Anda di halaman 1dari 1

Bismillahirrohmaanirriim

Assalamu’alaikum Warahmatullahi Wabarakatuh


Alhamdulillahirobbil ‘Alamin
Wabihi Nasta’in ‘ala Umuriddunya Waddin, Wa’ala ‘Alihi Washohbihi Ajma’in
Amma Ba’du

Kahatur Bapak Aep Saifullah sareng Ibu Enung Sakulawargi.


Para Alim Ulama pupuhu Masyarakat para Pini Sepuh anu simkuring dipupuja, langkung
tipayun urag haturkeun Syukur ka Gusti Allah Subhanallahu Wata’ala.

Jalaran mantenna urang tiasa kempel riung mumpulung di ieu tempat anu sakieu agrengna,
simkuring nepangkeun uwana barudak kawakilan ku pun adik Drs. Syaripudin, MM.
Sakulawargi, anu maksadna bade ngalaksanakeun pasinih janji diriungan anu parantos
kalangkung antawis keluarga bapak Syaripudin sareng bapak Aep sakulawargi anu maksadna
bade ngalaksanakeun patali asih.

Simkuring jajap masrahkeun pun anak Muhammad Arsali (Ais) anu tos patali patali janji bade
bade rumah tangga sareng putri bapak Rina Novitasari, SE, mugina bapak tampi pun anak
kanggo ditikahkeun ka putri bapak.

Atuh kalilina ti eta simkuring sakulawargi tambih ka isin ngabantunkeun sakedik tanda
kadedeuh da seerna hanteu, mugi katampi ku bapak ibu sakulawargi.

Rupina mun sakitu pihatur simkuring sareng maksad simkuring sakulawargi sumping ka ieu
tempat nu sakieu agrengna, mugi ulah kirang ngahapunteunna bilih aya ucap langkah
simkuring kirang cocokan amama.

Rupina sakitu pihatur simkuring.

Wabillahi Taufik Wal Hidayah


Wassalamu’alaikum Warahmatullahi Wabarakatuh.

Anda mungkin juga menyukai