Anda di halaman 1dari 8

NASKAH DRAMA BASA SUNDA

Judul : Kahadean Pamawa Berkah

Sinopsis:
Aya hiji budak nu kacida bageurna, ngaranna Maesaroh. Jeung aya oge hiji budak nu kacida takaburna
ngaranna Nurhasanah. Mae jeung Nur pasipatanna jauh beda. Mae sok nulungan batur nu susah, ari si
Nur mah tara, kalah sok nganggap leutik ka batur. Tungtungna Mae menang kaberkahan ti Allah, ari Nur
menang azab.

@Imah Mae

(Di shoot bulan, backsong lagu krik-krik subuh)


@Di Kamar Mae
-(di shoot jam dinding, backsong sora jam. Nunjukeun jam 3 subuh, Ma e hudang, tuluy ngapalkeun,
babantu mamahna, sholat)
-(di shoot matahari terbit, Mae nuju neda sareng mamahna)

@Ruang Makan di Imah Mae

Mae : Ma, kumaha kamari dagang teh seep teu?


Emak : Alhamdulillah Mae, kamari dagangan emak sadaya laris, ladang kuar-kuir, dugi ka wetan.
Mae : Alhamdulilah abdi ngiring bingah mak ngupingna.
Emak : Hun anaking, mugia emak tiasa teras usaha ieu dagang pecel, kanggo ngabiayaan kaperluan
sadidinten emak sareng Mae. Meh Mae ge tiasa teras sakola dugi ka kuliah.
Mae : Du’akeun ku emak, supaya Mae janten jalmi sukses, tiasa ngabageakeun emak.
Emak : Aamiin, emak unggal dinten ge osok ngadu’akeun kasaean kanggo Mae.
Mae : Hatur nuhun Mak. (nangkeup emakna)

@Imah Nurhasanah
(di shoot jam 6, Nur can hudang. Dihudangkeun ku mamahna bari gegerewekan).

Mamih Kokom : (Ngetrok panto) Nurrrrrr, ari maneh acan hudang. Geura hudang geus beurang!!
Nur : Ari si mamih, naon dih mih!!? Nur teh tunduh keneh! (Bari rarungsing teu puguh)
Mamih Kokom : Ari si sayang kumaha deuih, buka heula pantona! (bari ngetrok)
Nur : (hudang tapi teu benta, ek muka panto, bari mamawa bantal) Yeuh mih Nur hudang. (bari nolol
kana panto)
Mamih Kokom : Ari sayang, eta panon meni rapet, cik geura yeuh beunta! (bari mukakeun panon Nur,
jeung nunjukeun ka jam yen geus beurang).
Nur : (nempo jam teh gening geus beurang, manehna reuwas, jeung ngajerit) aaaaaaa… Mamih gening
teu ngabejaan Nur, ari ayeuna teh geus beurang!
Mamih Nur : Ari si sayang, tatadi mamih tos ngahudangkeun. Geura mandi kaditu, barau awak kitu ge.
Nur : Ashiapp mih (langsung ngingkig ka kamar mandi, gentos acuk, tuang dll)
(Nur geus siap mangkat ka sakola, disampeur ku Susi jeung Neneng)

@Hareupeun imah Nur


Susi jeung Neneng : Nurr Enurr hayu geura mangkat ka sakola! (gogorowokan)
(mamih Kokom kaluar)
Mamih Kokom : Ari maraneh nyampeur teh meuni tarik ngagorowok kitu, hadeuh ari budak jelema!
Neneng : Hehehe, punten mamih, kedahna kumaha atuh mih?(bari molohok)
Susi : Ih ari maneh, nya kuduna teh keketrok tuluy assalamualaikum. Ngartii? (ngajelaskeun ka Neneng).
Mamih Kokom : Tah gening apal maneh Susi. Kitu pisan.
Neneng : Ashiappp mamih. (bari nempokeun jempol)
(Nur kaluar ti imahna)
Nur : Hayu kemon guys! Geus beurang yeuh. Maneh pangmawakeun kantong urang nya. Yeuhh! Kade
lagrag atawa kotor, ieu kantong the hargana Rp 599.999 (nitah ka si Neneng, bari merekeun kantongna)
Mamih Kokom : Yeuh kesayangan mamih Kokom kade nya jaga nya Neng, Sus! Bisi aya nu ngagalakan.
Neneng : Puguh Enur nu sok ngagalakan batur mih.
Nur : Ari maneh ngomong naon bieu???
Neneng : Ih maksadna sanes kitu, ngagalakan batur nu sok galak ka Nur, tah kitu pisan.
Nur : Heuh si Neneng ngomong teh sing bener. (bari nyiwit Neneng)
(Papih karek hudang, kaluar, mamake sarung, rambutna acak-acakan)
Papih: Aya naon ieu isuk keneh meni garandeng!
Mamih Kokom : Euleuh-euleuh papih sayang teh karek hudang. Si Nur disampeur ku babaturanna tuh.
(bari nunjuk ka Susi jeung Neneng)
Neneng & Susi : Wilujeng enjing papih!
Papih : Nya nya apal ieu teh isuk-isuk.
Nur : Papih, Nur artosna sakedik deui, hoyong nyuhunkeun artos lah!
Papih : Ari maneh Nur, pan kamari Papih geus mere duit 1,5 jt! Ladang jual hayam.
Mamih Kokom : Ari si papih, siga nu kismin wae, bere we atuh si Nur duit.
Papih : Ih atuh apan papih teh beunghar Bandar hayam geus 7 turunan, moal matak kismin atuh mih.
Nur : Tuh beu atuh pih ukeun!!
Papih : (ngaluarkeun duit sagepok dina amplop). Yeuh atuh kade jeung sabulaneun.
Nur: Nuhun papih sayang!!! Lope-lope jeung papih ti enurr!
Papih : Enya jig geura sakola!
(Saralim barudak ka Mamih jeung Papih)

@Di hareupeun Imah Mae

Mae : Mak, abdi ka sakola heula hun. Assalamualaikum..


Emak : Uhun sing pinter sakolana Maee.. Wa’alaikumussalam...
(Mae mangkat sakola leumpang)

@Di jalan rek ka sakola


(Mae nempo aya Iim jeung Euis tuluy ngagupayan jeung ngadeukeutan)
Euis : Eh Mae..
Mae : Eh Euiss..
Iim : Mae, kumaha PR Basa Sunda, atos?
Mae : Parantos beres Im.
Iim : Terus nu si kolong wewe, ih maksudna saha tuh, lah si budak itu, dikerjakeun nyah?
Mae: Nya muhun atuh, pan abi kenging artos ku kieu teh.
Euis: Ih si Iim lain kolong wewe ieuh, Nini sihir kituh.
Iim : Enya eta lah si eta. Meuni dadaekannan Mae..
Mae : Ah kumaha deui, Im, Is, da lumayan atuh abdi jadi teu ukeun deui artos ka si emak. Pan terang
emak Mae the mung tukang icalan pecel
Iim & Euis : Sabar nya Maee…

@Hareupeun sakola
-di shoot kaayaan payuneun sakola
-di shoot kasepna Galuh, jeung cuhinin na Dudung
(Nur jeung babaturan nu dua nempo ka Galuh nu liwat bari jeung molohok bogo )
Dudung : Anjir euy meuni rea ieu awewe nempokeun urang, karek apal meureun nu kasep… hahaha
Galuh : Enya lah urang percaya ka maneh Dung, maneh teh Kasep, Kasep luarrr binasaaa!
Dudung : Cik maneh geura ku urang gablog!
Galuh : Kalem atuh kalem silaing teh!
(Dudung malik ka tukang)
Dudung : Stop! Maneh maok hate abdi.. hate abdi.. (Dudung nyetopkeun Nur jeung cs) aduh euy
nempokeun urang nya nu kasep poe ayeuna siga Leonardo da Vinci kieu.
Galuh : Leonardo Dicaprio Dung.
Nur: Aduh meni ageung raos eta nyarios, saha dih nu nempokeun maneh anu gering patut kitu ge.. hiji
dua tilu.. ihh gak banget.. iyuwhh
(beungeut Dudung katempo sedih) *backsong lagu sakitnya tuh disini
Galuh : Geus lah hayu asup ka kelas, ceuk urang mah maneh kasep Dung saalam dunya.
Dudung : (kikicepan siga awewe) Ih Galuh nuhunn ih.. (Dudung sadar) astaghfirullah naha urang siga
bencong bieu (napok jidat).

@Hareupeun gerbang sakola


(katempo aya nugelo keur nyanyanyian bari joged)
Dudung : (nempo nugelo) Heh nugelo sora maneh teh teu ngeunaheun, yeuh sora urang lah nu leuwih
alus. (tuluy nyanyanyian, nugelo tuluy joget ngadenge Dudung nyanyi)
Galuh : Dudung, Dudung… Kalat naon Gustiii boga babaturan siga si Dudung…. (bari malik ka luhur)
(Nugelo ngadeukeutan Nur, Neneng, jeung Susi)
Nugelo : Eneng geulis bade kamanaaa? (ngomongna bari dinyanyikeun)
Dudung : Apal weh nu geulis teh
Neneng : Ih nugelona meuni lucu nyaaa… (beungeut oon)
Nur : Ih ari maneh Neng.. lucu..lucuu asi..
Susi : Hushhhh indit dituuuu..
Dudung : Ulah ketang, heureuyann wehh) hihihhiii… (seuri dengdam)
Nugelo : Hoyahh… (ngahalangan Nur, Neneng, jeung Susi bari sura seuri)
Nur : Mamihh……. (ceurik)
Susi : Ih geura Nur ulah ceurikk.. geus SMA, era tuh ku si Galuh…
Neneng : Neneng ge ek nurutan Nur ahh… (ceurik gogoakan)
Susi : Ih maneh Neng.. bla’a blu’u asiii..
Nur : (muka sapatu) gebugan da ku aing maneh Nugelooo!!
Neneng : (miluan ngagebug ku sapatu) yeuh tah rasakeun!
Nugelo : (ceurik ngagogolorer na taneuh, nembongkeun beungeut pikarunyaeun) gening nu geulis teh
galak.
(Nempo Nur jeung baladna ngagebugan nugelo, Mae tuluy ngadeukeutan)
Mae : Ih Nur atos atos.. karunya Nur..
Nur : (ngagebugan keneh) Tah puas mirasaa..
Mae : Atos Nurr.. (bari ngabetot Nur)
Nur : Naon dih pipilueun maneh teh Mae! (bari malik ka Mae, ambek)
Mae : Ih sanes kitu geura, da nugelo ge sami sami jalmi.. karunya..
Susi : Ih kumaha Nur we atuh.. nimbrung wae asii maneh.. hiwh
Neneng : Enya ih maneh Mae! Sebeuleun.. (bari nembongkeun beungeut pikasebeleun)
Iim : Tos Mae, moal nyambung ngomong jeung barudak etamah..
Euis: hayu we ka kelas Mae..
Mae : Kela sakedap… (Mae ngadeukeutan nugelo anu geus eureun ceurikna, tapi baeud keneh) Maneh
parantos tuang?
Nugelo : Tuang? Nukieu ? (bari ngameragakeun siga nu keur dahar)
Mae : Enya nu kitu.
Nugelo : Dahar, dahar.. dahar dahar (kalah nyanyi)
Mae : Geus nya ulah ceurik wae.. Yeuh dahareun.. (Mae muka kantong, mawa roti, diberekeun ka
nugelo)
Nugelo: (melongkeun roti) asik asik dahar.. asik asik dahar..
Mae: Jig nya inditt… ulah didieu..
(nugelo tuluy indit)
Galuh : (ngadeukeutan Mae) Luar biasa Mae.
Mae : Luar biasa naon dih Galuh?
Galuh : Teu sieun ka nugelo, sareng tiasa ngusirna..
Mae: Ih Galuh mah.. pidarge kitu atuh.. Galuh sieun nyaa ka nugelo?
Galuh : Ih ih naondih Mae.. terang wae.. hehehe..
Dudung : Enya bener Mae, si Galuh sieuneun ka nugelo, pedah pernah di uudag. Hahahaha (seuri bagja)
Iim & Euis : Cie Mae cieeeh..
Nur,Neneng,Susi : (barerebeja, beungeutna katempo teu resep, nempo Galuh ngomong jeung Mae)
Nur : (ngahariring) Awas we maneh Mae…
Galuh : Abi tipayun nyaa..
Mae: Oh Nur.. ieu PR Basa Sunda atos..
Nur: Yeuh tah duitna… (bari mere duit 10.000 ka Mae, ngahaja merekeun duitna dilagragkeun. Tuluy
indit ka kelas jeung baladna)
Mae: Nuhunnya Nur..(beungeut melas)
Euis : Ih naudzubillah..
Iim : Kuduna lain maneh Mae nu nuhun, tapi kalong wewe eta, geus dikerjakeun oge PR na.
Mae: Atos teu sawios da.. abi bersyukur tos kenging artos ge.

“KRINGG.. KRINGG..” sora bel sada.


(Barudak asup ka kelas)

@Kelas
(Bu Mimin, guru Basa Sunda anu kawanoh judes, jeung galak, asup ka kelas)
Bu Mimin : Assalamualaikum! (bari ngetok panto satarikna, da nempo barudak nu garandeng di kelas)
(barudak tuluy caricing)
Bu Mimin : Kumpulkeun ayeuna tugas ka hareupkeun, geuwat!
Dudung: Aduh euy urang poho teu ngerjakeun.. kumaha atuh Luh???
Galuh : Paling ditangtungkeun..
Bu Mimin: Saha nu teu ngerjakeun, maju ka hareup…
Neneng : Ihh nya uhun atuh bu ari maju ka hareup..
Nur : Geuning maneh pinter Neng..
Susi : Hahaha enya bener Neng..
(Dudung maju ka hareup bari nembongkeun beungeut sieun)
Bu Mimin : Maneh acan Dung? Geus dua minggu tara ngerjakeun tugas..
Dudung : Ih pas peuting teh abdi nongton sinetron ni rame ning Bu anu Cinta Suci..
Bu Mimin : Oh enyanya.. Ibu ge nongton (bari seuri someah) rame nya Dung.. (sadar keur nyarekan) Ari
maneh Dung, kuduna ngerjakeun heula tuluy nongton..
Dudung : Atuh bu da bisi katinggaleun episode ih.. tuluy kaboboan abdi the bu.. duh hampura pisan
budak kasep ieu..
Bu Mimin : teu bisa kitu wae Dung, kudu aya sangsina.. Maneh nangtung di lapang bari hormat ka
bendera, ayeuna nepi ka jam istirahat. Jig… (ngusir Dudung sin ka lapang)

@Lapang
(Dudung keur ngahormat bendera) *backsong lagu lucu

(Bel sakola sada) Teeettt!! Teettt!! Sakola bubar, barudak baralik.


@Hareupeun sakola
(Katempo Mae jeung baladna, Nur jeung baladna arek balik ka imah)
Nur : (ngageroan Mae) Maeeeee!
(Mae teu nyileuk)
Nur: Maeee!! Maee!!
Mae: (nyileuk) Aya naon Nur?
Nur: Ih ari maneh! Dieu geuwat!
Mae: Aya naon Nur ngageroan abdi?
Nur: Yeuh tikoro kalahkah nyeri, eta ceuli ni teu dedenge pun.
Mae: Punteun, manawi kumaha?
Nur: Yeuh pangerjakeun deui pagawean imah urang. Awas we mun henteu.
(Balad Mae ngadeukeutan)
Iim: Ih maneh Enur ngagawekeun wae babaturan urang!
Neneng : Ih maneh nimbrung bae!!
Euis : Karunya geura nging ngagawekeun wae Nur.
Nur : Ari maneh, urang teh mayar, si Mae ge daekeun, naha maneh nu riweuhna!
Iim: Ih maneh Mae, tong daek geura, ngeunah wae jalma eta.
Mae: Atos geura wios da abi mah Im, Alhamdulillah abdi janten gaduh acis.
Nur: Tuhhh si Mae ge teu kunanaon. Ari sia nu riweuh Im!
Iim : Lah maneh budak manja, beunghar takabur!! Sagala make duit lain make otak!
Nur: Naon maneh ngomong kitu ka urang, gelut hayu lah!
(Iim jeung Nur gelut, make jurus sewang-sewang)
(Mae nyoba misahkeun, kalah labuh kasuntrungkeun ku Nur)
(Iim jeung Mae eureun gelutna, Galuh nempo kajadian eta, langsung nulungan Mae nu labuh)
Galuh: Mae teu kunanaon?
Mae: henteu kunanaon da Luh. Nuhun..
(Nur nempo Galuh nulungan Mae, ambek, beungeutna nempokeun teu resep)
(Mae jeung baladna langsung indit bari ambek)
Euis: Sabar Mae..
iim : Sabar Mae

@Imah Mae
Mae: Assalamualaikum mak..
Emak : Waalaikumussalam Mae..
(Mae salim ka emakna, tuluy diuk duanana)
Emak: Mae, kumaha sakola? Lancar?
Mae: Alhamdulillah mak lancar, Emak kumaha dagang pecel, seep daganganna?
Emak: Alhamdulilah Mae, seep, lumayan.. acisna ku emak sok ditabungkeun, kanggo sakola Mae..
Mae: Hemm mak (beungetna melas) wios Mae teu neraskeun sakola ge, Mae bade ngabantosan Emak
dagang.. da ageung biayana panginten pami Mae neraskeun ka perguruan tinggi mah.
Emak: Emak hoyong Mae neraskeun, janten jalmi sukses, pan Mae kapungkur saurna hoyong janten
dokter. Moal aya nu teu mungkin, kuasa Allah.. asal Mae kudu getol diajar, sareng oge kedah ngadu’a
nyuhunkeun pitulung Allah..
Mae: muhun atuh mak, du’akeun Mae hun Mak, ambeh tiasa ngabageakeun Mak..
Emak : Muhun anaking, sing sukses anak emak. (Tuluy nangkeup Mae)
@Kamar Mae
(ngasupkeun duit kana cengcelengan)
Mae: Alhamdulillah artos kenging ti Nur, tiasa ditabungkeun deui, mudah-mudahan tiasa ngabantos abi
sakola. Aamiinn..

@Imah Nur
Nur: (ngagedor panto) Mamih ! Papih!! Buka pantona! Meni lila mamihhh
Mamih : Ih ari si sayang sabar atuh.
Nur: Atuh da abi teh capek mih.
Mamih : Deuh anak mamih..
Papih: Duh anak Bandar hayam pangbeungharna geus jebul ti sakola..
(Nur langsung indit ka kamer)
Papih: meuni teu salim asi budak teh mih..
Mamih : Ih papih mah geus geura, karunya anak teh capek diajar di sakola, sina sare ayeuna..

@Kamer Nur
(keur gogolehean dina kasur, ngoprek hp, meulian baju dina shoppee)
Nur: Anjirr nu ieu alus, nu ieu ge alus, iihhh komo ieu pun aluss pisan. .. Ah meuli kabeh, engke menta
duitna ka Papihh.. yuhuuu…

Isukna @sakola
(aya nugelo hareupeun sakola, dialungan batu ku Nur jeung baladna, dilelewe oge)
(Ku Mae dibere roti deui, Galuh nempokeun ti tukang)
(aya ucing, ku Nur ditajong da ngahalangan)
(Ucing ku Mae, diusapan)
Bel asup kelas
@Kelas (istirahat)
Dudung: (ngaheureuyan Nur) Jirr si Nur, geulis euyyy poe ieu..
Nur: Enya lah Enur atuh anakna Papih Jajang juragan hayam.
Dudung: Urang ge kasepnya Nur… tempo geuraa…(kikicepan gumasep)
Nur: Hellawww.. Cuiihh teu pisannn ahahahaha…
Mae: (ngadeukeutan Nur nu keur diuk diluhureun meja, merekeun pagawean imah Nur nu dikerjakeun
ku Mae) Ieu Nur..
Nur: beu.. yeuh duitna..
Mae: Nuhunnya Nur..
(Galuh gegeleng hulu, teu suka nempo kalakuan si Nur)
Dudung: Anjir budak kasep poho teu ngerjakeun… paeh aingg duhh! (pingsan/teler lucu)
@Lapang Upacara
(Dudung distrap deui, sina ngahormat bendera)
Dudung: Adeuh aing apes apes, budak kasep teh ditangtungkeun wae.. hadeuuuhh ah… (ceurik sedih)

Bel sakola sada.. barudak baralik

@Hareupeun sakola
(Aya Pemulung suami istri nu keur mulung, bari jeung lapar)
Nur: Huhh dasar tukang mulung runtah, bau, dekil, kucel, iyuwh banget.. hahhaha (baladna milu seuri)

(Ku Nur pemulung eta ditaros, da ningali pemulungna siga nu lapar)


Mae: Teu acan tuang nya bapak sareng ibu?
Pemulung awewe: Uhun neng teu acan ti kamari.. jaba deui anak ibu sareng bapak karunya nuju teu
damang. Kedah oprasi usus buntu. (bari ceurik eungeuriheun)
pemulung lalaki : uhun neng.. bapak sareng ibu mung tiasa mulung.. teu gaduh acis pami teu mulung.
Mae: oh ieu aya artos saalit kanggo ibu meser tuangeun tapi..
Iim : Ieu artos saalit kanggo ibu sareng bapak.
Euis: ieu bu ti abi.. saalit..
Pemulung : Hatur nuhun pisan nya neng…. Mugia digentos langkung ageung ku Allah..
Mae: Amiiinn..

@Imah Mae
Mae : duh karunya asi ka pemulung nu tadi… budakna keur gering. Atanapi abi buka wae tabungan abi
nyaaa.. uhunlah da abimah percanten, rezeki mah Allah tos nangtoskeun

Isukna @sakola

(katempo deui Nur ngaheureuyan nugelo nepi ka ceurik, Mae mere roti ka nugelo, Nur najong ucing,
Mae ngusapan ucing, Mae merekeun PRna Nur, Dudung ditangtungkeun deui)

Balikna @hareupeun sakola


(Mae mere dahareun ka pemulung jeung mere duit hasil nabungna jeung pengobatan budak ti
pemulung)
(3x ulang siga kitu, nepikeun tabungan Mae erep)

@Kelas
(Sudut pandang Galuh)

(Galuh sok nempokeun wae Mae nu sok ngalakukeun kalakuan nu hade, manehanna bogoheun ka Mae)

@Taman sakola
(katempo aya Galuh jeung Dudung)
(Galuh ngahuleng wae)
Dudung: Wuy lurrr!!!
Galuh: (reuwas) Naon dung??
Dudung: Kunaon dih maneh ngahuleng wae siga embe hayang dahar, tapi euweuh jukut..
Galuh : Dung..
dudung: euyy..
Galuh : Urang bogoh ka si Mae euy.. Teuing kunaon.. kumahanya??
Dudung: Hahh maenya? Maneh teu apal deuihh si Nur bogoh pisan ka maneh, mangkaning si Nur geulis
lur!! Jeung urang atuh ah si Nur.. pantes lah jeung urang da urangmah kasep teu siga maneh..(bari
beungeut gumasep)
Galuh: Arikitu urang butut dih Dung?
Dudung: Maksudna arisi enya kasepan maneh, hahhaahaha teu jauh lah jeung urang sabelas duabelis
hahahaha… maneh mah ngical awis….
Galuh: Ari maneh dung aya aya wae.. yeuh urang mah teu mandang fisik dung, urang mah mandang
hate, hatena si Mae masyaAllah.. kudu kumaha urang Dung?
Dudung: Kari ngomong atuh maneh teh lalaki..
(Aripek Nur jeung baladna ngadengeeun cariosan galuh jeung Dudung)
(Tuluy Nur ngancem Mae, ulah caper, ulah narima Galuh mun ngungkapkeun perasaanna jeung ulah
ngadeukeutan Galuh)

Hiji waktu…

@Taman
(Galuh ngungkapkeun perasaanna ka Mae, tapi Mae teu narima Galuh, ngomongna mah Mae hoyong
fokus diajar)
Bel balik sakola disada..
@Hareupeun sakola
(Mae nempo nugelo dibebetot ku batur)
Mae: (ngadeukeutan nugelo) Kunaon ieu dibebetot kitu?
(Nugelona ceurik)
Mae: Atos nging kitu, karunya nugelo ge jalmi, bade dicandak kamana? Da nugelo ieu mah bageur.. tara
ngaganggu..
(nugelona cungar cengir dipuji kitu)
Batur: anjeun saha?
Mae: abi sanes sasahana, tapi abi tos nganggap nugelo babaturan abi..
Nugelo: Rotii mana roti… (bari namprak da hayang roti) roti..roti enakkk (bari nunjukeun jempolna)
Mae: (muka kantong) ieu yeuhh..
Nugelo : (jojogetan da atoh dibere roti) Asikkkk..
batur: Ohh.. anjeun sok masihan tuangeun ka bapak abi.. ieu teh bapak abi.. hatur nuhun.. teu nyangki
aya keneh jalmi siga anjeun..
Mae: hah? Uhun deuih, abimah teu percanten..
Batur : Ieu aya buktosna (ningalikeun foto sareng nugelo)
Mae: Hapuntenna abi teu terang, ohh muhun syukurillah atuh pami kitu mah..
Batur: hatur nuhun nya tos bageur ka bapak abi.. ieu aya artos kanggo anjeun (ngaluarkeun duit
gepokan tina tas)
Mae: Ih wios teu kantos.. alim abimah moal nampi, abi ikhlas da, da mung roti nu ku abi pasih ka bapak
teteh mah..
Batur: Ihh ieu wios..
Mae: punteun sanes kirang sopan, tapi abi leres alim nampi.. hatur nuhun sateuacanna..
(baladna Mae ngadeukeutan Mae)
Euis: Aya naon mae?
Mae: ieu aya kulawargina nugelo.
Iim : Ohh uhunnyah?
Euis : Uhun deuih Mae kulawargina?
Batur : Muhun leres pisan, bapak teh bade dicandak ka RS jiwa heula..
(nugelo na katempo sedih)
Mae: Ohh muhun..
Batur: Ieu Mae artos kanggo Mae..
Mae: Ih wios teh teu kantos leres..
(Iim jeung Euis pateuteup-teuteup)
Iim: Ih Mae lumayan, tampi wae Mae..
Euis: Uhun Mae, etateh rezeki..
Mae: Alim wios da.. ikhlas abi..
Batur : Hatur nuhun atuh Mae, sareng nu sanesna, tos bageur ka bapak abi …
(nugelona ceurik da dibawa ku anakna, sedih pisah jeung Mae nu sok bageur ka manehna)
Balad Mae: Ihh Mae mah, padahal lumayan eta kanggo dikumpulkeun deui, jeung sakola isukan.
Mae: Wios da.. Insyaallah engke abi gaduh rezeki deui, aamiin..

@hareupeun imah Mae


(Mae balik sakola aya nini-nini siga nu bingung heruepeun imah Mae)
Mae: Nini, kunaon ni?
Nini: Nini teu acan tuang cu, sareng teu gaduh bumi, bumi nini kabakaran, nini teu gaduh dulur..
Mae: YaAllah ni.. hayu atuh lebet ka bumi abi heula..
(nini-nini eta tuluy dahar, ngobrol jeung Mae jeung Emak, ngendong di bumi Mae)
(Isuk-isukna, Nini-nini ete geus euweuh, tapi di kamar Mae aya duit meuni loba, jeung surat ti nini-nini
eta)
Mae syukur Alhamdulillah menang duit sakitu lobana, sigana eta nini-nini teh lain jalma, tapi Mae jeung
emak teu sieun, percaya ari eta nini-nini teh berkah ti Allah.

@Imah Nur
Imah Nur kamalingan, jeung imahna diduruk ku maling. Hartana erep kabeh.

…….

Mae lulus SMA. Mae nuluykeun sakola ka kedokteran make duit anu dipanggih di kamarna jeung biaya
sakolana.

……..

Mae jadi dokter, muka klinik, tuluy aya pasien, heg eta pasien teh si Galuh. Tuluy ngomong, tuluy
deukeut.

………….
Mae Tuluy nikah jeung Galuh boga anak.
…………
SMA ngayakeun reunian, barudak sakelas Mae papanggih. Mae jadi dokter, Galuh jadi Polisi, Dudung
jadi pengusaha kuliner, Iim jadi orang kantoran, Euis jadi pengusaha bisnis onlineshop.

Mae papanggih jeung Nur. Nur kaayaan na beda pisan jeung baheula. Nur jadi tukang buburuh nyetrika,
nyeuseuh, jeung sok dagang. Didinya sakabehna hahampuraan.

Aya jalmi nu milarian Mae, heg eta teh anakna pemulung, nu baheula ditulungan Mae, mere duit ka
Mae da baheula pernah nulungan kolotna. Tapi ku Mae duitna diberekeun ka Nur, nu leuwih butuh.
Hirup Mae senang jeung bahagia salilana.

#Tamat

Anda mungkin juga menyukai