Anda di halaman 1dari 1

Assalamu’alaikum Warahmatullahi Wabarakatuh

Kalayan neda widi ti Gusti Nu Maha Suci, sareng teu kendat nuhunkeun rahmat
sareng ridho ti Manten-Na, simkuring sakulawargi seja ngahaturanan Bapa / Ibu /
Sadérék dina raraga Walimatul Hamli (4 Sasih) pun anak anu nami :

EKI KANIA DEWI


sakantenan miéling Dintenan Maulid Nabi Muhammad SAW.

Dupi waktosna, Insya Allah badé dilaksanakeun dina :

Dinten : Ahad / Minggu


Kaping : 10 November 2019
Waktos : Tabuh 15.30 WIB (Bada Ashar)
Tempat : RT 21 RW 04 Desa Jalaksana

Mangrupikeun hiji tawis kabingahan anu teu kinten ageungna kanggo manah simkuring,
saupami Bapa / Ibu/ Sadérék kersa rurumpaheun sumping dina waktosna.

Tina samudaya kaweningan galih sareng kaikhlasan manah Bapa / Ibu / Sadérék teu hilap
simkuring ngahaturkeun rébu nuhun laksa keti kabingahan, mugia amal kasaéan Bapa /
Ibu / Sadérék sadaya ditampi ku Allah SWT. Aamiin.

Wassalamu’alaikum Warahmatullahi Wabarakatuh

Baktosna,

Imam / Eki
Kul. Bapa Mas’ud / Ibu Atin Artini
Sakulawargi

Anda mungkin juga menyukai