Anda di halaman 1dari 1

mungguhing istri sajati

tara jalir tina jangji


tindak tandukna gumati
tata tincak teu minculak

resep nulung kanu... kanu butuh...


resep nalang kanu susah
handap asor hade semu
someah tur ramah tamah

titih rintih handap asor


teu adigung kumalungkung
tara linglung tara bohong
teu pamrih hayang kapuji...

ikhlas rela bibilasan


mun pareng meunang cocoba
tara aral jeung subaha
tumamprak narima kadar
bari teu weleh usaha

sanajan istri ti desa mang juli..


estu ku matak kabita...
mun imut matak kairut maman
mun seuri matak kataji...

hiji istri anu luhung cep uloh


tara boga rasa angkuh
komo bari jeung adigung
hiji mojang anu luhung

mungguhing istri sajati


tara jalir tina jangji
tindak tandukna gumati
tata tincak teu minculak

resep nulung kanu butuh...


resep nalang kanu susah
handap asor hade semu
someah tur ramah tamah

titih rintih handap asor


teu adigung kumalungkung
tara linglung tara bohong
teu pamrih meunang pamuji...

Anda mungkin juga menyukai