Anda di halaman 1dari 2

Kelompok Drama Sunda

-Ragil ichwan adinoto


-Marvellian MCM
-M.Tri Samudra
-M.Hagel Triansyah
-M.Lintang

Di hiji desa hirup salaki jeung pamajikan nu ges kolot, cicing ngan ukur duaan ku sabab anak-anakna
sakabehna geus narikah, hiji waktu si aki keur diuk disisi teras imahna.

Aki : Mamah, coba pang cokotkeun papah ci kopi atuh!

Nene : Teu kudu nyalukan mamah sagala atuh ki, urang teh geus karolot, geus aki-aki jeung nene-
nene. Barudak urang oge geus boga budak dei

Aki : Nya tos atuh mun kitu mah, Nene pang candakeun aki kopi nya!

Nene : emangna ibu tos katingalian kolot pisan nya pa, makana bapa nyebut ka uing teh nene-nene?

Aki : ah, kumaha sih digeroan mamah embung, di geroan nene kalah ambek-ambekan kitu?

Kaparengan mang sakri jeung ceu odah, nu mangrupakeun tatangga sabelahna ngadenge kaributan
eta tuluy maranehna nyamperkeun.

Mang sakri : Maraneh ulah raribut wae atuh, kawas budak ngora wae nu keur bobogohan.

Aki : Hayangna mah kitu, tapi kulit geus ngendoran kieu geuning nya

Ceu odah : emang na lamun kulit geus kendor disebut aki-aki?

Nene : Manehna tah, kalakuan jiga budak ngora wae, padahal mah ngangkat bangku eutik ge geus
teu bisaen kuat hitut-hitut malah mah.

Teu lila pak karno nu mangrupakeun anak kahiji ti papasangan salaki jeng pamajikan eta datang
jeung incuna nu ngarana Yuda bari nyandak oleh-oleh ti luar kota.

pak karno : Assalamualaikum pa bu..?

Aki : Wa’alaikum salam, tos sabaraha tahun maneh tara datang nempo bapa jeung emi maneh di
dieu?

Yuda : Aki mah tos pikun, karak ge keur bulan kamari da ameng kadieu.

Nene : Si aki memang geus pikun, kadang mah sok poho lamun manehna tuang nepi ka genep kali
sapoe ge.

pak karno : Wah, lamun kieu mah engke awak bapa bisa gendut kos pamain sumo geura. Lamun
bapa gendut kan engke karunya emi, ke ka senggol saetik ge bisa ngajengkang.
Nenek : Huusss, maneh pikir indung maneh ieu geus teu boga kakuatan janb ngalawan awak gendut
kos sumo kitu? Tenaga ibu masih kuat keneh kos budak ngora.

Ceu odah : Wah, Geuningan salaki jeung pamajikan teh geuningan sarua wae mani eweh nu embung
eleh, ngaku-ngaku masih ngalora keneh!

aki= nya nggeus atuh nini anu geulis jiga luna maya aki ngenta hampura nya

mang sakri = nah kitu atu pan adem katingali na mun akur mah

yuda = enya jadi kos romeo sareung juliet pan

nini = hmmmm heeh aki love u

aki = love u too nini

Anda mungkin juga menyukai