarengan ku gegerungan,
dibarengan ku napsu, jeung saterusna. Ditanagaan th lain hartina kudu
gogorowokan, tapi kumaha carana sangkan sora nu kaluar tina baham th
bisa jelas, bnts, jeung bedas kadngna.
Saenyana di urang th geus lila aya pintonan drama. Drama anu dipintonkeun
babakuna mah nu ku para ahli sok disebut tater tradisional. Upamana ba
banjet, longsr, ubrug, jeung sajabana. Ka dieunakeun aya nu disebut sandiwara

Bab I 99
PITUDUH HUSUS
atawa tunil. Mekarna sandiwara saentragan jeung komdi stambul dina basa
Malayu atawa ketoprak dina basa Jawa. Sandiwara th sastuna pangaruh ti Barat
anu muncul di urang dina awal abad ka-20.
Wangun tater tradisional anu ditataan di luhur th sok disebut og
tater rakyat anu di antara ciri pagelaranana th tanpa naskah. Jadi, stuning
ngandelkeun improvisasi pamanna ba dumasar kana pituduh ti sutradara.
Malah dipintonkeunana og sakapeung tara dina panggung, tapi cukup di
lapangan terbuka bari dicaangan ku obor atawa cempor.
Kadieunakeun muncul deui anu disebut gending karesmn, nyata sandiwara
anu dialogna (pagunemanana) ditembangkeun. Mun sandiwara mah tara mak
naskah, gending karesmn mah aya naskahna. Lamun mak naskah th kaharti,
da tembang dina gending karesmn mah apan teu bisa didadak (improvisasi),
bda jeung sandiwara nu dialog-dialogna atawa paripolah pamanna beunang ku
didadak. Ieu og pangaruh ti luar, nyata pangaruh opera anu jolna ti ropa.Tapi,
dina gending karesmn mah lalaguanana th dicokot tina tembang Sunda.
Loba pisan naskah-naskah gending karesmn anu kungsi ditulis jeung
dipgalerakeun. Malah sawarh mah pintonanana th sohor pisan. Upamana
ba gending karesmen Sangkuriang beunang R.T.A. Sunarya, Galunggung
Ngadeg Tumenggung beunang Wahyu Wibisana, jeung Si Kabayan beunang
Wahyu Wibisana jeung Koko Koswara.
Dina kamekaran saterusna lahir nu sok disebut drama modrn.Wangunanana
lancaran, teu mak tembang siga dina gending karesmn. Ieu g mak naskah,
malah pintonanana g diatur pisan numutkeun aturan seni panggung. Mak
dkor keur sting panggung, mak tata lampu (fk cahaya), musik, atawa gerak
tari. Malah kadieunakeun deui, sajalan jeung kamekaran tknologi nu beuki
canggih, pagelaran drama th dipapas ku unsur-unsur multimdia. Upamana
dicampur ku gambar tina vidio, ngagunakeun musik digital, atawa nyiptakeun
fk gerak mkanik.
Di antara drama Sunda modrn anu kungsi dipanggungkeun th nyata
Dakwaan jeung Bubat beunang RAF; Dua Utusan jeung Tonggrt
Bann beunang Wahyu Wibisana; Masyitoh beunang Ajip Rosidi; Cahaya
Maratan Waja jeung Hutbah Munggaran di pajajaran beunang Yus Rusyana;
Runtag, Carem jeung Stasion Para Arwah beunang R. Hidayat Suryalaga;
Juag Tod jeung Siliwangi Mahara Pajajaran beunang Yoseph Iskandar;
Jeblog beunang Nunu Naarudin Ahar, jeung ra-ra deui.
Parandn kitu, drama modrn Sunda mah sakapeung henteu leupas tina
akar budayana. Upamana ba loba pintonan drama modrn anu ngahijikeun

100 Diajar B A S A S U N D A
Pamekar D
Buku Tuturus
Tut Guru SMA/MA/SMK/MAK Kelas XII
unsur tater modrn jeung tater tradisional. Upamana pintonana siga longsr,
di tengah-tengah panggung mak oncor, pagelaranana saolah-olah di alam
terbuka anu diriung-riung ku nu lalajo, aya interaksi langsung antara paman
jeung nu lalajo, jeung sajabana. Tapi, ta kabh diatur ku naskah, lain dadakan
siga dina tater tradisional.
Patali jeung interaksi langsung antara paman diatur ku naskah, tamba
kawaranan, aya sawatara patokan keur nu aya kereteg nulis naskah drama. Di
antarana:
1. Jejer carita (tma). Naskah drama umumna nyaritakeun kahirupan
sapopo, boh alam kiwari, boh alam bihari. Aya nu motrt kahirupan
masarakat leutik, tur sakapeung diselapan ku kritik sosial. Tapi teu kabh
naskah drama kudu napak dina ralita, teu bda ti carpon atawa novl, dra-
ma g bisa mak rupa-rupa aliran: ralismeu, suralismeu, jst. Boh dina
wangun komdi boh tragdi.
2. Dialog. Naskah drama th pentaskeuneun, ku kituna dialog penting pisan.
Kalimah nu dipak dialog tangtu kudu merenah dilisankeunana. Karasa
spontanitasna jeung teu dijieun-jieun. Dialog dina drama bisa paguneman
jeung papada tokoh, atawa paguneman jeung dirina sorangan (soliloquy).
Pangarang g kudu per tla nerangkeun lentong jeung paripolah tokoh
sajeroning dialog.
3. Babak jeung adegan. Naskah drama bisa dibagi jadi sababaraha babak, unggal
babak diwengku ku sababaraha adegan. Adegan dina drama nmbongkeun
robahna kajadian carita, upamana ganti tokoh atawa ganti sting.
4. Nu ngalalakon. Nu ngalalakon dina drama bisa sorangan (monolog), bisa
lobaan, gumantung kana jejer carita.
5. Bubuka. Dina bagian awal naskah, pangarang mr pituduh ngeuna-
an naskah nu rk dipentaskeun. Biasana dimimitian ku sinopsis, terus
nataan sakur tokoh nu ngalalakon katut kateranganana; ngaranna, umurna,
pasipatanana, paripolahna, hubunganana jeung tokoh sjn, jst. Pangarang
g mr gambaran lilana ta naskah dipentaskeun.
6. Pituduh keur sutradara jeung nu maca. Waktu jeung tempat kajadian
(sting) dina naskah kudu dicskeun ka nu maca. Ieu th baris jadi patokan
pikeun sutradara deuih, kumaha hadna mntaskeun ta naskah. Najan teu
wajib, aya hadna deuih mun pangarang mr gambaran ngeunaan ilustrasi
musik jeung tata lampu.
7. Tks sisi. Mun aya kalimah atawa kajadian nu sakirana matak bingung
sutradara atawa nu maca, hadna mah diterangkeun dina tks sisi (side text).
Tks sisi diteundeun gigireun knca atawa katuhueun naskah.

Bab I 101
PITUDUH HUSUS
8. Nulisna. Cara nulis naskah drama tangtu bda jeung carpon atawa novl.
Nu geus ilahar mah di antarana:
a. Narasi ti pangarang ditulis mak aksara ged (kapital). Upamana, lebah
ngadadarkeun sting, pasipatan atawa tokoh, jst.Conto:
ADEGAN I
LAMPU CAANG LALAUNAN. DI PANGGUNG KATMBONG
HIJI LALAKI KEUR DIHARUDUM SARUNG... jst.
b. Kalimah dina dialog ditulis ku aksara leutik, tapi mmhna disebutkeun
saha-sahana nu rk cacarita.Conto:
MANG DADAP
Geus reupreupan geuning. Naha Bi Waru can balik knh? jst.
c. Katerangan dina dialog ditulis di antara tanda kurung, mak aksara
dngdk.Conto:
MANG DADAP
Geus reupreupan geuning (bari nguniang cengkat). Naha Bi Waru can
balik knh? jst.
d. Ka dieunakeun, ngaran tokoh sok dinomeran, diprlkeun ti awal nepi
ka ahir, ngarah nu rk mntaskeun leuwih babari ngapalkeun naskah.
Conto:
04. MANG DADAP
Tas ti mana wayah kieu kark kurunyung?
05. BI WARU
Naha mak tatanya sagala?
06. MANG DADAP
(Muncereng) Ah-ah, na teu meunang aing nanya?
Mmh naskah dipentaskeun atawa dikirimkeun ka mdia massa, hadna
mah dibaca deui jeung dipecakan heula ku nu ngarangna, bisi aya dialog nu
nyalahan, sting nu teu merenah, atawa hal sjnna nu matak ngaganggu mun
ta naskah dipentaskeun.(Dadan Sutisna)
http://sundanews.com/aos/seratan/1342092822, 1.00 wib, 6/3/13

2. ISTILAH-ISTILAH DINA DRAMA


Sangkan hidep meunang pangaweruh saloba-lobana, satacan hidep jeung
babaturan nulis hiji naskah drama pikeun dipintonkeun di kelas, aya hadna
hidep mikawanoh istilah-istilah anu aya dina drama:
a) Narasi/narator :
b) Prolog : prolog sok disaruakeun jeung panganteur carita

102 Diajar B A S A S U N D A
Pamekar D
Buku Tuturus
Tut Guru SMA/MA/SMK/MAK Kelas XII
c) Dialog : Dialog th omongan antara dua jalma atawa leuwih
nu silih tmpas. Omongan sarupa kitu th sasat jadi
antaran alur carita drama mah diwangun ku dialog tokoh-
tokohna. Lain diwangun ku narasi atawa dskripsi siga
dina prosa.
Anapon dina naskah drama aya katerangan-katerangan
anu ntlakeun latar jeung paripolah palaku, ta mah
sakadar pituduh keur sutradara atawa aktor dina waktu
mintonkeun drama. Malah sipatna og henteu ngiket,bisa
dirobah-robah.
d) Monolog : nyata omongan sorangan anu diucapkeun ku hiji tokoh.
Siga gegerendengan sorangan, teu puguh layan. Malah aya
drama anu caritana ti awal nepi ka ahir ukur diwangun ku
monolog.

e) pilog : pilog nyata omongaan panutup


f) Babak
g) Adegan

3. NGALARAPKEUN KALIMAH LANGSUNG


Dina dialog nu kapanggih dina naskah drama, kalimah anu digunakeun th
mangrupa kalimah langsung. Ilikan conto di handap ieu:
Los ba Sarkiam mah balik, bari ngagelenyu imut sapanjang jalan. Dina pikirna:
"Mokaha kaya kieu mah sidekah th bakal meuncit hayam kabiri ieuh."

D. NGOLAH INFORMASI SABUDEUREUN DRAMA


NO. KAGIATAN
Sanggeus siswa narima informasi anu dibutuhkeun ngeunaan matri
tks tarjamahan, dina diskusi kelompok siswa diaping pikeun ngolah
informasi anu katarimana dina wangun praktk, nyoba jeung nyieun tks
9.
pemandu acara sacara basajan. Siswa dibagi jadi 3 kelompok. Masing-
masing kelompok diwangun ku 12-13 urang. Tujuanana sangkan siswa
bisa prsntasi ngaragakeun naskah DRAMA anu disusunna.
10. Siswa diarahkeun milih tma drama anu rk ditulis naskahna
Siswa milih jeung nangtukeun tma naskah DRAMA nu dipikaresep
11.
ku kelompokna.

Bab I 103
PITUDUH HUSUS
12. Dina kagiatan diskusi kelompok, siswa nyusun naskah drama
Kalayan bingbingan guru, siswa memener jeung nyampurnakeun
13.
naskah drama anu disusun ku kelompokna
Kalayan bingbingan guru, siswa memener jeung nyampurnakeun tks
14.
drama anu disusun ku kelompokna
15. Siswa latihan ngaragakeun naskah drama nu dipilihna.

E. MIDANGKEUN JEUNG NGARAGAKEUN NASKAH


DRAMA
NO KAGIATAN
Siswa jeung kelompokna nepikeun naskah drama anu disusunna.
12.
Satuluyna siswa ngaragakeun naskah dramana di hareupeun kelas.

104 Diajar B A S A S U N D A
Pamekar D
Buku Tuturus
Tut Guru SMA/MA/SMK/MAK Kelas XII
B ab
III

Pituduh Meunteun

105
Dina ieu bab bakal dipedar kumaha cara meunteun unggal kompetensi murid
ku rupa-rupa instrumen penilaian. Cara meunteun th aya nu sipatna umum,
og aya nu sipatna husus. Cara meunteun anu sipatna umum dilarapkeun kana
kagiatan-kagiatan anu lumrah dipigaw dina unggal kagiatan diajar. Upamana
keur meunteun sikep spiritual jeung sosial, meunteun lumangsungna diskusi,
atawa meunteun kompetensi-kompetensi anu umum. Upamana bae meunteun
karangan murid jeung meunteun carana murid nyarita. Cara meunteun anu
sipatna husus dilarapkeun pikeun nguji rupaning kompetensi sakumaha nu
kaunggel dina buku murid, tur mikabutuh instrumen penilaian anu husus.
Utamana dilarapkeun pikeun meunteun tugas-tugas mandiri. Upamana
meunteun biantara murid, meunteun hasil analisis, meunteun karangan guguritan
atawa sisindiran, jeung sajabana.
Pancn-pancn nu nyampak dina buku murid bisa dipeunteun ku rubrik
penilaian anu umum atawa anu husus, luyu jeung kabutuhanana. Upamana,
keur meunteun karangan carita pondok karya siswa, guru bisa ngalarapkeun
instrumen penilaian anu sipatna umum keur meunteun karangan, atawa make
rubrik husus keur meunteun karangan carpon.

A. Meunteun Kriteria Ketuntasan Minimal (KKM)


1. KKM dipeunteun dina unggal ahir pangajaran keur unggal-unggal murid.
2. Jumlah komponn anu dipeunteun bda-bda gumantung kana jumlah
komponn dina unggal pangajaran.
3. Komponn anu dipeunteun dicontrng keur nandaan geus tutas acanna.
4. Conto rubrikna siga ieu di handap:

Kritria Katutasan Minimal (KKM) Pangajaran 1 (Biantara)

Katerangan Tutas
Materi nu dipeunteun
Enggeus Encan
A. Maca teks biantara
B. Nyangkem struktur biantara
C. Neuleuman padika biantara
D. Ngaanalisis tks biantara
E. Nepikeun biantara

106 Diajar B A S A S U N D A
Pamekar D
Buku Tuturus
Tut Guru SMA/MA/SMK/MAK Kelas XII
B. Instrumen Meunteun Umum
Ieu di handap aya sawatara rubrik keur meunteun aspek-aspek pangajaran
nu sipatna umum. Thnikna bisa tes atawa non tes. Wangunna bisa uraian atawa
observasi. Ieu rubrik peunteun th keur conto ba. Guru bisa nyieun sorangan,
mekarkeun atawa ngarancang instrumn pikeun meunteun luyu jeung kabutuh
panngajaran.
1. Conto rubrik meunteun spiritual.

Menyadari Bersyukur
Bersyukur
keberadaan atas kebe-
Menyadari atas
bahasa saran Tuhan
keberadaan kebesaran
Sunda dengan
Nama bahasa Tuhan Skor
No sebagai adanya
Siswa Sunda dengan Total
anugrah kekhasan
sebagai alat adanya
dari Tuhan dan keung-
komunikasi keragaman
Yang Maha gulan baha-
bahasa
Esa sa Sunda
1 4 3 2 1 4 3 2 1 4 3 2 1 4 3 2 1
2
3
4
5

Keterangan:
Kriteria:
Selalu = 4 Skor minimal = 4
0 4 = kurang
Sering = 3 Skor maksimal = 16
5 8 = cukup
Tidak pernah = 1
9 12 = baik
13 16 = sangat baik

2. Conto rubrik meunteun sosial


Aspek yang dinilai
Nama Jumlah Nilai
No Percaya Tanggung Kerja
Siswa Teliti Santun Toleransi skor Akhir
Diri Jawab sama
1
2
3

Bab III 107


PITUDUH MEUNTEUN
Rentang skor = 1 5, skor minimal = 6, skor maksimal = 30
Skor: 0 6 = Sangat Kurang
7 12 = Kurang
13 18 = Cukup
19 24 = Baik
25 30 = Sangat Baik

3. Rubrik Meunteun Sikep


Encan Mimiti Mimiti
No. Sikep Dibiasakeun Kat.
cs cs Mekar
1. Taliti
2. Tanggung jawab
3. Disiplin
4. Jujur
5. Santun
6. Peduli
7. Percaya diri

4) Conto rubrik meunteun pangaweruh


No Indikator Teknik Bentuk Instrumen
1. Pandawa th anak
Pandudwana ti dua bibit,
nyata Dwi Kunti jeung
Dwi Madrim. Sebutkeun
saha ba nu lahir ti dwi
Madrim jeung saha nu ti
Bisa Dwi Kunti!
nyebutkeun 2. Saha anu dimaksud panengah
tokoh wayang Pandawa th jeung naha
1 Tes Uraian
tina babad manhna disebut kitu?
Mahabarata.
3. Sebutkeun tilu tokoh nu
kagolong ka kulawadet
Kurawa?
4. Saha ngaran guru Pandawa
jeung Kurawa th?
5. Yudistira th boga pamajikan,
saha ngaranna?
jst jst jst jst jst

108 Diajar B A S A S U N D A
Pamekar D
Buku Tuturus
Tut Guru SMA/MA/SMK/MAK Kelas XII
5) Conto rubrik meunteun sawala
Kritria Alus Pisan (3) Cukup (2) Latihan Deui (1)
Ngaregepkeun Saregep Kurang saregep Api lain
Komunikasi non-
Ngarspon Kurang rspon Api lain
verbal
Ilubiung Aktif, silihledan Kurang aktif Cicingeun
Nepikeun Nepikeun
Omongan pamadegan pamadegan Cicingeun
ngaruntuy kurang ngaruntuy

Katerangan:
1. Kumpulkeun peunteun murid luyu jeung aspk nu dipeunteun.
Total peunteun
2. Cara meunteun: X 10
12
2+3+1+2 8
3. Contona: X 10 = = 6,7
12 12

6. Conto rubrik meunteun Maca


No. Aspk Nu Dipeunteun Jumlah
1. Pemahaman Literal: Kaweruh tina bacaan 10 -- 20
2. Pemahaman Inferensial: Kacindekan Eusi bacaan 10 -- 20
3. Pemahaman Evaluasi: Ngajn Eusi bacaan 10 -- 20
4. Pemahaman Apresiasi: Neuleuman eusi bacaan 10 -- 20
Jumlah 40 -- 100

7. Conto rubrik meunteun nyarita


Aspek yang dinilai
Nama Jumlah
No Eusi Basa Pasemon Diksi Skor
Siswa Skor
3 2 1 3 2 1 3 2 1 3 2 1
1
2
3

Bab III 109


PITUDUH MEUNTEUN
8. Conto rubrik meunteun ngarang

No. Aspk Nu Dipeunteun Jumlah


1. Eusi atawa gagasan 13 35
2. Organisasi tulisan 7 20
3. Kandaga kecap jeung pilihan kecap 7 -- 20
4. Adegan basa 7 20
5. Unsur mkanik: Ejaan, tanda baca, jeung karapihan 25
Jumlah 30 -- 100

C. Instrumen Meunteun Husus


Ieu di handap sawatara conto rubrik keur meunteun aspek-aspek pangajaran
nu sipatna umum. Thnikna bisa tes atawa non tes. Wangunna bisa uraian atawa
observasi. Ieu rubrik peunteun th keur conto ba. Guru bisa nyieun sorangan,
mekarkeun atawa ngarancang instrumn pikeun meunteun luyu jeung kabutuh
panngajaran.
1. Conto rubrik meunteun biantara.
Jumlah
No Aspek Bobot
Nilai
Aspek Bahasa
a. Pilihan kata, gaya bahasa, tatakrama
35
bahasa
1.
b. Struktur bahasa (bentukan kata dan
kalimat) yang benar
c. Pelafalan dan intonasi
Pemahaman Isi
a. Penguasaan Isi
2. b. Penghayatan dan penjiwaan (imaji) 35
c. Organisasi dan sistematika penyampaian
isi
Penampilan (Ekspresi)
3. a. Gestur (mimik dan gerak) 30
b. Kreasi dan gaya bicara
J u m l ah 100
Rentang nilai 60 - 100

110 Diajar B A S A S U N D A
Pamekar D
Buku Tuturus
Tut Guru SMA/MA/SMK/MAK Kelas XII
2. Conto rubrik meunteun paguneman
Aspek yang dinilai
Nama Jum.
No Siswa dan Undak- Skor
Eusi Basa Pasemon Lentong usuk Skor
pasangan-
nya basa
3 2 1 3 2 1 3 2 1 3 2 1 1 2 3
1
2
3

3. Conto rubrik meunteun aksara Sunda


a. Maca aksara Sunda
No. Aspk Nu Dipeunteun Jumlah
1. Gancang kendorna maca 10 25
2. Bener henteuna ngejah aksara 10 25
3. Lagu kalimah 10 25
4. Pamahaman kana bacaan 10 25
Jumlah 40 100

b. Nulis aksara Sunda


No. Aspk Nu Dipeunteun Jumlah
1. Karapihan tulisan: Wangun aksara, jajaran lempeng 10 20
2. Kaajegan wangun aksara 10 30
3. Benerna wangun aksara 10 30
4. Benerna pananda sora (rarangkn) 10 20
Jumlah 40 100

c. Desain aksara Sunda

No. Aspk Nu Dipeunteun Jumlah


1. Akurasi (bener henteuna) aksara Sunda nu didigunakeun 10 20
2. Aspek keterbacaan aksara Sunda nu digunakeun 10 30
3. Unsur estetik/kaendahan kaligrafi 10 30
4. Komposisi warna jeung wangun 10 30
Jumlah 40 100

Bab III 111


PITUDUH MEUNTEUN
4. Conto rubrik meunteun ngadongng
Aspek yang dinilai
Jumlah
No Lentong/ Gestur/ Skor
Nama Siswa Basa Pasemon Skor
Wirahmaa tagog
3 2 1 3 2 1 3 2 1 3 2 1
1
2
3

5. Conto rubrik meunteun guguritan


a. Meunteun karangan guguritan

No. Aspk Nu Dipeunteun Jumlah


1. Gagasan/Eusi 10 25
2. Diksi nu digunakeun 10 25
3. Bener henteuna guru lagu jeung guru wilangan 10 25
4. Aspk musikalitas/wirahma. 10 25
Jumlah 40 100

b. Meunteun nembangkeun guguritan


No. Aspk Nu Dipeunteun Jumlah
1. Titilaras (pageuh kana nada, henteu sumbang) 10 35
2. WIrahma (Pedotan, Ipis-kandel, anca-gancang) 10 35
3. Kedaling (Neuleuman, Miharti eusi rumpaka pupuh) 10 -- 30
Jumlah 30 -- 100

6. Conto rubrik meunteun sisindiran

No. Aspk Nu Dipeunteun Jumlah


1. Gagasan/Eusi 10 25
2. Diksi nu digunakeun 10 25
3. Kasaluyuan purwakanti cangkang jeung eusi 10 25
4. Itungan engang jeung wirahma 10 25
Jumlah 40 100

112 Diajar B A S A S U N D A
Pamekar D
Buku Tuturus
Tut Guru SMA/MA/SMK/MAK Kelas XII
D. Refleksi
Rflksi th diperlukeun keur ngavaluasi kagiatan diajar ngajar nu geus
lumangsung. Ngaliwatan refleksi guru bisa ngaanalisis naha hiji pangajaran th
geus hasil sarta nyumponan pamaredih kompetensi inti, kompetensi dasar, jeung
indikator atawa acan. Sacara umum rflksi th aya dua rupa, nyata refleksi
pangajaran jeung rflksi guru sacara pribadi.

1. Rflksi di ahir pangajaran


Ieu di handap aya sawatara conto pertanyaan nu bisa ditepikeun ku guru
waktu rk mungkas pangajaran. Tujuanana antarana ba pikeun mikanyaho nepi
ka mana rspon siswa kana pangajaran nu geus ditepikeun sarta naon masalah nu
kapanggih salila pross pangajaran.
a. Meunang mangpaat naon tina pangajaran nu geus ditepikeun?
b. Resep henteu waktu urang ngulik ta pangajaran th? Lebah mana anu
resepna, lebah mana anu henteu?
c. Naon ba anu can kaharti tina ta pangajaran? Lebah mana anu ku hidep
dianggap hs?
d. Naha waktu urang disskusi geus ngarasa mr kontribusi ka kelompok/ka
nu sjn, atawa acan?
e. Naha mtode anu dilarapkeun th ngabantu ka urang pikeun mikapaham
bahan pangajaran?
f. Kumaha pamadegan hidep kana carana ibu/bapa guru nepikeun
pangajaran?
g. Jeung saterusna.

2. Rflksi pribadi guru


Ieu di handap aya sawatara conto pertanyaan nu bisa ditepikeun ku guru
ka dirina pribadi sabada rngs nepikeun hiji pangajaran. Tujuanana antarana
ba pikeun ngabebenah kahngkran dirina, atawa ngukuhan naon nu geus
dianggap unggul. Salian ti ta pikeun ngukur nepi ka mana hasilna pangajaran
nu didadasaran ku rspon siswa.
1. Kumaha prakna nepikeun pangajaran, naha geus nyumponan pamaredih
kurikulum?
2. Pangajaran mana nu geus fktif, sarta mana anu acan?
3. Pangajaran mana nu perlu ditingkatkeun sangkan pamahaman murid leuwih
jembar?
4. Bahan mana nu geus dikawas ku murid, sarta mana anu acan?
5. Naha aya bahan nu hseun keur murid? Kumaha cara ngungkulanana?
6. Kumaha rarancang ngoman pangajaran keur minggu hareup? Kumaha
lngkah-lngkahna?
7. Jeung saterusna.
Bab III 113
PITUDUH MEUNTEUN
PABUKON

Baidillah, Drs.H. Idin, M.Pd,dkk. 2010. Aksara Sunda. Bandung: CV. Walatra.
Dinas Pendidikan Provinsi Jawa Barat. 2013. Kurikulum 2013. Bandung.
Hadi spk, Drs. Ahmad. 2005. Peperenian. Bandung: Geger Sunten.
Hadish,Ytty Kusmiyati. 1979. Sastra Lisan Sunda Mite, Fabel, dan Lgende 1. Jakarta: Pusat
Pembinaan dan Pengembangan Bahasa Departemn Pendidikan dan Kebudayaan.
Iskandar,Yosph. 1982. Tumbal. Bandung: Rahmat Cijulang.
Jurusan Basa jeung Sastra Sunda FPBS IKIP Bandung. 1990. Palanggeran jahan Basa
Sunda. Bandung: Rahmat Cijulang.
Karana, Rahmat M. Sas. 1979. Tepung di Bandung. Bandung: Rahmat Cijulang.
Keraf, Dr. Gorys. 1980. Komposisi. Ende Flors: Nusa Indah.
Kunto, Haryoto. 1984. Wajah Bandoeng Tmpo Doeloe. Bandung: Gransia.
Lembaga Basa & Sastra Sunda. 1985. Kamus Umum Basa Sunda. Bandung: Tarat.
Muchtar, R.H. Uton, Ki Umbara. 1994. Modana. Bandung: Mangl Panglipur.
Mustapa, Abdullah. 1985. Wirahma Sajak. Bandung: Medal Agung.
No. 1574. 1996. Majalah Mangl.
No. 51-52. 1996. Majalah Simpay.
---------------. 1986. Kedok Tangkork. Bandung: Remadja Karya.
Poerwadarminta, W.J.S. 1977. Kamus Umum Bahasa Indonsia. Jakarta: PN Balai Pustaka.
Prawirasumantri, Drs. H. Abud, dkk. 2003. Pedoman Pengembangan Kurikulum Berbasis
Kompetnsi Mata Pelajaran Bahasa Darah (Sunda). Bandung: Geger Sunten.
Pusat Pembinaan dan Pengembangan Bahasa. 1977. Pedoman jaan Bahasa Sunda yang
Disempurnakan. Jakarta.
Rosidi, Ajip. 1966. Kesusastraan Sunda Dwasa Ini. Jatiwangi: Tjupumanik.
--------------, 1969. Djalan ke Surga. Djakarta: Gunung Agung
--------------, 1983. Ngalanglang Kasusastraan Sunda. Jakarta: Pustaka Jaya.
--------------, 1984. Manusia Sunda. Jakarta: Inti Idayu Prss.
--------------, 1989. Jant Arkidam. Bandung: Pustaka.
Resmana, Min. 1973. Hujan di Girang Caah di Urang. Bandung: Mitra Kencana.
Ruhimat, Asep. 2006. Sambel Jaer. Bandung: Puspawarna.
Rusyana, Dr.Yus. 1982. Mtode Pengajaran Sastra. Bandung: Gunung Larang.
--------------, 1982. Pedaran Paribasa Sunda. Bandung: Gunung Larang.
--------------, 1982. Panyungsi Sastra. Bandung: Gunung Larang.
Salmun, M.A. 1963. Kandaga Kasusastraan Sunda. Bandung: Ganaco.

114 Diajar B A S A S U N D A
Pamekar D
Buku Tuturus
Tut Guru SMA/MA/SMK/MAK Kelas XII

Anda mungkin juga menyukai