Anda di halaman 1dari 1

Wangkongan nyaeta abrolan atawa caritaan antara dua urang atawa leuwih.

Ngawangkong hartina
nyaeta ngobrol. Dina basa Sunda, ngawangkong kaasup kana paguneman. Paguneman nyaeta
nyarita dua arah, antara dua urang atawa leuwih, silih tempas sarta kalimah anu digunakeun nyaeta
kalimah langsung. Dina basa Sunda, wangkong bisa oge hartina nyaeta gambar nu sok aya dina
langlayangan.

Pembahasan
Ditilik tina suasanana, aya dua rupa paguneman, nyaeta paguneman resmi jeung paguneman teu
resmi. Ngawangkong bisa dianggap paguneman teu resmi, saperti ngawangkong caritaan sapopoe
jeung babaturan atawa kolot sorangan. Sedengkeun conto paguneman resmi nyaeta saperti sawala
atawa anu sok disebut diskusi.

Paguneman nyaeta nyarita dua arah, silih tempas, antar dua urang atawa leuwih, anu ngagunakeun
kalimah langsung. Ditilik tina suasanana, aya dua rupa paguneman, nyaeta paguneman anu sipatna
resmi jeung paguneman anu sipatna henteu resmi. Conto paguneman resmi nyaeta saperti sawala
atawa diskusi. Sedengkeun conto paguneman teu resmi nyaeta saperti nyarita atawa ngawangkong
omongan sapopoe jeung babaturan atawa jeung kolot sorangan.

Dina paguneman aya sawatara aturan atawa padoman anu perlu diperhatikeun sangkan paguneman
anu dilakukeun bisa merenah jeung kaharti maksudna. Aturan anu dimaksud nyaeta anu aya patalina
jeung bentesna sora dina waktu nyarita atawa lafal, luhur handapna sora atawa lentong, pilihan
kekecapan anu merenah, sarta penjiwaan dina waktu nyarita.

Anda mungkin juga menyukai