Anda di halaman 1dari 6

“Balik Kampung 2015-2016”

Jonathan Septian Manuel Sitorus Pane

XI-MIPA-6 – SMAN 1 Majalengka

Taun 2015, Kuring sareng Abah, bade ́ mangkat ka Sumatera Kale ́ r, nyaeta
Kampung Emak, Pangaribuan (Tapanuli Kale ́ r), sareng Kampung Abah, Serdang
Bedagai (De ́ li Serdang), pas Libur Natal & Taun Baru. Kuring jeung Abah mangkat
ka Jakarta, kusabab kudu mangkat ka Bandara Soekarno-Hatta, sateuacan nepi ka
Bandara Kualanamu, Medan.

Sateuacanna ka Bandara, Arurang Duaan nginep heula di Imahna Mamang Kuring.


Mangkat ka dinya te ́ h, kudu nae ́ k Bis. Pas enggeus nepi di Jakarta, Kuring sareng
Abah langsung Istirahat di Imahna Mamang. Nepi di Imahna Mamang, Kuring te ́ h
dipapag ku Kapi Adi. Meuni imut pisan.

Saterasna, Kuring oge ́ istirahat, kusabab geus cape ́ k di Jalan tadina. Hudang oge
kudu sateuacan jam 5, sabab Check-In te ́ h, ulah telat.

Kuring oge hudang jam 3 Subuh. Kuring jeung Abah oge langsung Ibak. Habis be ́ r
e ́ s-be ́ re ́ s, Arurang langsung Mangkat ka Bandara, naek Taksi. Nepi Bandara,
Kuring sareng Abah langsung Check-In. Ngan, aya masalahna.

Kasalahanna nyaeta, Kuring jeung Abah nepi di Bandara teh jam 5. Lamun nepi jam 5,
hartina geus telat, jeung Tiketna geus hangus. Duit oge teu meunang dicokot deuih.
Kusabab eta, Abah sareng Mamang Kuring oge Ngamuk, kusabab teu tiasa langsung
mangkat.

“Abdi teh tos nepi di dieu teh jam 5 kurang. Naha teu tiasa mangkat?” Ceuk Abah anu
Bingung keneh.

“Bapak teh tos telat. Teu tiasa lamun telat Check-In teh, Pak. Tos aturanna kitu.” Ceuk
Costumer Service ti Lion Air.

Mamang oge langsung Teu tarima. Mamang oge langsung ambek ka Customer Service-
na
Untungna oge, aya Hiji Kulawarga Batak anu batal mangkat, kusabab Tiket anu
Hangus. Abah oge langsung Ngobrol jeung Kulawarga eta.

Kusabab Sanasib oge, Abah jeung Kulawarga eta oge niatanna rek Mangkat bareng ka
Bandara Kualanamu. Ngan, sateuacanna ti eta, kudu meuli Tiketna heula. Akhirna,
meuli tiketna oge Papatungan.

Mangkat oge jadi rada siangan. Jadwal tiketna oge jadi jam 12 Siang. Jadina, loba oge
waktos jeung persiapanna.

Pas jam 12, Arurang kabehan langsung Check-In, teu aya telat deui ayeuna mah. Ti
dinya oge, Kuring diajar kumaha tatacarana lamun rek mangkat naek Pesawat. Sabab,
pangalaman Pangakhirna Kuring naek pesawat oge, basa Kuring orok keneh.

Beres ti Check-In Arurang diarahkeun ka Jalan nuju asup Pesawatna. Di dinya, Kuring
oge Linglung keneh, ngarasa karek naek pesawat.

“Jo, hayu Ngado’a heula. Ambeh Salamat di Jalan”. Ceuk Abah ka Kuring.

“Siap, Bah”. Ceuk Kuring teh.

Kuring oge deg-degan, pas Pesawatna geus landas. Ngan, Kuring coba tenangkeun
Hate.

Salami di Jero Pesawat, Kuring jeung Abah nyantai pisan. Tiasa madang, tiasa istirahat,
jsb. Ngan, aya wae masalahna lamun keur di Pesawat. Biasana, lamun Pesawat keur
Lepas landas, pasti ngajieun Kuping nyeri wae. Kuring oge jadi kesel sorangan kusabab
eta. Abah oge ngan ngomong, “Tutupan wae Kupingna, ambeh teu nyeri teuing”.

Kuring oge nahan nyerina, nepi leungit sorangan. Kuring oge lega, kusabab nyerina
geus leungit, ditambah deui, loba pamandangan anu alus pisan.

Teu karasa, Arurang geus nepi deuih di Bandara Kualanamu, Medan. Leuwih ti 3 jam
terbangna. Kusabab ngejar waktos, Arurang kabeh langsung neangan Taksi anu tiasa
mangkat ka Serdang Bedagai. Akhirna, aya oge taksi anu tiasa mangkat ka dinya.

Nepi di Jalan utama sateuacan Imah Abah, Kuring jeung Abah oge papisah jeung
Kulawarga anu geus barengan jeung Kuring. Ti dinya, Kuring jeung Abah kudu naek
Bentor (Becak Motor), kusabab jalanna leutik, jadina rada hese lamun dilewatan ku
Mobil.

Akhirna, nepi oge di Imah Abah. Arurang dipapag ku Nini di Imahna. Meuni Girang
pisan. Nini oge ngundang tatangga anu deukeut, ka Imahna, ambeh Ngobrol di Imahna.

Aki ti Abah geus Maot, jadina aya nu Kirang karasa ti Balik Kampung eta. Ngan, eta
oge teu jadi masalah. Kusabab, kabeh oge geus Girang nungguan Arurang nyampe.

Isukanna, Kuring jeung Abah nyempetkeun waktos, jeung ngalayat ka Makam Aki.
Abah oge sempat ngabersihan makamna.

Sanggeus sababaraha poe di lembur, Kuring mimiti beunang panyakit Kuris. Eta oge
jadi Pimasalaheun pisan. Kuring osok Lieur, Muntah, Gatal, jeung Leleus. Kuring oge
can apal naha bisa Kuris. Ngan, Kuring jeung Abah oge langsung ka Puskesmas, jeung
dipariksa.

Habis dipariksa ti Puskesmas, Kuring, Abah, sareng Dulur oge meuli Barang, Madang
di Restoran, jsb. Ngan, Kuring geus teu Kuat, kusabab Kuris eta. Awak oge geus
Demam, pedah Papanasan. Kusabab eta oge, Kuring sareng Dulur balik tiheula, ambeh
istirahat heula.

Sababaraha Poena, Nyeri ti Kurisna oge geus teu katahan deuih. Demam, Gateul, geus
teu katahan deui ku Kuring. Dulur oge langsung Nyokot hiji Daun, jeung dipaké Ibak.

Kuring dimandian ku Dulur sorangan, make Daun eta. Salami Kuring beunang Kuris di
Kampung oge, eta wae anu dipake Ibak. Karasana mah Bau pisan, alias teu seungit.
Ngan, ngarana oge Obat, Kuring oge kapaksa, kudu narima Obatna.

Abah ngomong ka Kuring:

"Engke Arurang mangkat ka Imahna Indung, nginepna ngan Hiji Poe. Habis eta,
Arurang mangkat ka Imahna Uwa di Balige. Arurang oge kadieu deui engke mah. Kudu
Kuat nyah..." Ceuk Abah teh.

Kuring oge geus pastina Gumbira, sabab Kuring tiasa patepang jeung Nini oge di dinya.
Ngan, di Dinya mah tiris pisan. Lamun keur Kuris kieu mah, hese pisan nahan tirisna
suhu di dinya. Ngan, Kuring mah kuatkeun wae, kumaha Kondisina.
Abah oge langsung bantu nyiapkeun Barang, jeung mangkat deui ka Pangaribuan,
Tapanuli Kalér. Kuring oge naek Elf Travel, ambeh tiasa nepi di dinya.

Abah geus Janjian ka Uwa ti Balige, supados langsung Dihantarkeun nepi Imahna Nini.
Di Jalan, Uwa oge geus mawa Mobil. Kuring sareng Abah langsung dihantarkeun ka
Imahna Nini.

Nepi di dinya, Nini oge girang pisan Katimu jeung Arurang, geus rindu oge.

Kusabab Nini geus apal lamun Kuring beunang Kuris, Nini oge langsung Ngarawat
Kuring. Pas Tengah Peuting, Kuring geus ngarasa teu ngeunah awak, jeung teu bisa sare
Oge. Kuring oge langsung Muntah, kusabab teu ngeunah awak.

Nini jeung Abah langsung coba Ngabantuan Kuring. Ngurut, ngalapkeun Kuring anu
tos Muntah, jsb. Kuring oge langsung Coba sare deuih, ambeh Isukanna tiasa Balik deui
ka Kampung Abah.

Isukanna, Kuring jeung Abah papisah jeung Nini, ambeh langsung mangkat deuih ka
Imahna Uwa di Balige. Sapanjang Jalan, Kuring nempokeun Loba pamandangan,
Gereja, jeung sajabana. Sejuk deuih.

Akhirna Kuring oge geus nyampe di Imahna Uwa di Balige. Di dinya, Kuring langsung
dipapag ku Uwa.

Bari maen heula di Imahna Uwa, Kuring sareng Abah oge bade mangkat ka sabaraha
Destinasi di Balige. Aya T. B. Silalahi Center, Sumur Sisingamangaraja XII, jeung
kukurilingan sabudeureun Dinya.

Nepi di T. B. Silalahi Center, Kuring nempo oge sabaraha Pajangan ti T. B. Silalahi,


salah sahiji Pahlawan Modern ti Tanah Batak.

Habis ti dinya, Kuring oge jalan-jalan deui ka Sumur Sisingamangaraja XII. Kuring oge
Basuh Beungeut di dinya. Ceuk loba jalma di dinya, Cai sumur eta teh loba
Mangpaatna, kusabab Sakti keneh.

Ti dinya, Kuring, Abah, sareng Uwa oge kurilingan sabudeureun Balige, supados teu
bosen teuing di Imah.
Kuring oge nepi di Imah Uwa. Ti dinya, Abah sareng Uwa nungguan Mobil anu tiasa
ngahantarkeun deui Arurang ka Kampung Abah. Pas geus aya Mobilna, Arurang buru-
buru mangkat, sabab geus peuting oge.

Nepi di Kampung Abah, jam 11 peuting, Kuring langsung Istirahat. Ngan, aya deui
masalahna. Sabab, di sabudeureun Imahna Abah teh loba Nyamuk, jeung Kuringna oge
Kuris, ditambah deui Panas, jadina Kuring oge teu tiasa Sare. Pokokna mah Kasiksa
pisan.

Ceuk Nini Kuring teh: "Aki-na teh keur mampir ka dieu". Ceuk Nini sambil "Ngusir"
Aki. Abah oge soak, sabab Nini oge boga " Panglihatan" peudah eta. Ngan, Kuring mah
teu Paduli, sabab geus Kasiksa ku Kuris. Kuring oge nepi ka Ceurik, sabab geus teu
Kuat deui. Abah tetep nguatkeun Kuring, ambeh tiasa Tenang.

Kuring oge tiasa istirahat, jeung tiasa oge ngalanjutkeun Kagiatan deui.

Sababaraha Poe saterasna, Kuring jeung Abah rek Balik ka Majalengka.

Abah oge geus mesen Tiket jeung mangkat. Kuring oge geus nyiapkeun barang jeung
mangkat. Rerencangan oge Milu ngahantarkeun Kuring jeung Abah ka Bandara
Kualanamu, supados nyampe ka Bandara Soekarno-Hatta.

Kuring sareng Dulur kabeh milu Madang babarengan di Bandara. Saentos Madang,
Kuring jeung Abah langsung Papisah jeung Nini sareng Dulur anu milu nganteurkeun.
Beres ti eta, Kuring sareng Abah langsung Check-In.

Pas keur Check-In di Bandara, Kuring nimu Masalah deui. Lamun rek Penerbangan,
Urang teh kudu Sehat. Ngan, Kuris anu Kuring boga teh teu acan Mendingan. Kusabab
ti eta, Kuring jeung Abah disuruh ku Pegawai di dinya, ka Karantina Kesehatan.

Abah oge ngamuk deui, kusabab PNS teu kedah Telat asup Gawe di Kantor. Ngan,
Pegawai Karantina Kesehatan teu tiasa ngalawan ti Aturan. Untungna, duit tiketna tiasa
dipulangkeun. Jadina Abah oge teu Ambek pisan. Kuring jeung Abah oge kudu
mangkat ka Majalengka naek Bis ALS (Antar Lintas Sumatera).

Arurang Duaan naek Bis eta salami 7 Poe. Kuring oge telat asup Sakola, kusabab gering
di Kampung. Salami 7 Poe eta, Kuring jeung Abah kaluar ti Sababaraha Kota di Pulau
Sumatera. Kuring jeung Abah oge jadi boga pangalaman anu Kainget pisan, ngeunaan
Parjalanan Arurang dina Bis ALS.

Teu karasa oge, salami 7 Poe di jalan, Kuring jeung Abah tiasa nepi di Tol Kertajati.
Arurang Duaan diturunkeun di dinya, ka Jalan di Kertajati. Balik ti dinya oge, Kuring
jeung Abah naek Becak, ti Gada-gada Desa Pagandon.

Balik deui ka Imah, pas Sore-sorena. Indung oge geus Rindu pisan ka Arurang Duaan.
Loba Rerencangan anu geus Mapag

Anda mungkin juga menyukai